KITAB KAMA'RIFATAN

Bissmillahirahmaanirrahiimi.

Alhamdulillahi robbil’alamiin, wassholatu wassalamu ‘ala syaidina Muhammadin wa ‘ala aliihi wa shohbihi ajma’iin.

Mimiti jisim kuring nulis ieu kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah ta’ala, nu murah ti dunya ka umat-umatna sakabeh, jeung nu asih di Akherat ka umat-umatna anu mu’min, ari Rohmatna Allah ta’ala kasalametannana turuna ka atas panutan urang Kangjeng Nabi Muhammad Shalallohu ‘alaihi wassalam, jeung ka para sahabatna rawuh kulawargana sakabeh.
WAJIB MA’RIFAT KA ALLAH TA’ALA
Ari ma’rifat ka Allah ta’ala teh wajib di sakabeh jalma mukalaf, tegesna jalma anu geus aqil baligh, eta wajib teu meunang henteu, karana aya dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad shalallohu ‘alaihi wassalam kieu :
Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala
Sundana : Awal –awal Agama eta kudu nyaho heula ka Allah ta’ala, sababna pang kudu nyaho heula teh, supaya manusa enggoning ngalakonan ibadahna syah ditarima amal ibadahna ku Allah ta’ala, sabab tadi oge amal teh kudu kalawan ilmu, upama teu kalawan ilmu batal, tegesna teu jadi, samangsa-mangsa teu jadi tangtu moal aya mangfa’atna pikeun di Akherat ngan ukur keur di dunya wungkul.
Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh kanyaho, tapi lain kudu nyaho kana syara, syahna batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho (ma’rifat) ka Allah ka Rasulullah, sabab eta teh ibarat tempat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea, ulah teu puguh sokna.
Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpulkeun papaes imah, saperti meja korsi lomari jeung salianna, ari ma’rifat ka Allah ibarat urang ngabogaan imah anu pageuh anu gede, nyaeta supaya eta barang-barang nu beunang hese cape teh merenah puguh tempatna, betah ngeunah dicicingannana, karana sanajan boga barang loba sarta aralus hargana mahal, upama teu boga tempat (imahna) rek dimana diteundeunna? Naha rek sina pabalatak di buruan, di pipir-pipir, atuh cicingna oge piraku rek aya kangeunahannana, da meureun kapanasan kahujanan, keur mah teu ngeunah dicicingannana teh, barang-barangna oge tangtu babari ruksak, moal tulus jadi kani’matannana.
Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun engke balik ka Akherat, atuh beuki wajib ma’rifatna ka Allah ta’ala teh, sabab pikeun tempat pangbalikan tea.
Upama teu dikanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang engke kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maut mah geus moal aya tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge, sabab ceuk Hadist upama urang lolong tegesna teu nyaho ka Allah ka Rasulullah ayeuna keur waktu di dunya, engkena di Akherat tetep lolong bae, samangsa-mangsa lolong tegesna poek di Akherat, atuh beubeunangan urang ti dunya anu beunang sakitu hese cape teh, rek dibawa kamana?
Ku sabab teu bisa datang ka Allah, kana asal urang tadi sarerea, palangsiang babawaan teh bakal dibawa utrak-atrok, dibawa asup ka enggon Siluman, babawaan urang dijieun kakayaan di Nagarana, urang di jieun badegana, ku sabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya, kudu ikhtiar kudu tiung memeh hujan, tegesna kudu nganjang ka pageto, nyaeta kudu bisa paeh samemeh paeh, karana lamun teu bisa paeh heula sajero hirup, moal nyaho ka Akherat karana nyaho ka Akherat teh kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge :
Antal mautu qoblal mautu
Jadi gening Akherat atawa asal urang teh, kudu dikanyahokeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab deui, paeh pulatat-polotot, jeba-jebi, larak-lirik neangan jalan.
Jalan-jalanna Ma’rifat ka Allah Ta’ala
Ari jalan-jalanna ma’rifat ka Allah ta’ala nyaeta aya dua jalan, aya nu ti handap ka luhur, jeung aya nu ti luhur ka handap.
Ari anu ti handap ka luhur, nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab Qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh ibadah keur jalan ma’rifat ka Allah ta’ala, tapi hanjakal lolobana mah tara ditepikeun kana ma’rifatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa ni’mat dina Pal Nunjukna (papan merk nu nuduhkeun tempat), padahal upama diteruskeun ma’rifat kana dzatna sifatna Allah ta’ala, piraku teu undak kani’matannana, da gening karek dina asmana wungkul geus sakitu kani’matannana.
Ari jalan anu ti luhur ka handap, nyaeta anu nyumponan dalil tadi Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala, jalanna lain tina masantren wungkul, tapi kudu jeung ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat, kalawan jeung ikhtiar neangan pigurueunnana, Guru anu Mursyid, sabab moal weruh tanpa Guru, ku sabab eta mana ku urang kudu disusul? Teu aya deui lian ti tarekatna Wali nu kudu disusul, sabab eta anu bisa tepi ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Jauhar Awwal tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya leleberannana pikeun urang sarerea, sababna tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala.
Ku sabab kitu atuh hayu urang pada teangan ku sarerea eta tarekat wali teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih, tangtu urang moal barisa balik deui ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa nitis-nitisan, balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak deui, moal bias nyumponan kana dalil :
Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji’uun
Sundana : Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah.
Ku sabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh, pada-pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna ka alam dunya, tapi kusabab dalilna kitu, gancang bae ngaku yen urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sasemet biwir bae, kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur kafir karana henteu percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti ku sabab teu karasa. Kusabab eta ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang tadi asal ti Allah kieu katerangannana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku akal.
Mimiti urang tumarima asal ti mana? Nu kaharti jeung ku umum, urang asal kaluar teh ti Indung. Teruskeun deui papay ka luhurna, ari Indung asal ti mana? Tangtu Indung urang teh kaluar ti Nini. Ari nini asal ti mana? Teu salah deui asal kaluar ti Buyut. Ari Buyut asal ti mana? Tangtu kaluarna ti Bao. Ari Bao asal ti mana? Nya asalna kaluar ti Janggawareng. Ari Janggawareng asal ti mana? Tangtu kaluar ti Udeg-udeg. Ari Udeg-udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti Kakait Siwur, saterusna kitu bae, ti Indungna deui, ti Indungna deui nepi ka Babu Hawa. Ari Babu hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk Hadist asalna Babu Hawa teh asal tina iga burungna Nabi Adam. Ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist, asalna Nabi Adam teh tina aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin. Ari aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist asalna tina Nur Muhammad, cahya opat perkara :
1. Cahya Hideung hakekat Bumi
2. Cahya Bodas hakekat Cai
3. Cahya Koneng hakekat Angin
4. Cahya Beureum hakekat Seuneu
Ari Nur Muhammad asal ti mana? Eta oge diterangkun ku Hadist asalna tina Nurna Maha Suci, nyaeta tina Jauhar Awwal, tah semet eta buntu. Sabab geus diterangkeun ku Hadist jeung Qur’an, eta Jauhar Awwal teh bibitna tujuh Bumi tujuh Langit, saweruh eusina kabeh. Jadi, ana kitu ceuk dalil asal ti Allah nyaeta asal ti dinya tina Jauhar Awwal tea. Sifatna caang padang, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci, kakara jeneng Asma Allah.
1. Cahya Beureum jadi hakekat lafad Alif
2. Cahya Koneng jadi hakekat lafad Lam awal
3. Cahya Bodas jadi hakekat lafad Lam akhir
4. Cahya Hideung jadi hakekat lafad He
5. Johar Awal jadi hakekatna Tasjid
Kitu katerangannana, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh nu disebut Ismudzat tea. Hartina Dzat laisa kamishlihi atawa Asmana nu Maha Suci, ceuk anu Ahli Padzikiran mah Latifah tea. Tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya, nu matak kacida wajib dikanyahokeunnana ti ayeuna. Geura susul tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana eta Dzat Sifatna Allah ta’ala, sing kapanggih jeung hakekatna Tasjid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi. Tah eta kunci Muhammad anu bakal bisa ngaburak-barik hijabna ka Allah ta’ala. Upama kapanggih Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana babasan Mulih ka Jati, Pulang ka Asal, nyaeta mulih ka jati teh, rasa jasmani anu ayeuna keur dipake balik deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurullah (Jauhar Awwal). Ari pulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asalna deui, nyaeta ngajadi Nur Muhammad cahya opat rupa deui, Beureum Koneng Bodas Hideung. Samangsa-mangsa balik ka asal, nya ngaranna sampurna hartina beak beresih beak rasana beak jasmanina.
Mimitina Mun Rek Neangan Pangeran
Aya dawuhanna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam :
Man tholaba maulana boghairi nafsihi faqad dolla dolaalan ba’ida
Sundana : Saha-saha manusa neangan Pangeran kaluar tina dirina sorangan, mangka temen-temen eta si jalma kasasar. Karana dina tekadna ngarasa jauhna jeung Allah ta’ala, padahal aya dalilna :
Wa nahnu aqrobbu ilaihi min hablil warid
Sundana : Aing geus teu aya antarana deui jeung maraneh sakabeh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung maneh pribadi oge, masih keneh deukeut keneh maneh jeung Aing. Nu matak manusa leuwih dimulyakeunnana ku Allah ta’ala kapan ceuk Hadistna oge kieu :
Wa laqad karomma bani Adam
Sundana : Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam. Malah aya deui dalilna :
Laqad khalaqnal insaana fii ahsani taqwiim
Sundana : Manusa teh pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhlukna Allah ta’ala. Geura lamun maneh geus nyaho kaayaan dina sajero diri maneh sorangan, tangtu engke ngarasa kaahengannana nu aya di badan sorangan.
Aya deui dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alihi wassalam :
Man ‘arofa nafsahu faqad ‘arofa robbahu
Sundana : Saha-saha anu geus nyaho ka dirina sorangan geus tangtu nyaho ka Pangerannana.
Wa man ‘arofa robbahu faqad jahilan nafsahu
Sundana : Jeung saha-saha anu geus nyaho ka Pageran, tangtu ngarasa bodo dirina, karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu di daya upayakeun ku Pangerannana.
Sidik ieu Si jasad teh jadi rokrakna, anu matak urang kudu ngaji teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng kapan ceuk Hadist oge kieu :
Iqra kitabaka kafa binafsika alyauma ‘alaika hasiba
Sundana : Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng, nyaeta kudu ngaji kitab langgeng anu aya dina diri maneh sorangan, geura teangan Qudrat Iradatna Pangeran dina diri sorangan, karana leuwih nyata kakawasaannana Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata hirupna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata tingalina Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata danguna Pangeran teh dina diri sorangan, sarta leuwih nyata pangandikana Pangeran teh dina diri sorangan, karana ceuk dalilna :
Wa huwa ma’akum ainama kuntum
Sundana : Allah ta’ala teh ngabarengan bae ka umat-umat sakabeh, dimana bae maneh aya, di dinya Aing aya, tapi sategesna ngaran dibarengan ku Allah ta’ala teh nyaeta, ku Qudrat Iradatna jeung ku Ilmuna, kapan sidik dina sifat dua puluh oge geus ngarangkep-rangkep sapert :
Hayat jeung Hayan
Hayat hartina Hirup
Hayan hartina Nu hirup
Sama jeung Sami’an
Sama hartina Dangu
Sami’an hartina Nu ngadangu
Bashar jeung Bashiran
Bashar hartina Ningali
Bashiran hartina Nu ningali
Kalam jeung Mutakalliman
Kalam hartina Ngucap
Mutakalliman hartina Nu ngucap
Qudrat jeung Iradat
Qudrat hartina Kawasa
Iradat hartina Keresa
Naon nu kawasa di diri urang teh? Teu aya deui lian ti Hirup, buktina gening bisa usik.
Iradat hartina Keresa, nyaeta buktina :
Panon bisa ningali
Cepil bisa ngadangu
Baham bisa nyarita
Pangambung bisa ngangseu
Tuh gening bukti, sidik teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan kari neangan barangna bae, siga naon sifatna Qudrat atawa sifat Hirup teh? Wajib pisan kapanggihna supaya bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya ceuk beja kudu nyaho ceuk sorangan.
Nerangkeun Hartina Iman jeung Ma’rifatna
(Iman hartina Percaya – Ma’rifat hartina Nyaho)
geuning beda Iman jeung Ma’rifat teh, ana kitu atuh urang percaya ayana Allah ta’ala teh kudu jeung nyahona (ma’rifat) upama mun teu jeung sidikna mah tangtu Imanna Iman Taqlid, jadi ngakuna percaya ayana Allah ta’ala teh ceuk beja ti batur, atawa meunang beja ti kitab bae. Jadi anu kitu faham teh meh sarerea. Iman ka Allah teh semet percaya kana ayana bae, pedah aya dadamelanna Bumi jeung Langit. Atuh ana kitu mah sumawonna nu nyekelan Agama Islam, kapan anu nyekelan Agama sejen-sejen oge pada percaya kana ayana Allah ta’ala mah, atuh naon bedana Agama Islam jeung Agama-agama sejen? Pedah eta kitu Agama Islam mah aya rukuna, Syahadat, Shalat, Zakat, Puasa, Munggah Haji? Kapan dina Agama sejen oge aya Syahadatna , pada aya Sholatna, ngan beda pertingkahna jeung basana wungkul, maksudna tangtu sarua. Kapan tadi Agama Islam teh pang luhung-luhungna ti Agama-agama nu sejen da kapan kieu dalilna oge :
Al insaanu sirri wa anna sirruhu
Sundana : Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, Allah Haqna Muhammad. Tah kitu, anu matak Agama Islam disebut pang luhur-luhurna teh, lantaran pang parek-parekna ka Allah ta’ala, moal aya allah lamun teu aya Muhammad, moal aya Muhammad lamun teu aya Allah. Sategesna moal aya Sifat lamun teu aya Dzat, moal aya Dzat lamun teu aya sifat. Anu matak Kangjeng Rasulullah disebat Panguluna Rasul, jeung disebut Babuning Roh sakabeh, jadi Agama Islam pang disebat luhurna teh, nyaeta ku sabab aya haq ma’rifat ka Allah ta’ala. Kapan bukti Mi’raj, barang beh dieuna mah Kangjeng Gusti Syarif Hidayatullha Wali Kutub Cirebon, Mi’rajna teh tiasa tepang sareng hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam, nyaeta anu kasebut Jauhar Awwal tea, tegesna sifat nu Maha Suci. Saur para Wali mah Sajatining Hirup atawa Sajatining Syahadat, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci. Jadi, sanajan urang oge upama bisa kapanggih mah jeung Tarekat Wali, Insya Allah bisa tepang sareng Hakekatna Rasulullah. Samangsa-mangsa geus bisa tepung jeung Hakekatna Rasulullah, kakara urang diaku umatna. Samangsa-mangsa geus diaku umat Rasulullah, Insya Allah engke bakal dicandak kana kasalametan Anjeuna, nyaeta kana Kasucian. Upama teu acan kana hakekatna, tetep teu acan syah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karana dina rukun syahna maca Syahadat oge geus diterangkeun dina kitab :
1. Kudu netepkeun heula Dzatna Allah ta’ala
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala
4. Kudu Sidik heula ka Rasulullah
Tah gening kitu maca Syahadat teh, gening kudu sidik heula ka Rasulullah, sabab kumaha bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah, upama teu acan nyaho (ma’rifat) kana sifat-sifatna. Sabab, bisa netepkeun teh, kudu puguh heula barang-barangna anu ditetepkeunnana. Gening kitu satemen-temenna maca Kalimah Syahadat teh, lain darapon nyebat bae, karana ari darapon nyebut bae mah, budak lembut oge pada bisa. Nu matak wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah, ibarat maca programma bioscoop anu rame, tapi teu jeung lalajona, naha jadi kani’matan ka urang? Kitu deui sanajan teu maca programmana, tapi lalajo datang kana tempatna eta bioscoop, naha utama mana? Utama anu maca programmana tawa utama nu lalajona?
Kitu deui dina bab Agama (Ilmu), nu ngaos atawa nu ngadangukeun kana ieu kitab, ulah gancang percaya, ulah gancang ngalain-lain, karana ieu zaman geus alur, pikiran jalma geus naraek, geus teu pati hayangeun dibobodo. Jalma ayeuna mah dina sagala rupa hayang karasa hayang yakin, sing inget kana babasan kolot baheula, Batu turun Keusik naek, teu halangan mungguhing kawenangan Allah, Si kolot jadi bodo, Si budak jadi pinter, jeung kudu inget mungguh Ilmuna Rasulullah teh aya opat pangkat, nyaeta :
1. Ilmu Sare’at
2. Ilmu Tarekat
3. Ilmu Hakekat
4. Ilmu Ma’rifat
Dina zaman ayeuna mah ilmu ma’rifat anu diarudag-udag teh, hayang sidik ka Allah ka Rasulullah, da bongan aya dalil :
Wa‘bud robbaka hatta ya’tiyakal yaqiin
Sundana : Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin supaya syah Dzatna, syah Sifatna, syah Asmana, syah Af’alna. Enggoning ngumbara di alam dunya teh, sing tepi ka ngarasana teu papisah jeung Allah jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Allah jeung Rasulullah beurang peuting, sugan piraku urang rek goreng tekad, goreng laku saperti sirik pidik, jail kaniaya ka sasama makhluk, karana tangtu ngarasa isinna, lantaran ngarasa di poconghok beurang kalawan peuting ku Pangeran. Sagala hal moal disumput salindungkeun deui, jeung sagala hal kalakuan naon bae, moal make Ujub Takabur Riya, karana ngarasa geuning diri urang teh Hina Bodo Do’if. Bisa soteh jadi aya rizki pagawean bisa jadi, sihoreng kalawan pitulungna nu Maha Suci, nyaeta Qudrat Iradatna anu Kawasa.
Jadi ayeuna oge bisa ditetepkeun, samangsa-mangsa jalma make keneh kalakuan Sirik Pidik Jail Kaniaya ka sasama makhlukna Allah ta’ala, boh dinu Ma’siat, boh di Lebe, boh di Santri, boh di Kyai pisan, ciri-ciri eta jalma tacan ngarasa deukeutna jeung Rasulullah sumawonna jeung Allah ta’ala. Samangsa-mangsa teu ngarasa deukeutna jeung Pangeran, tangtu laku jeung tekadna cicing dina Ujub Riya Takabur, sok ngaku aing pinter teu deungeun, ngaku bener aing teu deungeun, ngaku bisa ngaji aing teu deungeun, ngaku Islam aing teu deungeun. Jadi jalma kitu teh ngaku boga Qudrat Iradatna sorangan bae, teu narima kana Qudrat Iradatna Pangeran. Jadi ngarebut atawa mapadani kana kakawasaannana Allah ta’ala. Kapan teu gampang urang ngaku Islam, sumawonna taduh-tuduh ka batur, Si itu Islam Si itu Kafir. Karana Islam Kafir anging Gusti Allah anu uninga jeung nu baris netepkeunnan, kieu katerangannana :
BAB ISLAM
Ari tegesna Islam teh Suci, beresih tina sagala kokotor, naon anu ngajadikeun kokotor? Teu aya lian anging nafsu. Ku sabab eta saha bae jalmana di dunya nu teu boga nafsu? Sumawona di nu jalan ma’siat, sanajan dinu ahli Agama oge pada katetepan nafsu, komo deui anu make sirik pidik ujub riya takabur, sanajan nafsu hayang ka dunya oge geus kotor bae. Kieu katerangannana.
Sategesna Islam teh teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina, malah keur sahiji teh Gaib. Nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur, tah eta anu teu katetepan nafsu teh, sabab tadi gening urang keur aya dina Allah Nur mah teu boga nafsu hayang nanaon. Kitu deui anu Islamna oge teu dua teu tilu, da ngan sahiji-hijina, nyaeta Kangjeng Rasulullah. Tuh gening jalma mah teu kabagean pangkat Islam, jalma mah ngan ukur jadi umat, sabab kudu nyaho heula ka Rasulullah jeung ngalakonan kana parentahna. Lolobana mah ngan ngaku-ngaku wungkul, sumawonna nyaho ka Rasulullah, kana parentahna oge loba anu teu ngalakonan. Kapan dina rukun Islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka Pakuburannana Rasulullah, jeung ka Baetullah, hakekatna kudu terang kana hakekatna Rasulullah jeung Karatonna Allah ta’ala nu aya di diri sorangan, kapan aya dalilna :
Kullu ummatin wa rusulili
Sundana : Dina sakabeh pada katetepan Rasulullah, hartina rasana Allah.
Ku sabab eta perlu urang panasaran, wajib nganyahokeunnana kana hakekat Rasulullah nu aya di badan sorangan. Peupeuriheun jarah ka Mekah ka Madinah teu bisa, kapan tadi ge aya dua rupa Munggah Haji teh, Haji Majaji jeung Haji Hakeki.
Haji Majaji nyaeta anu bisa jarah ja Baetullah jeung ka Madinah.
Haji Hakeki nyaeta anu geus nganyahokeun kana hakekatna Baetullah jeung Rasulullah dina diri sorangan, karana rasulullah teu pupus. Upama pupus mah alam dunya ge moal aya, kapan gening Kangjeng Gusti Syarif Hidayat oge tiasa tepang di jalan tarekat. Jadi sanajan urang oge upama hayang jadi umat Rasulullah kudu bisa nyaho kana hakekatna Rasulullah nu kasebut Johar Awal tea. Sing kapanggih jeung tarekatna leleberannana tina para Wali.
NERANGKEUN UMAT RASULULLAH
Ari umat Rasulullah teh haq-haqna mah ngan aya opat, nyaeta :
1. Sahabat Abu Bakar Sidiq, Radiallohu Anhu
2. Sahabat Umar Bin Khatab, Radiallohu Anhu
3. Sahabat Usman Bin ‘Affan, Radiallohu Anhu
4. Sahabat ‘Ali Bin Abi Thalib, Karomallohu Wajhah
Sabab eta anu opat nu sagalang sagulung beurang peuting jeung Rasulullah, sarta didamel Sahabat (utusannana Rasulullah), tapi ayeuna sarerea oge meureun terang yen eta Sahabat anu opat teh geus parupus majajina mah, tapi hakekatna mah teu pupus, aya di badan manusa, kapan Rasulullah oge hakekatna oge aya di manusa.
1. Hakekat Abu Bakar nyatana Paningal
2. Hakekat Umar nyatana Pangdangu
3. Hakekat Usman nyatana Pangucap
4. Hakekat ‘Ali nyatana Pangangseu
Eta Paningal-Pangdangu-Pangucap-Pangangseu teh gaib kabeh teu aya rupana. Teh eta hakekatna Sahabat teh, anu matak eta Sahabat anu opat teh kudu nganyahokeun kana hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘alaihi wassalam, jeung kudu jadi hiji sing bisa ngarasa babarengannana beurang peuting jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa papisahna jeung Rasulullah, tetep jadi umatna. Tiap-tiap geus jadi umatna tangtu engke bakal disampurnakeunnana, didatangkeun ka Gusti Maha Suci (asalna), upama teu nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu ngarasa ngahijina engkena oge pipisahan bae, nyawa urang moal salah deui tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi Jurig, Setan, Siluman atawa nitis-menitisna deui ka jalma atawa ka sato. Samangsa-mangsa nyawa manusa balik deui ka dunya tetep bakal cilaka asup ka Naraka, engke dina Kiamatna ieu alam dunya, karana ayeuna nyawa-nyawa manusa anu marakayangan tegesna teu bisa balik ka Allah. Ceuk basa ayeuna mah keur di Preventief, aya di alam Barjah tunggu-tunggu Landraad, engke inget bakal aya landratan nu leuwih gede dina Walyaumil Akhiri (kiamatna ieu alam dunya).
NERANGKEUN RUKUN IMAN ANU KAGENEPNA NYAETA
Wal qodri khairihi wasirrihi minallohi ta’ala
Sundana : Untung ala untung becik papasten ti Allah ta’ala atawa hade goreng ti Allah ta’ala.
Lebah dieu urang percayana teh ulah kaliru, kudu dipikir dilenyepan karana tadi Gusti Allah teh sifat Maha Suci. Piraku anu suci make bakal nyiksa, make bakal ngaganjar engke di Akherat, jadi ana kitu mah Gusti Allah ngadamelna manusa teh ngalap faedah, kersana rek ngaganjar jeung rek nyiksa. Lamun kitu mah moal tulus sucina Allah ta’ala teh, tapi urang kudu percaya kana dalil, urang kudu percaya kana ayana Sawarga Naraka atawa ngeunah teu ngeunah engke di Akherat, karana ayeuna ge di dunya kembangna geus karasa. Aya ngeunah jeung teu ngeunah, tapi Sawarga Naraka teh lain ti Allah tapi sategesna tina tekad ucap jeung pamolah urang keur waktu di dunya, sabab tadi Gusti Allah ngadamelna manusa teh sakali jadi, henteu nungtutan deui, geus Kun fayaakun breg sama sakali cukup teu aya kakurangannana. Tapi maparin cukup teh nyaeta maparin parabotna wungkul, naon parabot ti Allah ta’ala teh? Nyaeta anggahota saperti leungeun dua, suku dua, panon dua, ceuli dua, irung, baham jeung nafsu anu opat perkara (Amarah, Loamah, Sawiyah, Mutmainna). Kieu dawuhannana Allah ta’ala lamun maneh hayang ka Naraka tegesna hayang kana teu ngeunah, prak bae migawe ‘ala, nyaeta migawe kalakuan anu goreng, da kapan geus sadia parabotna ti Aing, aya Amarah Lowamah Sawiyah. Kitu deui lamun maneh hayang ka Sawarga tegesna kana kangeunahan, pek bae geura migawe becik, hartina migawe kalakuan anu hade, da kapan geus sadia parabotna ti Aing nyaeta nafsu Mutmainnah. Tah kitu sategesna mah pang aya Sawarga Naraka di dunya sumawona di Akherat oge, beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang waktu keur di dunya, kitu deui beubeunangannana oge moal keur batur, tetep keur milik sorangan, ti dunya nepi ka Akherat.
Jadi ku sabab eta ayeuna urang sarerea mangka ati-ati enggoning ngajalankeun parabot ti Gusti Allah teh. Kudu make budi jeung pamilih anu cukup, ulah rek ngagunakeun teuing parabot Amarah Lowamah Sawiah, kilangbara ari teu dipake pisan mah, atuh ulah loba-loba teuing, sakurang-sakurangna sing sama timbang jeung ngagunakeun parabot Mutmainnah. Karana sing awas, eta beubeunangan tina pagawean urang teh engke di Akherat ku Gusti Allah bakal ditetepkeun, sabeunang-beunangna tina pagawean urang ti pangumbaraan nyaeta di alam dunya, saboga-bogana moal pahili deui.
Kumaha atuh akalna supaya urang bisa ngalobakeun parabot Mutmainnah? Teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka Rasulullah, tegesna ku ma’rifat, tiap-tiap geus ma’rifat tangtu bisa ngarasa babarenganna beurang jeung peuting jeung Allah jeung Rasulullah. Tiap-tiap geus ngarasa teu pisah, Insya Allah bisa hade, ibadahna kalawan syah Nagara ge tangtu aman.
NERANGKEUN PASAL QUR’AN
Ari Qur’an teh aya opat perkara :
1. Qur’anul Majid
2. Qur’anul Karim
3. Qur’anul Hakim
4. Qur’anul ‘Adzim
Ieu Qur’an anu opat perkara disurahannana ku sahiji Ajengan kieu :
1. Qur’anul Majid, nyaeta Qur’an anu aya hurufna nu umum sok diaraji ku kaom Islam sadunya.
2. Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu mulya, buktina nyaeta keneh bae Qur’an anu aya tulisannana, karana eta anu dimulyakeun ku kaom Islam saalam dunya.
3. Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu agung disebatkeun barangna eta keneh bae, Qur’an anu sok dibaraca, sabab eta anu diaragungkeun ku kaom Islam saalam dunya.
4. Qur’anul ‘Adzim, hartina Qur’an anu suci jeung langgeng, dituduh eta keneh bae buktina mahQur’an anu aya tulisannana, karana eta anu suci jeung langgeng hukumannana ti dunya nepi ka Akherat.
Tah kitu eta Qur’an anu opat perkara teh, disurahannana kunu Ahli Syara, jadi borong bae kajeun aya opat ngaranna, barangna mah eta-eta keneh bae.
Jadi ana kitu eta Qur’an tulisan teh dianggap Tapekong, karana kapan sidik Qur’an eta mah beunang nulis manusa, naha disebutkeun Qur’an anu mulya, anu agung, anu suci anu langgeng, kapan sidik Qur’an tutulisan mah keuna ku ruksak, jadi lamun kaom Islam keukeuh boga patekadan kitu, atuh teu beda jeung Agama Cina, sesembahannana Migustina kana barang anyar, turug-turug nu nyieunna oge nu anyar.
Ku sabab kitu muga dulur-dulur kaom Islam ulah kaliru, kieu ayeuna dihandap ku jisim kuring rek diterangkeun pasal eta Qur’an anu opat perkara teh.
1. Qur’anul Majid, eta mah cocog barangna, nyaet Qur’an majaji anu bukti aya hurufna, umum sok dibaraca ku sarerea kaom Islam.
2. Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu Mulya, sategesna anu ngaran Qur’anul Karim teh buktina Panangan katut Ramo, karana kapan sidik jolna eta aksara teh tina Tangan jeung Ramo, jadi sategesna anu mulya teh nyaeta Panangan katut Ramona anu mimiti ngadamel eta Qur’an, cik saha anu ngayakeun eta Qur’an? Piraku teu kaharti, tah eta anu Mulya teh.
3. Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu Agung, nyaeta buktina teh Paningal, karana Panangan Ramo moal bisa nulis upama teu aya Paningal, jadi sateges-tegesna nu agung teh nyaeta Paningalna anu mimiti ngayakeun eta Qur’an.
4. Qur’anul ‘Adzim, hartina Qur’an Suci jeung Langgeng, nyaeta buktina Hirup, karana Paningal Tangan jeung Ramo moal bisa ngajadikeun upama teu aya Hirup, jadi sateges-tegesna anu suci jeung nu langgeng teh Hirupna nu mimiti ngayakeun eta Qur’an.
Ku sabab kitu urang oge ayeuna ngaji teh, lamun hayang tepi kana sucina lamun hayang tepi kana sampurnana. Eta Qur’an anu opat perkara teh, kudu diaji kabeh. Mimiti urang kudu daek maca Qur’anul Majid, nyaeta Qur’an majaji anu aya hurufna, tah eta bagian ilmu sare’at, sanggeus dibaca kudu terus diaji, nyaeta kudu dihartikeun pimaksudeunnana, sanggeus kaharti pimaksudeunnana, geura teangan jeung pigawe tarekatna sangkan karasa, sabab eta Qur’annul Majid teh tuduh jalan pikeun nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, jalanna teu aya deui lian ku tarekat, nyaeta Qur’annul Karim, hartina kudu ngaji pagawean tangan jeung ramo urang anu sakira bakal tepi ka Allah ka Rasulullah. Karana Gusti Allah maparin leungeun jeung ramo ka manusa teh, lain kudu dipake ngajadikeun kana barang dunya anu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, supaya tangan jeung ramo urang teh jadi Mulya, karana aya dalilna :
Asho biahum fii adzaanihim minasshowaiki
hadzarol mauti walahu muhitun bil kaafiriin
Kieu pisundaeunnana : Lamun tangan jeung ramo maneh teu dipake nyieun jalan maot, tetep tangan jeung ramo maneh martabat ramo hewan, kafir tetep bakal ka Naraka.
Tina Qur’anul Karim kudu naek deui kana Qur’anul Hakim bagian hakekat, nyaeta kudu ngaji pagawean paningal urang anu sakira bakal hakim tegesna kana barang langgeng tea, nyaeta kana hakekatna Allah jeung Muhammad, karana Gusti Allah maparin awas paningal ka manusa teh lain bae kudu dipake kana ngawaskeun barang anyar anu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngawaskeun kana hakekat Allah jeung Rasulullah, nyaeta anu kasebat Qur’anul ‘Adzim anu langgeng tea atawa sifatna hirup, bibitna tujuh bumi tujuh langit sarawuh eusina kabeh. Tah didinya urang oge asalna jadi sategesna ngaran ma’rifat ka Allah teh nyaeta anu geus nyaho kalawan Hakim kana hakekat Allah jeung Muhammad tegesna Jauhar Awwal. Tapi mangkade kaliru,bisi netepkeun Jauhar Awwal teh kana caangna Panonpoe anu katingal ku panon kapala, eta mah Jauhar Firid bagian Sawarga Loka (Dewa), tempatna di Gunung Himalaya. Perkara Johar Awal sajati mah nyaeta anu kasebut Johar Latif, tegesna gaib moal bisa katingal ku panon kapala, ceuk dalilna kieu :
Ru’yatullaahi ta’ala fii dunya bi’ainil qalbi
Hartina : Ningali hakekatna Allah ta’ala di dunya ku awasna ati, tegesna ku hakekatna Rasulullah, sabab sifat jalma mah moal aya anu bisa ma’rifat ka dinya, karana jelema mah ngan ukur dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala. Samangsa-mangsa wujud geus bisa dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala, tangtu ramo urang bisa nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah ta’ala, lantaran geus dibejaan (dipasihan terang) ku Rasulullah, jadi urang mah kabawa nyaho kabawa ni’mat ku Rasulullah, ti dunya nepi ka Akherat, moal sulaya deui sabab geus tetep jadi umatna Rasulullah. Karana ti ayeuna oge geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah, lantaran wujud teh beurang jeung peuting dianggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah ta’ala. Samangsa-mangsa geus ngarasa babarengan beurang peuting jeung nu suci, Insya Allah tekad jeung laku teh lila-lila kabawa suci. Setan-setan ge moal dareukeut, tapi kitu soteh nu ma’rifat kalawan tauhidna, ari teu jeung tauhidna mah sulaya bae, sanajan geus boga tarekatna. Teu ngarasa sieun teu ngarasa isin, jongjon bae tekad jeung lakuna sakama-kama, jadi nu kitu teh ma’rifatna, ma’rifatna Mikung, tangtu di dunyana ge moal meunang safa’at ti Rasulullah, di dunyana moal lepot ti kasusah, kabendon ku nu Maha Suci. Ibarat lampu dikurungan ku semprong anu kotor geus tangtu kaluarna oge poek, da kudu suci pasuci-suci, suci eusina, suci cangkangna, kakara jadi, di dunyana moal lepot tina kani’matan, di Akherat pon kitu deui.
Ku sabab eta poma pisan dulur-dulur anu geus boga jalan ka-ma’rifatan , tekad jeung laku goreng teh kudu dijaga bener-bener, ulah darapon nyaho bae, tapi kudu jeung dibarengan ku lakuna jeung tekadna anu hade, sabab lamun urang ngalakonan pagawean ma’siat ngalanggar hukum Syara, tangtu urang gancang dibendonna ku Maha Suci langkung beurat, hukuman bongan nyaho, beda deui jeung nu tacan nyaho, saperti di dunya oge, upama urang Kampung maling hayam, dihukumna ngan ukur di denda atawa di bui saminggu, coba lamun Wadana maling hayam hiji, tangtu leuwih beurat hukumannana, jaba ti leupas pangkatna teh, jeung bari dihukum tikel dua tilu ti si Kampung tadi. Hukuman bongan geus nyaho kana artikalna, komo anu geus nyaho ka Allah ta’ala mah, sing inget perjangjian Guru Mursyid (Guru nu geus inkisaf ka Pangeran) ibadah babarengan doraka pipisahan.
AYEUNA NERANGKEUN MARTABAT ALAM TUJUH
(Nganggo rucatan engangna kecap)
1. Alam Ahadiyat huruf Al
2. Alam Wahdat huruf lah
3. Alam Wahidiyat huruf Mu
4. Alam Arwah huruf ham
5. Alam Ajsam huruf mad
6. Alam Misal huruf A
7. Alam Insan Kamil huruf dam
Buktina alam dunya ge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta alam nu kasebat diluhur, tegesna alam tujuh teh lalakon Allah-Muhammad-Adam, ku sabab eta wajib dikanyahokeunnana ku sarerea. Upama urang arek nyusul kana asal. Sabab lamun teu dikanyahokeun ti ayeuna jalan-jalanna jeung barang-barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik deui kana asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalanna waktu tadi turun-turunna ti Akherat ka alam dunya.
Ayeuna eta martabat alam tujuh teh, ku jisim kuring rek diterangkeun sarta make ibarat kalawan dibuktikeun ku gambar, supaya gampang dihartoskeunnana.

Tafsirna
A. Nyaeta alam Ahadiyat, martabat nu Maha Suci, dalilna Dzat Laisa Kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama.
Bakat kumaha atuh matak teu beunang diupamakeun? Naha bakating ku kawasana? Atawa bakating ku agungna? Atawa bakating ku hiji-hijina?
Upama bakating ku kawasa, na kapan dina zaman eta mah teu acan aya dadamelannana, karana ngaran kawasa teh kudu bukti heula nu didamelna. Kapan dina dina alam Ahadiyat mah sumawona manusa, Akherat jeung alam dunya ge tacan aya.
Upama bakating ku agungna, da tacan aya nu hina dina di alam Ahadiyat mah, karana aya basa agung teh saenggeusna aya anu hina.
Upama bakating ku hiji-hijina, da kapan teu acan aya dua zaman eta mah, sabab ari hiji teh saenggeusna aya nu loba.
Kumaha atuh pihartieunnana? Supaya eta dalil Dzat laisa kamishlihi teh jadi uni? Kieu upama mufakat mah. Nu matak alam Ahadiyat disebut dalil Dzat laisa kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama, sategesna nyaeta bakating ku suci, hartina beresih teu aya sifat-sifat acan sumawonna jenengannana. Naha rek diupamakeun jeung naon upama teu aya sifatna? Sabab disaksian deui ku dalil nu Maha Suci teh Bilaa Haifin, hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu hideung, teu poek teu caang, Bilaa Makanin, hartina teu arah teu engon, teu di kulon teu di wetan, teu di kaler teu di kidul, teu di luhur teu di handap, tah kitu katerangannana, nu matak nu Maha Suci teu beunang diupama-upama, sumawonna di engon-engon, dituduh diditu didieu, lantaran kaburu lain sabab kahalangan ku bukti.
B. Alam Wahdzat martabat sifatna nu Maha Suci. Jadi dina alam Wahdzat mah nu Dzat Laisa teh jadi Dzat Sifat, rupana caang padang, nyaeta nu kasebut Jauhar Awwal. Jauhar hartina Cahya, Awwal hartina mimiti. Jadi nya eta nu pangheula-heulana aya samemeh Bumi jeung Langit, sumawonna manusa. Tah eta Johar Awal teh nu kasebut hakekat Muhammad tea, kapan ceuk Hadist oge Muhamad teh awal-awalna pisan, sabab Johar Awal teh Nur, tegesna cahyana nu Maha Suci. Malah ceuk para Wali mah Sagara Hirup atawa Sajatining Syahadat, karana gulungna Dzat jeung Sifat atawa Allah jeung Muhammad dina hakekat.
C. Alam Wahidiyat, martabat Asmana nu Maha Suci, kajadian tina Jauhar Awwal alam Wahdzat tadi bijil deui sorotna jadi cahaya opat rupa nyaeta
Narun cahya Beureum
Hawaun cahya Koneng
Maun cahya Bodas
Turobun cahya Hideung
Jadi eta cahya anu opat perkara teh, nu disebut Nur Muhammad, ari Muhammadna mah di Johar Awal, barang eta Nur Muhammad cahya opat perkara teh. Disebutna Hakekat Adam, nyaeta Asmana nu Maha Suci.
Cahya nu beureum hakekatna lafad Alif
Cahya nu Koneng hakekatna lafad Lam Awal
Cahya nu Bodas hakekatna lafad Lam Akhir
Cahya nu Hideung hakekatna lafad He
Jauhar Awwal jadi hakekatna lafad Tasjid
Sare’atna jadi lafad Allah, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh, nu ngajadikeun bibit tujuh Bumi tujuh Langit sarawuh eusina kabeh, sanajan Agama oge ti dinya bae.
Ayana Syahadat nyaeta ku ayana Johar Awal
Ayana Sholat nyaeta ku ayana Cahya Beureum
Ayana Zakat nyaeta ku ayana Cahya Koneng
Ayana Puasa nyaeta ku ayana Cahya Bodas
Ayana Munggah Haji nyaeta ku ayana Cahya Hideung
Sanajan waktu oge aya 5 waktu
Shubuh bagian Nabi Adam
Lohor bagian Nabi Nuh
Asyar bagian Nabi Ibrahim
Maghrib bagian Nabi Musa
Isya bagian Nabi Isya
Pertingkahna Sembahiyang oge 5 perkara
Nangtung
Takbiratul Ikhram
Ruku
Sujud
Lungguh
Sahabat oge aya 4 ka 5 Kangjeng Nabi
Sahabat Abu Bakar Ash-Sihidiq
Sahabat Umar bin Khatab
Sahabat Usman bin Affan
Sahabat Ali bin Abi Thalib
Kangjeng Rasulullah
Di Mekah aya Imam 4 ka 5 Baitullah
Iman Syafi’i
Imam Hanafi
Imam Hambali
Imam Maliki
Baitullah
Tah gening sidik kabeh oge tina Asmana Allah, Hakekatna nyaeta Nur Muhammad, cahya 4 perkara kalima Jauhar Awwal.
D. Alam Arwah, martabat Af’alna nu Maha Suci, nyaeta Af’alna Allah ta’ala ngajadikeun ieu alam dunya. Kieu ceuk ilmu akal mah ngadamelna teh.
Ibarat dina Bioskop mah nyaeta Istijradna bangsa Walanda, alam Wahdat nyaeta Johar Awal teh lir ibarat listrikna, ari Nur Muhammad Alam Wahidiat ibarat kacana.
Narun teh ibarat Kaca Beureum
Hawaun teh ibarat Kaca Koneng
Maun teh ibarat Kaca Bodas
Turobun teh ibarat Kaca Hideung
Barang eta kaca anu opat rupa disorot ku Johar Awal, kajadian bijil kalangkangna.
Tina Kaca Beureum jadi Seuneu Alam Dunya
Tina Kaca Koneng jadi Angin Alam Dunya
Tina Kaca Bodas jadi Cai Alam Dunya
Tina Kaca Hideung jadi Bumi Alam Dunya
Ku kawasa-kawasa Allah ta’ala bleg bae jadi ieu alam dunya, nyaeta Jagat Kabir, jadi sategesna alam dunya teh kajadian tina Nur Muhammad.
E. Alam Ajsam, martabat manusa. Sanggeusna ngadeg ieu alam dunya, Gusti nu Maha Suci bade ngersakeun deui midamel alam majaji, terus nimbalan Malaikat, miwarang turun ka alam dunya, kudu nyokot aci seuneu, aci angin, aci cai, aci bumi. Gancangna geus beunang eta aci-aci nu opat perkara teh terus didamel .
Aci Bumi kajadian kulit bulu Adam
Aci Seuneu kajadian Getih daging Adam
Aci Cai kajadian urat balung Adam
Aci Angin kajadian otot sungsum Adam
Ku kawasana Allah ta’ala, jleg bae jadi dalil Muhammad, Mim-He-Mim-Dal, nyaeta :
Cahya nu hideung jadi hakekat lafad Mim Awal
Cahya nu Bodas jadi hakekat lafad He
Cahya nu Koneng jadi hakekat lafad Mim Akhir
Cahya nu Beureum jadi hakekat lafad Dal
Johar Awal jadi hakekat lafad Tasjid
Sare’atna nya jadi lafad Muhammad atawa sabalikna tina lafad Allah.
Mim Awal lafad Muhammad sategesna Sirah
He lafad Muhammad sategesna Dada
Mim Akhir lafad Muhammad sategesna Udel
Dal lafad Muhammad sategesna Suku
Tapi teu acan bisa usik malik, ngagoler saperti Golek, gancang terus diliangan opat liang, nyaeta di Panonan, di Cepilan, di Pangambungan, di Bahaman. Terus eta liang diasupan ku sorotna Nur Muhammad, kajadian bisa usik malik eta Adam atawa Jagat Shagir teh. Jadi sidik pisan ayeuna oge hirupna manusa teh sare’atna ku ayana cahya, kitu deui maotna manusa teh ku teu ayana cahya. Samangsa-mangsa geus teu aya cahyana Si Jasad atawa Jagat Shagir, geus teu aya kakuatannana, buktina gancang buruk.
Kitu deui ieu oge Jagat Kabir, nyaeta alam dunya pang kuatna teh, ku diangliputi ku sorotna Nur Muhammad, jadi moal salah deui engke oge kiamatna ieu Jagat Kabir (alam dunya) saperti manusa (Jagat Shagir) bae, dicandak deui cahyana, nyaeta Panonpoe Bulan Bentang, tangtu bae ieu alam dunya ruksak, atuh tinggal naonna? Tina Bumi tinggal poekna, Seuneu tinggal panasna, Cai tinggal tiisna, Angin tinggal hawana. Saha anu bakal nyicingan eta Naraka? Teu aya deui anu bakal nyicingan teh nyaeta Idajil La’natullah tea, sakanca-kancana sakur nyawa manusa anu henteu barisa balik deui ka Allah ta’ala. Sabab keur di dunyana beunang ku panggoda Setan, lantaran teu Iman ka Allah ka Rasulullah.
Karana eta Idajil teh, tadina mah Malaikat kakasihna Allah ta’ala. Pangna dibendon ku Allah ta’ala, lantaran samemeh aya Adam, dipiwarang ngeusian ieu alam dunya, tapi dijangjianna lilana di alam dunya ngan sarebu taun. Ku sabab Malaikat Idajil ngarasa betah di alam dunya, teu hayangaeun deui balik ka Sawarga nepi ka tilu rebu taun, tah didinya mimitina dibendonna ku Allah ta’ala, jadi geus teu meunang balik deui ka Sawarga, kudu tetep di alam dunya bae. Tapi engke bakal ditetepkeun dina dasar Naraka sanggeus kiamatna ieu alam dunya, bakating ku bedegongna sang Idajil, manehna sanggup bae tapi nyuhunkeun idin rek ngagoda ka anak putu Adam, pibatureun manehna di Naraka. Gusti Allah ngidinan, hade tapi saha-saha anu teu Iman ka Aing jeung ka Rasulullah.
Ayeuna rek malikan deui pasal Adam, tadi diluhur ku jisim kuring geus dicaritakeun, anu didamel Adam majaji teh, tina acina seuneu, angin, cai, bumi, bilih bae anu ngaos sareng anu ngadangukeun ieu kitab nyangka saperti seuneu, angin, cai, bumi teh diperes saperti nyieun aci sampeu, saenyana lain kitu. Jadi anu kasebut aci seuneu, angin, cai, bumi teh buktina nyaeta sakur anu jaradi dina teneuh, saperti tatangkalana nu gede anu leutik, karana kapan sidik bisana ngagedean tatangkalan teh ku opat perkara. Hiji ku cicing dina taneuh, dua kudu kacaian, tilu kudu kaanginan, opat kudu kapanasan, cacakan karek ku kahieuman oge gening tara jadi buah. Jadi ku sabab eta tatangkalan lila cicingna di bumi, lila kacaiannana, lila kaanginannana, lila kapanasannana. Jadi eta hawana asup kana tatangkalan, sanggeus gede tangkalna, nya terus bijil buahna, tah eta bubuahan teh bakating wujud Adam, sanajan urang oge asal ti dinya bae, ngan bedana Adam mah didamel ku Allah ta’ala barang kadieuna mah saenggeusna aya Adam jeung Babu Hawa, atawa Idung Bapa urang, bubuahan teh didahar heula nya kajadian aya Wadzi, Madzi, Mani, Maningkem. Barang eta Wadi, Madi, Mani, Maningkem tepung, tegesna kontak jeung sorotna Nur Muhammad cahya nu opat perkara tea, nya kajadian kempel ngajadi Jabang Bayi di jero beuteung Indung. Ari nu teu jadi mah nyaeta anu teu kontak, tegesna henteu tepung jeung Nur Muhammad (Roh). Sabab tadi ge Allah ta’ala teh wenang, wenang ngajadikeunnana jeung wenang teu ngajadikeunnana. Manusa mah teu aya kakawasaan ngan ukur jadi lantaran pikeun ngajadikeun piwadaheunnana Roh bae, nyaeta tina sakur anu dituang, karana Indung Bapa urang upama teu barang tuang moal kajadian aya cimanina.
Kala waktu orok dijero beuteung teu acan aya nyawana, ngan kakara aya hirup wungkul, nyaeta roh suci tea, numatak teu acan aya rasa naon-naon barang gubrag kaluar. Roh suci kontak, hartina tepung jeung hawa ieu alam dunya. Nyaeta hawana tina bumi, seuneu, cai, angin. Nya kajadian eta orok aya nafasna atawa sifatna nyawa. Hakekatna nyawa nyaeta rasa jasmani, dina waktu eta panon buncelik teu acan aya awasna, ceuli molongo teu acan aya dengena, irung teu acan aya angseuna, sungut teu acan bisa nyarita ngan karek aya sorana bae. Barang geus dibere barang dahar nyaeta cisusu atawa daharan naon bae, nyaeta tina acina bumi seuneu, cai jeung angin, jadi eta aci nu opat perkara teh kajadian deui acina, nyaeta ngajadi getih opat perkara nu disebut Roh Jasmani, tuluy eta getih surup sinurup.
Getih hideung kajadian tina aci bumi sumurup kana kulit, nya ngarubakan kulitna orok. Hawana kaluar bijilna kana baham, watekna bisa ngomong. Getih nu beureum kajadian tina aci seuneu, sumurup kana daging, nya ngagedean dagingna orok. Hawana kaluar bijilna kana ceuli, watekna bisa ngadenge.
Getih nu bodas kajadian tina aci cai, sumurup kana tulang, nya ngagedean tulang (balung) orok. Hawana kaluar bijil kana panon watekna bisa ningali aya awasna.
Getih anu koneng kajadian tina aci angin, sumurup kana sungsum nya ngalobaan sungsumna orok. Hawana kaluar bijil kana irung watekna bisa ngambeu.
Sanggeusna eta orok geus rubak kulitna gede dagingna, gede tulangna loba sungsumna, kaluar deui hawana nyaeta nafsu opat perkara, Amarah-Lowamah-Sawiyah-Mutmain nah, nyaeta buktina sagala kahayang anu hade anu goreng.
Tuh gening bukti ngagedeannana jasad teh, sanajan tanaga pikiran, akal sumawona paningal, pangrungu, pangucap, pangangseu, teu aya deui anging ku pitulungna roh Seuneu Cai Angin Bumi. Naon sababna pang nulung kitu teh? Teu aya deui pang kajadian sagala ti dinya teh, supaya eta parabot-parabot teh kudu digunakeun dipake parabot ibadah jeung kudu dipake parabot keur nyieun jalan pikeun nganyahokeun ka asalna, nyaeta ka Allah supaya manehna kabawa sampurna, tegesna kabawa balik deui ka Allah, karana anging manusa anu katetepan Agama, manusa anu katetepan Elmu, anu bakal bisa nyampurnakeun roh-roh saalam dunya kabeh oge pada arasup ka manusa. Sumawonna rohna Bumi Seuneu Cai Angin eta mah sapopoena, sanajan roh-rohna hewan nu halal nu haram nu bersih nu najis, eta sakabeh oge pada arasup bae ka manusa.
Kieu jalan-jalanna, saperti bangsa tatangkalan (kai) bener sare’atna mah teu didahar ku manusa, tapi kapan sok dipake nyuluhan sangu atawa naon bae tangtu eta rohna asup kana sangu. Numatak jadi beda rasana waktu tadi keur beas keneh jeung geus jadi sangu. Kitu deui bangsa hewan anu haram anu najis oge milu arasup bae, puguh ari jinisna mah teu didahar, tapi upama Anjing Babi paeh di cai tangtu bangkena dihakan ku lauk cai, lauk cai asup deui ka manusa, jadi sidik manusa teh jadi cukang keur mareuntas roh-roh sa alam dunya balik deui ka Allah ta’ala.
Ku sabab eta sidik Gusti Allah mah suci tetep teu nyiksa teu ngaganjar, sateges-tegesna anu bakal nyiksa teh, nyaeta roh-roh tina sagala rupa anu geus asup ka manusa, ku lantaran teu dibawa balik deui ka Allah ta’ala. Rohna seuneu bakal jadi Naraka Panas, rohna cai engke bakal jadi Naraka Tiis, rohna bumi engke bakal jadi Naraka Poek, rohna hewan engke bakal nyeureudan atawa ngegelan kana nyawana manusa.
F. Alam Misal, martabat elmu, saha-saha manusa di dunyana geus ma’rifat kana asal wujudna, nyaeta Sagara Adam (C) tadi, eta elmuna geus tepi kana pangkatna Misal, hartina geus nyaho kana asal nyaeta sifatna cahya beureum koneng bodas hideung, engke dina maotna bakal asup ka Sawarga, tegesna dina kani’matan anu teu aya babandingannana sarta langgeng teu aya putusna.
G. Alam Insan Kamil, martabat kasampurnaan. Samangsa-mangsa manusa di dunyana geus bisa ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Johar Awal tea, atawa alam Wahdat (B) tadi, elmuna geus tepi kana pangkat Insan Kamil hartina Manusa Sampurna, engke dina maotna bakal jatoh kana pangkat Kamil Mukamil, hartina sarupaning sampurna, beak rasana, beak jasmanina, jadi Dzat Laesa Kamishlihi deui, saperti tadi samemeh urang turun ka alam dunya.
TAMAT

Layang Muslimin Muslimat JILID V



Kacarios Raden Insan sareng Raden Kamil, rai raka tambah sohor
kalungguhannana, elmuna malah parantos disebat Pandita ku sadaya jalmijalmi
sarta didamel panarosan jalmi-jalmi ti suklakna ti siklukna.
Pangglinggihannana mah tetep dina tilas ramana bae. Enggalna carios Raden
Insan parantos kagungan putra pameget sakembaran, dupi raina mah Raden
Kamil teu kagungan putra, jalaran anjeuna mah teu kersa kagungan garwa,
salamina damelna ngan tatapa bae, dupi eta putra sakembaran teh, ku ramana
dijenengan, nu hiji Raden Kamil ngalap jenengan ti ramana reh parantos sepuh,
nu hiji deui Raden Mukamil, eta murangkalih ti kawit hideng oge teras
diwuruk ngaos Qur’an, saparantosna tamat Qur’an, teras kana kitab-kitab
ngawurukna hiji sewang, rakana nya ku ramana, raina ku pamanna. Kacarios
eta dua murangkalih ngaosna parantos tatas seep kabeh kitab-kitab parantos
dijajah. Barang parantos sedeng akil baligh, ku ramana sareng ku pamanna
ditibanan ilmu-ilmuna Agama Islam, nyaeta Sare’at, Tarekat, Hakekat, Ma’rifat
teras sareng Tauhid-tauhidna, pendekna pada ngetrukeun kopeah, elmu batin
elmu lahir.
Kacarioskeun lami-lami Raden Insan sareng Raden Kamil parantos dugi
kana waktosna, diselir ku Maha Suci, mulih ka Rahmatullah, rai raka ngan
tuturut bae pupusna teh, dipendem dina hiji tempat anu singkur sarta
pakuburannana disae-sae jalaran emutannana supaya kenging sakalian
dianggo tempat Ujlah. Tafakur mujasmedi ku aranjeunna. Ayeuna kantun
putrana, nyaeta Raden Kamil sareng Raden Mukamil, neraskeun padamelan
ramana, ngawuruk kitab Qur’an ka santri-santri.
Santri-santrina oge tetep henteu incah balilahan, neraskeun
pangajiannana ka Raden Kamil sareng Raden Mukamil. Kacarios lami-lami
aranjeunna ngaraos kirang senang ngalinggihan dina tilas ramana, reh ngaraos
kirang sirna, jalaran parantos rame teuing, seueur tatangga anu ngaradon
mukim di dinya, jadi waktos harita parantos jadi lembur ageung.
Hiji waktos aranjeunna babandantenan rai sareng raka ngamufakatkeun
bade ngababakan dinu singkur nyaeta dinu caket ka pakuburan ramana,
tanahna sae bahe ngetan ngaler. Enggalna carios, rai raka parantos gilig
manahna, barang parantos kapendak dintenna nu sae, teras marentah ka santrisantrina,
piwarang ngalelemah pibumieun pimasigiteun, enggalna parantos
salase, teras bae diadegan bumi, parantos bumi ngadegkeun Masigit, namung
Masigitna mah teu ageung sedengan bae, barang parantos beres nya teras
dialihan.
 

Layang Muslimin Muslimat
145


Namung santri-santri mah ditetepkeun dina tilas ramana bae, sarta
ngangkat Lurah santri anu diwakilan ngawuruk santri sadidintenna, dupi
aranjeunna mah sumpingna ka pondok 10 dinten sakali. Jadi anjeuna mah anu
jadi babaku padamelanna teh, suhud khusu kana tirakat tatapa bae. Digentosgentos
aya nyegah teu kulem, aya saum, aya kanaat Nabi, aya siram tengah
wengi, aya mutih sareng sajabi ti eta. Eta babakan ku anjeuna ditelahkeun
Babakan Karang Kasirnan, ku tina anjeunna ngaraos teu kinten sirnana teu
kagembang ku naon-naon, kana sanis kanten tambah khusu, tempo-tempo
anjeunna teu aya deui nu disaurkeun mung mutala’ah bab ilmu-ilmu lahir
batin wincikan dina salira.
Kaleresan hiji wengi nuju caang bulan kaping 14 sarta nuju halodo,
rakana sasauran ka raina “Rai, wengi ieu teh kaping 14, hayu urang ngabungbang
ulah sare sawengi ieu, tapi ontong kamana-mana urang ngampar samak bae di buruan
da moal aya jalma sejen”. Raina ngawalon “Kalangkung nuhunna engkang sasauran
ti payun, keur mah abdi oge gaduh emutan, bade unjukan hoyong ngabungbang”.
Enggalna teras nyarandak amparan sareng Kampuh hiji sewang, gek
caralik papayun-payun bari ninggali bulan sakitu moncorongna caangna
beresih pisan. Barang kinten-kinten tabuh 10, rakana sasauran ka raina “Rai
naha engkang mah bet rada tunduh, cik atuh urang ngawangkong, naon bae nu
dimutala’ahkeun mah, geura beresihkeun bilih rai aya kabingung keneh, dina bab
Tohid-tohidna ilmu”.
Saur raina “Nuhun atuh, kantenan bae kang rai mah seueur keneh kabingung,
moal sapertos engkang panginten buleud dina pasal Tauhidna elmu teh, ayeuna rai
bade ngawitan tumaros. Dupi manusa anu mawi diwajibkeun kedah Ma’rifat ka Gusti
Allah teh, naha supaya kumah diakhirna? Sareng supaya kumaha di Dinyana?”
Jawab rakana “Euh rai pikeun di akhirna mah Wallahu ‘alam, teu beunang
diujubkeun boh kana kasampurnaannana, boh kana teu sampurnana oge, da
kasampurnaan di akherat mah, nurutkeun kumaha di dunyana”.
Saur raina “Atuh anu kumaha di dunyana teh?” jawab rakana “Anu
nyumponan kana ilmu-ilmuna Kangjeng Rasulullahu Shalallahu ‘alaihi wasalam,
nyaeta milampah ibadah Sare’at, Hakekat, Tarekat, Ma’rifat. Tah lamun urang bisa
nyumponan eta opat perkara, tangtu sampurna dunya rawuh Akheratna, di dunyana
jadi syah ibadahna, hartina amal kalawan iman, kapan ceuk Hadist oge kieu :
Man Shollaa bilaa ma'rifatin laa tasihu sholaatuhu'
Hartosna pami teu lepat : Jalma Sholat teu kalawan ma’rifat teu syah Sholatna.
Malah saur Imam Ghazali mah :
 Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala
 

Layang Muslimin Muslimat
146


Hartosna : Awal-awalna Agama kudu ma’rifat heula ka Allah ta’ala.
Dupi dawuhan Allah ta’ala dina Qur’an Surat Al-Hajr ayat 99
'Wa'bud robbaka hatta yatikal yaqiinu
Hartosna upami teu lepat : Kudu nyembah maneh ka Pangeran maneh sing tepi
ka yakin.
Dina palebah ma’nana ieu dalil kumaha hartina? Kumaha tepina? rek yakin
kana nyembahna bae, ti baligh nepi ka maot sae bae.
Cenah rek tepi kana yakin nyembahna bari yakin kanu disembahna, atuh naon
batalna? Piraku matak batal kana Islam mah, malah teu euweuheun nu ma’rifat ti
baheula oge, nepi ka jaradi Wali gening, mungguh darajat manusa teh teu sami, kadua
perkawis wajib ma’rifat teh, supaya urang hirup di dunya teh boga benteng anu kuat,
pikeun ngajaga hawa nafsu kanu goreng, jalaran ngaraos isin ajrih siang wengi ku
Gusti nu Maha Suci margi tos ngaraos tos teu aya antarana tea, salamina ngaraos
ditingali bae”.
Jawab raina “Ku rai nembe kahartos faedahna, numawi manusa wajib ma’rifat
teh, pikeun syarat syahna amal ibadah ayeuna keur di dunya, supaya yakin nyembahna
moal pegat tepi ka maot. Yakin kanu disembahna moal poho-poho tepi ka maot.
Duanana kapigaw, amal kalawan imanda sanajan dina bagian dunya oge, bener
nyembahna teh kedah tepung heula sareng nu disembah. Tara ngaheulakeun sembah
samemeh kapanggih, benerna puji kedah bukti heula nu dipujina, mun urang tumarima
jadi kaula kedah tingali di Gustina”.
“Upami urang karep nyiar rizki jalan tina kuli-kuli, kedah milari
pidununganeun nana heula, tara jol kana digawena, margi upami darapon meunang
gawe mah, atuh da seueur pigaweeun mah, sajalan-jalan oge seueur tanah bukaeun aya
sawah paculeun, aya kebon koredeun, upami ku urang jol prak bae dipacul, teu carita
heula kanu bogana, kumaha balukarna? Tangtos dongkap nu gaduh teh, tibatan daek
muruhan mah kalah ngusir, da rasana eta sawah atawa kebon rek dipiboga kunu macul
tea, atuh puguh bae rugi kadua katilu, saperkawis rugi ku jalaran geus ngaluarkeun
tanaga anu sakitu capena, kadua perkawis teu diburuhan, turug-turug bari diusir
dicarekan”.
Jawab rakana “Puguh nyakitu geuning jadina teh, tapi rai ari dina bagian
Agama mah wajib migawe amal ibadah sateuacanna ma’rifat ka Gusti Allah oge, sabab
perlu kudu diajar heula supaya bisa, pibekeleun keur kumawula ka Gusti Allah engke
dina geus ma’rifatna.
Ngan bae eta ibadah urang lamun tacan nepi kana ma’rifatna ulah ujub bakal
aya buruhan (ganjaran), di kengingna oge ganjaran make aya landratan heula. Tangtu
ditimbang amal hadena sareng amal gorengna, kamana beuratna. Beurat kana amal
hadean tangtu ragrag ka Sawarga (ganjaran kani’matan), beurat kana amal gorengna
tangtu ragrag ka Naraka (kateugeunahan), tah kitu paurna urang lamun teu ma’rifat
teh. Upami manusa geus ma’rifat mah moal aya landratan deui, moal aya timbangan
 

Layang Muslimin Muslimat
147
deui, sabab di dunya geus bisa ngalandrat diri sorangan, geus bisa nimbang hawa
nafsuna sorangan, mana nu katimbang goreng moal dilampahkeun, mana nu
katimbang hade tangtu dipigawe.
Saur raina “Kumaha upami jalmi teu acan terang kana jalan-jalan ibadah,
namung aya kadar ma’rifat ka Gusti nu Maha Suci? Jalanna tina tarekat?”
Jawab rakana “Jalma kitu leuwih untung tanda eta jalma meunang taufik
(pitulung) ti Maha Suci, ciri eta jalma dihampura dosana, ti mana bae jalanna mah
tangtu nyorang heula tarekat, sabab pikeun ngabuktikeun sifat-sifatna hakekat, nyaeta
siaft-sifatna hakekat teh Dzat,Sifat,Asma, barang gaib tea, nu ditingalina sanes ku
panon kapala.
Hadist nerangkeun kieu :
'Ru'yatullah ta'ala fiddunya biiainil qalbi
Hartosna upami teu lepat : Ningali Dzat, Sifat Allah ta’ala di dunya ku awasna ati.
Tah kitu rai katerangannana nu ma’rifat ka Allah Subhanallahu wa ta’ala teh,
henteu dipastikeun yen kedah tina sare’at jeung kudu bisa ngaji heula kitab, Qur’an bae
da gening bieu diluhur disebatkeun ahli sare’at oge ari rek ngudag ma’rifat mah kedah
nyorang heula tarekat, sareng elmuna kapan Gusti Allah mah wenang, henteu kedah ka
jalma nu bisa maca kitab Qur’an bae maparinna taufik teh, buktina para Wali oge aya
nu teu masantren heula, da kadieuna oge teu kurang-kurang anu tarepi kana ma’rifat,
nu sanes tina pasantren heula, sok komo deui kautamiannana ka anu mapay ti
pasantren, teras dugi kana ma’rifatullah, margi kasaksi ku dalil ku Hadist.
Saur raina “Pasal faedahna yen manusa kedah ma’rifat ku rai parantos
kahartos, saperkawis pikeun syarat syahna amal ibadah, sangkan sampurna ibadahna.
Kadua perkawis pikeun ngabenteng hawa nafsu goreng, sangkan sampurna laku
lampahna hirup di dunya. Katilu perkawis ma’rifat ka Allah pikeun laku kasalametan
dunya rawuh Akherat, sabab sifatna anu mawa salamet teh caang, sifatna jalan cilaka
teh poek, sanajan ahli agama oge upamu teu ma’rifat ka Allah ta’ala mah, sasat teu acan
boga lampu, upami teu acan boga lampu, temahna sok hayang tutubruk bae ka batur
ibarat ngajalankeun mobil ti peuting teu make lampu, kajadiannana nya tangtu diaradu
bae jeung baturna, nu pada-pada teu make lampu.
Saur rakana “Nyakitu pisan, nu matak ngaji teh sing tepi kana anggeusna,
anggeusna ilmu, nya ma’rifat. Tiap-tiap geus ma’rifat tangtu itikadna tetep dina bodo,
sanggeusna mirasa bodo moal ujub ria takabur moal rek sirik pidik ka batur kanu kitu
kanu kieu oge.
Raina haturan deui “Ayeuna rai bade tumaros deui pasal ma’rifat. Kumaha
jalanna supados enggal tepina?”
Jawab rakana “Teu aya sanes mimitina lamun hayang ma’rifat kedah pilari
rukunna heula. Lamun teu kapanggih rukunna salilana moal bisa tepi, kapan sadayana
oge ngangge rukun bae. Saperti hayang Iman aya rukunna 6 perkawis, hayang Islam
aya rukunna 5 perkawis, hayang ngalakonan Agama aya rukunna 4 perkawis, nyaeta
Layang Muslimin Muslimat
148
sare’at hakekat tarekat ma’rifat, kitu deui lamun hayang ma;rifat ka Allah ta’ala, kudu
kanyahokeun rukunna”.
Saur raina “Naon te rukunna ma’rifat teh? Sareng sabara hiji?”
Jawab rakana “Rukun ma’rifat aya opat perkara, ceuk sifat dua puluh mah
sifat Wahdaniyah tea. Hartina 1 Dzatna, 1 Sifatna, 1 Asmana, 1 Af’alna. Eta anu opat
perkara kumpul aya di manusa, mung anu tilu mah Dzat, Sifat, Asma eta barangna
gaib tapi aya.
Nu matak manusa diwajibkeun kudu percaya kana barang goib, geuning dalilna
tina surat Al-Baqarah dina palebah :

Hudan lil muttaqiina
Hartosna pami teu lepat : Ari nu kasebut jalma muttaqin teh nyaeta jalma nu
sieun ku Allah, anu ngalakonan sakabeh parentahna, jeung nu ngajauhan kana
sakabeh cecegahna.
Alladziina yuminuuna bil ghoibi '
Hartosna pami teu lepat deui : Jeung nyaeta sakabeh jalma anu Iman nekadkeun,
ngabenerkeun sarta ngaku kana perkara nu gaib.
Tuh gening rai jalan anu kasebut Muttaqin teh nu ngalakonan kana parentahna
Allah, nu ngajauhan kana cecegahna Allah jeung anu Iman sarta ngaku kana goib teh
kedah yakin heula kana barang-barangna, sabab goib teh lain teu aya, tangtu ayana tapi
katingalina kedah ku goib deui, ari nu goib di wujud manusa teh nyaeta Dzat Sifat
Asma Allah tea, jadi ditingalina oge kedah ku goibna manusa deui, da manusa oge aya
goibna, gening ceuk Hadist :

Wallaahu ghoibun al insaanu ghoibun
Hartosna : Allah goib, manusa goib.
Jadi hartina eta goib teh sifat-sifatna hakekat.
Dzat nyaeta hakekatna Allah
Sifat nyaeta hakekatna Muhammad
Asma nyaeta hakekatna Adam
Tah lamun urang geus yakin ningali kana eta sifat-sifatna hakekat, tanwande
urang bisa tepi kana ma’rifatullah. Sabab sing emut ari basa “Allah” teh eta tetep
ngaran, ngaran saparantosna Isbat hartosna sanggeusna dohir manusa, ari dohirna
manusa teh sanggeus gulungna Dzat, Sifat, Asma, Af’alna Allah. Alhasil lamun
manusa geus ma’rifat (ningali) kana eta sifatna nu opat perkawis, nya nu kitu pisan nu
disebat ma’rifat ka Allah teh, sabab eta nu 4 teh jadi lafad Alif (), Lam (?), Lam (?),
He (^), barang dikantetkeun jadi lafad Allah (). Dina lebah dinya eta lafad teh teu
acan uni Allah, jalaran teu acan aya Tasjid (_), jadi ana kitu eta tasjid teh kanyataan
 

Layang Muslimin Muslimat
149
manusa, sabab aya jenengan Allah teh sanggeusna aya manusa. Jadi eta nu opat huruf
kalima tasjid gulungna nya uni Allah (). Paingan dawuhan moal aya Aing mun teu
aya Muhammad (manusa), moal aya Muhammad lamun teu aya Aing, ayeuna bukti
dina lafadna oge, Alif Lam Lam He teh teu pipisahan sareng Tasjidna. Jadi tetela
manusa teh teu aya antarana sareng Gusti Allah, gening aya dalilna :

Wa nahnu aqrobbu ilaihi min hablil wariid
Hartosna : Aing leuwih deukeut ka maneh sanajan diibaratkeun urat
beuheung jeung maneh oge, deukeut keneh Aing jeung maneh.
Saur raina “Ieu katerangan engkang langkung kahartos, namung manawi aya,
babandingan di dunya eta jenengan Allah te,h supados kahartoseun ku jalma umum.
Jawab rakana “Tangtu bae aya mah, sabab sare’at teh kalangkang hakekat.
Kieu rai ari mungguh sare’at mah jenengan Allah teh beda sareng jenengan
Governement, da Governement oge teu kenging ditunjuk wujudna, sabab upama
ditunjuk mah kaburu lain, geura upama urang netepkeun Governement teh ka Paduka
Sri Baginda kapan eta mah Raja, nuduh ka Residentna Assistant Bupati, kapan eta mah
Pamarentahna, nunjuk ka bawahannana kapan eta mah Nagarana, nuduh ka jalmajalma
urang kampungna, kapan eta mah Rayatna, jadi hartina eta Governement teh hiji
perkumpulan, rukunna opat perkara 1 ku ayana Raja, 2 ku ayana Pamarentah, 3 ku
ayana Rayat, 4 ku ayana Nagara (bawahannana). Sarukunna eta opat sifat nya ngadeg
jenengan Governement, jadi ana kitu eta Governement teh, ngaran anu ngaliputan
kana 4 sifat. Sanggeus ngadeg jenengan Governement nya didinya nyieun Wet
hukuman-hukumannana, aturan-aturan nya buktina Wet Staatsblad.
Jadi Allah oge jenengan, nyaeta jenengan nu ngaliputan kana 4 sifat, nyaeta
Dzat Sifat Asma Af’al tea, Dzat teh ibarat Raja, tah naon Rajana dina wujud manusa?
Asma ibarat Rayatna, tah naon nyatana dina wujud manusa? Af’al ibarat Nagarana,
tah naon buktina dina wujud manusa? Upami parantos terang kana barangna, eta nu
opat kalawan yakin katingali ku panon ati, tah nu kitu pisan nu disebutkeun ma’rifat ka
Allah teh, matak boro-boro kurang tilu, kurang hiji oge teu syah ma’rifatna. Gening
bukti dina lafadna oge, lamun urang nulis lafad Allah, tapi hurufna kurang hiji, naha
uni lafad Allah? Toh moal, komo lamun kurang tilu mah beuki nyocod. Jadi ieu oge
adegan wujud manusa, kirang hiji moal bisa ngadeg. Kitu deui nami Governement nya
eta kumpulana anu opat, Dzat Sifat Asma Af’al”.
Raina tumaros deui “Dupi eta kana Dzat naha wajib katingalina? Sedeng
kapan Dzat mah ceuk dalilna Bila Haeffin, hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu
koneng, teu bodas teu hideung, teu poek teu caang”.
Jawab rakana “Teu wajib ningali kana Dzat mah, wajib soteh tingali (nyaho)
bae ayana bari karasa, diibaratkeun kana barang dunya mah sapertos kana seuneu,
ningali mah keur kana hurungna (sifatna), dupi tingali mah keur kana panasna, wajib
nyaho kana ayana panas, saratna upama hayang yakin kana ayana panas kedah dirampa
eta sifatna seuneu, tangtos yakin ayana panas teh, kitu deui lamun urang geus ningali
kana sifatna Gusti, tangtos karaos ayana Dzat teh, sarta karaos ngaliputannana kana
 

Layang Muslimin Muslimat
150
sagala sifat-sifat, malah karaos sifat teh kaluar tina Dzat. Jadi, Dzat anu leuwih kawasa,
ibarat hurung (sifatna) seuneu tangtu pisan bijilna tina panas, da buktina upama
urang rek nyieun seuneu tina kayu api, rek hurungna teh gening kudu digesrekeun
heula sikina sareng cangkangna, sina panas heula. Barang geus panas kakara bijil
hurungna, didinya hurung jeung panas jadi hiji, nu nyieun sareng nu dijieun. Da kitu
padika Allah mah nu nyieun sok ngahiji jeung nu dijieunna, teu saperti padika manusa
mun barang jieun teh, sok pipisahan jeung nu dijieunna, dupi Gusti Allah mah
Anjeuna nu midamel, Anjeuna nu jumeneng, asal Nafi jadi Isbat. Isbat Nafi jadi hiji, nu Nafi,  nu Isbat”.
Raina nyaur deui ”Dupi eta kanyataannana Dzat Sifat Asma Af’al, naon
nyatana dina wujud urang?”
Jawab rakana“Euh rai eta mah rasiah teu kenging dicarioskeun didieu, sabab
eta teh Ilmu, jeung kapan ngambah kadinya mah kudu boga wudu heula, hartina kudu
Qurais (Tapa), sabab ieu mah ilmuna Agama Rasululloh, kapan Kangjeng Nabi
Sholallohu ‘alaihi wassalam teh urang Qurais, hartina kudu ahli tatapa. Sing seueur
ngosongkeun patuangan”.
Jawab raina “Dina nalika Kangjeng Rasholulloh sholallahu ‘alaihi wassalam
jumeneng di Mekah, naha ieu ilmu teh digelarkeun ka umat-umat sadayana?”
Jawab rakana “Henteu digelarkeun ka sadayana, malah sok dipidamelna oge di
Guha, nyaeta nu disebatkeun Jabbal Iqra, mung ditibankeun ka para Sahabat bae
babakuna ka Sahabat Ali, supaya bisa turun tumurun ka putrana terus ka zaman akhir.
Kadua perkawis nu mawi ieu ilmu teu ditibankeun ka umat-umat zaman harita teh
kurang perluna, jalaran zaman harita mah nu pada Islam teh gampang. Asal parantos
ningali kana Pemeunteuna Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, sarta atina
percaya yen ieu teh utusanna Allah ta’ala, sarta dilakonan parentahna harita, keneh eta
jalma Islam kabeh (salamet), jadi ayeuna oge haqna Islam teh anu parantos ma’rifat
(ningali) ka Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, bari diturut parentahna eta
Islam. Namung ningali teh sanes kana sare’atna (Majajina) tapi kana hakekatna nya eta
nu kasebat Johar Awwal (cahya nu mimiti) didamel ku Gusti nu Maha Suci, nyaeta
sifatna Allah ta’ala, atawa sifat Qudrat (kawasa) tea, babuning Roh sakabeh”.
Raina tumaros deui “Dupi eta anu disebat hiji Asmana Allah teh naon tea?”
Jawab rakana “Nu kasebut hiji Asmana Allah ta’ala teh nyaeta sifatna Roh
(Adam Hakeki) barang goib keneh nya nu sok disebut Ismudzat tea. Sifatna Iradatna
Allah ta’ala, jadi sifat jeung Asma Gusti Allah teh nyaeta Jauhar Awwal sareng Roh.
Qudrat anu ngahirupkeun manusa, Iradat (Roh) nu ngajadikeun paningal,
pangrungu, pangangseu, pangucap, nu mawi manusa teh asal tina Qudrat Iradatna
Allah ta’ala, tah eta sifat-sifatna Qudrat Iradatna Allah ta’ala teh asalna ti dinya, atuh
kudu balik deui ka dinya. Nu matak wajib dikanyahokeunnana, supaya bisa mulih ka
 

Layang Muslimin Muslimat
151
 

jati mulang ka asal. Lamun manusa teu ma’rifat ka dinya, tangtu maotna balik deui ka
dunya. Kapan barukti gening pada marakayangan jaradi jurig setan siluman,
samangsa-mangsa maot balik ka dunya, atuh kapan ieu dunya teh bakal ruksak, ceuk
rukun Iman wal yaumil akhiri tea, tiap-tiap balik kana tempat nu bakal ruksak, tangtu
urangna nu ngeusiannana oge milu ruksak, teu salah deui”.
Saur raina “Ayeuna ku rai parantos kahartos pasal 1 Dzatna 1 Sifatna 1
Asmana, kantun 1 Af’alna Allah ta’ala. Naon nyatana hiji dadamelanna Allah ta’ala
teh?”
Jawab rakana “Kapan ieu wujud nu dipake ku rai nyatana teh, naha raraosan
rai ieu wujud teh meunang ngadamel Ibu sareng Rama? Beu lamun Ibu Rama tiasa
nyieun wujud atuh Laa Haula ge lain, kitu deui upama manusa bisa nyieun wujud,
pisakumahaeun teuing paalus-alusna, nyieun anak teh, jadi saleresna Ibu Rama mah
ngan jadi lantaran wungkul, nu ngajadikeunnana mah tetep teu aya sanes anging
Gusti Maha Suci bae, ngabuktikeun kakawasaannana, tatapi sanajan kawasa kedah
nganggo sabab bae, ceuk dalilna :
'Innalloha'ala kuli syaiin sabaaba
Hartina : Gusti Allah ngajadikeun sagala rupa kalawan sabab bae.
Bilih rai tacan tingali ieu mah wujud ranteanna (ngahijina) kana Dzat-Sifat-
Asma-Af’al, atawa mun dina lafadna mah ngahijina Alif-Lam-Lam-He, katarik kana
kanyataan (), jadi ieu Af’al teh wujud jadi huruf He-na lafad Allah.
Jawab raina “Naha, sanes ieu mah anyar?”
Jawab deui rakana “Anyar soteh Isbatna (ayana), kapan ieu teh barang nu
Nafi tea, Nafi Isbat jadi hiji.
Jawab raina “Upami enya ieu wujud teh barang Nafi, naha atuh sok ruksak
buruk bau dikuburna?”
Jawab deui rakana “Bisa jadi buruk batin, lamun ieu wujud diaku wujud rai
(manusa), da ieu mah lain wujud manusa tapi wujud (buktina) dadamelan Gusti Allah,
pikeun tempat manusa jeung pikeun parabot pikeun nyumponan sagala karep manusa,
geura pikir ku rai upami rai hoyong ka Batawi, naha ieu wujudna nu hayang ka Batawi
teh?”
Jawab raina “Kantenan rasana nu hayangeun mah”
Jawab rakana “Tah gening kaharti, enya rasa, tapi naha eta rasa bisa datang ka
Batawi, upama teu dianteurkeun ku ieu wujud?”
Saur raina “Moal dongkap, bujeng-bujeng kanu tebih-tebih, sanaos hayang ka
cai oge moal bisa upami teu dibawa ku wujud, tapi wujud oge panginten moal bisa indit
upami teu ku Dzat Sifat Asma (hirup jeung rohna) Allah ta’ala mah, paingan ceuk
Hadist sagala karepna manusa moal jadi lamun teu dibarengan ku Allah”.
Saur rakana “Tah lebah dieu Gusti Allah karaos teu pilih kasihna ka sadaya
manusa teh, sabab rata pada dipaparin wujud kanyataan Af’alna Gusti Allah, pikeun
 

Layang Muslimin Muslimat
152
 

ngabarengan sarta ngajadikeun saniskara karepna manusa, kapan eusina ieu alam
dunya sakieu parentulna, boh gedong-gedong, kapal-kapal nu di cai nu di luhur, mobil
kareta api sareng sakumna bae eusina ieu dunya, teu aya sanes nu ngajadikeunnana
lian ti wujud (Af’alullah), tapi anu boga karepna mah manusa, kitu deui pikeun eusina
Akherat oge boh Sawarga boh Naraka, ayana teh beubeunangan pagawean wujud ieu
keneh bae, beunang nyieun ayeuna di dunya. Nu matak tetep Gusti Allah Suci, teu
ngalap faedah ngadamelna manusa teh, teu rek ngaganjar teu rek nyiksa ka sakabeh
manusa teh, enya soteh bakal aya Sawarga Naraka beunang tekad laku lampah waktu
urang keur waktu di dunya, kumaha ngagolangkeunnana kana ieu Af’alullah (wujud)
bae, sabab Gusti Allah maparin hiji Af’al ka masing-masing manusa teh cukup keur
ngayakeun eusi dunya jeung Akherat. Kusabab kitu, atuh rai sing atos-atos
ngajalankeun ieu Af’alullah teh, da ieu teh amanat Gusti Allah barang suci,ulah
gagabah digunakeunnana, jalankeun kana kasaean bae, pake ibadah kanu kagunganana,
pake muji bari dibarengan ku soleh, hartina kudu suci atina, suci ucapna, suci laku
lampahna, ati ulah dipake sirik pidik ujub ria takabur, goreng sangka ka papada
manusa, ucap ulah dipake ngupat simuat ka batur, wujud ulah dipake laku lampah
ma’siat.
Nu matak Gusti Allah ngayakeun kitab Qur’an nyaeta, pikeun anggeranggeranana
lakuna manusa sangkan ulah nyorang kanu disebut bieu diluhur. Alhasil
eta kitab Qur’an teh lain pikeun ngahukuman ka batur, tapi pikeun ngahukuman kana
dirina sorangan (kanu macana pribadi) tapi sabagian ageung beunangna ngaji kitab
Qur’an teh, sok dipake ngahukum kana kalakuan batur, kana ilmu nu aya di batur.
Jarang anu sok dipake ngahukum kana laku ucapna sorangan anu goreng.
Tadi ge Amaluna amalukum, hartina amal urang keur urang, amal batur keur
batur, sareng rai sing emut, ieu Af’alullah lamun ku urang ayeuna dipake
ngalakonkeun kagorengan saperti nu kasebat diluhur bieu, balukarna tangtu jadi
Naraka (kateungeunahan) ti ayeuna terus kababawa ka Akherat, malah engke mah di
Akherat beubeunangan kagorengan-kagorengan teh, boh tina ucap boh tina laku ti
kawit aqil baligh tepi ka maot jadi hiji, nya jadi Naraka nu leuwih gede sarta dipake
tempat ku urang sarta langgeng.
Sabalikna lamun Af’alullah ti kawit aqil balighdijalankeunnana kana kahadean,
dipake ibadah dipake laku ucap tekad anu hade, tangtu engke di Akherat jadi adegan
Sawarga nu leuwih agung kani’matannana sarta langgeng”.
Raina unjukan deui “Pasal eta sakur anu disaurkeun ku engkang diluhur
kahartos pisan, nya kedah kitu kalakuan Islam teh, nu teu tiasa kitu sanes Islam.
Ayeuna tumaros deui, rehna ieu wujud teh hiji kanyataan wujud Af’alullah
(dadamelan) jadi sidik ieu teh sanes wujud manusa, namung upami sanes ieu, atuh nu
mana ari wujud manusa nu sayaktosna ?”
Jawab rakana bari gumujeng “Wujud manusa mah gaib, aya tapi teu
ngajentul, da nu jarentul mah kanyataan Af’alullah, diri manusa mah nyumput, nu
matak ku Hadist dicarioskeun :

   

Layang Muslimin Muslimat
153
   


'Man arofa nafsahu faqod 'arofa robbahu'Man arofa robbaha faqod jahilan nafsahu
Hartosna : Saha-saha jalma anu geus nyaho kana dirina, tangtu nyaho ka
Pangerannana, saha jalma anu geus nyaho ka Pangeran, tangtu ngarasa bodo
dirina.
Tuh diri urang teh kudu diteangan gening, atuh sidik ieu mah nu ngajentul lain
diri manusa, piraku kudu neangan barang anu geus bukti, malah ti leuleutik oge ieu
mah geus diaku, geus kapanggih.
Tah jadi lamun manusa nyaho kana dirina sorangan tangtu ngarasa bedana
antara Allah jeung manusa (Gusti lan Kaula), bedana nu suci jeung nu kotor, satiap
ngarasa kotor, geus tangtu nyaho jalanna nu jadi kotor, tangtu daek beberesihna
(tobat)”.
Keur kitu Raden Kamil ngareret ka wetan, katingali parantos balebat,
tembong Fajar Sidiq, lajeng nyaur ka raina “Aduh rai itu parantos balebat, hayu
urang siram urang netepan Shubuh heula, mun teu repot ku tunduh, wengi enjing
urang teraskeun deui”.
Saur raina “Mangga”.

Layang Muslimin Muslimat JILID IV

Mudakarah Raden Insan sareng Raden Kamil

Asmarandana

1. Simkuring nembean deui, maksad rek ngadangding Layang, namung kalintang ku awon, dangdingna sareng basana, sakalangkung garihalna, muga sadaya nawakuf, ulah kirang pangampura.
2. Mung ku banget tekad ati, disarengan ku dudu’a, neda-neda ka Yang Manon, reh Gusti mah sifat wenang, ngabulkeun paneda jalma, nu maksudna jalan alus, ngudag hak kasampurnaan.
3. Kasampurnaan lahir batin, salamet Dunya Akherat, sareng ku safa’atna teh, mu’jizatna Gusti urang, Kangjeng Nabi Muhammad, nu jeneng Rosulullohu, Shalallahu ‘alaihi wassalam.
4. Teu mungguh ka jalma dhaif, Allah ngabukakeun ilham, sakersana jadi bae, jeung moal aya nu bisa, ngahalang-halang kersana, sakersana Maha Agung, moal aya mustahilna.
5. Ngawitan anu didangding, seja rek neraskeun hanca, hanca simkuring bareto, nyaeta anu kasebat, Layang Muslimin Muslimat, anu nembe jilid ka tilu, ieu jilid kaopatna.
6. Kocapkeun Raden Muslimin, sinarengan Raden Muslimat, parantos dugi ka waktos, marulih ka Rahmatullah, mung sasasih antarana, rakana anu tipayun, sasih Hapit dinten Juma’ah.
7. Dina gentos sasih deui, dinten Saptu ping opat belas, Rayagung dawuh nu sae, raina Raden Muslimat, mulih ka Rahmatullah, kitu kersana Yang Agung, ayeuna gentos nu kocap.
8. Nilarna Raden Muslimin, ngantunkeun sahiji putra, kalangkung kasep, sinareng gentur tatapa, mutih ngabeuti puasa, ahli ngulik Ilmu Nahwu, Ilmu Sare’at Hakekat.
9. Tarekat pon kitu deui, teras kana Ma’rifatna, Ilmu luar Ilmu jero, tatas jeung Tohid-tohidna, hanteu aya nu kaliwat, wajib farduna nya kitu, dina bagbagan Agama.
10. Jenengannana kawarti, katelahna Raden Insan, kinten-kinten yuswana teh, dina waktos tilar ku rama, nuju sumedeng pisan, kinten dua puluh taun, untungna kersa Pangeran.
11. Ilmu ramana katampi, geus kapaham sadayana, bubuhan uteukna encer, da turunan ti ramana, hanteu susah diwarahna, ku saliwat ge kamafhum, kawantu dibarung tapa.
12. Kocap Den Muslimat deui, nyaeta raina tea, nyakitu anjeuna oge, ngantunkeun sahiji putra, pameget sami kasepna, yuswa tujuh belas taun, Raden Kamil katelahna.
13. Sami bae pada ngarti, kana bagbagan Agama, kalangkung calakanna teh, sakur piwiruk ramana, teu aya anu kaliwat, tatapana ge nyakitu, sami sareng Raden Insan.
14. Tabe’atna kitu deui, teu beda sareng ramana, runtut raut jeung saderek, tara kersa pipisahan, siang sumawon wengina, layeut rukun rempug jukung, ka darat jadi salebak.
15. Ka cai jadi saleuwi, kitu ceuk paribasana, sasat salaku sahate, barang dina hiji mangsa, sasarengan pelesiran, ngalantung di pipir situ, bari ninggalian kembang.
16. Teras lalebet ka Masjid, Masjid alit tengah empang, tilas ramana bareto, osok didinya ujlahna, neda-neda ka Pangeran, menekung nyepi tafakur, ngilangkeun babadag raga.
17. Dua putra gek caralik, papayun-payun duaan, dina alketip nu sae, sareng teras sasauran, ngahusukeun papahaman, Tohid-tohidna bab Ilmu, nu paparin ti ramana.
Nerangkeun
Asma’ul Husna atawa Asmana Gusti Allah
18. Ngawitan nu nyaur rai, nyaeta Den Kamil tea, ka rakana cacarios, saurna abdi teh lepat, pasal Asma Gusti Allah, saurna rama kapungkur, seueurna sabaraha tea.
19. Sareng sabaraha hiji, Asma anu saleresna, rakana lajeng ngawalon, manawi mun teu lepat mah, Asmana Gusti Allah, sadayana teh saratus, tapi ari nu gelar mah.
20. Anu kocap unggel Hadist, salapan puluh salapan, tapi nu sakitu oge, ari pek diringkeskeun mah, ngan ukur jadi lima, kahiji nu kasebut Asmaullidzati tea.
21. Kadua anu kauni, ngaran Asmaullisifat, nu katilu kacarios, ngaran Asmaulliasma, kaopat anu disebat, Asmaulliaf’al kitu, dupi anu kalimana.
22. Ngaran Asmaullijinsi, tapi eta ge nu lima, nu leres mah hiji bae, saur raina nu mana, Asma anu saleresna, rakana lajeng ngawangsul, Asmaullijinsi tea.
23. Ngan eta bae sahiji, raina teras haturan, na kumaha margina teh, sumangga paparin terang, hartosna eta basa, nu lima tadi disebut, ku rai tacan kapaham.
24. Rakana enggal ngalahir, kieu pihartoseunnana, pasal Asmaullidzati teh, nu nyebut jenengan Allah, manurut tina jentulna, sabab Dzat teh aya tangtu, geus mohal hanteu ayana.
25. Dupi nu kadua tadi, Asmaullisifat tea, netepkeun Asma Allah teh, nurutkeun tina sifatna, tegesna tina rupana, dupi eta nu katilu, nu ngaran Asmaulliasma.
26. Nyebutkeun Asmana Gusti, nurutkeun tina Asmana malah nu kaopat oge, Asmaulliaf’al tea, nyebutna jenengan Allah, nurutkeun Af’alna kitu, dupi anu nomer lima.
27. Ngaran Asmaullijinsi, kieu pihartoseunnana, nyebutna Yang Manon nurutkeun tina jinisna, kitu bae sundana mah, raina enggal ngawangsul, nuhun parantos kapaham.
28. Namung saur engkang tadi, eta Asma anu lima, ngan sahiji anu sae, naha kumaha margina, pang seueur teuing nu lepat, rai sakalangkung bingung, mangga ku engkang didadar.
29. Lajeng rakana ngalahir, lepat soteh nu nampana, Asmana mah sae kabeh, ngan seueur pisan nu salah, dina ngabarangkeunnana, seueur Paguron kaliru, sok netepkeun kanu anyar.
30. Geuning seueur pisan jalmi, nu ngaku dzat ka jentulna, jentulna jasad nu ‘aen, ngaku dzat kana awakna, kana raga anu badag, sapedah tadi kasebut, geus aya dina Hadistna.
31. Geus disebatkeun ku Hadist, Wallohu batinul insan, Al insanu dhahirullah, kieu pisundaeunnana, mun engkang teu lepat mah, ari Allah teh disebut, batin-batinna manusa.
32. Sabalikna kitu deui, dohirna Allah manusa, kitu eta sundana teh, nu matak kek kana badan, ieu teh dohirna Allah, geus hanteu panjang diemut, da kasaksi ku Hadistna.
33. Tah kitu lepatna rai, nyebut dzat kana ayana, kana ayana wujud dewek, sanes kana dzatna Allah, anu dzatlaesa tea, nu teu warna rupa kitu, sumawon puguh jentulna.
34. Nu kitu eta teh pasti, kufur dihukumanana, wujudiyah nu kitu teh, ngaku Allah ka awakna, tur aya deui Hadistna, Wallahu ghaibun, sareng aya terasna.
35. Al insanu ghaibun deui, kieu pisundaeunnana, perkara Gusti Allah teh, ghaib teu aya jentulna, kitu deui manusa, sami bae pada kitu, pada ghaib sadayana.
36. Kapan ieu mah jasmani, teu ghaib da geus nonggerak, ngajentul beurang peuting ge, kapan nu ngaran ghaib mah, aya tapi taya rupa, da ieu mah nu ngajentul, ngarana wujud manusa.
37. Lain manusa sayakti, da ghaib manusana mah, tah rai kedah hartos, mana nu ngaran manusa, wajib urang kudu terang, supaya ulah kaliru, bisi nuduh kana awak.
38. Raina lajeng ngalahir, nuhun ayeuna kapaham, pasal Asmaullidzati teh, kantun anu kaduana, Asmaullisifat tea, reh tadi engkang misaur, eta oge rajeun lepat.
39. Ku rai tacan kaharti, nu kumaha nu sok lepat, rakana enggal ngawalon, pang sok jadi kalepatan, sok seueur tekad manusa, netepkeun Asma Yang Agung, kana rupana manehna.
40. Sapedah ceuk dina dalil, Allah teh teu aya dua, tetep ngan sahiji bae, barang ngareret awakna, nu ngan hiji di manehna, lian ti rupana kitu, nu moal aya bangsana.
41. Sanajan ngider sabumi, ngider satangkarat jagat, moal manggih anu ceples, nu hanteu aya bedana, sareng rupana manehna, eta oge bangsa kufur, sami bae wujudiyah.
42. Raina ngawalon deui, kahartos atuh kitu mah, pang disebatkeun lepat teh, nuduh Allah ka rupana, sanes ka sifatna Allah, salah wesel anu kitu, pantes jadi matak nyasar.
43. ayeuna sumangga deui, dadarkeun nu katiluna, supados rai mangartos, pasal Asmaulliasma, anu kumaha nu lepat, ka rai mangga pitutur, ulah kapambeng miwelas.
44. Lajeng rakana ngalahir, kieu sababna pang lepat, mungguhing jalma nu bodo, sok gampang dibobodona, sabab seueur nu percaya, netepkeun Asma Yang Agung, kana ngaranna sorangan.
45. Perkara Allah teh pasti, nyaeta antero ngaran, sabab kapan tadi oge, Allah teh nu ngaliputan, kana sakabeh sifat, buktina teh kapan puguh, diliputan ku ngaranna.
46. Jeung langgengna oge bukti, asmana anu teu ruksak, langgeng bae sapapaos, jalma nu kitu tekadna, eta musyrik ngaranna, ngareuaykeun Maha Agung, kapan tadi unggel kitab.
47. Mungguhing nu Maha Suci, hiji dzat hiji sifat, hiji asmana geus tangtos, sareng ngan hiji af’alna, teu beunang direuay-reuay, samalahan lamun kitu, lamun netepkeun ka Asma.
48. Atuh Allah teh geus pasti, sifat anyar disebatna, sabab kapan tadi oge, dina kitab geus kakocap, Dzat-Sifat-Asma-Af’al, kapan eta geuning puguh, pang ayana eta asma.
49. Tina sifatna geus sidik, kitu deui eta sifat, tina dzatna enggeus tangtos, tah kitu margi lepatna, jalma nu kitu tekadna, pasti eta ngaran kufur, ngalobakeun Gusti Allah.
50. Lajeng raina ngalahir, ayeuna nu kaopatna, mangga ku engkang carios, Asmaulliaf’al tea, kumaha pang jadi lepat, rakana lajeng ngawangsul, nu kieu tekad manusa.
51. Nu kieu tekadna jalmi, ngaku Allah kana Af’alna, kana kalakuanna teh, nya kalakuan manehna, pedah aya dalilna, Laa haula wa laa quwwata, pendek teu daya upaya.
52. Sasat teu usik teu malik, anging ku kersana Allah, laku hade laku goreng, tah nu kitu patekadan, jalma teu boga akal, saperti anu ngalindur, atawana jalma owah.
53. Atuh eukeur naon teuing, Allah ngayakeun Agama, para Nabi utusan teh, jeung nurunkeun kitab Qur’an, keur ngahukuman nu salah, ngayakeun Sawarga kitu, pon kitu deui Naraka.
54. Tah kitu nu matak wajib, ka Allah kudu ma’rifat, ku sok kitu sababna teh, sok jadi sasar tekadna, bakating ku poekna, Allahna hanteu kailmu, poek mongkleng buta rata.
55. Da nu geus yakin mah geuning, nu nyahona lain beja, sagala perkara oge, tara jadi kabingungan, padang caang narawangan, jeung boga pamilih tangtu, moal sakawenang-wenang.
56. Sabab ngaraoskeun isin, ngarasa geus teu papisah, teu aya antarana teh, siang wengi babarengan, palaur sieun salah, teu ngalajur hawa nafsu, kana jalan kagorengan.
Sinom
57. Kapan kitu kersana, anu geus yakin mah geuning, tapi tadi nu nyarita, majarkeun sagala rupi, hade goreng ge ti Gusti, padahal mah geuning kitu, sidik yen Gusti Allah mah, teu idin sama sakali, teu maparin kana jalan kagorengan.
58. Ngan wungkul bae miwarang, kana kahadean misti, kedah suci laku lampah, teu kenging migawe dengki, ka papada makhluk Gusti, sumawon ujub takabur, piara laku jeung tekad, ati teh kudu beresih, masing soleh sabar tawekal darana.
59. Jadi ayeuna mah urang, poma rai sing mangarti, lamun bae kadatangan, ku kereteg karep ati, jadikeun budi pamilih, kuma barisna dipayun, samemeh prak dipilampah, sabab tangtu katawis, pijadieun kana hade jeung gorengna.
60. Lamun pijatoheunnana, kana kagorengan pasti, nu kitu sanes ti Allah, aya anu nyiliwuri, parentahanna Idajil, da Allah tara kitu, tara sok miwarang salah, wungkul miwarangna Gusti, kana jalan rahayu dunya Akherat.
61. Kitu deui sabalikna, mun datang kareping ati, ngajak jalan kahadean, kamulyaan lahir batin, geuwat ulah lami-lami, pek lampahkeun buru-buru, nu kitu ngaran ibadah, ibadah ka Maha Suci, ibadah teh lain bae wungkul ngan Sholat.
62. Sagala hal kalakuan, nu hade mah eta rai, tunggal keneh nya ibadah, da tunggal parentah Gusti, sanajan getol ngabakti, getol Sholat lima waktu, tapi laku jeung tekadna, jongjon bae sirik pidik, amalna teh lir tipung katiup barat.
63. Geus moal aya sesana, musna leungit tanpa lebih, nu beunang hese capena, mubadir sama sakali, di hijab deui ku Gusti, numawi rai sing emut, sing iyatna kudu kuat, kana panggodana Iblis, masing pengkuh keukeuh nyalindung ka Allah.
64. Ulah kabengbat ku Setan, nu narik jalan balai, balai Dunya Akherat, sareng ngabatalkeun deui, kana jalan ma’rifati, ma’rifat ka Maha Agung, geus tangtu deui ka hijab, jadi poek buta rajin, kapindingan ku kokotor laku tekad.
65. Raina lajeng ngajawab, mugi Gusti Maha Suci, rai tiasa nyumponan, kana piwuruk engkang tadi, sareng nganuhunkeun deui, rai ayeuna teu bingung, pasal Asma anu opat, nu geus didadarkeun tadi, kantun eta anu ka limana tea.
66. Anu ku engkang disebat, Asmaullijinsi tadi, ceuk engkang eta nu enya, kumaha enyana deui, rai hayang enggal ngarti, rakana enggal ngawangsul, eta mah engke heula anan, ulah bendu bae rai, moal bisa dicarioskeun ayeuna.
67. Kedah dina salse pisan, jeung kudu ditempat sepi, bilih kadenge ku cakcak, da kapan rasiah Wali, pasal Asmaullijinsi, Asma tina jinis kitu, bagian nu ahli Qurbah, tegesna anu geus yakin, anu ahli adep-adepan jeung Allah.
68. Naon bae ayeuna mah, nu can kaharti ku rai, nu bieu mah keun heulaan, raina lajeng ngalahir, aya nu can kaharti, pasal Iman anu tilu, Iman Taqlid kahijina, dua Iman Idlal deui, katiluna Iman Takhkiq disebatna.
Nerangkeun Iman aya tilu panta
69. Kuma pihartoseunnana, hiji-hiji Iman tadi, rakana lajeng ngajawab, kieu mun teu lepat mah rai, nu kahiji Iman Taqlid, Iman tina beja wungkul, percaya ayana Allah, ngan wungkul beja ti jalmi, eta kitu Iman Taqlid teh sundana.
70. Iman Idlal nu kadua, martabat undak ti tadi, eta mah nu geus percaya, kana ayana Yang Widi, tur kalawan aya saksi, tina dalil Qur’an kitu, ari anu katiluna, enya eta Iman Takhkiq, tah eta mah martabat anu utama.
71. Eukeur mah tadi percaya, di ayana Maha Suci, turug-turug nyaho pisan, boga saksi tina dalil, kawuwuh jeung bisa yakin, ma’rifat ka Yang Agung, percayana geus teu samar, geus teu asa-asa deui, malah-malah geus teu ngarasa pisahna.
72. Geus ngarasa aqrobiyah, jeung Gusti nu Maha Suci, wujudna geus jadi lafad, geus ngajadi wujud dalil, lafad Muhammad Nabi, raina lajeng ngawangsul, naha kumaha hartosna, nu geus jadi lafad dalil, kang rai mah masih bingung can kapaham.
73. Sabab lafad Muhammad mah, dina saban-saban jalmi, sadaya pada mirupa, dina keur Attahiyati, dina Sembahiyang sidik, jadi lafad Muhammadu, sirahna jadi Mim awal, dadana jadi He sidik, Mim akhirna udel kanyataannana.
74. Dal buktina teh sampean, walon raka tacan jadi, dina keur Sembahiyang mah, lantaran teu aya hiji, teu aya hurup Tasjid, tacan syah upami kitu, teu uni lafad Muhammad, tacan jadi wujud dalil, didinya mah karek uni Mim-He-Mim-Dal.
75. Raina mani ngarenjag, ngadak-ngadak kahareti, bener tacan uni lafad, kumargi teu aya Tasjid, wekasan enggal ngalahir, duh engkang rai kaliru, raos tadi bener pisan, lebah dinya jadi dalil, sihoreng nembe uni Mim-He-Mim-Dal.
76. Ayeuna ulah kapalang, engkang hawatos ka rai, mugi dipaparin terang, pasal Hakekatna Tasjid, mesem rakana ngalahir, keun heula eta mah agus, engke dina salsena, dina dawuh nu mustari, ayeuna mah Manahan bae heula anan.
77. Kumargi penting kacida, eta hal perkara Tajid, lamun jalma tacan terang, hal praktekna Sholat Da’im, nyaeta Sholat sajati, padamelan Kangjeng Rasul, moal bisa kapaham, sanajan hayoh dipikir, kalah botak dipikir moal kapendak.
78. Sabab pasal Tasjid eta, koncina Bumi jeung Langit, eukeur muka lawang hijab, hijabna ka Maha Suci, keur ngaburak jagat shagir, nimbulkeun raga nu lembut, upama kapanggih eta, geus tangtu engke kaharti, pasal tadi aya basa Nafi isbat.
79. Lamun Wujudna manusa, tacan jadi lafad dalil, ngawujud dalil Muhammad, moal pinanggih jeung Gusti, sasat moal ma’rifati, kapan geuning para Rusul, nyaeta utusan Allah, enya eta Nabi-nabi, Nabi Adam Nabi Enoh Nabi Ibrahim.
80. Nabi Musa jeung Isa, sadayana teu diselir, geuning teu aya nu Mi’raj, salian ti Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullohi, nu diselir ku Yang Agung, sina ninggali Akherat, kayaan Alam Batin, memeh pupus anjeuna mah geus uninga.
81. Cirina Nabi nu lian, numawi teu Mi’raj rai, da bukti tina lafadna, sadaya teu nganggo Tasjid, mangga ku rai tinggali, lafad-lafad para Rusul, lafad Adam lafad Enoh, Ibrahim, Musa jeung lafad Isa sadaya teu di Tasjidan.
82. Lian ti lafad Muhammad, anu nganggo lafad Tasjid, sami sareng lafad Allah, cirina teu aya deui, anu dipaparin Kunci, keur ngadeuheus ka Yang Agung, jadi sanajan ayeuna, sadayana umat Nabi, tangtu bisa lamun kapanggih Tasjidna.
83. Asal sing suhud neangan, jeung dibeuli ku prihatin, tirakat mutih, puasa, sareng dibarengan deui, ku kalakuan nu suci, ucap tekad sareng laku, dijaga ulah rek salah, sing suhud bae ka Gusti, Insya Allah awal akhir tinekanan.
Nerangkeun :
Elmu nyaeta gulungna Sare’at, Hakekat, Tarekat, ma’rifat
84. Raina lajeng haturan, nuhun rai bakal harti, pasal eta tasjid tea, ayeuna mah gentos deui, ku rai nu can kaharti, aya basa opat kitu, kahiji ngaran Sare’at, kadua Hakekat deui, katiluna eta Tarekat ngaranna.
85. Ka opat ngaran Ma’rifat, eta anu opat rupi, ceuk dina unggeling Hikam, eta anu opat tadi, sing bisa ngajadi hiji, rukunkeun sangkan kasusul, sabab kieu ibaratna, Sare’at teh lir upami, parahu ngambang dina luhureun sagara.
86. Hakekat lir upamana, ibarat lautan cai, Tarekat lir upamina, diibaratkeun kemudi, pangboseh supaya tepi, ka tengah-tengahna laut, Ma’rifat mah lir upamana, inten didasaring cai, eta kitu ceuk unggeling kitab Hikam.
87. Tah kumaha ngalarapna, saenyana dina diri, naon kanyataannana, disebat parahu tadi, sinareng lautan cai, kemudina pon nya kitu, inten teh naon nyatana, ku rai tacan kaharti, muga-muga engkang keresa miwejang.
88. Rakana lajeng ngajawab, bener kitu eta rai, tapi pasal dina kitab Hikam, nyebatkeun Sare’at tadi, Hakekat Tarekat deui, Ma’rifatna pon nyakitu, sanes dina bab Sare’at, tegesna eta mah rai, nyarioskeun dina bab elmu Hakekat.
89. Da ku ilmu Sare’at mah, netepkeun Sare’at tadi, parantos umum sadaya, yen eta Sare’at rai, netepkeunnana pasti, kana kalakuan kitu, kalakuanna ibadah, nyaeta dzikir jeung ngaji, getol Sholat anu lima waktu tea.
90. Ari Hakekatna eta, ceuk ilmu Sare’at rai, ati kanyataannana, dupi Tarekatna deui, nyaeta puji dzikir, anu geus lumbrah disebut, Qodariyah Satariyah, sareng saterasna deui, dupi ari eta Ma’rifat ahli Sare’at.
91. Asal bae sing percaya, yen ieu bumi jeung langit, dadamelan Gusti Allah, eta moal salah deui, tiap-tiap aya bukti, dadamelanna kitu, geus tangtu ayana Allah, nu ngadamelna geus misti, kitu bae lumbrahna elmu Sare’at.
92. Malahan dipigawena, ditungtut sahiji-hiji, teu bareng opatannana, kapan ceuk Hikam mah tadi, nu opat teh sing ngahiji, kudu barengan sing rukun, ulah sina patorengga, da puguh Hikam mah tadi, nyarioskeun dina bab ilmu Hakekat.
93. Sok moal barung sulaya, mun nyurupkeun pahili, puguh bagean Hakekat, keur ngudag inten nu tadi, hayoh disurupkeun deui, ka ilmu Sare’at kitu, atuh moal weleh mijan, najan dipaksa ge rai, da teu ninggang kana pibarangeunnana.
94. Kieu rai saenyana, lamun teu acan mangarti, pituduh kitab Hikam mah, supayana bisa katepi, Ma’rifat ka Maha Suci, ku ilmu Hakekat kitu, nyaeta kudu bisa, nu opat sing jadi hiji, nya Sare’at Hakekat jeung Tarekatna.
95. Sing gulung kana Ma’rifat, anu matak geuning tadi, kitu diibaratkeunnana, Sare’at teh lir upami, parahu teu salah deui, Hakekat ibarat laut, Tarekat lir kemudina, parabot supaya nepi, kana tengah-tengah pusering sagara.
96. Pikeun ngudag inten tea, nyaeta Ma’rifat jati, raina lajeng ngajawab, naon buktina nu yakin, pasal parahu tadi, jeung anu kasebat laut, katilu kemudina, kaopat intenna deui, mugi-mugi rai dipaparin terang.
97. Rakana lajeng ngajawab, nyatana parahu tadi, nya ieu buktina badan, nu ngaran wujud jasmani, dupi lautna teh rai, nyatana roh urang kitu, anu ngobahkeun ka jasad, pang bisa usik jeung malik, taya lian ngan ku idin roh tea.
98. Saperti parahu tea, pang parahu bisa usik, diusikeun ku sagara, eta moal salah deui, persis saperti jasmani, diusikeun ku roh kitu, raina ngabarakatak, gumujeng mani ngagikgik, sihoreng teh kitu merenahkeunnana.
99. Kantun eta kemudina, naon nyatana nu bukti, larapna dina salira, rakana lajeng ngalahir, kamudina teh rai, panangan kenca katuhu, eta anu ngamemenerna, mawa ka tengah jalan, nyaeta ka tengah-tengah sagara.
100. Tapi najan geus ditengah, mun teu jeung teuleum mah pasti, inten teh moal beunang, sabab jero liwat saking, lamun tega ka pati, wani teuleumna ka laut, hamo pibisaeun beunang, turug-turug seueur jurig, barehala anu nyingsieunan.


101. Rupa badawang barongsai, bangbarongan cuat-cuit, ngagoda supaya bolay, sangkan teuleumna teu jadi, kadarat mulih deui, diakhir tangtu kaduhung, beunang kagoda, maotna teu bisa nepi, tetep ngangkleung palid ngambang di lautan.
102. Kaombak-ombak ku lambak, ting dalagor kana curi, kana batu karang tea, sareng campur deui pasti, sareng nu bangsa narajis, kokotoran luhur laut, bangke anjing bangke oray, siksaan anu hanteu nepi, kana dasar sagara berlian tea.
103. Sasat tempat kani’matan, nu langgeng teu owah gingsir, anu taya upamana, raina lajeng ngalahir, bari ci socana bijil, ramisak bakating ngungun, kareueung sagala aya, sieun hanteu bisa nepi, ngudag eta inten dina jero lautan.
104. Wekasan teras haturan, rai masih samar ati, hal perkawis inten tea, naon nyatana nu sidik, da meureun sanes deui, lain inten dunya kitu, da inten di dunya mah, kenging di peser ku duit, mugi rai dipaparin katerangan.
105. Saur raka nya kantenan, nu diibaratkeun tadi, inten dijero sagara, sanes inten dunya rai, lain inten biduri, nu jadina tina batu, dupi saenya-enyana, inten sajeroning diri, sategesna hiji Nurna Gusti Alllah.
106. Nyaeta nu ngaran Iman, sifatna Iman Sajati, nu diudag ku sadaya, ku kaom Islam sabumi, saha anu bisa nepi, martabatna leuwih luhur, pangkat Nabi Willayah, nu geus diharamkeun misti, diharapkeun nyorang ka api Naraka.
107. Sumawon nyorang sakarat, siksa kubur kitu deui, sanajan siksa Akherat, geus moal kasorang deui, dilepas samasakali, kantun nampa bae wungkul, ganjaran ti Gusti Allah, sarebueun ni’mat dohir, sarta langgeng nu moal aya putusna.

Nerangkeun :
Patekadan dina Sakaratil Maot.
108. Raden Kamil ka raka ngalahir, pasal inten nu parantos didadar, aya hibar kahartos, ayeuna aya piunjuk, muga paparin mangarti, reh ayeuna geus pertela, kana inten jambrut, aya pitulung Pangeran, bisa sidik ka sifat Iman sajati, mung kumaha angkeuhan.
109. Waktos engke dina sakaratil, naha kudu tekad teh kadinya, angkeuhan arek mulang teh, rakana lajeng nyaur, kade rai salah harti, anu matak ti ayeuna, kudu tohid kitu, nyaeta bilih sulaya, hak manusa pahili jeung hakna Gusti, kapan hak manusa mah.
110. Hanteu daya teu upaya rai, sategesna teu boga kawasa, anging Gusti Allah bae, teu kudu boga maksud, nu geus Ma’rifat mah rai, kapan geus di dalilan, Man ‘arofa nafsahu, faqod ‘arofa robbaha, sareng wa man ‘arofa robbahu deui, faqod jahilan nafsaha.
111. Kapan kieu sundana teh rai, saha-saha mun bae manusa, geus nyaho ka dirina teh, eta manusa tangtu, geus tangtu nyaho ka Gusti, tiap-tiap geus uninga ka Allahna kitu, ngarasa bodo dirina, sabab harti yen teu bisa usik malik, sumawon boga kawasa.
112. Jadi lamun engke arek mati, urang arek boga patekadan, atuh sasat ngaku bodo, ngaku bodona teh palsu, ngan sakur dina biwir, ati mah ngaku kawasa, mapakan Yang Agung, bet kawas hanteu karasa, kapan urang ayeuna ge keur di dohir, hayang beunghar bet teu beunghar.
113. Hayang cageur bet teu weleh gering, hayang senang bet teu weleh bae susah, lebah mana kawasana teh, komo deui dina pupus, tekad kumaha ge rai moal bisa katekanan, tinimbang dikabul, anggur ditambah siksaan, da doraka nyaruaan ka Yang Widi, sasat ngaku kawasa.
114. Mising imut ka wiwitan tadi, waktu urang samemeh ka dunya, ti alam Akherat oge, teu ngabogaan maksud urang gumelar ka dohir, tapi hanteu burung aya, di dunya ngawujud, eta kersana saha, saur rai atuh hanteu aya deui, anging ku kersana Allah.
115. Saur raka eta geuning harti, pang ayana urang teh di dunya, ku kersana Gusti Yang Manon, atuh naha tadi kitu, rai mariksakeun deui, hal dina pamulihan, engke waktu pupus, kawas boga cita-cita, cita-cita boga tekad arek mulih, kana inten tadi tea.
116. Raden kamil enggal nyaur deui, pangna tadi naros pamulihan, kapan nurutkeun dalil ge, geus umum anu sok disebut, Inna lillahi kauni, jeung aya terasna, wa inna ilaihi kitu, rojiun eta tuluyna, sundana teh yen urang asal ti Gusti, nyaeta ti Gusti Allah.
117. diwajibkeun kudu bisa balik, balik deui ka Allah Ta’ala, kitu kapan ceuk dalil teh, jadi mun teu bisa wangsul, ka Allah asalna tadi, nya tangtu bakal cilaka, nyasab moal burung, tangtu sakaparan-paran, untrak atrok sakabulang bentor pasti, temahna jadi sangsara.
118. Kapan kitu unggeling ceuk dalil, pangna rai naros pamulihan, raina lajeng ngawalon, bener rai eta kitu, yen urang teh kudu balik, ka Allah teu kenging salah, mung ulah kaliru, kudu tohid ti ayeuna, sing mirasa urang geus aya di Gusti, geus mulang ka Gusti Allah.
119. Mun geus tohid ngarasa geus balik, rasa urang geus ngancik di Allah, dina sifatna geus ‘aen, nu tadi disebat Nurullah iman sajati, nu caang padang gumawang, dina lebet kalbu, beubeunangan teuleum tea, dina laut nu jerona tanpa tepi, nyaeta Sagara Hayat.
120. Saur rai ayeuna kaharti, yen mulih teh kedah ti ayeuna, ka Allah sing kapiraos, mung rai masih bingung, ngarasakeunna geus balik, bubuhan da masih aya, urang teh lumantung, keur aya keneh di dunya, na kumaha ngarasakeunnana geus balik, geus aya di Gusti Allah.
121. Ceuk rakana aduh deudeuh teuing, kutan rai tacan mirasa, yen geus aya di Allah teh, kapan tadi rai ngaku, ngangken Ma’rifat ka Gusti, tapi naha teu mirasa, Wa huwa ma’akum, babarengan jeung Pangeran, mun kitu mah masih ngarasa patebih, ngaraos aya antara.
122. Sabab mun boga tekad balik, tanda-tanda boga rasa anggang, jeung Allah pajauh keneh, teu wanahnu aqrobu, geuning kitu unggel dalil, sundana taya antara, Allah sareng makhluk, sing lenyep rai manahan, geura kieu rai engkang rek naros ka rai, muga ku rai dijawab.
123. Na ayeuna ngaraos patebih, jeung sifatna anu Maha Mulya, anu tadi enggeus ‘aen, nyaeta sifatna Enur, wujudna iman sajati, ceuk raina henteu hilap, teu rasa pajauh, wengi sumawonna siang, rupina teh moal tiasa lepat deui, najan nepi kana wafat.
124. lajeng deui rakana ngalahir, eta geuning ku rai karasa, yen teu rasa jauhna teh, atuh mun rasa teu jauh, jeung dzat sifatna Yang Widi, sasat urang enggeus aya, di Gusti geus dumuk, kapersifat ku Pangeran, diuk nangtung leumpang sare jeung nyaring, teu weleh aya di Allah.
125. Mun geus kitu eukeur naon teuing, kudu boga patekadan, engke dina waktu maot, da henteu rasa pajauh, kapan basa ngaran balik, kudu aya antarana, sareng lamun kitu, atuh Allah teh bertempat, bumen-bumen kapan tadi unggel dalil, mungguhing Gusti Allah mah.
126. Henteu arah henteu enggon deui, sareng henteu warna henteu rupa, emutkeun bae rek sare, dina saparantos tunduh geuning teu karaos deui, tina eling kana lesna, sareng henteu puguh, teu ninggal aya tempatna, malah henteu kudu ditekadan deui, sumawon bade nyaringna.
127. Eta bae contona mah rai, da sare teh gambar wafat tea, tapi nyaring sare oge, sanajan ngimpina kitu, geus hanteu kaluar deui, tina Qudrat Iradatna, Gusti Maha Agung, tina kawasa kersana, jadi atuh ayeuna mah urang rai, kantun nyekelan sarupa.
128. Eta bae dalil saperkawis, nu kasebat lafad Laa haula, wa laa quwwata eta teh, illa billahil kitu, terasna ‘alillyul ‘adzim, tegesna sing ngarasa, bodona si wujud, teu daya teu upaya, sing ngarasa jadi rokrakna sakali, upama geus kitu tekad.
129. Jadi sasat urang teh geus mati, enya soteh masih usik obah, sarta masih aya keneh, di alam dunya kitu, dikersakeun keneh ku Gusti, hanteu gaduh nya kahayang, kantun pasrah wungkul, nandean sakersana, cuk dalilna lillahi ta’ala rai, pasrah bae ka pangeran.
130. Kantun urang Iman bae rai, siang wengi ulah samar-samar, kana dzat sifat Yang Manon, Haqullah anu disebut, lenyepkeun ulah rek lali, insya Allahu ta’ala, lamun enggeus kitu, salamet dunya akherat, boh hirupna sumawon maotna deui, da teu kaluar ti dinya.
131. Geus kakurung ku hak Maha Suci, keur hirupna sumawon paehna, atuh bet piraku bae, manggih siksaan kitu, da tetep dina hak Gusti, enya soteh bakal aya, siksaan di kubur, sareng siksaan di Akherat, enya eta nyawa jalma anu balik, kana Haqul Adam tea.
132. Lajeng deui raina ngalahir, pasal eta Haqul Adam tea, anu mana nyatana teh, rakana terus nyaur, kapan ieu anu bukti, nyatana teh alam dunya, lamun nyawa makhluk, paehna balik ka dunya, enggeus tangtu cilaka bakal balai, nyorang sagala siksaan.
133. Dina engke Walyaomil akhiri, enya eta kiamat dunya, raina lajeng ngawalon, eta nyawa anu wangsul, nu balik ka dunya deui, nya ieu ka Haqul Adam, eta jalma kitu, kumaha keur di dunyana, ceuk rakana jalma nu kitu teh rai, anu teu pisan ibadah.
134. Kawuwuhan nu teu nyaho deui, kana eta sifatna Haqullah, anu tadi geus kacarios, nu ngaran sagara hirup, sabab tangtu bae rai, samangsa lolong di dunya, ka Akheratna terus, lolong bae saterasna, sabab dina waktu keur sakarati, teu bisa ninggal Haqullah.
135. Da nyahona eukeur di dohir, taya lian ukur kana barang, kana barang dunya bae, keur sakaratna ge tangtu, taya anu dipieling, lian ti barang dunya, boh anak boh incu, atawa ka pamajikan, kana dunya upamana mun teu boga duit, naon bae kabeuratna.
136. Atuh tangtu eta nyawa jalmi, da imanna beurat kana dunya, nya tangtu ragragna oge, ka dunya deui tangtu, kakurung ku alam dohir, nya jadina marakayangan, ka onom nyalindung, kana dedemit siluman, kana batu kana cai kana kai, boh nitis menitisan.
137. Ka manusa sok surup sumanding, lamun dina keur aya kahayang, sok nyurup ka saha bae, pokna teh hayang surutu, jeung cikopi anu amis, sakur kabeuki tadina, dina keurna hirup, da ilahar di dunya mah, hirupna teh kudu barang dahar rai, kapan geuning sidik pisan.
138. Lajeng deui raina ngalahir, pasal eta rai geus percaya, ayeuna gentos panaros, reh aya deui kabingung, hal anu langgeng ti Gusti, anu teu aya pegatna, dohir batin oge kitu, di jaman samemeh aya, alam dunya nepi ka Akherat deui, naon anu teu ruksak-ruksak.
Nerangkeun :
Anu Langgeng di Gusti Allah jeung di Manusa.
139. Ceuk rakana anu langgeng di Gusti, taya lian ngan Qudratna Allah, nya eta kawasana teh, sareng kersana kitu, nu taya pegatna deui, ti awal-awalna mula, ka akhir pon kitu, terus tepi ka Akherat, langgeng bae teu aya pegatna deui, kitu paham engkang mah.
140. Ceuk raina teu sulaya deui, kawasana sareng kersana, anu langgeng di Allah teh, margi lamun ruksak kitu, kawasana nu Maha Suci, atuh Allahna ge ruksak, saperti makhluk, mung kumaha di manusa, naha aya langgengna saperti Gusti, nu teu aya pegatna.
141. Ceuk rakana tangtu bae rai, aya anu langgeng di manusa, naha tacan kapiraos, ku rai henteu kaemut, kapan tadi geus tinggali, anu langgeng di Allah, diluhur disebut, yen Qudrat jeung Iradatna, atuh kantun dibalikeun bae rai, lamun langgeng di Allah.
142. Kawasana kersana yakin, di manusa kantun kabagian, nyaeta bodona bae, tegesna bodo teh agus, teu nyaho sama sakali, asal tina hanteu aya, geus aya pon kitu, tetep bae teu nyahona, malah-malah terus ka batin ge rai, langgeng bae moal terang.
143. Kapan geuning urang waktu tadi, memeh turun ka alam dunya, henteu terang naon-naon, malah keur waktu dikandung, ku Ibu salapan sasih, didinya ge teu uninga, malah keurna turun, ti Ibu ka alam dunya, henteu emut teu terang sama sakali, cacakan geus bukti jasad.
144. Samalahan tina orok tadi, tina kawit leutik jasad urang, tina leutik jadi gede, sama sakali teu emut, ngagedeanana jasmani, sumawonna datangna rasa, paninggal pangdangu, pangangseu sareng pangucap, henteu terang duka ti mana ti mendi, da bakating bodona tea.
145. Sabab bongan katetepan dalil, Laa haula jeng wa laa quwwata, kitu eta ceuk dalil teh, manusa mah geus tangtu, teu daya upaya rai, hartina teh teu bisa obah, estu rokrak wungkul, raina lajeng haturan, sakumaha piwejang engkang katampi, nuhun Alhamdulillah.
Nerangkeun Patohidan
146. Namung aya deui nu can harti, pasal eta jatining manusa, ku rai can kapiraos, weleh henteu kaemut, mana nyatana nu sidik, rakana lajeng ngajawab, pasal eta anu disebut, jatining manusa eta, jirimna mah teu lepat yen, Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullah.
147. Tapi ari ayeuna mah rai, geus teu aya jeung Nabi Muhammad, mung kantun gaibna bae, saban umat ge teu luput, pada katetepan misti, ku gaibna manusa, barang enggeus tangtu, lamun kaudag ilmuna, bisa oge kapendak sarta kaharti, kana gaibna manusa.
148. Lajeng raina deui ngalahir, na kumaha bisana kapendak, kapan gaib henteu ‘aen, ceuk raka kapan ku ilmu, pada-pada gaib deui, mun hayang terang gaibna, nya ku gaib tangtu, jalanna nganggo tarekat, sanggeus kitu urang bisa tohid, nyaho ka gaibna urang.
149. Geura kieu jalanna teh rai, akang bade maparin ibarat, supaya enggal kahartos, tah ieu aya cau, cau asak dina piring, pang diayakeun ku urang, naon nu dimaksud, naonnana anu diarah, ceuk raina hanteu aya lian deui, ngan rasana nu diarah.
150. Lajeng deui rakana ngalahir, atuh lepat lamun ngarah rasana, kapan rasa mah tangtos, geus aya dina sungut, dina letah urang pribadi, kapan da ari cau mah, teu katetepan Rusul, sabab lamun boga rasa, eta cau tangtu bisa usik malik, lumpat kawas sato hewan.
151. Saur rai yaktos kahareti, tapi atuh naonnana tea, nu dipandang ku urang teh, rakana enggal ngawangsul, ngan amisna bae rai, kapan geuning bukti tina, urang ninggal cau, anu masih keneh ngora, nu kacipta masih tacan aya amis, geuning teu hayang ngadahar.
152. Kajabana mun si nafsu tadi, eukeur hayang kana kekesedan, nya neangan cau hejo, nu masih ngora kitu, da kesedna nu dipambrih, tah kitu paham engkang mah, raina ngawangsul, leres yaktos teu sulaya, yen amisna atawa kesedna deui, da rasana mah geus nyampak.
153. Enggeus tetep di manusa pasti, wujud cau henteu boga rasa, ngan boga amisna bae, rakana teras ngadawuh, tah eta tegesna rai, nu ngaran cauna tea, amisna anu dumuk, kapan gaib amisna mah, ngan karasa amisna mah henteu jirim, aya tapi taya rupa.
154. Tapi eta amis cau tadi, moal beunang sumawon karasa, upama wujud cau teh, diantep bae dipayun, henteu dituang ku rai, wujud cau teu diruksak, dibeuweung sing lembut, kakara mun geus diruksak, wujudna kapanggih amisna misti, nya jatining cau tea.
155. Kitu deui manusa ge rai, kudu nyaho ka gaibna urang, anu aya hanteu tembong, akalna deui nyakitu, kudu bisa ngabongkar diri, ngabongkar wujud sorangan, kampa kawas suuk, supaya bijil minyakna, nyaeta manusa nu sajati, nu kasebat gaib tea.
156. Raden Kamil teras nyaur deui, na kumaha ngabongkarna jasad, ku rai tacan kahartos, da moal saperti cau, atawa saperti bungkil, keur dibijilkeun minyakna, dikampa ku kayu, rakana enggal ngajawab, poma rai ulah salah harti, nu tadi mah ibaratna.
157. Sanes deui yen ngabongkar diri, enya eta keur laku tarekat, Mautu anta qoblal maut, ruksak teh mirasa suwung, ngaraos teu boga diri, bakating fana-fanana, khusu ka Yang Agung, lat poho kana ragana, teu ngarasa boga raga nu ngajungkiring, alam dunya ge sirna.
Kinanti
158. Raina lajeng ngawangsul. Kahartos teu lepat deui, namung anu mana tea, nyatana manusa gaib, nu aya taya sifatna, masih bingung keneh rai.
159. Rakana deui pek nyaur, naha rai tacan kaharti, kapan eta anu ninggal, dina waktu keur Tajali, keur Sholat Karohanian, nu ngaran manusa gaib.
160. Kapan geuning rai puguh, pasal eta nu ninggali, aya tapi taya rupa, raina teras ngalahir, duh kahartos ayeuna mah, nya eta manusa gaib.
161. Parantos bae Kulanun, da ku rai jol kaharti, moal lepat tangtu eta, nu ngaran gaibing abdi, nu ninggal waktuna Sholat, waktu keur ilang jasmani.
162. Najan ayeuna ge kitu, nu ninggal gaibing Gusti, eta bae henteu lepat, gaib abdi pribadi, da tetela dohirna mah, panon abdi teu ninggali.
163. Nuhun ayeuna mah putus, patohidan rai nepi, moal samar moal mangmang, kana gaib jero diri, ayeuna kantun miara, dohir abdi pribadi.
164. Ngatur laku kai wujud, satungtung gelar di dohir, kasucian laku lampah, ngaji laku ki jasmani, bubuhan masih di dunya, dibanding rancana Iblis.
165. Ngarancana kana nafsu, ngajakan mungkir ka Gusti, rupa-rupa pangbibita, kasukaan alam dohir, beurang peuting hanteu kurang, panggodana sang Idajil.
166. Saur raka bener kitu, urang kudu ati-ati, kantun ngajaga salira, sing pageuh muntang ka Gusti, neda pitulung Pangeran, nyalindung siang jeung wengi.
167. Nya Insya Allah rahayu, lamun tohid mah ka Gusti, Iman urang tangtu kuat, hese katarikna Iblis, sabab geus kasafa’atan ku mu’jizat Kangjeng Nabi.
Nerangkeun Pasal Bismillahirrahmanirrahim.
168. Raina deui lajeng miunjuk, pasal eta geus kaharti, aya deui panarosan, muga engkang luntur galih, pasal sundana Bismillah, ku rai tacan kaharti.
169. Rakana lajeng ngawangsul, sundana teh Bismillahi, lamun engkang hanteu salah, kaula mimiti muji, nyebutkeun jenengan Allah, jeung aya terasna deui.
170. Rahmanirohim disebut, kieu sundana teh rai, Rohman murah di dunya, jeung ari hartina Rohim, Allah asih di Akherat, ka sakur jalma Muslimin.
171. Ceuk rai eta sumuhun, rai ge sok sering nguping, kitu disurahannana, mung bae hayang kaharti, kumaha Allah murahna, ka manusa keur di dohir.
172. Ceuk rakana kapan puguh, murahna nu Maha Suci, bukti ieu di dunya, geus ngayakeun cai bumi, seuneu sareng angin tea, bibit sakur nu kumelip.
173. Tatanduran ting pelentung, pang jadina taya deui, anging ku opat perkara, tangkal asal tina leutik, jadi gede jeung buahan, rasana ge rupi-rupi.
174. Sanggeus jadi buah tangtu, keur dahareun jalmi-jalmi, nya didahar ku sadaya, makhluk nu gede nu leutik, tah kitu murahna Allah, nu bukti di alam dohir.
175. Raina enggal mihatur, jadi kitu murah Gusti, naha teu aya undakna, salangkungna tinu tadi, rai mah tacan narima, mun eta murahna Gusti.
176. Sabab buktina teh puguh, geuning urang saupami, hayang dahar bubuahan, mun sanes pelak pribadi, geuning langka kasorang, lamun urang hanteu meuli.
177. Mun maksa ngala nu batur, kadangkala sok dibui, tah dina lebah etana, rai ewed liwat saking, malahan ceuk dina kitab, geus unggel dina Hadist.
178. Lamun manusa keur hirup, sok miresep kana maling, maling barang anu lian, engke di Akherat misti, bakal disiksa ku Allah, asup ka Naraka pasti.
179. Atuh meureun sanes kitu, murahna nu Maha Suci, da teu rata ka sadaya, eta mah emutan rai, kamurahannana Allah, sanes murahna Yang Widi.
180. Rakana lajeng ngadawuh, ngagelenyu imut leutik, sarta teras sasauran, bari mencrong raray rai, edas bae bet rai mah, teu meunang pisan pahili.
181. Teu kaop luar ti wujud, teu kaop ical ti diri, sok tara weleh ngungudag, heug atuh ayeuna rai, ku engkang arek dipedar, murahna nu Maha Suci.
182. Murahna Gusti Yang Agung, ka manusa keur didohir, parantos maparin tangan, ka manusa dua siki, keur ngajadikeun sadaya, kaayaan alam dohir.
183. Geura mangga bae emut, ieu kaayaan dohir, nu sakitu arahengna, saperti adegan bumi, kareta api jeung kapal, kapal udara jeung mobil.
184. Pang bisana jadi tangtu, ku tangan teu salah deui, sanajan pabrik-pabrikna, anu golangna ku cai, atawa ku seuneu tea, kenging leungeun bae rai.
185. Maju eureunna ge puguh, boh kapal boh pabrik-pabrik, motor-motor saterasna, ku tangan bae geus sidik, naon nu henteu ku tangan, nu jadi di alam dohir.
186. Najan tatanduran tangtu, sakur nu jadi di bumi, asalna aya nu melak, di pelak ku leungeun jalmi, ahirna jadi buah, diala ku tangan deui.
187. Malah keur ibadah kitu, tangan bae nu mimiti, nu dipake ngabantun Qur’an, dibukana kitu deui, ti awal tug dugi ka ahirna, ku tangan bae geus misti.
188. Malah dina waktu keur, ngalakonan Sholat geuning, dina waktu Sembahiyang, tangan bae anu mimiti, tina kawit wulu mula, nepi ka nangtungna deui.
189. Tangan mimiti dijungjung, kaluhur dianggo takbir, terus dongko ruku tea, ku tangan dibantu deui, dina tuur pake nulak,mun teu ditulak mah pasti.
190. Meureun tijongklok geus tangtu, sujudna ge kitu deui, mun teu dibantu ku tangan, tisusud teu salah deui, rek hudang tina sujudna, niat bade lungguh calik.
191. Mun teu ku tangan dibantu, rek lunguhna hese deui, raina mani ngalenggak, bakating ku kahareti, sidik pisan teu sulaya, sasaur-saur teh bukti.
192. Kantun Rohimna Yang Agung, nyaeta asihna Gusti, di alam akherat tea, naon sifatna nu bukti, rakana lajeng ngajawab, kapan eta keneh rai.
193. Piraku henteu kaemut, pang rai bisa ningali kaayaan di akherat, ku asih-asihna Gusti, waktu keur jalan tarekat, bisa nyaho alam goib.
194. Akherat samemeh pupus, malah ayeuna ge geuning, akherat teh kababawa, babarengan siang wengi, dunya sarawuh akherat, geus gulung ngajadi hiji.
195. Lajeng raina mihatur, duh engkang karaos teuing, parantos teu kedah panjang, mung ayeuna gentos pasal, rek naros keur pasal puji.

Nerangkeun Pasal Puji

196. Reh dalil Alhamdu, Alhamdulillahi tadi, Robbil ‘alamin terasna, sundana nu kakuping, umumna nu nyurahan, yen ari sakabeh puji.
197. Eta kagungan Yang Agung, tapi kalumbrahan jalmi, keukeuh patekadannana, eta pasal puji dzikir, diangken puji manehna, dipake muji ka Gusti.
198. Keukeuh sok diaku, mun parantos muji dzikir, pokna tas muji ka Allah, rakana lajeng ngalahir, nya bener bae eta mah, nu dilisankeun mah rai.
199. Eta teh puji ti mahluk, neneda ka Maha Suci, neda dihampura dosa, dosa gede dosa leutik, jadi puji lisan eta, bener ti urang ka Gusti.
200. Ceuk raina mana atuh, sategesna puji Gusti, rakana deui ngajawab, lamun rai can tingali, tegesna puji Allah, nya wujud urang pribadi.
201. Tah ieu badan sakujur, sategesna puji Gusti, pujina Allah Ta’ala, tapi kitu oge rai, mun teu acan ma’rifat mah, teu jadi pujina Gusti.
202. Sabab mun tacan ma’rifatu, dalil laa haola teh pasti, moal enya kapirasa, ukur pangakuan biwir, ati mah teu mirasa, ngan wungkul tuturut munding.
203. Kumaha rek mangaku, teu daya upaya diri, lamun tacan uninga mah, ka nu ngobahkeun jasmani, nyaeta sifat roh tea, anu ngusikeun jasmani.
204. Malah saterusna kitu, kudu nganyahokeun diri, kanu ngobahkeun roh eta, nyaeta sifatna Gusti, sabab lamun teu uninga, eta jalma bisa jadi.
205. Ngangken Allah na teh tangtu, kana rohna pribadi, lamun kitu jadi salah, sasatna teu acan tepi, teu sampurna ma’rifatna, ma’rifat ka Maha Suci.
206. Sabab nu tepi mah tangtu, sumawon ieu jasmani, sanajan rohna pisan, jadi laa haola deui, anging dzat bae nyalira, nu jumeneng lahir batin.
207. Mun tohid jalma geus kitu, wujud teh ngajadi puji, geus jadi pujina Allah, sabab sagala perkawis, parantos teu dipiboga, teu ngarasa pakir miskin.
208. Tumarima rokrak wungkul, jadi saniskara rupi, nu tumiba ka badan, sanajan usik malik, ngan ku Kudrat IradatNa, Gusti anu Maha Suci.
209. Usik malikna jeung nangtung, mun geus kitu tohid jalmi, geus jadi puji sadaya, ngajadi pujina Gusti, sumawonna ibadahna, tingal danguna ge jadi.
210. Ditarima ku Yang Agung, pangbaktina ditampi, saniskarana engeus sah, sah Dzat sah Sifatna deui, sah Asmana sah Af’alna, enggoning hirup di dohir.
211. Raina enggal miunjuk, reh bieu engkang milahir, anu geus kitu tohidna, sah bae sagala rupi, kumaha mun eta jalma, sanggeus kitu nyorang deui.
212. Nyorang laku nu teu puguh, ngalanggar sala sahiji, anu dicegah ku sara, naha sah bae geus misti, rakana enggal ngajawab, ulah rek kaliru rai.
213. Atuh mun milaku kitu, nyorang cecegahna Gusti, sasat ngaku geus ma’rifat, sabab teu sieun ku isin, nu kitu martabat hewan, ciung bisa ngomong jalmi.
214. Ngan sungut wungkul nu harus, hanteu terus kana ati, da kapan anu bener mah, ngakuna tohid ka Gusti, nu terus kana atina, tangtu sok boga pamilih.
215. Sabab Allah teh kaceluk, dina Qur’an dina Hadist, ku sadaya geus disebat, Gusti Allah sifat Suci, suci Dzat suci Sifatna, suci Asma Af’alna deui.
216. Kari-kari urang lamun, ngaku geus tohid ka Gusti, geus teu ngarasa pipisahan, aqrob bae beurang peuting, tegesna taya antara, babarengan jeung nu suci.
217. Tapi laku nurus tunjung, masih keneh resep cicing, dina laku nu ma’siat, dinu kotor haram najis, kumaha arek jadina, ngaku geus ma’rifat jati.
218. Sidik nu kitu mah wadul, nyebutna tohid ka Gusti, najan geus boga tarekat, batal tegesna teu jadi, lamun pare mah ku hama, gapong moal jadi siki.
219. Tangtu bakal meunang hukum, ti dunya terus ka batin, lamun teu gancang pertobat, sumpah moal deui-deui, ngajalankeun kitu lampah, rek tohid deui ka Gusti.
220. Tapi tobatna teh tangtu, beurat leuwihan ti tadi, sabab bongan geus uninga, bet henteu sieun teu isin, hare-hare jeung Pangeran, teu saadat jeung nu suci.
221. Pantes rek gancang kasiku, doraka ti Maha Suci, jauh kamulyaanana, ti dohir dugi ka batin, hese rek dihampurana, teu gampang saperti tadi.
222. Bilih rai tacan mafhum, tegesna perkara tohid, nyaeta anu geus bisa, misahkeun tina rurujit, nyingkiran laku ma’siat, ngahiji kanu beresih.
223. Raina lajeng mihatur, yaktos ayeuna mah harti, samangsa-mangsa manusa, anu masih keneh cicing, betah dina laku salah, atuh nyalindung ka Iblis.
Pangkur
224. Ayeuna teu panasaran, parantos seep kapanasaran kang rai, hal tohid-tohidna Ilmu, ageman urang tea, geus kieu mah kantun ngajaga hal laku, kudu beres laku tekad, ucapna pon kitu deui.
225. Saur rakana kantenan, saupami ngarasa aqrob jeung Gusti, kudu ngaberesihan laku, jaga bisi kakotoran, turut-turut ka Gusti Allah nu Agung, kudu sarua sucina, sangkan dalit jeung hiji.
226. Sing isin kunu nyarengan, siang wengi nu hanteu anggang ti diri, tingali sagala laku, kana hade jeung gorengna, lampah urang enggeus moal nyumput, kudu ngarasa isinna, sangkan laku teh diaji.
227. Kapan tadi teh nu matak, diwajibkeun kudu ma’rifat ka Gusti, gunana nyakitu, supaya hade lampah, tekad ucap satungtung urang keur hirup, gumelar di alam dunya, sing isin ku Maha Suci.
228. Mun ngarasa geus isin mah, sugan sageuy boga keneh sirik pidik, ujub ria jeung takabur, hasud sumawon khianat, ka manusa ka sasama pada hirup, da tangtu meureun ngarasa, saniskara kersa Gusti.
229. Upama henteu ma’rifat, moal bisa Iman kanu Maha Suci, najan ibadahna suhud, sabab moal ngarasa, di bodona hina apesna si wujud, samangsa henteu ngarasa, di apesna ku ki jasmani.
230. Tangtu boga patekadan, urang ngaku boga kawasa geus misti usik malik diuk nangtung, diaku usik sorangan, nya doraka ngahinakeun kanu Agung, ngakukeun boga kawasa, jadi musyrik ka Yang Widi.
231. Sabalikna lamun urang, geus mirasa hina apesna diri, estu teu aya kagaduh, pakir miskin bodo hina, jadi timbul Gusti Allahna nu Agung, nu kawasa anu kersa, nu murba dohir lan batin.
232. Kitu puji anu enya, sanes puji nu diharewoskeun ku biwir, kudu ngarasakeun kitu, kudu tumarima hina, pakir miskin estuning taya kagaduh, sagala kersana Allah, ti dunya nepi ka batin.
233. Najan nu ahli ibadah, wajib bae kudu ma’rifat ka Gusti, sabab lamun henteu kitu, sok rajeun salah weselna, elmuna teh beunang ngaji ti lelembut, berkasna rajeun sulaya, sok dipake sirik pidik.
Nerangkeun Rijalul ‘Alam jeung Rijalullah
234. Kahartos saur raina, kantun ieu aya deui nu can harti, nu ngaran Rijal disebut, kumaha eta hartina, sareng naon kanyataannana nu estu, rakana lajeng ngajawab, lamun rai tacan ngarti.
235. Sategesna basa Rijal, hartina teh nyaeta Senapati, malah dua nu kasebut, kahiji Rijalul ‘alam nu kadua Rijalullah eta kitu,Senapati duanana, kapangkatannana sami.
236. Ngan ari Rijalul ‘alam, Senapati ngagelarkeun Ilmu dohir, Ilmu Kadewaan kitu, gelaran ti Sayid Anwar, nu nurunkeun para Dewa kapungkur, nepi ka jaman ayeuna, turun tumuruna rai.
237. Nyekelan Ilmu Istijrad, kagagahan eta anu dicangking, sapanedana sok dimakbul, lamun hayang bisa gagah, sapertina hayang kuat hayang weduk, hayang Maen Po ge bisa, ku ditepak ge jadi.
238. Hayang gampang ngarah sarat, hayang nyirep atawa ngemat jalmi, najan hayang jadi dukun, nyageurkeun nu gering payah, ku ditepak tempo-tempo sok Kabul, bisa cageur ngadak-ngadak, henteu aya tempo deui.
239. Kusabab Ilmu Istijrad, naon bae sakahayang bisa jadi, wantu Senapati kitu, urusan hal kadohiran, tuturunan ti Dewa Guru, terus nepi ka Ayeuna, turun tumurunna misti.
240. Malah manusa ayeuna, enggeus campur pagalo ngajadi hiji, malah Ilmuna ge tangtu, lantaran geus loba pisan, anu nyekel ilmu Kadewaan kitu, ngakukeun Ilmu Ma’rifat, agama Islam Sajati.
241. Pedah sakur panedana, sok dikabul naon bae tekad ati, sanajan hayang patepung, jeung karuhun nu geus wafat, ku ditepak ge harita geus tangtu tunduh, nya terus ngimpi patepang, jeung karuhun nu geus mati.
242. Tapi anu masih aya, anu tacan sampurna Rohna rai, anu marakayangan kitu, anu aya keneh didunya, tangtu bisa dina sare bisa patepung, tatapi nu sampurna mah, weleh teu bisa kapanggih.
243. Lajeng raina haturan, Pasal eta Rijalul ‘alam kaharti, Senapati Dewa Guru, turunan ti Sayid Anwar, kantun eta Rijalullah, timana turunanana, tabeatna kitu deui.
244. Rakana teras ngajawab, pasal eta Rijalullah mah rai, turunan anu kasebut, ti Syaidina Anwas, nu nurunkeun turun-tumuruna Rasul, teges Senapati Allah, nu ngagelarkeun bumi.
245. Sare’at sareng Hakekat, jeung Tarekat Ma’rifatna kitu deui, tepi ka poe panutup, tuturunanana natrat, terus bae Agamana ge nya kitu, nyekelan Agama Islam, saksina Qur’an jeung Hadist.
246. Teu nirca tina amarna, nyaeta parentah Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullahu, nyaeta rukun Islam, rukun Iman sadayana ge diturut, raina enggal ngajawab, nuhun parantos kaharti.
247. Namung rai masih samar, tacan terang sajarahna anu tadi, asal-usulna kapungkur, Sayid Anwas sareng Anwar, naha eta teh tunggal sadulur, atawa misah turunan, muga ku engkang pilahir.
248. Rakana lajeng ngajawab, geura kieu eta sajarahna tadi, lamun rai tacan mafhum, Sayid Anwas sareng Anwar, estu dulur sarama henteu saibu, ramana anu kasebat, nu jenengan Nabi Isis.
249. Putra Kangjeng Nabi Adam, ngan sahiji anu dijadikeun Nabi, Nabi Sis anu kasebat, kocapkeun Nabi Sis tea, geus kagungan garwa putri leuwih lucu, putri geulis ti Sawarga, sang Dewi Mulat kakasih.
250. Gancangna bae nu kocap, Dewi Mulat ngandeg enggeus tilu sasih, gaduh kakandungan kitu, aya deui anu kocap, hiji putri aya didasaring laut, ngaranna Dewi Jelajah, nyaeta anak Idajil.
251. Sang Idajil la’natullah, nu dibendon tadi ku Maha Suci nu asal Malaikatu, kocapkeun Dewi Jelajah, hiji mangsa jeung Nabi Sis geus patepung, keur pelesir jeung garwana, ngalantung sisi basisir.
252. Dewi Jelajah kabita, ningal Nabi kasepna kaliwat saking, cahayana mani mancur, gancangna Dewi Jelajah, geus teu tahan ngabijilkeun akal tipu, terus eta Dewi Mulat, disamber henteu katawis.
253. Diserenkeun ka Bapana, sarta terus ditenung sama sakali, Dewi Mulat geus teu emut, saperti anu sare tibra, kakocapkeun Dewi Jelajah dipungkur, wantu-wantu anak setan, sacipta-ciptana jadi.
254. Digedogkeun salirana, diijabah manehna salin rupi, ilang rupana kapungkur, ceples rupa Dewi Mulat, Nabi Isis teu terang aya nu nyamur, raos garwana nu enya, teu terang aya nu nyalin.
255. Gancangna bae geus mulang, ka bumina pakaleng-kaleng jeung Nabi, kocapkeun anu dicatur, biasa bae jeung garwa, geus salulut dina jero tempat tidur, teu lami deui waktuna, geus reuneuh deui Nyi Dewi.
256. Parantos gaduh kakandungan, sanggeus boga perasaan Nyai Dewi, boga ingetan rek wangsul, barang dina hiji mangsa, tengah peuting keur meujeuhna simpe kitu, Nabi Sis keur kulem tibra, ditinggalkeun ku Nyi Dewi.
257. Balik deui ka bapana, gancang bae bapana ge indit, mawa putri nu ditenung, dipulangkeun ka Nagara, diebogkeun dina jero tempat tidur, digedengeun carogena, nyaeta Jeng Nabi Isis.
258. Duanana teu mirasa, dipacikeuh anjeuna ku Idajil, kocap deui anu dicatur, Dewi Mulat geus waktuna, ngababarkeun murangkalih sarta mulus, jeung moncorong cahyana, murangkalihna lalaki.
259. Kasep taya papadana, wantu-wantu nu bakal nurunkeun Nabi, para Wali Mu’min kitu, nya teras dijenengan Sayid Anwas nu geus pada nyarebut, kocapna Dewi Jelajah, garwa anu palsu tadi.
260. Ngababarkeun deui putra, sami bae putrana oge lalaki, jenengannana disebut Sayid Anwar katelahna, sanggeus ageung yuswana sapuluh taun, ka ibu nanyakeun rama, saha ari rama abdi.
261. Teu hese deui ibuna, terus terang ka putra teu lila deui, ibuna gancang cacatur, yen tuang rama ujang, Nabi Isis putra Nabi Adam estu, di Nagara jadi Raja, barang ku putrana kakuping.
262. Anjeunna teras pamitan, bade nyusul ramana di nagri, bade nyuhunkeun diaku,diangken yen putrana, hanteu lami murangkalih teh geus cunduk, geus tepang sareng ramana, nyaeta Jeng Nabi Sis.
263. Yaktos dina sagokan mah, teu diangken ku rama sama sakali, ditampik henteu diaku, kabujeng aya dawuhan, nyaeta Nabi diturunkeun wahyu, yen enya eta teh putra, Ibuna Jelajah Dewi.
264. Nu bakal nurunkeun Dewa, nu teu nurut kana agama Yang Widi, tekadna hayang ngaratu, sasat ngan Allah sorangan, malah-malah saumurna embung pupus, satungtung ayana dunya, memeh ruksak bumi langit.
265. Ari eta Sayid Anwas, anak maneh anu cikal enggeus pasti, nu bakal nurunkeun Rasul, nurunkeun para Anbiya, enya eta para Nabi Wali kitu, jeung para Mu’min sadaya, nu nurut Agama Aing.
266. Kitu rai sajarahna, Sayid Anwas sareng Sayid Anwar tadi, jadi kusababna kitu, ayeuna geus akhir jaman, geus pacorok turunannana patepung, turunan Anwas jeung Anwar, geus gulung ngajadi hiji.
267. Geus loba jalma Kadewaan, baster Bapa Dewa Indung Jalmi, Agamana ge pon kitu, campur geus sarosopan, da buktina loba anu niru-niru, niru-niru siga Islam, caritana make dalil.
268. Malah-malah aya tarekatna, niru-niru tarekatna para Wali, dipake kedokna kitu, dipake mipindingan, mipindingan enya eta ilmu tenung, ngakuna mah kabatinan, tapi buktina mah lain.
269. Puguh ilmu kadohiran, da buktina ditembongkeun di dohir, Istijradna ilmu tenung, jeung teu kudu ditapaan, asal bae percaya terus jeung kalbu, sagala ge di ijabah, jeung kalimahna di puhit.
270. Najan nyokot nyawa jalma, ku ditepak harita geus hanteu eling, kawas nu sare malulu, tapi ka jalma salancar, anu henteu boga kayakinan kitu, kapercayaannana ka Allah, sinareng ka Kangjeng Nabi.
271. Gampang pisan katerapna, ku dipencrong beungeutna eta jalmi, lamun imanna teu teguh, maunatna sok kaluar, ngaburinyai katingali gancang dikepuk, ditepak lebah-lebahna, nya terus bae teu eling.
272. Siga anu sasarean, anu tibra sarena teu eling-eling, sidik pisan ilmu tenung, hirup tapi hanteu obah, da buktina nafasna mah ongkoh terus, kitu eta padikana, netepkeun laa haola tadi.
273. Nu matak urang sing awas, lamun bae rek neangan elmu batin, mangkade bisi kapalsu, ku ilmu Rijalul ‘Alam, kajabana mun ku urang nu dimaksud, nyiar ilmu kadohiran, nya mangsa bodo teuing.
274. Raina lajeng haturan, margi eta rai kedah dipaparin, cicirenna eta ilmu, ilmu Rijalul ‘Alam, bilih rai engke kapalsu dipayun, rakana lajeng ngajawab, kieu cirina teh rai.
Asmarandana
275. Cirina nu saperkawis, dina waktu rek narima, nampa eta tarekat teh, teu nganggo kudu puasa, dina samemehna nampa. Jol prak bae dipiwuruk, teu aya bema karama.
276. Sarsilahna kitu deui, teu Bismillah teu Syahadat, jeung ari saenggeusna teh, kudu bae sok ditepak, dina palebahan tarang, anu jadi mah sok terus, neunggeulan badan sorangan.
277. Terus nangtung jeung sisirig, pek hut het maenpo sorangan, tah kitu padikana teh, coba ku rai dimanah, anu kitu polahna, eta teh Agama Rasul, asa pamohalan pisan.
278. Teu cocog jeung Hadis Dalil, sanajan aya Ru’yatna, lain Ru’yat nu sayaktos, Johar Firid nu kitu mah, cahya dunya kasebatna, bagian Banujan kitu, atawa para Dewa.
279. Da kapan Dewa mah rai, jasadna ngabadan cahya, ceuk dina sajarahna ge, maotna para Dewa mah teu terus ka Akherat, surup sinurupan kitu, losna ka Sawarga Loka.
280. Ciri kadua perkawis, mun geus nyangking ilmu eta, hanteu kudu marigawe, kana amal Rasulullah, patokanana Islam, ari sababna da puguh, sok jadi aya matakna.
281. Sok camal ilmuna rai, teu jadi pangawasana, mun khusu ka Agama teh, anu matak sidik pisan, lain ilmu kabatinan, estu keur didunya wungkul, tara dirampid ilmu mah.
282. Ilmu dohir keur di dohir, pikeun nganteur nafsu hawa, batin mah keur batin bae, kajaba mun getol tapa, saperti Wali baheula, karamatna tangtu timbul, bisa dipake di dunya.
283. Tapi lain kana Julig, tara nirca tina sara, sareng tara boga hate, hasud takabur sareng ria, ngaku luhur sorangan teu pambrih dipuji batur, jeung geus teu hayang dudunya.
284. Ciri nu katilu perkawis, tabe’at Rijalul ‘Alam, saurna sok harung gampong, ngagedekeun ujub ria, takabur caritana, ngaku ilmu aing punjul, sadunya ge moal aya.
285. Lamun kitu eta sidik, ical ti patokan Islam, taya pisan sucina teh, kapan tadi ceuk Islam mah, tekad kitu teh teu meunang, sumawon ujub takabur, ngahina ka papada jalma.
286. Kapan manusa mah rai, teu ngabogaan kawasa, bodo tur taya kanyaho, jadi mun boga tabe’at, ujub takabur ria, nyaruaan Maha Agung, ngaku aing jadi Allah.
287. Nu sarupa kitu rai, lain tabe’at manusa, Idajil anu di tiron, sabab ngan tabe’at setan, anu wani nyaruaan, kana kawasa Yang Agung, mangpang meungpeung keur di dunya.
288. Sabab engke mah di akhir, dina geus kiamat dunya, geus dipatok ku Yang Manon, bakal langgeng di Naraka, dina intipna Jahanam, sakanca-kancana tangtu, nyaeta nyawa manusa.
289. Anu waktuna di dohir, nu biluk ka tabe’atna, milu Musyrik ka Yang Manon, jeung teu nurut ka Amarna, parentahna Rasulullah, utusan Yang Agung, tetep keur eusi Naraka.
290. Raina ngalahir deui, parantos percanten pisan, anu tabe’at kitu teh, eukeur waktuna di dunya, pibatureunana setan, cadang Naraka Waelul, anu kalangkung poekna.
291. Ayeuna mah aya deui, nu ditaroskeun ka engkang, pasal nyawana nu maot, nyawana eta kamana, ku rai tacan kapaham, naha bijil naha asup. Tina kurungan manusa.
292. Rakana lajeng ngalahir, perkara nyawa manusa, ceuk kitab mah geus diparios, ditetepkeun yen kaluar, bijil tina kurungan, jalanna oge kaluhur, nya kana embun-embunan.
293. Raina ngalahir deui, upami nyawa manusa, make kaluar mah tangtos, meureun masih ka kurungan, ku ieu alam dunya, atuh mun kitu teu wangsul, tetep di pangumbaraan.
294. Ceuk rakana bener rai, eta cariosan kitab, yen nyawana manusa teh, kaluar tina kurungan, tapi nyawana manusa, anu hanteu bisa wangsul, lantaran hanteu kapendak.
295. Sareng jalanna di dohir, jalan balik ka Akherat, kana asalna bareto, hanteu kapendak ilmuna, ilmu nganyahokeun asal, nya tangtu bae kasorang, manggih poek sakaratna.
296. Mun poek mah tangtu rai, moal ninggal aya jalan, dihijab hanteu katembong, nya tangtu nyasab jadina, rasana ge tangtu eungap, sakaratna renghap ranjug, tina ku bakating eungap.
297. Lila-lila bitu pasti, ibaratna dina ban mah, kaliwatan ngompana teh, nya tangtu bitu jadina, nu mawi akang percaya, yen nyawa bijil tina wujud, nobros ti embun-embunan.
298. Nya tetep aya di dohir, dina jero Haqul Adam, marakayangan terusna teh, kapan sidik kabuktian, ieu di jero alam dunya, ku Dedemit ampir pinuh, bangsa Onom jeung Siluman.
299. Numawi urang di Dohir, hirup ulah kajongjonan, buru-buru memeh maot, geura teangan ilmuna, ilmu kasampurnaan tea, tarekatna sing kasusul, sing nepi ka ma’rifatna.
300. Kana asal urang tadi, jeung jalanna kudu sorang, dipigawe saban poe, sabab urang sing rumasa, ganti menit jeung ganti jam, umur urang kapan maju, ngadeukeutan ka Akherat.
301. Kudu dibarengan misti, disorang jalanna wafat, poma ulah lelewodeh, bisi tinggaleun engkena, mun geus tepi ka waktuna, Roh jasmanina teu katut, nyawa teu kabawa mulang.
302. Tinggaleun aya di dohir, tetep dina Haqul Adam, dina kurungan pabuen, teu balik ka Haqullah, nya eta sifatna Iman, kana Nurna Maha Agung, akherat nu sajati.
303. Ceuk raina nembe harti, pasal nyawa nu kaluar, bijil ti kurungan teh, nyaeta nu sampurna, kumaha sabalikna, nyawa jalma nu kasebut, nu ngaran sampurna tea.

Nerangkeun Kasampurnaan Nyawa

304. Rakana ngajawab deui, pasal nyawa nu sampurna, teu kaluar teu kajero, hanteu tetep-tetep acan, da basana ge sampurna, hartina kapan geus puguh, basa sampurna teh beak.
305. Sirna sampurna beresih, mun mungguh dina damar mah, pareum beak minyakna teh, beak hurung beak panas, beresih taya sesana, hurungna ibarat nafsu, panasna ibarat rasa.
306. Minyak teh eta rai, ibaratna Rohna manusa, sadayana oge seep, bareng bae teu ayana, beresih taya sesana, henteu aya nu kakantun, kitu anu sampurna mah.
307. Raina haturan deui, kaharos ari kitu mah, basa sampurna teh seep, tapi kumaha terasna, saparantosna beak, naha teras bae kitu, ngan sasemet beak tea.
308. Saperti asalna tadi, teu aya ngeunah teu ngeunah, suwung taya nanaon, ceuk rakana aeh kutan, ku rai tacan kamanah, atuh mun cara kapungkur, teu aya ngeunah teu ngeunah.
309. Saperti memeh ka dohir, martabat hewan kitu mah, sabab ngan ngan martabat sato, anu hanteu ngabogaan Naraka jeung Sawarga, sabab ku dalil disebut, nyaeta Kuntu turobba.
310. Kieu hartina teh rai, pangandika Gusti Allah, ka sadaya sato-sato, asal maneh hanteu aya, ayeuna ngajadi aya, sanggeus engke aya tangtu, balik deui ka teu aya.
311. Taya Naraka taya Sawargi, nyaeta ngeunah teu ngeunah, balik ka asal bareto, waktu samemeh ka dunya, nu matak teu katetepan, teu boga Agama kitu, beda deui jeung manusa.
312. Kapan manusa mah rai, dina dalilna ge beda, kieu dalilna ge eces, Kuntu kanjan makhfian, eta bagian manusa, hartina teh kapan kitu, pangandikana Gusti Allah.
313. Manusa teh asal tadi, tina asal teu aya, dikersakeun ku Yang Manon, tina euweuh jadi aya, gumelar di alam dunya, tapi engke dina waktu, sanggeus mulang ti dunya.
314. Bakal disampakeun deui, siksaan sareng ganjaran, nya eta nu kacarios, Naraka Sareng Sawarga, Naraka pikeun tempat, nyawa jalma nu dihukum, anu teu nurut parentah.
315. Barang Sawarga mah rai, pikeun tempat sadiaan, ganjaran Gusti Yang Manon, nyaeta kanu sampurna, geus tangtu bakal nampa, ganjaran ti Maha Agung, ni’mat taya upamana.
316. Raina ngalahir deui, hal perkara nu diganjar, ku engkang geus dicarios, nya eta anu sampurna, tegesna anu beak tea, naha naonnana atuh, anu narima ganjaran.
317. Ku rai tacan harti, rakana lajeng ngajawab, bener anu diganjar teh, manusa anu sampurna, nyaeta anu seep tea, seep rasa seep nafsu, seep ka wujud-wujudna.
318. Mung ulah kaliru rai, yen anu kudu sampurna, nyaeta rasa dunya teh, anu dipake ayeuna, teu ngeunah najan ngeunahna, sumawonna nafsu, sadaya ge kudu sampurna.
319. Saupama rasa dohir, tegesna rasa jasad, nu ayeuna keur dipake, bisa sampurna sadaya, tegesna beak tea, engke aya anu timbul, rasa anu saenyana.
320. Nu kasebat rasa jati, tah eta nu bakal nampa, ganjaran Gusti Yang Manon, ni’mat nu taya bangsana, sarta langgeng hanteu pegat, raina lajeng mihatur, duh engkang kahartos pisan.
321. Nu nampa ganjaran Gusti, engke waktu di Akherat, anu bakal nampana teh, rasa sajatina tea, rai parantos percaya, mung bae rada bingung, dina rasa jati tea.
322. Naon eta anu ngajadi, rasa anu sajatina, rakana enggal ngawalon, lamun rai can terang, Rasa Jati asalna, aci tina rasa Wujud, Rasa jasmani ayeuna.
323. Engke mah rasa jasmani, jadi hampas ibaratna, tatapina kitu oge, mun ayeuna di dunyana, kapanggih sareng ilmuna, ilmu kasampurnaan kitu, lamun henteu kapanggih mah.
324. Tetep bae eta misti, rasa dunya nu ayeuna, bakal kababawa bae, langgeng teu aya anggeusna, pantes atuh mun kitu mah, bakal nyorang enggeus tangtu, nyorang sagala siksaan.
325. Pendek bae mun di batin, make rasa nu ayeuna, nu dipake di dunya teh, moal rek bisa narima, ganjaran ti Gusti Allah, Sawarga moal asup, tetep keur eusi Naraka.
326. Sabab ari ni’mat batin, sanes keur bagian rasa, rasa dunya ayeuna teh, da kapan rasa dunya mah, ngan ukur pikeun nampa, kani’matanana wungkul, sanes pikeun nampa ni’mat.
327. Raina ngalahir deui, kutan teh aya bedana, ni’mat jeung kani’matan teh, ceuk rakana tangtu beda, ari eta kani’matan lamun rai tacan mafhum, anu make pagawean.
328. Saperti urang di dohir, resep betah dinu caang, kapan make dipigawe, buktina kudu ditingal, tunggal keneh pagawean, najan boga imah alus, ngeunahna kudu ditingal.
329. Malah saresmi jeung istri, eta oge kani’matan, sabab make dipigawe, jeung tangtu aya bosenna, teu langgeng salamina, tah rasa dunya mah ukur, sakitu bagiannana.
330. Dupi ni’mat Maha Suci, nyaeta Sawarga tea, eukeur di batin mah engke, teu kalawan pagawean, teu dituang teu ditingal, teu diangseu teu didangu, kapan dalilna oge aya.
331. Ceuk dina unggeling dalil, Maa laa ‘Aena Roat, jeung aya saterasna teh, Wa laa Udunun Sami’at, kieu eta hartina, mungguh Sawarga Yang Agung, henteu katinggal ku soca.
332. Hanteu kadangu ku cepil, geus teu make pagawean, mung ni’mat anu karaos, atuh mun kawas di dunya, meureun Sawarga teh tempat, aya gedong nu aralus, istri-istri nu arendah.
333. Enya soteh unggel Hadist, dicarioskeun ku kitab, dirupakeun ku gedong-gedong, sareng Widadari tea, rupa-rupa kaanehan, sangkan manusa narurut, kabita ku kaayaan.
334. Jeung supaya sieun deui ku Naraka Akherat, anu matak ku Hadist teh, disapertikeun di dunya, Naraka teh seuneu panas, godogan timah nu hurung, pitempateun nu doraka.
335. Tapi mun menurut dalil, anu bieu diluhur tea, Sawarga teh hanteu tembong, atuh nyatana Sawarga, ngan wungkul bae ngeunah, Naraka ge pon kitu deui, ngan wungkul bae nyerina.
336. Lamun di Naraka api, panas bae nu karasa, lamun di Naraka poek, eungap bae karasana, pon kitu mun di Naraka, keur dina Naraka banyu, tirisna anu karasa.
337. Di dunya ge kapan bukti, lamun keur muriang panas, awak teh asa digodog, tur seuneuna mah teu aya, najan dina nirisan, tirisna kapan sakitu, hanteu beunang disimbutan.
338. Tur kapan teu aya cai, ngan mungguhing di dunya mah, lamun nampa Naraka teh, nyaeta nampa teu ngeunah, sok rajeun aya cageurna, kitu deui urang lamun, nuju aya kani’matan.
339. Tara langgeng bae rai, sok bae aya tungtungna, nyorang deui Naraka teh, tatapi ari engke mah, urang di alam Akherat, ngeunah teu ngeunah teu campur, teu saperti waktu di dunya.
340. Di Akherat mah geus misti, lamun jatoh ka Naraka, tetep teu ngeunahna bae, langgeng teu aya watesna, kitu deui lamun urang, jatoh ka Sawarga kitu, langgeng dina ni’mat tea.
341. Raina milahir deui, ni’mat teh anu kumaha, naha di dunya ge nyondong, eta anu ngaran ni’mat, rakana teras ngajawab, di dunya mah ngan saukur, saper sarebu Akherat.
342. Anu mana saur rai, ni’mat saper sarebuna, nu katampa ku urang teh, rakana enggal ngajawab, tah eta sare tibra, dina waktu hanteu emut, keur poho ka alam dunya.
343. Tapi lain waktu ngimpi, nyaeta di waktu tibra, keur poho ka naon-naon, tah eta ni’mat Akherat, nu saper sarebuna, geuning karek ku sakitu, rasa jasmani teu kuat.
344. Geus beak sama sakali, geus ilang dunya barana, boga duit ewon-ewon, najan anak pamajikan, anu tadi dipicinta, lebah dinya mah teu emut, ni’mat bae anu aya.
345. Tah eta kapan geus sidik, anu nampa ni’mat eta, nya eta rasa jati teh, da rasa jasmani mah, kapan enggeus hanteu aya, nya rasa jati nu timbul, aci tina rasa jasad.
346. Ari rasana jasmani, asal tina katuangan, da kapan eukeur waktu orok, samemehna di daharan, ku aci-aci nu opat, aci seuneu angin banyu, geuning tacan boga rasa.
347. Ayeuna mah enggeus wengi, itu jam geus tabuh dua, urang parantosan bae, gampang isuk pagetona, lamun rai masih aya, dina manah nya kabingung, taroskeun deui ka engkang.

Diberdayakan oleh Blogger.

Copyright © / Gudang Ilmu

Template by : Urang-kurai / powered by :blogger