Bissmillahirahmaanirrahiimi.
Alhamdulillahi robbil’alamiin, wassholatu wassalamu ‘ala syaidina Muhammadin wa ‘ala aliihi wa shohbihi ajma’iin.
Mimiti jisim kuring nulis ieu kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah
ta’ala, nu murah ti dunya ka umat-umatna sakabeh, jeung nu asih di
Akherat ka umat-umatna anu mu’min, ari Rohmatna Allah ta’ala
kasalametannana turuna ka atas panutan urang Kangjeng Nabi Muhammad
Shalallohu ‘alaihi wassalam, jeung ka para sahabatna rawuh kulawargana
sakabeh.
WAJIB MA’RIFAT KA ALLAH TA’ALA
Ari ma’rifat ka Allah ta’ala teh wajib di sakabeh jalma mukalaf,
tegesna jalma anu geus aqil baligh, eta wajib teu meunang henteu,
karana aya dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad shalallohu ‘alaihi
wassalam kieu :
Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala
Sundana : Awal –awal Agama eta kudu nyaho heula ka Allah ta’ala,
sababna pang kudu nyaho heula teh, supaya manusa enggoning ngalakonan
ibadahna syah ditarima amal ibadahna ku Allah ta’ala, sabab tadi oge
amal teh kudu kalawan ilmu, upama teu kalawan ilmu batal, tegesna teu
jadi, samangsa-mangsa teu jadi tangtu moal aya mangfa’atna pikeun di
Akherat ngan ukur keur di dunya wungkul.
Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh kanyaho,
tapi lain kudu nyaho kana syara, syahna batalna ibadah bae, tapi kudu
jeung nyaho (ma’rifat) ka Allah ka Rasulullah, sabab eta teh ibarat
tempat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea, ulah
teu puguh sokna.
Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpulkeun papaes
imah, saperti meja korsi lomari jeung salianna, ari ma’rifat ka Allah
ibarat urang ngabogaan imah anu pageuh anu gede, nyaeta supaya eta
barang-barang nu beunang hese cape teh merenah puguh tempatna, betah
ngeunah dicicingannana, karana sanajan boga barang loba sarta aralus
hargana mahal, upama teu boga tempat (imahna) rek dimana diteundeunna?
Naha rek sina pabalatak di buruan, di pipir-pipir, atuh cicingna oge
piraku rek aya kangeunahannana, da meureun kapanasan kahujanan, keur
mah teu ngeunah dicicingannana teh, barang-barangna oge tangtu babari
ruksak, moal tulus jadi kani’matannana.
Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun engke
balik ka Akherat, atuh beuki wajib ma’rifatna ka Allah ta’ala teh,
sabab pikeun tempat pangbalikan tea.
Upama teu dikanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang engke
kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maut mah geus moal
aya tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun
kanyeri oge, sabab ceuk Hadist upama urang lolong tegesna teu nyaho ka
Allah ka Rasulullah ayeuna keur waktu di dunya, engkena di Akherat
tetep lolong bae, samangsa-mangsa lolong tegesna poek di Akherat, atuh
beubeunangan urang ti dunya anu beunang sakitu hese cape teh, rek
dibawa kamana?
Ku sabab teu bisa datang ka Allah, kana asal urang tadi sarerea,
palangsiang babawaan teh bakal dibawa utrak-atrok, dibawa asup ka enggon
Siluman, babawaan urang dijieun kakayaan di Nagarana, urang di jieun
badegana, ku sabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya, kudu ikhtiar
kudu tiung memeh hujan, tegesna kudu nganjang ka pageto, nyaeta kudu
bisa paeh samemeh paeh, karana lamun teu bisa paeh heula sajero hirup,
moal nyaho ka Akherat karana nyaho ka Akherat teh kudu bisa paeh heula,
kapan ceuk dalilna oge :
Antal mautu qoblal mautu
Jadi gening Akherat atawa asal urang teh, kudu dikanyahokeun jeung kudu
dianjangan ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab deui, paeh
pulatat-polotot, jeba-jebi, larak-lirik neangan jalan.
Jalan-jalanna Ma’rifat ka Allah Ta’ala
Ari jalan-jalanna ma’rifat ka Allah ta’ala nyaeta aya dua jalan, aya nu ti handap ka luhur, jeung aya nu ti luhur ka handap.
Ari anu ti handap ka luhur, nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab
Qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu
kitu teh ibadah keur jalan ma’rifat ka Allah ta’ala, tapi hanjakal
lolobana mah tara ditepikeun kana ma’rifatna, lantaran kaburu betah,
kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa ni’mat dina Pal Nunjukna
(papan merk nu nuduhkeun tempat), padahal upama diteruskeun ma’rifat
kana dzatna sifatna Allah ta’ala, piraku teu undak kani’matannana, da
gening karek dina asmana wungkul geus sakitu kani’matannana.
Ari jalan anu ti luhur ka handap, nyaeta anu nyumponan dalil tadi
Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala, jalanna lain tina masantren
wungkul, tapi kudu jeung ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat, kalawan
jeung ikhtiar neangan pigurueunnana, Guru anu Mursyid, sabab moal weruh
tanpa Guru, ku sabab eta mana ku urang kudu disusul? Teu aya deui lian
ti tarekatna Wali nu kudu disusul, sabab eta anu bisa tepi ma’rifat
kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Jauhar Awwal tea, nyaeta hakekatna
Muhammad tea, da piraku teu aya leleberannana pikeun urang sarerea,
sababna tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun
ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah
ta’ala.
Ku sabab kitu atuh hayu urang pada teangan ku sarerea eta tarekat wali
teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih, tangtu urang moal barisa
balik deui ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa
nitis-nitisan, balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak
deui, moal bias nyumponan kana dalil :
Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji’uun
Sundana : Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah.
Ku sabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh,
pada-pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti
Allah, turunna ka alam dunya, tapi kusabab dalilna kitu, gancang bae
ngaku yen urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sasemet biwir bae,
kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur kafir karana henteu
percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti ku sabab
teu karasa. Kusabab eta ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik,
malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang tadi asal ti Allah
kieu katerangannana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku
akal.
Mimiti urang tumarima asal ti mana? Nu kaharti jeung ku umum, urang
asal kaluar teh ti Indung. Teruskeun deui papay ka luhurna, ari Indung
asal ti mana? Tangtu Indung urang teh kaluar ti Nini. Ari nini asal ti
mana? Teu salah deui asal kaluar ti Buyut. Ari Buyut asal ti mana?
Tangtu kaluarna ti Bao. Ari Bao asal ti mana? Nya asalna kaluar ti
Janggawareng. Ari Janggawareng asal ti mana? Tangtu kaluar ti
Udeg-udeg. Ari Udeg-udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti Kakait
Siwur, saterusna kitu bae, ti Indungna deui, ti Indungna deui nepi ka
Babu Hawa. Ari Babu hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk Hadist asalna
Babu Hawa teh asal tina iga burungna Nabi Adam. Ari Nabi Adam asal ti
mana? Diterangkeun ku Hadist, asalna Nabi Adam teh tina aci
Bumi-Seuneu-Cai-Angin. Ari aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin asal ti mana?
Diterangkeun ku Hadist asalna tina Nur Muhammad, cahya opat perkara :
1. Cahya Hideung hakekat Bumi
2. Cahya Bodas hakekat Cai
3. Cahya Koneng hakekat Angin
4. Cahya Beureum hakekat Seuneu
Ari Nur Muhammad asal ti mana? Eta oge diterangkun ku Hadist asalna
tina Nurna Maha Suci, nyaeta tina Jauhar Awwal, tah semet eta buntu.
Sabab geus diterangkeun ku Hadist jeung Qur’an, eta Jauhar Awwal teh
bibitna tujuh Bumi tujuh Langit, saweruh eusina kabeh. Jadi, ana kitu
ceuk dalil asal ti Allah nyaeta asal ti dinya tina Jauhar Awwal tea.
Sifatna caang padang, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci,
kakara jeneng Asma Allah.
1. Cahya Beureum jadi hakekat lafad Alif
2. Cahya Koneng jadi hakekat lafad Lam awal
3. Cahya Bodas jadi hakekat lafad Lam akhir
4. Cahya Hideung jadi hakekat lafad He
5. Johar Awal jadi hakekatna Tasjid
Kitu katerangannana, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh nu disebut
Ismudzat tea. Hartina Dzat laisa kamishlihi atawa Asmana nu Maha Suci,
ceuk anu Ahli Padzikiran mah Latifah tea. Tah engke teh kudu bisa balik
deui ka dinya, nu matak kacida wajib dikanyahokeunnana ti ayeuna. Geura
susul tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi
moekan kana eta Dzat Sifatna Allah ta’ala, sing kapanggih jeung
hakekatna Tasjid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi. Tah eta kunci
Muhammad anu bakal bisa ngaburak-barik hijabna ka Allah ta’ala. Upama
kapanggih Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana babasan Mulih ka
Jati, Pulang ka Asal, nyaeta mulih ka jati teh, rasa jasmani anu ayeuna
keur dipake balik deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurullah
(Jauhar Awwal). Ari pulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asalna deui,
nyaeta ngajadi Nur Muhammad cahya opat rupa deui, Beureum Koneng Bodas
Hideung. Samangsa-mangsa balik ka asal, nya ngaranna sampurna hartina
beak beresih beak rasana beak jasmanina.
Mimitina Mun Rek Neangan Pangeran
Aya dawuhanna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam :
Man tholaba maulana boghairi nafsihi faqad dolla dolaalan ba’ida
Sundana : Saha-saha manusa neangan Pangeran kaluar tina dirina
sorangan, mangka temen-temen eta si jalma kasasar. Karana dina tekadna
ngarasa jauhna jeung Allah ta’ala, padahal aya dalilna :
Wa nahnu aqrobbu ilaihi min hablil warid
Sundana : Aing geus teu aya antarana deui jeung maraneh sakabeh,
sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung maneh pribadi oge,
masih keneh deukeut keneh maneh jeung Aing. Nu matak manusa leuwih
dimulyakeunnana ku Allah ta’ala kapan ceuk Hadistna oge kieu :
Wa laqad karomma bani Adam
Sundana : Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam. Malah aya deui dalilna :
Laqad khalaqnal insaana fii ahsani taqwiim
Sundana : Manusa teh pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna
kajadian ti sasama makhlukna Allah ta’ala. Geura lamun maneh geus nyaho
kaayaan dina sajero diri maneh sorangan, tangtu engke ngarasa
kaahengannana nu aya di badan sorangan.
Aya deui dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alihi wassalam :
Man ‘arofa nafsahu faqad ‘arofa robbahu
Sundana : Saha-saha anu geus nyaho ka dirina sorangan geus tangtu nyaho ka Pangerannana.
Wa man ‘arofa robbahu faqad jahilan nafsahu
Sundana : Jeung saha-saha anu geus nyaho ka Pageran, tangtu ngarasa
bodo dirina, karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun
teu di daya upayakeun ku Pangerannana.
Sidik ieu Si jasad teh jadi rokrakna, anu matak urang kudu ngaji teh
ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab anu
langgeng kapan ceuk Hadist oge kieu :
Iqra kitabaka kafa binafsika alyauma ‘alaika hasiba
Sundana : Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng, nyaeta kudu ngaji
kitab langgeng anu aya dina diri maneh sorangan, geura teangan Qudrat
Iradatna Pangeran dina diri sorangan, karana leuwih nyata
kakawasaannana Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata
hirupna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata tingalina
Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata danguna Pangeran
teh dina diri sorangan, sarta leuwih nyata pangandikana Pangeran teh
dina diri sorangan, karana ceuk dalilna :
Wa huwa ma’akum ainama kuntum
Sundana : Allah ta’ala teh ngabarengan bae ka umat-umat sakabeh, dimana
bae maneh aya, di dinya Aing aya, tapi sategesna ngaran dibarengan ku
Allah ta’ala teh nyaeta, ku Qudrat Iradatna jeung ku Ilmuna, kapan
sidik dina sifat dua puluh oge geus ngarangkep-rangkep sapert :
Hayat jeung Hayan
Hayat hartina Hirup
Hayan hartina Nu hirup
Sama jeung Sami’an
Sama hartina Dangu
Sami’an hartina Nu ngadangu
Bashar jeung Bashiran
Bashar hartina Ningali
Bashiran hartina Nu ningali
Kalam jeung Mutakalliman
Kalam hartina Ngucap
Mutakalliman hartina Nu ngucap
Qudrat jeung Iradat
Qudrat hartina Kawasa
Iradat hartina Keresa
Naon nu kawasa di diri urang teh? Teu aya deui lian ti Hirup, buktina gening bisa usik.
Iradat hartina Keresa, nyaeta buktina :
Panon bisa ningali
Cepil bisa ngadangu
Baham bisa nyarita
Pangambung bisa ngangseu
Tuh gening bukti, sidik teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan kari
neangan barangna bae, siga naon sifatna Qudrat atawa sifat Hirup teh?
Wajib pisan kapanggihna supaya bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya
ceuk beja kudu nyaho ceuk sorangan.
Nerangkeun Hartina Iman jeung Ma’rifatna
(Iman hartina Percaya – Ma’rifat hartina Nyaho)
geuning beda Iman jeung Ma’rifat teh, ana kitu atuh urang percaya
ayana Allah ta’ala teh kudu jeung nyahona (ma’rifat) upama mun teu
jeung sidikna mah tangtu Imanna Iman Taqlid, jadi ngakuna percaya ayana
Allah ta’ala teh ceuk beja ti batur, atawa meunang beja ti kitab bae.
Jadi anu kitu faham teh meh sarerea. Iman ka Allah teh semet percaya
kana ayana bae, pedah aya dadamelanna Bumi jeung Langit. Atuh ana kitu
mah sumawonna nu nyekelan Agama Islam, kapan anu nyekelan Agama
sejen-sejen oge pada percaya kana ayana Allah ta’ala mah, atuh naon
bedana Agama Islam jeung Agama-agama sejen? Pedah eta kitu Agama Islam
mah aya rukuna, Syahadat, Shalat, Zakat, Puasa, Munggah Haji? Kapan
dina Agama sejen oge aya Syahadatna , pada aya Sholatna, ngan beda
pertingkahna jeung basana wungkul, maksudna tangtu sarua. Kapan tadi
Agama Islam teh pang luhung-luhungna ti Agama-agama nu sejen da kapan
kieu dalilna oge :
Al insaanu sirri wa anna sirruhu
Sundana : Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, Allah Haqna Muhammad. Tah
kitu, anu matak Agama Islam disebut pang luhur-luhurna teh, lantaran
pang parek-parekna ka Allah ta’ala, moal aya allah lamun teu aya
Muhammad, moal aya Muhammad lamun teu aya Allah. Sategesna moal aya
Sifat lamun teu aya Dzat, moal aya Dzat lamun teu aya sifat. Anu matak
Kangjeng Rasulullah disebat Panguluna Rasul, jeung disebut Babuning Roh
sakabeh, jadi Agama Islam pang disebat luhurna teh, nyaeta ku sabab aya
haq ma’rifat ka Allah ta’ala. Kapan bukti Mi’raj, barang beh dieuna
mah Kangjeng Gusti Syarif Hidayatullha Wali Kutub Cirebon, Mi’rajna teh
tiasa tepang sareng hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi
wassalam, nyaeta anu kasebut Jauhar Awwal tea, tegesna sifat nu Maha
Suci. Saur para Wali mah Sajatining Hirup atawa Sajatining Syahadat,
nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci. Jadi, sanajan urang oge
upama bisa kapanggih mah jeung Tarekat Wali, Insya Allah bisa tepang
sareng Hakekatna Rasulullah. Samangsa-mangsa geus bisa tepung jeung
Hakekatna Rasulullah, kakara urang diaku umatna. Samangsa-mangsa geus
diaku umat Rasulullah, Insya Allah engke bakal dicandak kana kasalametan
Anjeuna, nyaeta kana Kasucian. Upama teu acan kana hakekatna, tetep
teu acan syah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karana dina rukun
syahna maca Syahadat oge geus diterangkeun dina kitab :
1. Kudu netepkeun heula Dzatna Allah ta’ala
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala
4. Kudu Sidik heula ka Rasulullah
Tah gening kitu maca Syahadat teh, gening kudu sidik heula ka
Rasulullah, sabab kumaha bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah,
upama teu acan nyaho (ma’rifat) kana sifat-sifatna. Sabab, bisa
netepkeun teh, kudu puguh heula barang-barangna anu ditetepkeunnana.
Gening kitu satemen-temenna maca Kalimah Syahadat teh, lain darapon
nyebat bae, karana ari darapon nyebut bae mah, budak lembut oge pada
bisa. Nu matak wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah,
ibarat maca programma bioscoop anu rame, tapi teu jeung lalajona, naha
jadi kani’matan ka urang? Kitu deui sanajan teu maca programmana, tapi
lalajo datang kana tempatna eta bioscoop, naha utama mana? Utama anu
maca programmana tawa utama nu lalajona?
Kitu deui dina bab Agama (Ilmu), nu ngaos atawa nu ngadangukeun kana
ieu kitab, ulah gancang percaya, ulah gancang ngalain-lain, karana ieu
zaman geus alur, pikiran jalma geus naraek, geus teu pati hayangeun
dibobodo. Jalma ayeuna mah dina sagala rupa hayang karasa hayang yakin,
sing inget kana babasan kolot baheula, Batu turun Keusik naek, teu
halangan mungguhing kawenangan Allah, Si kolot jadi bodo, Si budak jadi
pinter, jeung kudu inget mungguh Ilmuna Rasulullah teh aya opat
pangkat, nyaeta :
1. Ilmu Sare’at
2. Ilmu Tarekat
3. Ilmu Hakekat
4. Ilmu Ma’rifat
Dina zaman ayeuna mah ilmu ma’rifat anu diarudag-udag teh, hayang sidik ka Allah ka Rasulullah, da bongan aya dalil :
Wa‘bud robbaka hatta ya’tiyakal yaqiin
Sundana : Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin supaya syah
Dzatna, syah Sifatna, syah Asmana, syah Af’alna. Enggoning ngumbara di
alam dunya teh, sing tepi ka ngarasana teu papisah jeung Allah jeung
Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Allah jeung
Rasulullah beurang peuting, sugan piraku urang rek goreng tekad, goreng
laku saperti sirik pidik, jail kaniaya ka sasama makhluk, karana tangtu
ngarasa isinna, lantaran ngarasa di poconghok beurang kalawan peuting
ku Pangeran. Sagala hal moal disumput salindungkeun deui, jeung sagala
hal kalakuan naon bae, moal make Ujub Takabur Riya, karana ngarasa
geuning diri urang teh Hina Bodo Do’if. Bisa soteh jadi aya rizki
pagawean bisa jadi, sihoreng kalawan pitulungna nu Maha Suci, nyaeta
Qudrat Iradatna anu Kawasa.
Jadi ayeuna oge bisa ditetepkeun, samangsa-mangsa jalma make keneh
kalakuan Sirik Pidik Jail Kaniaya ka sasama makhlukna Allah ta’ala, boh
dinu Ma’siat, boh di Lebe, boh di Santri, boh di Kyai pisan, ciri-ciri
eta jalma tacan ngarasa deukeutna jeung Rasulullah sumawonna jeung
Allah ta’ala. Samangsa-mangsa teu ngarasa deukeutna jeung Pangeran,
tangtu laku jeung tekadna cicing dina Ujub Riya Takabur, sok ngaku aing
pinter teu deungeun, ngaku bener aing teu deungeun, ngaku bisa ngaji
aing teu deungeun, ngaku Islam aing teu deungeun. Jadi jalma kitu teh
ngaku boga Qudrat Iradatna sorangan bae, teu narima kana Qudrat
Iradatna Pangeran. Jadi ngarebut atawa mapadani kana kakawasaannana
Allah ta’ala. Kapan teu gampang urang ngaku Islam, sumawonna taduh-tuduh
ka batur, Si itu Islam Si itu Kafir. Karana Islam Kafir anging Gusti
Allah anu uninga jeung nu baris netepkeunnan, kieu katerangannana :
BAB ISLAM
Ari tegesna Islam teh Suci, beresih tina sagala kokotor, naon anu
ngajadikeun kokotor? Teu aya lian anging nafsu. Ku sabab eta saha bae
jalmana di dunya nu teu boga nafsu? Sumawona di nu jalan ma’siat,
sanajan dinu ahli Agama oge pada katetepan nafsu, komo deui anu make
sirik pidik ujub riya takabur, sanajan nafsu hayang ka dunya oge geus
kotor bae. Kieu katerangannana.
Sategesna Islam teh teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina, malah
keur sahiji teh Gaib. Nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur, tah eta
anu teu katetepan nafsu teh, sabab tadi gening urang keur aya dina
Allah Nur mah teu boga nafsu hayang nanaon. Kitu deui anu Islamna oge
teu dua teu tilu, da ngan sahiji-hijina, nyaeta Kangjeng Rasulullah.
Tuh gening jalma mah teu kabagean pangkat Islam, jalma mah ngan ukur
jadi umat, sabab kudu nyaho heula ka Rasulullah jeung ngalakonan kana
parentahna. Lolobana mah ngan ngaku-ngaku wungkul, sumawonna nyaho ka
Rasulullah, kana parentahna oge loba anu teu ngalakonan. Kapan dina
rukun Islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka Pakuburannana
Rasulullah, jeung ka Baetullah, hakekatna kudu terang kana hakekatna
Rasulullah jeung Karatonna Allah ta’ala nu aya di diri sorangan, kapan
aya dalilna :
Kullu ummatin wa rusulili
Sundana : Dina sakabeh pada katetepan Rasulullah, hartina rasana Allah.
Ku sabab eta perlu urang panasaran, wajib nganyahokeunnana kana
hakekat Rasulullah nu aya di badan sorangan. Peupeuriheun jarah ka
Mekah ka Madinah teu bisa, kapan tadi ge aya dua rupa Munggah Haji teh,
Haji Majaji jeung Haji Hakeki.
Haji Majaji nyaeta anu bisa jarah ja Baetullah jeung ka Madinah.
Haji Hakeki nyaeta anu geus nganyahokeun kana hakekatna Baetullah jeung
Rasulullah dina diri sorangan, karana rasulullah teu pupus. Upama pupus
mah alam dunya ge moal aya, kapan gening Kangjeng Gusti Syarif Hidayat
oge tiasa tepang di jalan tarekat. Jadi sanajan urang oge upama hayang
jadi umat Rasulullah kudu bisa nyaho kana hakekatna Rasulullah nu
kasebut Johar Awal tea. Sing kapanggih jeung tarekatna leleberannana
tina para Wali.
NERANGKEUN UMAT RASULULLAH
Ari umat Rasulullah teh haq-haqna mah ngan aya opat, nyaeta :
1. Sahabat Abu Bakar Sidiq, Radiallohu Anhu
2. Sahabat Umar Bin Khatab, Radiallohu Anhu
3. Sahabat Usman Bin ‘Affan, Radiallohu Anhu
4. Sahabat ‘Ali Bin Abi Thalib, Karomallohu Wajhah
Sabab eta anu opat nu sagalang sagulung beurang peuting jeung
Rasulullah, sarta didamel Sahabat (utusannana Rasulullah), tapi ayeuna
sarerea oge meureun terang yen eta Sahabat anu opat teh geus parupus
majajina mah, tapi hakekatna mah teu pupus, aya di badan manusa, kapan
Rasulullah oge hakekatna oge aya di manusa.
1. Hakekat Abu Bakar nyatana Paningal
2. Hakekat Umar nyatana Pangdangu
3. Hakekat Usman nyatana Pangucap
4. Hakekat ‘Ali nyatana Pangangseu
Eta Paningal-Pangdangu-Pangucap-Pangangseu teh gaib kabeh teu aya
rupana. Teh eta hakekatna Sahabat teh, anu matak eta Sahabat anu opat
teh kudu nganyahokeun kana hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad Sholallohu
‘alaihi wassalam, jeung kudu jadi hiji sing bisa ngarasa babarengannana
beurang peuting jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa
papisahna jeung Rasulullah, tetep jadi umatna. Tiap-tiap geus jadi
umatna tangtu engke bakal disampurnakeunnana, didatangkeun ka Gusti
Maha Suci (asalna), upama teu nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu
ngarasa ngahijina engkena oge pipisahan bae, nyawa urang moal salah
deui tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi Jurig, Setan, Siluman
atawa nitis-menitisna deui ka jalma atawa ka sato. Samangsa-mangsa
nyawa manusa balik deui ka dunya tetep bakal cilaka asup ka Naraka,
engke dina Kiamatna ieu alam dunya, karana ayeuna nyawa-nyawa manusa
anu marakayangan tegesna teu bisa balik ka Allah. Ceuk basa ayeuna mah
keur di Preventief, aya di alam Barjah tunggu-tunggu Landraad, engke
inget bakal aya landratan nu leuwih gede dina Walyaumil Akhiri
(kiamatna ieu alam dunya).
NERANGKEUN RUKUN IMAN ANU KAGENEPNA NYAETA
Wal qodri khairihi wasirrihi minallohi ta’ala
Sundana : Untung ala untung becik papasten ti Allah ta’ala atawa hade goreng ti Allah ta’ala.
Lebah dieu urang percayana teh ulah kaliru, kudu dipikir dilenyepan
karana tadi Gusti Allah teh sifat Maha Suci. Piraku anu suci make bakal
nyiksa, make bakal ngaganjar engke di Akherat, jadi ana kitu mah Gusti
Allah ngadamelna manusa teh ngalap faedah, kersana rek ngaganjar jeung
rek nyiksa. Lamun kitu mah moal tulus sucina Allah ta’ala teh, tapi
urang kudu percaya kana dalil, urang kudu percaya kana ayana Sawarga
Naraka atawa ngeunah teu ngeunah engke di Akherat, karana ayeuna ge di
dunya kembangna geus karasa. Aya ngeunah jeung teu ngeunah, tapi Sawarga
Naraka teh lain ti Allah tapi sategesna tina tekad ucap jeung pamolah
urang keur waktu di dunya, sabab tadi Gusti Allah ngadamelna manusa
teh sakali jadi, henteu nungtutan deui, geus Kun fayaakun breg sama
sakali cukup teu aya kakurangannana. Tapi maparin cukup teh nyaeta
maparin parabotna wungkul, naon parabot ti Allah ta’ala teh? Nyaeta
anggahota saperti leungeun dua, suku dua, panon dua, ceuli dua, irung,
baham jeung nafsu anu opat perkara (Amarah, Loamah, Sawiyah,
Mutmainna). Kieu dawuhannana Allah ta’ala lamun maneh hayang ka Naraka
tegesna hayang kana teu ngeunah, prak bae migawe ‘ala, nyaeta migawe
kalakuan anu goreng, da kapan geus sadia parabotna ti Aing, aya Amarah
Lowamah Sawiyah. Kitu deui lamun maneh hayang ka Sawarga tegesna kana
kangeunahan, pek bae geura migawe becik, hartina migawe kalakuan anu
hade, da kapan geus sadia parabotna ti Aing nyaeta nafsu Mutmainnah. Tah
kitu sategesna mah pang aya Sawarga Naraka di dunya sumawona di
Akherat oge, beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang waktu keur
di dunya, kitu deui beubeunangannana oge moal keur batur, tetep keur
milik sorangan, ti dunya nepi ka Akherat.
Jadi ku sabab eta ayeuna urang sarerea mangka ati-ati enggoning
ngajalankeun parabot ti Gusti Allah teh. Kudu make budi jeung pamilih
anu cukup, ulah rek ngagunakeun teuing parabot Amarah Lowamah Sawiah,
kilangbara ari teu dipake pisan mah, atuh ulah loba-loba teuing,
sakurang-sakurangna sing sama timbang jeung ngagunakeun parabot
Mutmainnah. Karana sing awas, eta beubeunangan tina pagawean urang teh
engke di Akherat ku Gusti Allah bakal ditetepkeun, sabeunang-beunangna
tina pagawean urang ti pangumbaraan nyaeta di alam dunya, saboga-bogana
moal pahili deui.
Kumaha atuh akalna supaya urang bisa ngalobakeun parabot Mutmainnah?
Teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka
Rasulullah, tegesna ku ma’rifat, tiap-tiap geus ma’rifat tangtu bisa
ngarasa babarenganna beurang jeung peuting jeung Allah jeung
Rasulullah. Tiap-tiap geus ngarasa teu pisah, Insya Allah bisa hade,
ibadahna kalawan syah Nagara ge tangtu aman.
NERANGKEUN PASAL QUR’AN
Ari Qur’an teh aya opat perkara :
1. Qur’anul Majid
2. Qur’anul Karim
3. Qur’anul Hakim
4. Qur’anul ‘Adzim
Ieu Qur’an anu opat perkara disurahannana ku sahiji Ajengan kieu :
1. Qur’anul Majid, nyaeta Qur’an anu aya hurufna nu umum sok diaraji ku kaom Islam sadunya.
2. Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu mulya, buktina nyaeta keneh bae
Qur’an anu aya tulisannana, karana eta anu dimulyakeun ku kaom Islam
saalam dunya.
3. Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu agung disebatkeun barangna eta
keneh bae, Qur’an anu sok dibaraca, sabab eta anu diaragungkeun ku
kaom Islam saalam dunya.
4. Qur’anul ‘Adzim, hartina Qur’an anu suci jeung langgeng, dituduh
eta keneh bae buktina mahQur’an anu aya tulisannana, karana eta anu
suci jeung langgeng hukumannana ti dunya nepi ka Akherat.
Tah kitu eta Qur’an anu opat perkara teh, disurahannana kunu Ahli
Syara, jadi borong bae kajeun aya opat ngaranna, barangna mah eta-eta
keneh bae.
Jadi ana kitu eta Qur’an tulisan teh dianggap Tapekong, karana kapan
sidik Qur’an eta mah beunang nulis manusa, naha disebutkeun Qur’an anu
mulya, anu agung, anu suci anu langgeng, kapan sidik Qur’an tutulisan
mah keuna ku ruksak, jadi lamun kaom Islam keukeuh boga patekadan kitu,
atuh teu beda jeung Agama Cina, sesembahannana Migustina kana barang
anyar, turug-turug nu nyieunna oge nu anyar.
Ku sabab kitu muga dulur-dulur kaom Islam ulah kaliru, kieu ayeuna
dihandap ku jisim kuring rek diterangkeun pasal eta Qur’an anu opat
perkara teh.
1. Qur’anul Majid, eta mah cocog barangna, nyaet Qur’an majaji anu bukti aya hurufna, umum sok dibaraca ku sarerea kaom Islam.
2. Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu Mulya, sategesna anu ngaran
Qur’anul Karim teh buktina Panangan katut Ramo, karana kapan sidik jolna
eta aksara teh tina Tangan jeung Ramo, jadi sategesna anu mulya teh
nyaeta Panangan katut Ramona anu mimiti ngadamel eta Qur’an, cik saha
anu ngayakeun eta Qur’an? Piraku teu kaharti, tah eta anu Mulya teh.
3. Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu Agung, nyaeta buktina teh
Paningal, karana Panangan Ramo moal bisa nulis upama teu aya Paningal,
jadi sateges-tegesna nu agung teh nyaeta Paningalna anu mimiti ngayakeun
eta Qur’an.
4. Qur’anul ‘Adzim, hartina Qur’an Suci jeung Langgeng, nyaeta
buktina Hirup, karana Paningal Tangan jeung Ramo moal bisa ngajadikeun
upama teu aya Hirup, jadi sateges-tegesna anu suci jeung nu langgeng
teh Hirupna nu mimiti ngayakeun eta Qur’an.
Ku sabab kitu urang oge ayeuna ngaji teh, lamun hayang tepi kana
sucina lamun hayang tepi kana sampurnana. Eta Qur’an anu opat perkara
teh, kudu diaji kabeh. Mimiti urang kudu daek maca Qur’anul Majid,
nyaeta Qur’an majaji anu aya hurufna, tah eta bagian ilmu sare’at,
sanggeus dibaca kudu terus diaji, nyaeta kudu dihartikeun
pimaksudeunnana, sanggeus kaharti pimaksudeunnana, geura teangan jeung
pigawe tarekatna sangkan karasa, sabab eta Qur’annul Majid teh tuduh
jalan pikeun nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, jalanna teu aya deui
lian ku tarekat, nyaeta Qur’annul Karim, hartina kudu ngaji pagawean
tangan jeung ramo urang anu sakira bakal tepi ka Allah ka Rasulullah.
Karana Gusti Allah maparin leungeun jeung ramo ka manusa teh, lain kudu
dipake ngajadikeun kana barang dunya anu keuna ku ruksak bae, tapi
jeung kudu dipake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Allah ka
Rasulullah, supaya tangan jeung ramo urang teh jadi Mulya, karana aya
dalilna :
Asho biahum fii adzaanihim minasshowaiki
hadzarol mauti walahu muhitun bil kaafiriin
Kieu pisundaeunnana : Lamun tangan jeung ramo maneh teu dipake nyieun
jalan maot, tetep tangan jeung ramo maneh martabat ramo hewan, kafir
tetep bakal ka Naraka.
Tina Qur’anul Karim kudu naek deui kana Qur’anul Hakim bagian
hakekat, nyaeta kudu ngaji pagawean paningal urang anu sakira bakal
hakim tegesna kana barang langgeng tea, nyaeta kana hakekatna Allah
jeung Muhammad, karana Gusti Allah maparin awas paningal ka manusa teh
lain bae kudu dipake kana ngawaskeun barang anyar anu keuna ku ruksak
bae, tapi jeung kudu dipake ngawaskeun kana hakekat Allah jeung
Rasulullah, nyaeta anu kasebat Qur’anul ‘Adzim anu langgeng tea atawa
sifatna hirup, bibitna tujuh bumi tujuh langit sarawuh eusina kabeh.
Tah didinya urang oge asalna jadi sategesna ngaran ma’rifat ka Allah
teh nyaeta anu geus nyaho kalawan Hakim kana hakekat Allah jeung
Muhammad tegesna Jauhar Awwal. Tapi mangkade kaliru,bisi netepkeun
Jauhar Awwal teh kana caangna Panonpoe anu katingal ku panon kapala,
eta mah Jauhar Firid bagian Sawarga Loka (Dewa), tempatna di Gunung
Himalaya. Perkara Johar Awal sajati mah nyaeta anu kasebut Johar Latif,
tegesna gaib moal bisa katingal ku panon kapala, ceuk dalilna kieu :
Ru’yatullaahi ta’ala fii dunya bi’ainil qalbi
Hartina : Ningali hakekatna Allah ta’ala di dunya ku awasna ati,
tegesna ku hakekatna Rasulullah, sabab sifat jalma mah moal aya anu bisa
ma’rifat ka dinya, karana jelema mah ngan ukur dipake tempat ningalina
Rasulullah ka Allah ta’ala. Samangsa-mangsa wujud geus bisa dipake
tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala, tangtu ramo urang bisa
nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah ta’ala, lantaran geus dibejaan
(dipasihan terang) ku Rasulullah, jadi urang mah kabawa nyaho kabawa
ni’mat ku Rasulullah, ti dunya nepi ka Akherat, moal sulaya deui sabab
geus tetep jadi umatna Rasulullah. Karana ti ayeuna oge geus teu ngarasa
pisahna jeung Rasulullah, lantaran wujud teh beurang jeung peuting
dianggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah ta’ala.
Samangsa-mangsa geus ngarasa babarengan beurang peuting jeung nu suci,
Insya Allah tekad jeung laku teh lila-lila kabawa suci. Setan-setan ge
moal dareukeut, tapi kitu soteh nu ma’rifat kalawan tauhidna, ari teu
jeung tauhidna mah sulaya bae, sanajan geus boga tarekatna. Teu ngarasa
sieun teu ngarasa isin, jongjon bae tekad jeung lakuna sakama-kama,
jadi nu kitu teh ma’rifatna, ma’rifatna Mikung, tangtu di dunyana ge
moal meunang safa’at ti Rasulullah, di dunyana moal lepot ti kasusah,
kabendon ku nu Maha Suci. Ibarat lampu dikurungan ku semprong anu kotor
geus tangtu kaluarna oge poek, da kudu suci pasuci-suci, suci eusina,
suci cangkangna, kakara jadi, di dunyana moal lepot tina kani’matan, di
Akherat pon kitu deui.
Ku sabab eta poma pisan dulur-dulur anu geus boga jalan ka-ma’rifatan ,
tekad jeung laku goreng teh kudu dijaga bener-bener, ulah darapon
nyaho bae, tapi kudu jeung dibarengan ku lakuna jeung tekadna anu hade,
sabab lamun urang ngalakonan pagawean ma’siat ngalanggar hukum Syara,
tangtu urang gancang dibendonna ku Maha Suci langkung beurat, hukuman
bongan nyaho, beda deui jeung nu tacan nyaho, saperti di dunya oge,
upama urang Kampung maling hayam, dihukumna ngan ukur di denda atawa di
bui saminggu, coba lamun Wadana maling hayam hiji, tangtu leuwih
beurat hukumannana, jaba ti leupas pangkatna teh, jeung bari dihukum
tikel dua tilu ti si Kampung tadi. Hukuman bongan geus nyaho kana
artikalna, komo anu geus nyaho ka Allah ta’ala mah, sing inget
perjangjian Guru Mursyid (Guru nu geus inkisaf ka Pangeran) ibadah
babarengan doraka pipisahan.
AYEUNA NERANGKEUN MARTABAT ALAM TUJUH
(Nganggo rucatan engangna kecap)
1. Alam Ahadiyat huruf Al
2. Alam Wahdat huruf lah
3. Alam Wahidiyat huruf Mu
4. Alam Arwah huruf ham
5. Alam Ajsam huruf mad
6. Alam Misal huruf A
7. Alam Insan Kamil huruf dam
Buktina alam dunya ge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta alam nu
kasebat diluhur, tegesna alam tujuh teh lalakon Allah-Muhammad-Adam,
ku sabab eta wajib dikanyahokeunnana ku sarerea. Upama urang arek
nyusul kana asal. Sabab lamun teu dikanyahokeun ti ayeuna jalan-jalanna
jeung barang-barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik deui
kana asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalanna waktu tadi
turun-turunna ti Akherat ka alam dunya.
Ayeuna eta martabat alam tujuh teh, ku jisim kuring rek diterangkeun
sarta make ibarat kalawan dibuktikeun ku gambar, supaya gampang
dihartoskeunnana.
Tafsirna
A. Nyaeta alam Ahadiyat, martabat nu Maha Suci, dalilna Dzat Laisa Kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama.
Bakat kumaha atuh matak teu beunang diupamakeun? Naha bakating ku
kawasana? Atawa bakating ku agungna? Atawa bakating ku hiji-hijina?
Upama bakating ku kawasa, na kapan dina zaman eta mah teu acan aya
dadamelannana, karana ngaran kawasa teh kudu bukti heula nu didamelna.
Kapan dina dina alam Ahadiyat mah sumawona manusa, Akherat jeung alam
dunya ge tacan aya.
Upama bakating ku agungna, da tacan aya nu hina dina di alam Ahadiyat mah, karana aya basa agung teh saenggeusna aya anu hina.
Upama bakating ku hiji-hijina, da kapan teu acan aya dua zaman eta mah, sabab ari hiji teh saenggeusna aya nu loba.
Kumaha atuh pihartieunnana? Supaya eta dalil Dzat laisa kamishlihi
teh jadi uni? Kieu upama mufakat mah. Nu matak alam Ahadiyat disebut
dalil Dzat laisa kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama, sategesna
nyaeta bakating ku suci, hartina beresih teu aya sifat-sifat acan
sumawonna jenengannana. Naha rek diupamakeun jeung naon upama teu aya
sifatna? Sabab disaksian deui ku dalil nu Maha Suci teh Bilaa Haifin,
hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu hideung, teu poek teu
caang, Bilaa Makanin, hartina teu arah teu engon, teu di kulon teu di
wetan, teu di kaler teu di kidul, teu di luhur teu di handap, tah kitu
katerangannana, nu matak nu Maha Suci teu beunang diupama-upama,
sumawonna di engon-engon, dituduh diditu didieu, lantaran kaburu lain
sabab kahalangan ku bukti.
B. Alam Wahdzat martabat sifatna nu Maha Suci. Jadi dina alam
Wahdzat mah nu Dzat Laisa teh jadi Dzat Sifat, rupana caang padang,
nyaeta nu kasebut Jauhar Awwal. Jauhar hartina Cahya, Awwal hartina
mimiti. Jadi nya eta nu pangheula-heulana aya samemeh Bumi jeung
Langit, sumawonna manusa. Tah eta Johar Awal teh nu kasebut hakekat
Muhammad tea, kapan ceuk Hadist oge Muhamad teh awal-awalna pisan,
sabab Johar Awal teh Nur, tegesna cahyana nu Maha Suci. Malah ceuk para
Wali mah Sagara Hirup atawa Sajatining Syahadat, karana gulungna Dzat
jeung Sifat atawa Allah jeung Muhammad dina hakekat.
C. Alam Wahidiyat, martabat Asmana nu Maha Suci, kajadian tina Jauhar
Awwal alam Wahdzat tadi bijil deui sorotna jadi cahaya opat rupa
nyaeta
Narun cahya Beureum
Hawaun cahya Koneng
Maun cahya Bodas
Turobun cahya Hideung
Jadi eta cahya anu opat perkara teh, nu disebut Nur Muhammad, ari
Muhammadna mah di Johar Awal, barang eta Nur Muhammad cahya opat perkara
teh. Disebutna Hakekat Adam, nyaeta Asmana nu Maha Suci.
Cahya nu beureum hakekatna lafad Alif
Cahya nu Koneng hakekatna lafad Lam Awal
Cahya nu Bodas hakekatna lafad Lam Akhir
Cahya nu Hideung hakekatna lafad He
Jauhar Awwal jadi hakekatna lafad Tasjid
Sare’atna jadi lafad Allah, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh,
nu ngajadikeun bibit tujuh Bumi tujuh Langit sarawuh eusina kabeh,
sanajan Agama oge ti dinya bae.
Ayana Syahadat nyaeta ku ayana Johar Awal
Ayana Sholat nyaeta ku ayana Cahya Beureum
Ayana Zakat nyaeta ku ayana Cahya Koneng
Ayana Puasa nyaeta ku ayana Cahya Bodas
Ayana Munggah Haji nyaeta ku ayana Cahya Hideung
Sanajan waktu oge aya 5 waktu
Shubuh bagian Nabi Adam
Lohor bagian Nabi Nuh
Asyar bagian Nabi Ibrahim
Maghrib bagian Nabi Musa
Isya bagian Nabi Isya
Pertingkahna Sembahiyang oge 5 perkara
Nangtung
Takbiratul Ikhram
Ruku
Sujud
Lungguh
Sahabat oge aya 4 ka 5 Kangjeng Nabi
Sahabat Abu Bakar Ash-Sihidiq
Sahabat Umar bin Khatab
Sahabat Usman bin Affan
Sahabat Ali bin Abi Thalib
Kangjeng Rasulullah
Di Mekah aya Imam 4 ka 5 Baitullah
Iman Syafi’i
Imam Hanafi
Imam Hambali
Imam Maliki
Baitullah
Tah gening sidik kabeh oge tina Asmana Allah, Hakekatna nyaeta Nur Muhammad, cahya 4 perkara kalima Jauhar Awwal.
D. Alam Arwah, martabat Af’alna nu Maha Suci, nyaeta Af’alna Allah
ta’ala ngajadikeun ieu alam dunya. Kieu ceuk ilmu akal mah ngadamelna
teh.
Ibarat dina Bioskop mah nyaeta Istijradna bangsa Walanda, alam
Wahdat nyaeta Johar Awal teh lir ibarat listrikna, ari Nur Muhammad Alam
Wahidiat ibarat kacana.
Narun teh ibarat Kaca Beureum
Hawaun teh ibarat Kaca Koneng
Maun teh ibarat Kaca Bodas
Turobun teh ibarat Kaca Hideung
Barang eta kaca anu opat rupa disorot ku Johar Awal, kajadian bijil kalangkangna.
Tina Kaca Beureum jadi Seuneu Alam Dunya
Tina Kaca Koneng jadi Angin Alam Dunya
Tina Kaca Bodas jadi Cai Alam Dunya
Tina Kaca Hideung jadi Bumi Alam Dunya
Ku kawasa-kawasa Allah ta’ala bleg bae jadi ieu alam dunya, nyaeta
Jagat Kabir, jadi sategesna alam dunya teh kajadian tina Nur Muhammad.
E. Alam Ajsam, martabat manusa. Sanggeusna ngadeg ieu alam dunya,
Gusti nu Maha Suci bade ngersakeun deui midamel alam majaji, terus
nimbalan Malaikat, miwarang turun ka alam dunya, kudu nyokot aci
seuneu, aci angin, aci cai, aci bumi. Gancangna geus beunang eta
aci-aci nu opat perkara teh terus didamel .
Aci Bumi kajadian kulit bulu Adam
Aci Seuneu kajadian Getih daging Adam
Aci Cai kajadian urat balung Adam
Aci Angin kajadian otot sungsum Adam
Ku kawasana Allah ta’ala, jleg bae jadi dalil Muhammad, Mim-He-Mim-Dal, nyaeta :
Cahya nu hideung jadi hakekat lafad Mim Awal
Cahya nu Bodas jadi hakekat lafad He
Cahya nu Koneng jadi hakekat lafad Mim Akhir
Cahya nu Beureum jadi hakekat lafad Dal
Johar Awal jadi hakekat lafad Tasjid
Sare’atna nya jadi lafad Muhammad atawa sabalikna tina lafad Allah.
Mim Awal lafad Muhammad sategesna Sirah
He lafad Muhammad sategesna Dada
Mim Akhir lafad Muhammad sategesna Udel
Dal lafad Muhammad sategesna Suku
Tapi teu acan bisa usik malik, ngagoler saperti Golek, gancang terus
diliangan opat liang, nyaeta di Panonan, di Cepilan, di Pangambungan,
di Bahaman. Terus eta liang diasupan ku sorotna Nur Muhammad, kajadian
bisa usik malik eta Adam atawa Jagat Shagir teh. Jadi sidik pisan
ayeuna oge hirupna manusa teh sare’atna ku ayana cahya, kitu deui
maotna manusa teh ku teu ayana cahya. Samangsa-mangsa geus teu aya
cahyana Si Jasad atawa Jagat Shagir, geus teu aya kakuatannana, buktina
gancang buruk.
Kitu deui ieu oge Jagat Kabir, nyaeta alam dunya pang kuatna teh, ku
diangliputi ku sorotna Nur Muhammad, jadi moal salah deui engke oge
kiamatna ieu Jagat Kabir (alam dunya) saperti manusa (Jagat Shagir)
bae, dicandak deui cahyana, nyaeta Panonpoe Bulan Bentang, tangtu bae
ieu alam dunya ruksak, atuh tinggal naonna? Tina Bumi tinggal poekna,
Seuneu tinggal panasna, Cai tinggal tiisna, Angin tinggal hawana. Saha
anu bakal nyicingan eta Naraka? Teu aya deui anu bakal nyicingan teh
nyaeta Idajil La’natullah tea, sakanca-kancana sakur nyawa manusa anu
henteu barisa balik deui ka Allah ta’ala. Sabab keur di dunyana beunang
ku panggoda Setan, lantaran teu Iman ka Allah ka Rasulullah.
Karana eta Idajil teh, tadina mah Malaikat kakasihna Allah ta’ala.
Pangna dibendon ku Allah ta’ala, lantaran samemeh aya Adam, dipiwarang
ngeusian ieu alam dunya, tapi dijangjianna lilana di alam dunya ngan
sarebu taun. Ku sabab Malaikat Idajil ngarasa betah di alam dunya, teu
hayangaeun deui balik ka Sawarga nepi ka tilu rebu taun, tah didinya
mimitina dibendonna ku Allah ta’ala, jadi geus teu meunang balik deui ka
Sawarga, kudu tetep di alam dunya bae. Tapi engke bakal ditetepkeun
dina dasar Naraka sanggeus kiamatna ieu alam dunya, bakating ku
bedegongna sang Idajil, manehna sanggup bae tapi nyuhunkeun idin rek
ngagoda ka anak putu Adam, pibatureun manehna di Naraka. Gusti Allah
ngidinan, hade tapi saha-saha anu teu Iman ka Aing jeung ka Rasulullah.
Ayeuna rek malikan deui pasal Adam, tadi diluhur ku jisim kuring geus
dicaritakeun, anu didamel Adam majaji teh, tina acina seuneu, angin,
cai, bumi, bilih bae anu ngaos sareng anu ngadangukeun ieu kitab nyangka
saperti seuneu, angin, cai, bumi teh diperes saperti nyieun aci
sampeu, saenyana lain kitu. Jadi anu kasebut aci seuneu, angin, cai,
bumi teh buktina nyaeta sakur anu jaradi dina teneuh, saperti
tatangkalana nu gede anu leutik, karana kapan sidik bisana ngagedean
tatangkalan teh ku opat perkara. Hiji ku cicing dina taneuh, dua kudu
kacaian, tilu kudu kaanginan, opat kudu kapanasan, cacakan karek ku
kahieuman oge gening tara jadi buah. Jadi ku sabab eta tatangkalan lila
cicingna di bumi, lila kacaiannana, lila kaanginannana, lila
kapanasannana. Jadi eta hawana asup kana tatangkalan, sanggeus gede
tangkalna, nya terus bijil buahna, tah eta bubuahan teh bakating wujud
Adam, sanajan urang oge asal ti dinya bae, ngan bedana Adam mah didamel
ku Allah ta’ala barang kadieuna mah saenggeusna aya Adam jeung Babu
Hawa, atawa Idung Bapa urang, bubuahan teh didahar heula nya kajadian
aya Wadzi, Madzi, Mani, Maningkem. Barang eta Wadi, Madi, Mani,
Maningkem tepung, tegesna kontak jeung sorotna Nur Muhammad cahya nu
opat perkara tea, nya kajadian kempel ngajadi Jabang Bayi di jero
beuteung Indung. Ari nu teu jadi mah nyaeta anu teu kontak, tegesna
henteu tepung jeung Nur Muhammad (Roh). Sabab tadi ge Allah ta’ala teh
wenang, wenang ngajadikeunnana jeung wenang teu ngajadikeunnana. Manusa
mah teu aya kakawasaan ngan ukur jadi lantaran pikeun ngajadikeun
piwadaheunnana Roh bae, nyaeta tina sakur anu dituang, karana Indung
Bapa urang upama teu barang tuang moal kajadian aya cimanina.
Kala waktu orok dijero beuteung teu acan aya nyawana, ngan kakara
aya hirup wungkul, nyaeta roh suci tea, numatak teu acan aya rasa
naon-naon barang gubrag kaluar. Roh suci kontak, hartina tepung jeung
hawa ieu alam dunya. Nyaeta hawana tina bumi, seuneu, cai, angin. Nya
kajadian eta orok aya nafasna atawa sifatna nyawa. Hakekatna nyawa
nyaeta rasa jasmani, dina waktu eta panon buncelik teu acan aya awasna,
ceuli molongo teu acan aya dengena, irung teu acan aya angseuna,
sungut teu acan bisa nyarita ngan karek aya sorana bae. Barang geus
dibere barang dahar nyaeta cisusu atawa daharan naon bae, nyaeta tina
acina bumi seuneu, cai jeung angin, jadi eta aci nu opat perkara teh
kajadian deui acina, nyaeta ngajadi getih opat perkara nu disebut Roh
Jasmani, tuluy eta getih surup sinurup.
Getih hideung kajadian tina aci bumi sumurup kana kulit, nya
ngarubakan kulitna orok. Hawana kaluar bijilna kana baham, watekna bisa
ngomong. Getih nu beureum kajadian tina aci seuneu, sumurup kana
daging, nya ngagedean dagingna orok. Hawana kaluar bijilna kana ceuli,
watekna bisa ngadenge.
Getih nu bodas kajadian tina aci cai, sumurup kana tulang, nya
ngagedean tulang (balung) orok. Hawana kaluar bijil kana panon watekna
bisa ningali aya awasna.
Getih anu koneng kajadian tina aci angin, sumurup kana sungsum nya
ngalobaan sungsumna orok. Hawana kaluar bijil kana irung watekna bisa
ngambeu.
Sanggeusna eta orok geus rubak kulitna gede dagingna, gede tulangna
loba sungsumna, kaluar deui hawana nyaeta nafsu opat perkara,
Amarah-Lowamah-Sawiyah-Mutmain
nah, nyaeta buktina sagala kahayang anu hade anu goreng.
Tuh gening bukti ngagedeannana jasad teh, sanajan tanaga pikiran,
akal sumawona paningal, pangrungu, pangucap, pangangseu, teu aya deui
anging ku pitulungna roh Seuneu Cai Angin Bumi. Naon sababna pang
nulung kitu teh? Teu aya deui pang kajadian sagala ti dinya teh, supaya
eta parabot-parabot teh kudu digunakeun dipake parabot ibadah jeung
kudu dipake parabot keur nyieun jalan pikeun nganyahokeun ka asalna,
nyaeta ka Allah supaya manehna kabawa sampurna, tegesna kabawa balik
deui ka Allah, karana anging manusa anu katetepan Agama, manusa anu
katetepan Elmu, anu bakal bisa nyampurnakeun roh-roh saalam dunya kabeh
oge pada arasup ka manusa. Sumawonna rohna Bumi Seuneu Cai Angin eta
mah sapopoena, sanajan roh-rohna hewan nu halal nu haram nu bersih nu
najis, eta sakabeh oge pada arasup bae ka manusa.
Kieu jalan-jalanna, saperti bangsa tatangkalan (kai) bener sare’atna
mah teu didahar ku manusa, tapi kapan sok dipake nyuluhan sangu atawa
naon bae tangtu eta rohna asup kana sangu. Numatak jadi beda rasana
waktu tadi keur beas keneh jeung geus jadi sangu. Kitu deui bangsa
hewan anu haram anu najis oge milu arasup bae, puguh ari jinisna mah
teu didahar, tapi upama Anjing Babi paeh di cai tangtu bangkena dihakan
ku lauk cai, lauk cai asup deui ka manusa, jadi sidik manusa teh jadi
cukang keur mareuntas roh-roh sa alam dunya balik deui ka Allah ta’ala.
Ku sabab eta sidik Gusti Allah mah suci tetep teu nyiksa teu
ngaganjar, sateges-tegesna anu bakal nyiksa teh, nyaeta roh-roh tina
sagala rupa anu geus asup ka manusa, ku lantaran teu dibawa balik deui
ka Allah ta’ala. Rohna seuneu bakal jadi Naraka Panas, rohna cai engke
bakal jadi Naraka Tiis, rohna bumi engke bakal jadi Naraka Poek, rohna
hewan engke bakal nyeureudan atawa ngegelan kana nyawana manusa.
F. Alam Misal, martabat elmu, saha-saha manusa di dunyana geus
ma’rifat kana asal wujudna, nyaeta Sagara Adam (C) tadi, eta elmuna
geus tepi kana pangkatna Misal, hartina geus nyaho kana asal nyaeta
sifatna cahya beureum koneng bodas hideung, engke dina maotna bakal
asup ka Sawarga, tegesna dina kani’matan anu teu aya babandingannana
sarta langgeng teu aya putusna.
G. Alam Insan Kamil, martabat kasampurnaan. Samangsa-mangsa manusa di
dunyana geus bisa ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Johar
Awal tea, atawa alam Wahdat (B) tadi, elmuna geus tepi kana pangkat
Insan Kamil hartina Manusa Sampurna, engke dina maotna bakal jatoh kana
pangkat Kamil Mukamil, hartina sarupaning sampurna, beak rasana, beak
jasmanina, jadi Dzat Laesa Kamishlihi deui, saperti tadi samemeh urang
turun ka alam dunya.
TAMAT
kitabna sae pisan, bade naros, gaduh jilid ka genep na.haturnuhun. dadi (bogor) dadisupriadi78@yahoo.co.id
BalasHapussaya pernah baca kitab ini tapu berupa ketikan Dan kalau tak salah ingat ini adalah cetakan ke 4 atau ke 9 karanngan Amir Jaenudin. Mohon penjelasannya. Trims
BalasHapus