Asmarandana
1. Ieu anu rek digurit, lalakon jaman ayeuna, hal salira anu jongkot,
ngawincik aturannana, supaya jadi kabuka, kabuka tunggalna wujud,
dipapay ti memeh aya.
2. Nepi kana aya bukti, tina taya kana aya, geus aya bet ngalalakon,
ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean, ayeuna baris diatur,
urang papay ti asalna.
3. Tina tadi asal sepi, dina alam memeh aya, ari geus aya bet jadi
cekcok. Sepi dina jaman Kun Dzat, cekcok jaman Kun Fayak, Kun Mutlaq
geus sidik wujud, rupa sarupa-rupana.
4. Rupa teu kenging disalin, kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa
awewe, mun kitu sidik rupana, teu kenging dirobah, rupa pameget nyakitu,
teu beunang dipindah-pindah.
5. Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang, henteu salah
kituna teh, eta tandana Kun Mutlaq, tapi ieu ayeuna, ku jisim kuring
diatur, ku carita sangkan terang .
6. Kahijina ku pamilih, kaduana ku umpama, bade didamel lalakon,
geura kieu cariosna, pang ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung,
ngadegna gumelar sifat.
7. Hanteu ujug-ujug bukti, ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel
lalakon, kieu ceuk papayannana, namung upami mufakat, rempug sareng
dulur-dulur, mun teu cocog sae cempad.
8. Tapi pamugi sim kuring, upama aya nu lepat, mugi kersa mere
hartos, nyakitu deui basana, tangtos seueur nu lepat, mugi neda tawakup,
margi ngarang nembe pisan.
9. Kocap aya hiji Nagri, ngaran Nagri Raga Taya, ari nu mangku
Bupatos, anu nyepeng Raga Taya, nelah jenengannana, kamashur ka unggal
Ratu, sang Prabu Jasadiah.
10. Dupi anu jadi Meswari, jenengan Ratna Atiyah, tunggal turunan
Bupatos, teges terahing Kusumah, estu layeut sami pisan, siang wengi
tara jauh, babarengan tara pisah.
11. Kocap eta Kangjeng Gusti , geus kagungan dua putra, pameget
langkung karasep, kacatur jenengannana, Raden Muslimin cikalna, kaduana
anu bungsu, katelah Raden Muslimat.
12. Teu kinten-kinten diasih, ku Ibu rawuh ku Rama, teu pilih kasih
dienod, duanana dipalajar, Agama sareng Elmuna, raka rai sami suhud,
ngesto ka piwejang Rama.
Layang Muslimin Muslimat 2
13. Naon bae sakaliring, sakur pangwuruk ramana, hanteu aya anu
mencog, dihartikeun ku duaan, sarta geus kamaranah, geus sumurup kana
qalbu, sadaya wuruk ramana.
14. Saparantosna mangarti, kana sadaya piwejang, dua putra lajeng
wae, amit ti payuneun Rama, ngalih ka sejen tempat, caralik di tempat
singkur, ngahusukeun wuruk rama.
15. Nu mimiti naros rai, nyaeta Raden Muslimat, ka rakana bari mando,
hormat tumaros ka raka, saur Raden Muslimat, mugi engkang ulah bendu,
rehna rai kumalancang.
16. Kumawantun naros rai, kumargi raos pisan, rai masih keneh bodo,
moal sapertos engkang, dina perkawis Agama, nu ku Ama dipitutur, rai
tacan paham pisan.
17. Ngawalon Raden Muslimin, duh rai taya pamengan, ka engkang bade
tumaros, naon sakapaham engkang, moal arek dikilungan, kajabi anu teu
acan mafhum, pun engkang moal tiasa.
18. Perkawis Agama suci, geura kieu sayaktosna, ku engkang baris
ditektek, diterangkeun mimitina, geuning kieu dalilna, dina hadist geus
kamasyhur, dalil teh kieu unina.
19. Mimitina Awwalu Dinni, lajengna Ma’rifatullah, sundana kieu eta
teh, lamun rek lalakon agama, wajib ma’rifat heula, kana dzat Allah nu
Maha Agung, supaya sah ibadahna.
20. Tapi rai sanes deui, hal ma’rifat ka dzat Allah, eta teh lain
sapertos, nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist
teh nu ngajentul, nu nyata aya buktina.
21. Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab Allah ta’ala teh,
ceuk saksina Dzat Laesa, Kamislihi terasna, hartina dzat yang agung,
hanteu aya umpamana.
22. Ngan dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana, nganyahokeun
diri maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk Hadistna, Waman aroffa
nafsahu, faqod aroffa robbaha.
23. Jeung aya lajengna deui, Man aroffa robbaha, Faqod jahilan nafsah
teh, kieu pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina kitu,
tangtu nyaho ka pangeran.
24. Jeung saha nu nyaho deui, geus nyaho ka pangeranna, dirina geus
tangtu bodo, tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh
kitu, pikeun saksi ngelmu tea.
25. Malah dawuhan Jeng Nabi, Illa anna awallanafsah, terasna teh
fardu ‘ain, kieu eta teh sundana, mimitina hal ibadah, sing terang
jatining hirup, masing tepi ka ‘aena.
26. Sasat kudu katinggal, sifat hirup sing kapendak, jatining sahadat
eta teh, bibitna sagala rupa, nya hahekat Muhammad, awalna Muhammad
kitu, nya eta Sagara Hayat.
Layang Muslimin Muslimat 3
NERANGKEUN HADIST Anu kasebut dina kitab Mantiq *
Sinom
27. Malah-malah rai aya, dalil deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala,
fiidunya bi ‘ainil qolbi, kitu anu kauni, ari hartina teh tangtu,
ninggali Allah di dunya, kudu ku awasna ati, hanteu bisa ninggal ku
panon kapala.
28. Samalah aya lajengna, aya deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala,
lajengna Bil akhiroti, teras bi’aenil ‘arsi, sundana teh kitu deui,
ningal Allah di akherat, ku panon teu salah deui, tatapina hanteu
kalawan kapiat.
29. Sabab teu adu hareupan, kusabab enggeus ngahiji, kawas kembang
jeung seungitna, saperti gula jeung amis, kertas jeung bodasna deui,
kawas ombak sareng laut, tah kitu eta hartina, raina ngawalon ta’dim,
rebu nuhun engkang kersa miwejang.
30. Namung nyanggakeun duduga, muga ulah bendu galih, reh aya nu can
kapaham, rai bade naros deui, rakana ngawalon manis, aduh rai rebu
nuhun, dipalebah pun engkang mah, boro-boro ngewa ati, anggur atoh boga
dulur nyaring manah.
31. Anu aya diengkang mah, sumawonten pangarti, sanajan dunya barana,
lamun dipundut ku adi, moal rek dibuni-buni, wantun sumpah tangtu
katur, ceuk raina nuhun pisan, engkang heman ka rai, yaktos engkang
saderek dunya akherat.
32. Kieu engkang sayaktosna, bade tumaros teh rai, reh tadi dawuhan
engkang, ceuk dalil Awwalu dinni, sareng Ma’rifatullahi, anu tadi
dipisaur, kudu nyaho ka dzat Allah, saha nu kudu ninggali, lamun urang
nu kudu terang ka Allah.
33. Kapan geuning geus kapegat, kapiheulaan ku dalil, Laa haula wala
quata Illa billahil ‘aliyil ‘adim, kapan hartina teh dalil, teu daya
upaya kitu, sasat ngajadi rokrak, beh dinya rai teu ngarti, aya rokrak
bet kudu kawasa ninggal.
34. Upama kitu mah dua, hirup rokrak hirup Gusti, rakana lajeng
ngajawab, rai ulah salah harti, urang soteh ceuk nu hurip, sategesna
hurip hirup, hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa,
rasa teh nya Rasulullah.
35. Tah kitu rai hartina, bilih rai tacan ngarti, lain urang ceuk nu
anyar, nu anyar damelan gusti, nu anyar moal tinggali, tangtu gusti anu
weruh, anu Dzat laisa tea, bila haiffin makanin, enya eta sategesna
Ahadiyat tea.
Layang Muslimin Muslimat 4
36. Saurna Raden Muslimat, upami kitu mah harti, jadi sasat nu
uninga, nya gusti Rasulullohi, rakana ngawalon deui, leres rai bener
kitu, mana ulah salah paham, hartina Rosulullohi, rasa Allah rai eta rai
moal salah.
37. Raina deui unjukan, aduh raka nuhun teuing, rai dipaparin terang,
namung bade naros deui, saur engkang teh tadi, Waman aroffa nafsahu,
faqod aroffa robbaha, man aroffa robbaha deui, salajengna jeung faqod
jahilan nafsah.
38. Saha-saha anu terang, kana dirina pribadi, tangtu nyaho ka
Pangeran, saha nu nyaho ka gusti, bodo dirina pasti, unggel Hadist eta
kitu, naha diri nu mana, anu kudu dipilari, naha ieu nu ngajentul badan
badag.
39. Saupami sayaktosna, kudu nganyahokeun diri, diri ieu anu aya, nu
bukti ieu ngajagrig, raos rai hanteu hasil, bet asa teu puguh-puguh,
kapan enggeus katinggal, enggeus sidik ti leuleutik, moal enya susah
diteangannana.
40. Ngajawab deui rakana, rai kawas murangkalih, kantenan hanteu
hasil mah, neangan diri nu bukti, naha tacan tinggali, kana diri nu
satuhu, kapan ieu mah jasad, ngaran-ngarana oge jasmani, ngaran diri anu
sabener-benerna.
41. Hiji ngaran Narun tea, Hawaun, Turobun deui, Ma’un anu
kaopatna,bilih rai tacan harti, nyaeta badan rohani, tah eta rai nu
kudu, ku urang masing kapendak, ari nu ngaran jasmani, kudu ilang tapi
papada ilangna.
42. Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, kagenten ku
opat rupa, kakara bisa ngajadi, mun masih badan jasmani, kumaha geusanna
mafhum, kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, sing kagenti ku
badan rohani tea.
43. Sabab hartina Jas eta, piraku hanteu kaharti, kapan baju ceuk
sundana, ari hartina teh mani, nyaeta badan rohani, sasatna baju teh
bungkus, bungkusna rohani tea, anu mawi moal hasil, lamun urang
nganyahokeun badan nyata.
44. Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu
ibaratna, ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, mun teu ilang
heula wujud, eusina moal kapendak, disaibaratkeun ucing, maksud ucing
rek ngintip beurit kaluar.
45. Kaluar tina liangna, tapi ucingna teh cicing, dina hareupeun
liangna, kalah paeh moal bijil, tangtu pisan moal hasil, tah ibarat rai
kitu, ucing teh ibarat jasad, beurit ibarat nu Latif, mo kapanggih mun
jasad teu rasa ilang.
46. Mun dina ucing tea mah, hayang kaluarna beurit, ucingna teh kudu
nyingkah, kakara torojol beurit, menggah di jalmi ge rai, mun hoyong
ma’rifatu, kana dzat Allah ta’ala, kudu sing ngarasa pasti, sing ngarasa
hanteu ngabogaan jasad.
Layang Muslimin Muslimat 5
47. Dina keur waktu tarekat, sing ilang rasa jasmani, kagenten ku
Rasulullah, rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, kana dzatna
Maha Agung, tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, ceuk babasan
sarangka manjing curiga.
48. Raina lajeng ngajawab, katerangan engkang tadi, kahartos
kabina-bina, jadi caang pikir rai, geus moal rek udar deui, geus sumurup
kana kalbu, moal unggut kalinduan, moal kagedag ku angin, sabab sidik
dalilna jeung karasana.
49. Kantun saeutik can paham, hal sundana dalil tadi, ku rai can
kalenyepan, masih heran keneh ati, dina saha-saha jalmi, nu terang ka
Maha Agung, disebat bodo dirina, beh dinya rai teu ngarti, masih bingung
ku rai can kalenyepan.
50. Aya nu terang ka allah, disebatkeun bodo pasti, sanes pinter
kasebatna, naha asa bingung teuing, naha ari nu katepi, ma’rifat kanu
Maha Agung, dina ceuk dalil eta, disebatkeun bodo pasti, atuh leuwih
hina tinu hanteu terang.
51. Rakana lajeng ngajawab, naha rai can kaharti, basa bodo teh
hartina, manusa mah moal teuing, ma’rifat ka Maha Suci, sabab dalil geus
ngawengku, Laa haula wala quwata, illaa billahil ‘aliyil ‘adim, hartina
teh teu daya teu upaya.
52. Mun manusa nu ma’rifat, mutajilah eta pasti, sabab ngajirimkeun
Allah, katinggal ku panon bukti, ku mata anu buncelik, atuh saperti si
waru, papanggih jeung si dadap, sidik aya dua jirim, aya itu jeung aya
diri manehna.
53. Kapan Allah Nafi Isbat, aya Isbat euweuh Nafi, aya Nafi euweuh
Isbat, kalem timbul kitu rai, Isbat ayana pasti, diri manusa geus
tangtu, nya ieu sifatna urang, Nafi ayana rohani, mun keur Nafi Isbatna
kudu teu aya.
54. Ceuk raina atuh saha, nu ma’rifat ka Yang Widi, ari sanes manusa
mah, saur raka mun teu harti, anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi
panutup, nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, enya eta
sareatna nu ma’rifat.
55. Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta
rasa, awas paninggali ati, eta nu bisa tinggali, ma’rifat ka Maha Agung,
ari tinggal manusa mah, nu make panon buncelik, eta kitu dina
katerangannana.
56. Jawab rai nuhun engkang, rai dipaparin harti, anu sakieu
terangna, matak ni’mat kana ati, lamun dibeuli ku duit, nimbang harga
samaliun, da naros ka nu sanes mah, weleh bae teu kaharti, aya basa
tatapi hanteu karasa.
57. Sabab ngan wungkul ceuk beja, beja dibejakeun deui, diandel bae
basana, buktina teu dipilari, keukeuh ngaji luar diri, ngajauhkeun ka
Yang Agung, teu diaji salirana, sifat dua puluh yakin, ngan di aku
nyatana badan anjeuna.
Layang Muslimin Muslimat 6
58. Tatapi salang surupna, hanteu diraoskeun deui, rai mah hayang
karasa, tumerapna hiji-hiji, ayeuna paneda rai, mugi-mugi engkang
luntur, ngabahas hiji-hijina, sareng hartina sing sidik, sing karasa
ulah bae ngan basana.
NGAWINCIK SIFAT DUA PULUH
Kalawan make umpama Pucung
59. Lajeng wae rakana ngawalon saur, engkang rido pisan, mangga sakersa rai teh, ku pun engkang rek didadar sajelasna.
60. Nu kahiji nyaeta ngaranna Wujud, kaduana Qidam, katilu ngarana Baqo, nu kaopat nyaeta Mukholafah.
61. Mukholafatu Lilhawadist disebut, ari nu kalima, Qiyamuhu Binafsihi teh, nu kagenep nyaeta Wahdaniat.
62. Ari Qudrat bilangan anu katujuh, dalapan Iradat, Elmu kasalapanna teh, kasapuluh nyaeta nu ngaran Hayat.
63. Kasabelas Samma ngaranna geus tangtu, kadua belasna, Bassar ngarana teu geseh, ari nu katilu belasna Qalam.
64. Nu kaopat belasna deui dicatur, nyaeta Qodiran, lima belas kacarios, nyaeta anu disebat Mudiran.
65. Ari anu kagenep belas dicatur, ngaranna Aliman, nu katujuh belasna teh, nyaeta anu dingaranan Hayan.
66. Anu kadalapan belasna dicatur, ngaranna Sami’an, kasalapan belasna teh, nu kasebat nyaeta Basiran tea.
67. Ngajejegan kana jejeg dua puluh, nya Mutakalliman, semet eta rai seep, enggeus jejeg eta dua puluh sifat.
68. Ceuk raina sumuhun engkang sumuhun, geus kapaham, nya sakitu reana teh, jejeg pisan eta dua puluh sifat.
69. Namung rai saleresna tacan mafhum, teu acan kapaham, dina pihartieunna teh, muga raka ulah kapameng miwejang.
70. Ceuk rakana eta sifat dua puluh, nya dibagi opat, hiji Nafsiah teu geseh, kaduana nyaeta ngaran Salbiah.
71. Nu katilu Ma’ani ngaranna tangtu, anu kaopatna Ma’nawiyah ngaranna teh, eta kitu geuning dibagi-bagina.
72. Ceuk raina naon nyatana anu puguh, sifatna di urang, anu ngaran Nafsiah teh, mugi-mugi diterangkeun sadayana.
73. Saur raka Nafsiah teh enggeus tangtu, pangambung nyatana, nu kadua Salbiah teh, nyaeta paninggal urang sifatna.
74. Nomer tilu Ma’ani ngaranna tangtu, pangdangu sifatna, di urangna teu geseh, nu kaopat Ma’nawiyah nu kasebat.
75. Nyatana teh di badan urang sakujur, pangucap teu salah, sifatna baham urang teh, anu matak disebatkeun Ma’nawiyah.
Layang Muslimin Muslimat 7
76. Nyaeta tukang ngama’naan puguh, anu tilu sifat, hiji pangdangu teu geseh, nu kadua nyaeta paninggal tea.
77. Ari anu nomer tiluna pangrungu, ngama’naan eta, meureun rai ge ngaraos, lamun rai parantos ngangseuan minyak.
78. Saupami rai ditaros ku batur, nanyakeun angseuna, seungit bauna minyak teh, naha naon rai anu nembalannana.
79. Naha baham atawa pangambung, anu ngajawabna, raina lajeng ngawalon, tangtos bae baham anu nembalannana.
80. Ceuk rakana geuning sidik eta puguh, tukang ngama’naan, baham teh geus hanteu geseh, nyaeta tukang mere katerangan.
81. Nya nerangkeun beunang gawe anu tilu, beubeunangan soca, anu aneh atawa awon, nomer dua beubeunangan cepil tea.
82. Naon wae sowara anu kadangu, nu nerangkeunnana, gulung ku pangucap bae, anu mawi disebatkeun Ma’nawiyah.
83. Saur rai kahartos kaliwat langkung, pasal bagi opat, kanyataan di badan teh, kantun eta nu dua puluh basa.
84. Enya eta anu dingaranan Wujud, kumaha hartina, sareng naon
sifatna teh, tumerapna dibadan urang sapata.
85. Saur raka eta anu
ngaran Wujud, hartina teh aya, Allah mohal euweuh tangtos, tanda aya
kusabab ayana nafas.
86. Mohalna teh pang aya nafas teh tangtu, mohal bet euweuhna, samangsa aya nafas teh, tangtu bae aya hurip hanteu salah.
87. Mangsa-mangsa aya hirup enggeus tangtu, mohal euweuh Allah, sabab sifatna hirup teh, tina dzatna sifatna Allah ta’ala.
88. Saur rai nuhun eta geus kamafhum, kantun nomer dua, Qidam eta basana teh, nya kumaha eta pihartieunnana.
89. Dijawab raka kieu rai mun tacan mafhum, hartina teh Qidam, Allah ti heula teh, mohal enya Allah kapandeurian.
90. Sareatna nyata dibadan sakujur, sifatna teh soca, awas soca ti heula teh, sabab eta nu ngabuktikeun sifat.
91. Jawab rai kumaha numawi kitu, anu pangheulana, ku raka disebat panon, na kumaha dina katerangannana.
92. Saur raka geura kieu rai dangu, rasakeun baheula, waktu rai goib keneh, memeh gelar ngumbara ka alam dunya.
93. Kangjeng Rama sinarengan Kangjeng Ibu, Rama masih bujang, Ibu ge parawan keneh, barang tepang geus tangtu patinggal-tinggal.
94. Saparantos pada awas Ama Ibu, jorojoy manahna, dua-dua ting sereset, jadina teh ngajodo geus moal lepat.
95. Sanggeus nikah enggeus disahkeun ku kaum, parantos nikah mah, tangtos bae sapatemon, dua rasa jadi hiji moal lepat.
96. Saparantos rasa Ama Ibu gulung, gerentel beh urang, eta geuning enggeus eces, pang disebut panon pangheulana.
Layang Muslimin Muslimat 8
97. Pek raoskeun naha bener rai kitu, masing kasaksian, kurasa diraos-raos, mun karasa eta geus tangtu benerna.
98. Jawab rai sumuhun engkang sumuhun, enya kitu pisan, karaos ku abdi oge, yaktos leres kahartos sareng karasa.
99. Mangga engkang ulah kapambeng miwuruk, lajengkeun terasna, nya eta kana Baqo, kumaha pihartieunnana.
100. Ceuk rakana hartosna Baqo teh Agus, langgeng Gusti Allah, hanteu keuna ku ruksak teh, hanteu owah teu gingsir Allah ta’ala.
101. Saleresna hartina Baqo teh kitu, nyaeta dzat Allah, eta sidik nu langgeng teh, hirup eta kagungan Allah ta’ala.
102. Ceuk raina kumaha Mukhalafatuhu, Lilhawaditsi tea, eta oge can kahartos, mangga raka ulah kapambeng miwejang.
103. Saur raka kieu hartina geus masyhur, eta beda-beda Allah sareng nu anyar teh, mohal enya Allah sami jeung nu anyar.
104. Den Muslimat gancang ka raka ngawangsul, kumaha bedana, Allah sareng nu anyar teh, kang rai mah can terang rarapannana.
105. Ceuk rakana kieu bilih tacan mafhum, kapan geus kawentar, ku sadaya ahli ngaos, Gusti Allah ninggal teu kalawan soca.
106. Ngadanguna teu kalawan cepil kitu, sumawon nyaurna, hanteu kalawan jeung lambe, kitu rai ari bedana mah.
107. Seueur deui bedana lian ti kitu, panjang mun didadar, moal seep ku sapoe, sakitu ge meureun ku rai karasa.
108. Jawab rai sumuhun engkang kaemut, kumaha lajengna, Qiyamuhu Binafsihi teh, mangartosna mugi ku engkang di dadar.
109. Nyaur deui rakana bari jeung imut, kieu bab hartina, Qiyamuhu Binafsihi teh, Gusti Allah jumenengna ku anjeuna.
110. Mohal aya nu ngistrenan kitu, cacakan nu anyar, geuning bet hanteu ngaraos, badan urang didamel ku Ibu Rama.
111. Najan Ibu Rama oge dina waktu, rek patemon rasa, teu boga tekad rama teh, ku sangaja niat rek midamel putra.
112. Geuning sidik jumeneng ku anjeun kitu, ngan ari urang mah, jeung kalawan kersana teh, Gusti Allah ngalantarankeun ka Rama.
113. Enya kitu sareatna mah ti Ibu, ari hakekatna, estu kersana Yang Manon, enya eta wenangna Allah ta’ala.
114. Wenang pisan Gusti anu Maha Agung, ngajadikeunnana, jeung wenang henteuna oge, tatapina maot mah geus wajib pisan.
115. Ceuk raina aduh-aduh bet sumuhun, karaos kacida, sadawuh-dawuh teh cocog, mana horeng kitu eta hartosna.
116. Mangga engkang Wahdaniat deui catur, margi kang rai mah, weleh bae can kahartos, jawab raka perkara Wahdaniat.
117. Eta kieu bilih rai tacan mafhum, ari Wahdaniat, sah Dzatna sah Sifatna teh, sah Asmana sarawuh dina Af’alna.
Layang Muslimin Muslimat 9
Kinanti
118. Sundana teh rai kitu, lamun teu acan mangarti, raina lajeng
ngajawab, kahartos ku tuang rai, ari dina sundana mah, mung rarapna can
kapikir.
119. Rakana lajeng ngawangsul, pasal Wahdaniat rai, tumerapna dinu
opat, dina baham soca cepil, pangangseu anu kaopatna, merwincikna kieu
rai.
120. Upami dina pangambung, dzatna teh pangngseu pasti, sahna teh
moal rek cidra, mun ngangseu minyak nu seungit, tetep seungit diakuna,
moal bet pahili deui.
121. Dua sah sifatna kitu, naon nu diangseu pasti, katilu jeung sah
Asmana, boh bau boh ngaran seungit, moal sulaya ngarana, bau hangru
pahang seungit.
122. Kaopat sah Af’alna kitu, sasat sah gawena deui, geuning
pangangseu teh nyata, tara daekeun pahili, nu bau tetep bauna, lamun
seungit tetep seungit.
123. Misah- misah bae tangtu, tah kitu sahna teh rai, sanajan munguh
di soca, sah dzat teh awasna pasti, sah sifatna oge nyata, naon anu
katingali.
124. Boh hideung beureum boh wungu, sakur sifat anu bukti, ari nu
katiluna, sah asmana oge sidik, kumaha dina sifatna, bet tara sulaya
deui.
125. Saterasna oge kitu, raina lajeng ngalahir, nuhun parantos
kapaham, ayeuna lajengkeun deui, dina hal perkawis Qudrat, rai tacan
mangarti.
126. Rakana jawab jeung imut, mangga diterangkeun deui dina hal
perkawis qudrat, sumangga dangukeun deui, kieu pihartieunnana,
mungguhing qudrat Yang Widi.
127. Qudrat teh kawasa kitu, tatapi kawasa Gusti, hanteu kalawan
pakakas, hanteu jeung parabot deui, tah kitu hartina qudrat, raina
ngawalon manis.
128. Walon raina sumuhun, tapi teu acan kaharti, kumaha pangawasana,
pang teu jeung parabot deui, rakana lajeng ngajawab, kieu rai mun can
harti.
129. Upami urang keur nuju, boga maksad hiji rupi, naon bae nu
diseja, saperti rek nyieun bumi, samemeh prak dipilampah, tangtu ku
urang dipikir.
130. Kumaha kahayang kalbu, rupana eta si bumi, boh panjangna boh
pondokna, sumawon majuna deui, ka kaler boh ka wetanna, kamarna pon kitu
deui.
131. Diatur-atur ku kalbu, dicipta-cipta ku ati, direrengga ku
kahayang, sangkan sieup eta bumi, upami enggeus kacipta, kana pisaeeun
eta bumi.
132. Lamun kitu tangtu luyu, da geus kacipta ku ati, geuning eta rai
nyata, geus ngadeg dijero ati, kana pirupaeunnana, sae awon eta bumi.
Layang Muslimin Muslimat 10
133. Kumaha rai kaemut, raina lajeng ngalahir, duh engkang kaemut
pisan, yaktos samemehna jadi, bumi mah enggeus kacipta, enggeus ngadeg
dina ati.
134. Ceuk rakana atuh nuhun, ari parantos kaharti, tapi engkang rek
nanya, ngadegna teh eta bumi, na kunaon parabotna, bol-bol geus jleg
katingali.
135. Raina lajeng ngawangsul, teu make parabot deui, ceuk rakana itu
diyah, ayeuna meureun kaharti, kitu kawasana Allah, raina gumujeng
manis.
136. Bari imut lajeng nyaur, duh engkang panuju teuing, yakin eta
katerangan, moal bisa dirobih deui, kumaha ari Iradat, muga diterangkeun
deui.
137. Lajeng rakana deui nyaur, Iradat mah kieu rai, Allah teh sifatna
kersa, kapan bukti anu tadi, eta bumi geus katinggal, nu ngadeg na jero
ati.
138. Kantun ayeuna mah atuh, jadikeun kersa rai, rek midamel bumi
tea, hakekatna mah geus jadi, ayeuna kantun sareat, buktikeun Iradat
rai.
139. Tapi rai mah geus teu kudu, rek midamelna teh bumi, moal cara
Gusti Allah, teu kalawan parabot deui, rai mah kudu sadia, nyadiakeun
bahan bumi.
140. Tihang kenteng jeung pamikul, palang dada cemped bilik, usuk
darurung jeung sarang, sumawon bedog ragaji, tatah baliung jeung rimbas,
palu gegep sugu deui.
141. Raina lajeng ngawangsul, ayeuna rai ngaharti, moal poho
salamina, jadi iman beurang peuting, kitu ngahartikeunnana, qudrat jeung
iradat Gusti.
142. Mangga engkang deui terus, sifat Ilmu dadar deui, kapambeng can
seep pisan, gantung dangu tuang rai, ulah alang kumapalang, sing seep
sama sakali.
143. Ceuk rakana mangga atuh, sifat Ilmu urang wincik, ari Ilmu rai
eta, ngahiji jeung Hayat pasti, ceuk raina naon sabab, Ilmu jeung Hayat
ngahiji.
144. Saur raka sabab Ilmu, hartina Ilmu teh rai, nyaeta kanyaho tea,
ari Hayat caang pasti, tah eta kitu sundana, numawi pasti ngahiji.
145. Sabab kanyaho teh tangtu, dina caang eta pasti, da moal aya
katerang, lamun poek buta rajin, sabab ari kanyaho mah, dina caang bae
sidik.
146. Dohir batin oge kitu, moal beda tangtu sami, dohirna lamun di
dunya, kumaha bisa ninggali, lamun hanteu aya caang, piraku boga
pamanggih.
147. Aya kanyaho teh tangtu, ku caang eta geus pasti, caang katinggal
ku soca, soca ieu anu jirim, bagian kajasmanian, caang tina matahari.
148. Elmu batin oge kitu, sing sidik ‘ainal yakin, sing tepi kana
caangna, caang ilmu sing kapanggih, tapi lain caang beurang, caang dina
jero ati.
149. Katinggali na teh kudu nyata ku panon ati, dina keur waktu
tarekat, mujasmedi ka Yang Widi, sidakep sinuku tunggal, nununggu sihing
Yang Widi.
150. Saur rai nuhun engkang, rai dipaparin ngarti, bade diestukeun
pisan, sakumaha saur tadi, lajengkeun deui ayeuna, kana Samma Basar
deui.
Layang Muslimin Muslimat 11
151. Sumawonna Kalam kitu, rai hayang enggal harti, saur raka teu
halangan, engkang rek nerangkeun deui, eta teh kieu hartina, nu kasebut
Samma tadi.
152. Hartina Allah ngadangu, tapi teu kalawan cepil, Bassar
teh Allah uninga, teu kalawan soca deui, Kalam Allah ngandikana, tapi
teu kalawan biwir.
153. Ceuk raina abdi bingung, kumaha sangkan kaharti,
kaharti jeung karasana, jen Allah lamun ninggali, hanteu kalawan ku
soca, ngadanguna teu ku cepil.
154. Lajeng rakana ngawangsul, lamun rai
hayang ngarti, udag anu tujuh basa, sifat dua puluh tadi, sahiji Qadiran
tea, Muridan kadua deui.
155. Aliman anu katilu, nu kaopatna Hayan
deui, kalimana teh Sami’an, Basiran ka genep deui, katujuh Mutakalliman,
tah eta masing kaberik.
156. Kieu eta anu tujuh, hartina sahiji-hiji,
mimitina teh Qadiran, hartina kawasa Gusti, Muridan Kersa Allah, Aliman
uninga Gusti.
157. Hayan teh hartina hirup, nyaeta hirupna Gusti,
Sami’an ngadangu Allah, Basiran Allah ninggali, katujuh Mutakalliman,
Allah nu ngandika deui.
158. Sabab eta anu tujuh, aya nyatana di diri,
aya dibadan sapata, mun kapanggih tangtu hasil, kabuka hijabna Allah,
kabingung teh tangtos leungit.
159. Malah-malah rai lamun, kapanggih nu
jutuh tadi, sifat-sifatna kapendak, dina sakujuring diri, tapi
sanggeusna kapendak, tarekatna pek pilari.
160. Mun tarekatna kasusul,
tanwande Ma’rifat jati, kana dzatna Gusti Allah, nu caang sajero ati,
carek babasan jawa mah, teangan sajero dzikir.
161. Nu kaya dilah
gumantung, kaya sarangenge bijil, gumantung tanpa cantelan, kitu ceuk
babasan jawi, tatapi lamun kapendak, jasmani tangtuna sepi.
162. Rasa
moal boga wujud, kagenten ku warna rupi, nyaeta nu tadi tea, nu kaya
sarangenge bijil, kaya lintang karahinan, jeung kaya emas sinangling.
163. Rai lamun enggeus kitu, kakara tangtu mangarti, kana Nafi sareng
Isbat, karasa sareng kapikir, lamun teu acan kapendak, kumaha bisana
harti.
164. Malah dalil Antal Mautu, Qoblal Mautu kapanggih, hartina
bisa ngarasa, paeh samemeh mati, raina lajeng ngajawab, rada keder pikir
rai.
165. Aya paeh memeh pupus, naonnana anu mati, lamun nyawana anu
wafat, atuh moal balik deui, gumelar deui ka dunya, rai weleh teu
ngarti.
166. Ceuk raka kade kaliru, sanes nyawana anu mati, sategesna
rasa nyawa, nu paeh sama sakali, ari rasa nyawa eta, sategesna nafsu
dohir.
167. Dina waktu eukeur kitu, teu inget ka anak rabi, sumawon ka
harta banda, diri ge teu kapieling, wungkul cengeng ka dzat Allah,
ninggal ku sajero ati.
168. Kitu lamun teu mafhum, eta anu saperkawis,
nu kadua perkawisna, kudu ngersakeun misti, dina nyerina sakarat, jalan
paeh ke diakhir.
Layang Muslimin Muslimat 12
169. Geuning ceuk basa
karuhun, ka anakna ngaweweling, he barudak kudu bisa, nganjang ka pageto
misti, supaya maneh waluya, sangkan lampah ati-ati.
170. Geura pek ku
rai emut, eta saur sepuh tadi, nu bener kabina-bina, geuning ayeuna
kapanggih, bet aya dina hadisna, babandingan basa tadi.
171. Nyaeta
Antal Mautu, jeung Qoblal Mautu deui, kapan teu beda maksudna, kudu paeh
memeh mati, sihoreng sangkan baroga, kasieun engke di ahir.
172. Lamun
geus ngarasa pupus, sasat geus ngarasa nyeri, ngarasa rasa sakarat,
piraku rek liwar teuing, ngajujur laku ma’siat, da aya kasieun pasti.
173. Jeung nambahan kana suhud, milampah parentah Nabi, rukun Islam anu
lima, tah kitu jadina rai, Nagara ge tangtu aman, sabab geus boga
pamilih.
174. Mun geus junun ka Yang Agung, laku dohir ge dipilih, moal
sagala disorang, memeh prak tangtu dipikir, tangtu dianjangan heula,
diciptacipta ku ati.
175. Ibaratna karep nafsu, niat hayang maling duit,
barang-barang upamana, lamun urang inget tadi, kana saur sepuh tea, yen
kudu inget di ahir.
176. Nganjang kapageto kudu, tangtu ku urang
dipilih, naha kumaha jadina, lamun nurut nafsu tadi, maling banda anu
lian, salametna jeung balai.
177. Raina lajeng ngawangsul, leres
kahartos ku rai, bener lamun geus kitu mah, nafsu goreng teh kajaring,
sasat geus aya pagerna, nu kuat kaliwat saking.
178. Ayeuna aya pihatur,
rek malikan anu tadi, sifat dua puluh tea, saur engkang tadi geuning,
dibagi deui ku opat, ku rai tacan kaharti.
179. Ceuk rakana bener kitu,
dibagi ku opat deui, hiji ngarana Nafsiah, kadua Salbiah deui, katilu
Ma’ani tea, opat Ma’nawiyah deui.
180. Saur rai geus kamafhum, ngarana
nu opat tadi, malah jeung barangbarangna, ku rai geus kaharti, Nafsiah
nyaeta nafas, sifatna irung nu bukti.
181. Salbiah paninggal kitu,
sifatna soca nu bukti, Ma’ani pangdangu tea, sifatna nyaeta cepil,
Ma’nawiyah teh pangucap, sifatna baham geus pasti.
182. Mung naroskeun
teh kulanun, eta nu opat tadi, sabaraha bagiannana, naha beda naha sami,
bagian hiji-hijina, tadi rai hilap deui.
NERANGKEUN
SIFAT DUA PULUH
DIBAGI 4 SARENG DITERANGKEUN DINA BARANG-BARANGNA ANU NYATA
Sinom
Layang
Muslimin Muslimat 13
183. Rakana lajeng ngajawab, kieu rai mun can
harti, bagian hiji-hijina, tangtu beda hanteu sami, Nafsiah mah ngan
sahiji, bagiannana teh kitu, ari bagian Salbiah, lima teu salah deui,
Ma’ani mah tujuh nya bagiannana.
184. Ma’nawiyah anu kaopat, bagiannana
geus pasti, tujuh eta hanteu salah, raina lajeng ngalahir, leres
parantos kaharti, mung naon sababna kitu, mana bet teu sarua, mugi rai
parin harti, ceuk rakana kieu ari sababna mah.
185. Nurutkeun kuma
buktina, barangna sahiji-hiji, tangtu bae teu sarua, da sifatna ge teu
sami, baham soca jeung cepil, pangambung ge pon nyakitu, malah
pagaweannana, geuning bukti hanteu sami, soca cepil baham angseu
beda-beda.
186. Saur rai nuhun engkang, ayeuna rai mangarti, dina hal
beda-bedana, anu mawi hanteu sami, jeung dina damelna deui, kahartos
pisan kulanun, mung aya kapanasaran, bagiannana nu tadi, saur engkang
bagiannana Nafsiah.
187. Sahiji bagiannana, Salbiah lima geus pasti,
Ma’ani tujuh teu lepat, Ma’nawiyah tujuh deui, tah eta nyuhunkeun bukti,
barangna hayang kamafhum, dina baham dina soca, dina pangambung jeung
cepil, enggeus tangtu kanyataannana beda.
188. Ulah ngan tuduh apungan,
kang rai mah hayang sidik, ulah kabar ulah beja, nyuhunkeun nu sidik
bukti, supaya ulah taklid, ngan ngandel ka beja wungkul, rakana lajeng
ngajawab, ngagelenyu imut manis, edas bae rai mah katalanjuran.
189.
Naha nganggo teterasan, sakitu ge cekap rai, montong bet sareng buktina,
raina unjukan deui, lamun kitu mah taklid, upami kitu mah wadul, sabab
moal jadi iman, ngaji Asma bae badis, kang rai mah hayang nyata jeung
buktina.
190. Sabab seueur nu miwulang, ka rai parantos sering,
ngupingkeun nu ngawurukan, nyaurkeun dina bab ngilmi, caritana beres
luis, dalil Qur’an Hadis kitu, dupi pek dipataroskeun mah,
ngaraoskeunnana dalil, jeung dipenta mana pibarangeunnana.
191. Sok
buntu hanteu ngajawab, rajeun oge mere harti dijawab deui ku basa, dalil
dijawab ku dalil, sanes dijawab ku bukti, atuh ati teh nalapung, teu
kaharti teu karasa, ngan apal asmana badis, ngaji omong atuh mo aya
tungtungna.
192. Jawab raka atuh mangga, rek dibuktikeun sing sidik,
dina perkawis Nafsiah, bagiannana ngan hiji, geuning sifatna ge hiji,
nyatana eta pangambung, irung rai hanteu dua, kitu nyatana kang rai, anu
mawi ngan hiji bagiannana.
193. Ceuk raina leres nyata, paingan Nafsiah
hiji, dina hal bagiannana, ayeuna mah rai ngarti, ayeuna sumangga deui,
Salbiah ku engkang catur, kumaha eta barangna, nu mawi lima di pasti,
naon tea nyatana dina barangna.
Layang Muslimin Muslimat 14
194.
Ngawalon deui rakana, perkawis Salbiah rai, kapan eta dina soca, aya
lima perkawis, barangna nu bukti, bae geura urang itung, hiji bobodasna
soca, dua hihideungna deui, nomer tilu kokonengna tina soca.
195.
Kaopatna anu nyata, beubeureumna soca rai, ari anu kalimana, heherangna
panon sidik, tah rai geuning bukti, lima barang jadi gulung, kawasana
Gusti Allah, dina saban-saban jinis, tangtu pisan aya bae rasiahna.
196.
Raina lajeng ngajawab, mun kitu mah kaharti, karasa aya barangna,
ayeuna lajengkeun deui, terangkeun hal Ma’ani, nu kasebat nomer tilu,
eta naon barangna, anu nyata dina cepil, anu mawi bet jadi tujuh
bagiannana.
197. Ceuk rakana mun can terang, eta dina cepil rai, naha
tara pangangguran, milang lelegokna cepil, kapan eta sidik lelegokna
cepil tujuh, katujuh jeung liangna, pang moal aya mubadir, pang lalegok
tangtu aya sababna.
198. Olohok Raden Muslimat, mata simeuteun ninggali,
ka rakana lami pisan, wekasan gumujeng manis, bari teras ngalahir, duh
engkang sarebu nuhun, rai kakara mendakan, anu nyaurkeun bab Ilmi,
kasauran dibuktikeun jeung barangna.
199. Ayeuna mah ulang kapalang,
lajengkeun sahiji deui, anu ngaran Ma’nawiyah, naon barangna nu bukti,
numawi tujuh dipasti, bagiannana teh kitu, supaya gulung pisan, sifat
dua puluh tadi, ngagulungna kanu opat sing karasa.
200. Rakana deui
ngajawab, Ma’nawiyah eta rai, numawi bagiannana tujuh hanteu salah deui,
geus tangtu aya bukti, moal catur hanteu puguh, geus tangtu aya
barangna, geura rek didadar deui, anu tujuh disajero Ma’nawiyah.
201.
Kahijina anu nyata, nyaeta ngaranna biwir, biwir rai nu ti handap,
kaduana deui biwir, eta anu katinggali, nyatana biwir anu luhur, gugusi
anu katiluna, nu tiluhur tea bukti, kaopatna gugusi beulah ti handap.
202. Ari anu kalimana, nyaeta ngaran lalangit, lalangit anu ti handap,
kagenep deui lalangit, geuning eta sidik bukti, lalangit belah ti luhur,
ari anu katujuhna, ditengah letah sahiji.
203. Gumujeng Raden Muslimat,
cisocana munggah bijil, rambay bakating ku ngeunah, aduh-aduh engkang
sidik, sifat dua puluh bukti, kanu opat geus ngagulung, tembong aya
barangna, enggeus sidik katingali, namung waos naha bet hanteu kabilang.
204. Kapan aya jeung buktina, sidik pisan katinggali, eta dina jero
baham, bet kaliwat hiji deui, naha engkang teh lali, aya hiji nu
kalarung, naha engkang bet diliwat, rai mah mun kitu, moal nampi dina
eta Ma’nawiyah.
205. Rakana ngabarakatak, gumujeng mani ngagikgik, bari
nyaur ka raina, duh rai karunya teuing, naha bodo-bodo teuing, bet manah
make kaliru, kapan eta huntu mah, datangna oge pandeuri, sanggeus urang
kaasupan aci dunya.
Layang Muslimin Muslimat 15
206. Ari balik
pangheulana, kitu moal salah deui, raina mani ngarenjag, bakating ku
raos isin, ngadebat rasa rek hasil, kari-kari ngabulucun, tungkul
ngahuleng teu jawab, arek jawab deui ajrih, jadi teu pok kabujeng karasa
pisan.
207. Wekasan neda hampura, mugi ulah bendu galih, sanes maksad
rek ngadebat, mung kaliru pikir rai bakating handeueul ati, lamun aya nu
kantun, jadi moal cios ni’mat, sifat dua puluh leuwih, ayeuna mah nuhun
parantos lugina.
208. Rai saumur nembean, ngupingkeun carios Ilmi, saur
teh sareng buktina, kanyataan dina diri, moal burung tereh harti, da
sanes ku saur wungkul, samangsa aya barangna, tangtu karasa kaharti,
ngaji diri ieu teh sayaktosna.
209. Paingan aya dalilna, Iqro kitabaka
dalil, kafa binafsika tea, Alyauma ‘alaika deui, Hasiba unina dalil,
sundana anu kamasyhur, yen wajib pisan manusa ngaji teh kudu ngajinis,
nyaeta ngaji saadeging badan.
210. Ulah ngaji luar badan, matak
ngajauhkeun Gusti, teu ngarasa babarengan, siang wengi ngangliputi,
rakana lajeng ngalahir, bener rai eta kitu, sanggeusna maca daluang,
terus ngaji luang deui, nyaeta rasakeun daluang tea.
211. Dihartikeun
dilenyepan, dirarapkeun kana diri, sing cocog jeung sareatna, hakekatna
mah geus pasti, aya didiri pribadi, nu matak kudu diemut, kalawan make
tarekat, sangkan bisa ma’rifati.
212. Sareat sareng hakekat, tarekat
ma’rifat deui, teu beunang dipisah-pisah, kudu gulung jadi hiji, boh
dina lakon agami, sumawonna dina ilmu, kudu gulung anu opat, sabab
manusa ge geuning, sampurna bisa gumelar di dunya.
213. Taya lain ngan
ku opat, pangucap pangangseu deui, katiluna ku paninggal, kaopat
pangdangu pasti, jadi lamun kurang hiji, teu sampurna urang hirup, komo
lamun kurang dua, pinasti moal katepi, sumawonna kurang tilu nyucud
pisan.
214. Raina lajeng unjukan, duh engkang karaos teuing, sadaya
piwejang engkang, estu nyerep kana ati, sumarambah kana bayah, geus
sumurup kana kalbu, namung rai ayeuna, ka engkang rek naros deui, eta
sifat dua puluh saterasna.
215. Manawi aya kebatna, salangkungna tinu
tadi, nu geus dipisaur, rakana lajeng ngalahir, masih teras eta sifat
rai, pasal sifat dua puluh, lajengna jadi aksara, sabab aksara ge pasti,
meunang nyutat tina adeging manusa.
216. Ngawalon deui raina, kumaha
engkang nu mawi, didamel deui aksara, sifat dua puluh tadi, keur
dameleun naon deui, rakana lajeng ngawangsul, pikeun ngaunikeun Qur’an,
wetna Agama sabumi, jalan jalma ibadah ka Gusti Allah.
217. Jeung pikeun
ngamankeun dunya, sangkan manusa didohir, hirupna bisa waluya, repeh
rapih jeung sasami, anu mawi aya Agami, bakat Layang Muslimin Muslimat
16 asihna Yang Agung, ngamulyakeun ka manusa, ti dunya nepi ka batin,
diunggulkeun tina sasama mahlukna.
218. Ngajawab deui raina, yaktos
kahartos ku rai, pimaksudeunnana aksara, tapi naha eta mahi, ku aksara
anu tadi, ku hurup nu dua puluh, pikeun ngaunikeun Qur’an, rakana lajeng
ngalahir, tangtu bae cukup moal enya kurang.
219. Malah-malah tujuh
welas, hakekatna mah kang rai, ku sakitu oge cekap, raina ngajawab deui,
ku rai tacan kaharti, hurup Qur’an ngan sakitu, kapan sadaya ge terang,
tilu puluh hurup pasti, ceuk rakana eta mah rangkepannana.
220. Bibitna
mah moal salah, dua puluh bae pasti, kumargi lantarannana, sifat dua
puluh tadi, sifatna Gusti Yang Widi, teu kurang sumawon langkung, moal
enya ngaleuwihan, ti sifatna maha suci, seueur soteh eta mah
rangkepannana.
221. Ngawalon deui raina, ku rai tacan kaharti, huruf
Qur’an tujuh welas, beuki kurang wae geuning, kamana sawareh deui, da
moal leungit teu puguh, tangtu aya sumurupna, muga diterangkeun deui,
ulah pambeng engkang ka rai miwejang.
222. Ceuk rakana mun can terang,
katerangannana rai, nu mawi ku tujuh welas, cukup teu kurang teu leuwih,
tapi hakekatna rai, hakekatna eta huruf, sareatna mah teu salah, aya
tilu puluh bukti, sabab kieu rai kateranganna.
223. Geuning dina
sembahiyang, dina sapoe sapeuting, ngan tujuh welas raka’at, hanteu
kurang hanteu leuwih, malah rukunna ge rai, tujuh welas eta puguh, tah
geuning dina ibadah, ku tujuh welas ge mahi, tarekatna nyusul anu tilu
sifat.
224. Ceuk raina naon tea, nu tilu teh can kaharti, nu disusul ku
tarekat, ku tujuh welas raka’ati, ceuk rakana taya deui, ku sadaya nu
disusul, hiji Dzatna Gusti Allah, kadua Sifatna deui, nu katilu, Asmana
Allah ta’ala.
225. Asmana nu hiji tea, nu mahi ka tujuh bumi, tujuh
langit sadayana, tah eta anu diberik, nu mawi Qur’an ge rai, hurupna teh
ngan sakitu, hakekatna tujuh welas, nyaeta nyusul nu tadi, Dzat,
Sifatna Asmana Allah ta’ala.
226. Kanyataan aksarana, anu tilu teh kang
rai, nu teu aya dina Qur’an, aksara Ca nu kahiji, dua aksara Nya deui,
aksara Nga nu katilu, tah eta anu teu aya, dina Qur’an teu ditulis, da
hakekat dzat sifat asmana Allah.
227. Atawa Allah Muhammad, katiluna
Adam deui, tah eta nu diteangan, diberikna kunu tadi, ku tarekatna
Agami, nyaeta dina waktu, waktu anu lima tea, dina sapoe sapeuting,
kapan raka’atna eta tujuh welas.
228. Saur rai geus kapaham, pasal
tarekat agami, bener dina waktu lima, dina sadinten sawengi, tujuh welas
raka’ati, hanteu kurang hanteu punjul, tapi naha kang rai mah, weleh
bae teu kapanggih, dzat sifat asmana Allah ta’ala.
Layang Muslimin
Muslimat 17
229. Akbarna hanteu kapendak, tur ibadah ti leuleutik, teu
ninggalkeun waktu lima, rai bingun liwat saking, najan dicipta ku ati,
weleh bae teu kaemut, anggur hate ambariang, cus cos ka sagala rupi,
aduh engkang kumaha atuh petana.
230. Sangkan sampurna ibadah, ulah gawe
tanpa hasil, rakana lajeng ngajawab, puguh wae atuh rai, sabab aya dina
Hadist, mun amal teu reujeung ilmu, batal teu jadi amalna, bukti rai
oge gening, bet teu raos karaosna, ku salira.
231. Da make bingung
sagala, pertandana hanteu, jadi hanteu beresih nya manah, jadi mang-mang
ati rai, ayeuna mung hayang bersih, ibadah ka Maha Agung, hempek geura
teangan, tarekat na Ilmu Wali, mun ka pendak geus tangtu bisa ma’ripat.
232. Buktikeun hurup aksara, anu tujuh welas tadi, teangan dina salira,
jalan tarekatna Ilmi, pikeun nyusul anu tadi, Dzat Sipat Asma Yang
Agung, tanwande bisa kapendak, katinggal ku rasa jati, mimitina teangan
nu tujuh welas.
233. Da moal enya bet beda, jeung tarekatna Agami,
pada-pada tujuh welas, ngan aya beda saeutik, dina migawena rai, ari ku
tarekat ilmu, nu tujuh welas aksara, bareng dipakena rai, sawaktuna
tujuh welas-tujuh welas.
234. Nu mawi bisa ma’ripat, kana jatining
Agami, tah kitu rai sababna, pang kudu ma’ripat jati, sangkan urang keur
di dohir, sampurna ibadah kitu, ngalakonan rukun Islam, parentahna
Kangjeng Nabi, alus pisan daek amal jeung elmuna.
235. Raina lajeung
unjukan, nuhun ku rai kaharti, ayeuna kantun neangan, neangan tarekat
ilmi, tapi moal tebih teuing, kawas-kawasna kulanun, ceuk babasan tea
mah, tamiang meulit ka bitis, nya kang raka anu bade di guruan.
236.
Rakana mesem sakedap, lajeng raina ngalahir, rai aya keneh bingbang,
pasal dina hurup tadi, anu tilu tacan harti, huruf Ca Nya jeung Nga
kitu, nu teu aya dina Qur’an, naha engkang naon margi, pang teu aya ku
rai can kalenyepan.
237. Rakana enggal ngajawab, atuh da eta mah bibit,
bibitna sagala rupa, nu langgeng teu owah gingsir, dzat sipat asmana
gusti, Allah jeung Muhammad Rasul, Adam anu katiluna, bibit Nabi bibit
Wali, ceuk raina kumaha sabab-sababna.
238. Rakana deui ngajawab, kieu
rai mun can harti geura eta teh aksara, anu tilu tea tadi, Ca nya jeung
huruf Nga deui, cecekna paek geura itung, aya sabaraha jumlahna, ceuk
rai salapan pasti, tilu-tilu dina sahiji aksara.
239. Tah eta saur
rakana, hakekatna para Wali, sareatna geuning aya, di Cirebon geus
bukti, Wali salapan kawarti, Wali tunggal kasapuluh, raina lajeng
ngarenjag, percanten kaliwat saking, hakekat teh geus tangtu aya
sare’at.
Layang Muslimin Muslimat 18
240. Tapi bieu mah hakekat, nyandak
tina huruf tulis, kumaha ari hakekatna, Wali di diri pribadi, da kapan
kudu ngajinis, ngaji saadeging wujud, naha aya nyatana, hakekatna para
Wali, dina ieu saadeging wujud urang.
241. Ceuk rakana nya kantenan, aya
mah teu salah deui, pek bilang cecekna badan, aya sabaraha hiji,
hartina liangna diri, raina mani ngaranjug, margina teh nyata pisan,
liang-liang di jasmani, nu dilihur tujuh jeung dua dihandap.
242.
Kasapuluh Wali tunggal, tunggalna wujud pribadi, ceuk rakana nuhun pisan
rai gancang mangarti, raina ngajawab deui, berkah tapi rada bingung,
lantaran ceuk carita, ma’nana Wali teh pasti, hartina teh pangurusna hal
agama.
243. Wawakilna rasulullah, eta kitu nu wawarti, rakana lajeng
ngajawab, atuh bener bae rai, kitu ma’nana Wali, nyatana eta pangurus,
naha rai teu rumasa, diurus beurang jeung peuting, kapan sidik nu ngurus
salapan liang.
244. Geuning lamun hayang dahar, diurus ku baham pasti,
kitu deui hayang ninggal, diurus ku panon bukti, hayang ngangseu kitu
deui, tangtu diurus ku irung, hayang ngadenge ge nyata, diurus ku cepil
rai, kiih ngising diurus ku liang handap.
245. Tadi rai sasauran, Wali
teh wawakil Gusti, wawakilna Rasulullah, eta oge bener deui, naha eta
liang tadi, lain wawakilna Rasul, teh nyaeta rasa, rasa mah kapan gaib,
nu bukti mah panon cepil irung baham.
246. Raiana emprak jeung senggak,
bari nyaur nuhun teuing kaharti, lamun kitu mah, leres teu tebih ti
diri, ku bawaning nya ngahiji, sagala rupa teh kumpul, arasup ka wujud
urang, kana saadeging diri, hanteu ingkah hanteu ical ti salira.
247.
Anamung rai ayeuna, ka raka rek naros deui, manawi teu jadi lepat, aya
nu tacan harti, mugi ulah bendu galih, ceuk rakana rebu nuhun, naon oge
pamariksa, anu ku engkang kaharti, moal luput ku engkang tangtu didadar.
NERANGKEUN ALAM NU TUJUH
1. Alam Ahadiat,
2. Alam Wahdat,
3. Alam
Wahidiyat,
4. Alam Arwah,
5. Alam Ajsam,
6. Alam Misjal,
7. Alam Insan
Kamil
Dangdanggula
248. Ceuk raina seueur nu can harti, kang rai teh can
pati paham, wincikan alam sakabeh, hiji Ahadiyatu, dua Wahdat nu
kawarti, katilu Wahdaniyat, opat Arwah masyhur, nu kalima alam Ajsam, nu
kagenep alam Misjal can kapikir, ari anu katujuhna.
Layang Muslimin
Muslimat 19
249. Nyaeta alam Insan Kamil, sadayana teu acan kapaham,
dina ngarasakeunna teh, medeng estu halimun, barangna pon kitu deui,
tacan karasa kapaham, mugi dipitutur,ulah kapambeng nya welas, atuh saha
anu rek miasih, lian ti salira engkang.
250. Moal aya nu baris hawatir,
lamun sanes ti salira engkang, deungeundeungeun atuh komo, moal kersa
mitutur, numawi ieu kang rai, ka engkang tangtos maksa, nyuhunkeun
diwuruk, piwuruk nu saleresna, tina margi kanu sanes mah teu wani,
kumargi kurang conggahna.
251. Najan conggah kanu sanes wani,
mending-mending lamun terus terang, ngawakcakeun nu sayaktos, kumaha
lamun wadul, teu kersaeun mukakeun sosi, dilampat dipageuhan, tangtos
tambah bingung, jadina tangtu ngacaprak, tungtungna teh nuduh kanu lain,
rai teh tangtos ngacona.
252. Rakana teh ngawalon jeung manis, aduh rai
bener kitu pisan, lamun aya kahoyong teh, kudu keukeuh tanda kukuh,
boro-boro dulur pribadi, sanajan kanu lian, mun harep berilmu, kudu
keukeuh peuteukeuhna, hayang ngarti ulah arek lanca linci, mundur maju
nu diseja.
253. Gera kieu bisi tacan harti, hal perkawis alam Ahadiyat,
eta alam gaib keneh, gaib leuwih gaib, dalilna ge nu kauni, Dzatlaisa
tah saksina, Kamislihi kitu, kieu pihartieunnana, sategesna, dzat nu teu
aya upami, teu aya nu nyaruaan.
254. Ku bakating Bila Haiffin rai,
sategesna teu warna teu rupa, hanteu beureum hanteu koneng, teu hideung
bodas teu paul, teu poek teu caang deui, jadi tacan aya sifat, estu
masih suwung, jenengan ge tacan aya, tapi wajib ayana Yang Maha Suci,
suwung teh dina ayana.
255. Salajengna Ahadiyat tadi, rek ngersakeun
kakawasaannana, ibaratna ngalalakon, di alam Wahdat kitu, alam dzat
sifat teh bukti, didinya Ahadiyat ngaluarkeun Nur anu ngaran Johar Awal,
atawana sagaraning hirup deui, tangkal nyawa sadaya.
256. Enya eta anu
kasebat deui, hakekatna Muhammad wiwitan, utusan Gusti Yang Manon, atawa
anu kasebut sajatina sahadat pasti, nyaeta saadatna, dzat jeung sifat
gulung, Ahadiat sareng Wahdat, geus teu pisah ngajadi gulung ngahiji,
ibaratna dina seuneu mah.
257. Geus ngahiji panas sareng api, Ibaratna
panas Ahadiyat, dupi ibarat Wahdat teh, nyaeta seuneu nu hurung, geus
teu pisah ngajadi hiji, sipanas jeung hurungna, numawi disebut, jatining
sahadat tea, atawa saadatna waktu tadi, ngahijina dzat sareng sifat.
258. Datlaesa eta Maha Suci, nyaeta ibaratna panas, anu teu warna rupa
teh, jeung taya upama kitu, sifat kanyataan pasti, nya hakekatna
Muhammad, numawi disebat Muhammad Rasulullah, didamelna ku Gusti nu Maha
suci, wiwitan sareng wekasan.
259. Wiwitanna Johar Awal pasti, nyaeta
cahayana Allah, wekasanna ge geus ‘aen, majajina Kangjeng Rasul, nu
sumareh di Madinah sidik, nyaeta
wekasannana, utusan Yang Agung, panutup Nabi sadaya, eta kitu
katerangannana rai, pasal Ahadiyat Wahdat.
Layang Muslimin Muslimat 20
260. Saur rai nuhun rebu
nuhun keti, tina margi kang rai ayeuna, pasal eta bisa ngartos, sareng
percanten kalangkung, paingan kedah kapanggih, ma’rifat kana dzat sifat,
Gusti Maha Agung, da eta bibit sadaya, nya percanten mun ma’rifat
enggeus pasti, maot teh tangtos sampurna.
261. Salajengna mugi
dipiwarti, dina alam anu katiluna, nu ngaran Wahidiyat teh, sifat naon
anu dumuk, kaayaannana nu sidik, sumangga geura piwejang, sangkan rai
mafhum, rakana lajeng ngajawab, kaayaan dina Wahidiyat rai, hakekat Nur
Muhammad.
262. Nyaeta sorotna nu tadi, tina Johar Awal, dzat sifatna
Allah, Hakekat Muhammad eces, sifatna padang alus, bijil cahya opat
rupi, cahya beureum mimitina, dua koneng kitu, katilu cahaya bodas,
kaopatna cahaya hideung geus pasti, ngarana Nur Muhammad.
263. Muhammad
anu caang tadi, atawana Nurullah disebat, tah eta Nur Muhammad teh,
hakekat Adam disebut, bibit pikeun alam dohir, atawa Asmana Allah, nu
opat teh kitu, jadi lafad Alif Lam Lam, kaopatna He eta teu salah deui,
tadina ge asma Allah.
264. Dina alam katilu geus pasti, enya eta alam
Wahidiyat, pan kieu merelena, dzat nu mimiti disebut, dua sifat nu
kawarti, kakara kana asma, gening nomer tilu, eta kanyataannana sanggeus
aya Nur Muhammad eta pasti, atawa hakekat Adam.
265. Anu tilu gulung
jadi hiji, gulung Allah Muhammad jeung Adam, kieu ceuk dina dalil teh,
Wanahnu Aqrobu kitu, Ilaihi Min Habril Warid, tah rai eta saksina,
piraku ngawadul, dalil sakitu ecesna, mun teu ngandel kana dalil kupur
kapir, numatak kudu karasa.
266. Den Muslimat pek ngalahir deui, duh
engkang nuhun rebu laksa, sadaya saur kahartos, estu merele kalangkung,
cocog sareng dina hadis, caritana mah gelar, ti kapungkur-pungkur, ngan
jalmana anu liwar, teu ihktiar neangan tarekat ilmi, sangkan bisana
ma’rifat.
267. Ayeuna mah pek teraskeun deui, nyaeta alam anu kaopat,
alam Arwah can kahartos, naon nyatana anu dumuk, rakana lajeng ngalahir,
alam Arwah nu kaopat, papay heula atuh, tadi anu tilu alam, kanyataan
dzat sifat asmana Gusti, meureun anu kaopatna.
268. Kantun Af’al Gusti
Maha suci, nyaeta alam Arwah tea, bilih rai tacan nyaho, nya ieu dunya
dumuk, bumi cai seuneu angin, numatak disebut arwah, piroheun geus
tangtu, pigetiheun sayaktosna, bibit Adam Manusa pon kitu deui, majajina
mah tidinya.
269. jadi ieu bumi angin cai, nyaeta sorot tadi tea, tina
Nur Muhammad eces, Af’alna Gusti Yang Agung, kakawasaannana buktina ieu
alam dunya, babakalna dumuk, eta ti Nur Muhammad, anu tadi ku engkang
geus dipiwarti, cahya anu opat tea.
Layang Muslimin Muslimat 21
270.
Cahya beureum sorotna ngajadi, jadi hawa seuneu hanteu salah, buktina
panas seuneu teh, sorot nu kadua kitu, tina cahya koneng tadi, nya jadi
angin buktina, ari nu katilu sorotna cahya nu bodas, jadi cai kanyataan
nana bukti, ari nomer kaopatna.
271. Tina sorot cahya hideung tadi, jadi
tanah kanyataannana, ari eta nu opat teh, dihirupkeunnana tangtu, ku
sorotna Matahari, sifatna nyaeta caang, geura bae lamun, mun didunya
taya caang, moal enya manusa bisa harurip, tatangkalan oge musna.
272.
Tapi eta Panonpoe tadi, moal caang mun teu kasorotan ku dzat sifatna
Yang Manon, nu tadi geus dipitutur, teu beda lahir jeung batin,
didohirna geuning nyata, bumi angin banyu, seuneu anu kaopatna, gening
eta jadi asma Allah yakin, Alif Lam Lam He nyatana.
273. Caang mah tina
Matahari, nyaeta nu jadi Tasjidna, nu ngahirupkeun sakabeh, didunyana
oge tangtu, aya asmana Yang Widi, hiji mahi kasadaya, ngangliputi estu,
kitu katerangannana, geura manah ku rai masing lantip, dina karasa
henteuna.
274. Saur rai teu kinten kaharti, hanteu kedah diemut da
paham, sabab parantos karaos, moal mungkir deui kalbu, ku rasa parantos
kaharti, sasat geus katarima, ku Rasulullahu, buktina ku teu bingungna,
samangsana hanteu bingung eta sidik, tanda-tanda geus benerna.
275.
Kantun eta anu kalima deui, enya eta alam Ajsam tea, naon buktina anu
‘aen, rakana enggal ngawangsul, perkawis Ajsam anu tadi, nyaeta nyatana
jasad, manusa satuhu, asal tina opat rupa, tina bumi cai seuneu reujeung
angin, kieu bilih kurang terang.
276. Anu mawi jasad ieu rai, asalna
teh cai angin taneuh, sareatna ge karaos, lamun Rama sareng Ibu, hanteu
barang tuang rai, aci-aci anu opat, bukti ngajarentul, sifat-sifat
kajadian, tatangkalan anu nanceb dina bumi, buahna kapan dituang.
277.
Sabab sidik tatangkalan pasti, pangna bisa ngagedean tangkal, kapan
bukti enggeus ‘aen, ku opat tadi geus tangtu, aci bumi hawa angina, hawa
panas katiluna, opat hawa banyu, coba rai lamun melak, naon bae boh
pare atawa kitri, mun dikirangan sarupa.
278. Kinten-kinten eta bisa
jadi, lamun hanteu aya anu sarupa, mun cai anu teu aya teh, enggal raina
ngawangsul, atuh moal bisa jadi, sakabeh ge tatangkalan, huripna ku
banyu, ceuk rakana geuning nyata, jadi sidik kabeh anu jaradi, aci nu
opat perkara.
279. Kajadian dina diri rai, nyaeta kulit rai nyata, dua
daging enggeus ‘aen, tulang rai anu katilu, kopatna sungsum rai, teras
nya kajadian, hawa kulit balung, tina daging sungsum tea,kajadian jadi
nafsu opat rupi, sahiji nafsu Amarah.
280. Hawa asal tina daging rai,
bijilna teh ka cepil jalanna, dua nafsu Lawamah teh, hawana tina
sungsum, bijilna ka panon rai, katilu nafsu
Sawiyah, hawa kulit tangtu, jalanna teh kana baham, kaoptana nafsu
Mutmainah deui, kajadian hawa tulang.
Layang Muslimin Muslimat 22
281. Ka pangambung bijilna teh
pasti, karepna ge tangtu beda-beda, aya nu sae aya nu awon, meureun ku
rai kamafhum, teu kedah didadar deui, piraku tacan kamanah, dikarep
sinafsu, raina teras ngajawab, pasal eta teu kedah didadar deui, da eta
mah geus kapaham.
282. Namung eta dua alam deui, alam Misjal naon
sanyatana, rakana lajeng ngawalon, tah eta rai pang kudu, diwajibkeun ku
Maha Suci, manusa kudu ikhtiar, kudu nyiar elmu, pikeun nganyahokeun
asal, asal jasad dina waktu keur di Kadim, nyaeta nu opat tea.
283. Nur
Muhammad beureum bodas koneng, kaopatna cahya hideung nyata, asalna
jasad urang teh, lamun jalma enggeus weruh, kana eta opat perkawis, jeung
kalawan yakinna, hanteu omong wungkul, nya ngaranna alam Misjal, enya
eta ma’rifat ka alam tadi, tah kitu tuturannana.
284. Ceuk raina aduh
nuhun teuing, engkang heman keresa miwejang, ka rai nu masih bodo,
namung ayeuna panuhun, teraskeun sahiji deui, alam anu katujuhna, Insan
Kamil kitu, martabat anu kumaha, anu enggeus nepi kana Insan Kamil,
sumangga ku engkang dadar.
285. Rakana teh ngajawab jeung manis, anu
enggeus dina pangkat eta, pameakan nu ngilmu teh, sasat nu geus
ma’rifatu, kana dzat sifat Yang Widi, nyaeta nu tadi tea, Johar Awal
kitu, eta jatining Sahadat, enya-enya sajatining Iman deui, bibit nyawa
sadayana.
286. Anu mawi pangkat Insan Kamil, hartina teh manusa
sampurna, geus tepi ka asal teh, nyaeta sagara hirup, kasampurnaan nyawa
rai, tangtu bisa balikna, ka asal kapungkur, mulih ka jati mulang ka
asal, moal cidra Gusti Allah enggeus jangji, ka sakabeh nu ma’rifat.
Pangkur
287. Saha manusa anu terang, nu ma’rifat kana dzat Maha suci,
nalika di dunya kitu, terus tepi ka Aherat, moal pisah jeung dzatna
Gusti Yang Agung, lamun lolong didunyana, di Aherat lolong deui.
288.
Moal pinanggih jeung caang, poek bae teu ninggal dzat Yang Widi,
samangsa poek geus tangtu, nya eta naraka tea, da bonganna di dunya teu
nyiar ilmu, sumawon amal ibadah, jongjon nganteur nafsu dohir.
289.
Raina lajeng haturan, nuhun engkang perkawis eta kaharti, ayeuna gaduh
piunjuk, reh aya sesebatan, dina Hadis aya opat nu kasebut, sahiji
ngaran Dzatullah, dua Sifatullah deui.
290. Nu katilu Asma’ullah, nu
kaopat Af’alullah nu kawarti, sinareng tacan kaemut, sareatna hakekatna,
anu nyata di badan urang sakujur, sumawon dina goibna, muga
diterangkeun deui.
Layang Muslimin Muslimat 23
NERANGKEUN DZATULLAH,
SIFATULLAH, ASMA’ULLAH, AF’ALULLAH
291. Rakana lajeng ngajawab, pasal
eta anu opat perkawis, ayeuna ku engkang tangtu, rek didadar sakaterang,
boh luarna, boh jerona sugan sapuk, mufakat sareng sadaya, nu geus
ngagem tarekati.
292. Ayeuna luarna heula, nyaeta luareun diri pribadi,
supaya merele kitu, tuluy engke kana jasad, sanggeus beres dina jasad
meureun tuluy, kana hakekatna pisan, sabab mo beda saeutik.
293. Luarna
ngaran Dzatullah, nyaeta alam disebatna rai, nya ieu anu ngawengku, nu
ngawengku alam dunya, ceuk raina nuhun ku rai kamafhum, naon ari
Sifatullah, muga diterangkeun deui.
294. Ceuk rakana Sifatullah, enya
ieu caang satungkebing langit, sabab tadi ge Yang Agung, hiji dzatna
hiji sifatna, tapi mahi kasadaya ngaangliput, teu aya anu kaluar, tina
dzatna Maha Suci.
295. Saur rai leres pisan, hal perkawis caang teh eta
ngan hiji, saalam dunya katutup, ayeuna nu katiluna, Asma’ullah ku
engkang geura pisaur, rakana lajeng ngajawab, Asma’ullah eta rai.
296.
Hiji seuneu enggeus nyata, dua angina tilu cai opat bumi, tah eta Asma
Yang Agung, hiji mahi kasadaya, sabab eta nu opat teh jadi huruf, jadi
lafad Asma Allah, Alif Lam Lam He geus sidik.
297. Raina teras ngajawab,
kantun eta Af’alullah mangga wincik, nu mana Af’alullah, ceuk rakana
mun teu terang, pasal eta Af’alullah anu dumuk, nyaeta nyatana hawa, nu
ngahirupkeun sabumi.
298. Kumaha rai kumaha, karaosna surup sareng manah
rai, atawa masih bingung, ceuk rai saha jalmana, nu teu ngarti kana eta
sapiwuruk, anu sakitu jentrena, piraku bet bodo teuing.
299. Ayeuna mah
mangga engkang, kantun nyasar kana diri pribadi, naon nyatana anu
dumuk, nyatana hiji-hijina, kang rai teh masih keneh rada ewuh, kumaha
eta nyatana, tumibana dina diri.
300. Ceuk rakana mun can terang,
Dzatullah teh sanyatana dina diri, buktina badan sakujur, nu ngawengku
kaayaan, tek-tek bengek kaayaan dina wujud, Sifatullah rupa urang, kitu
hanteu salah deui.
301. Saur rai naha engkang, kapan tadi Allah ta’ala
ngan hiji, rasa rai lamun kitu, Allah teh pirang-pirang, salobana manusa
teh anu hirup, ceuk rakana rai naha bet kaliru-kaliru teuing.
302. Coba
rai ayeuna mah, geura angkat kanu rame di nagari, dina jalma rebu-rebu,
pek ku rai tinggalian, sugan aya nu sarupa nu sapatut, sarupa taya
bedana, jeung rupi rai pribadi.
303. Ari emutan engkang mah, boro-boro
asup ka hiji nagari, neangan anu sapatut, sanajan saalam dunya, moal
manggih anu sarupa sapamulu, nu ceples taya bedana, jeung rupa rai mo
manggih.
Layang Muslimin Muslimat 24
304. Raina ngagebeg reuwas, eh
sumuhun naha bet kaliru teuing, leres engkang kaulanun, estu ngan sahiji
pisan, rupa rai teu dua sumawon tilu, sajeroeun alam dunya, tawilna
Allah ngan hiji.
305. Amung anu katiluna, nyaeta anu ngaran Asma’ullahi,
naon nyatana anu puguh, nu bukti di badan urang, ceuk rakana rai lamun
tacan mafhum, nyatana Asmana Allah, kulit anu nomer hiji.
306. Daging
anu kaduana, katiluna tulang hanteu salah deui, kaopatna the nya
sungsum, sidik geuning jadi lafad, Asma Allah Alif Lam Lam He geus
puguh, pada opat jejeg pisan, teu kurang sumawon leuwih.
307. Sumuhun
saur raina, sihoreng teh kadinya bae ngahiji, ayeuna mangga kulanun,
Af’alullah geura wejang, ceuk rakana kieu rai mun can mafhum, sanyatana
Af’alullah, nyaeta usikna diri.
308. Usik malik wujud urang, ceuk raina
nuhun alhamdulillahi, surup pisan sareng kalbu, ayeuna kuma lajengna,
sugan aya teras bae kulanun, ceuk rakana masih teras, geura rek diwincik
deui.
309. Eta anu tadi tea, diringkeskeun kana opat rupi, sanyatana
dzatullahi, nyaeta pangucap urang, sabab eta pangucap teh anu puguh, nu
ngajadikeun sagala, karamean alam dohir.
310. Lamun hanteu ku pangucap,
moal jadi sagala kahayang jalmi, gedonggedong ge moal rentul, jadina
jeung ramena, ieu dunya teu lian ku kecap kitu, tegesna teh ku omongan,
da tadi ge dzat teh bibit.
311. Raina ngabarakatak, gumujengna geunah
bakating kataji, wekasannana pok nyaur, duh engkang karaos pisan,
katerangan engkang sakitu mah cukup, ayeuna nu kaduana, Sifatullah geura
wincik.
312. Ceuk rakana sifatullah, enya eta sifatna paninggal rai,
eta nu mere tuduh, kana sagala sifat, anu hade anu goreng oge kumpul,
gulungna dina paninggal, satungkebing bumi langit.
313. Geus gulung kana
paninggal, caang poek beureum hideung bodas kuning, bulao biru jeung
wungu, pendekna sadayana, sakur sifat kana soca bae gulung, nu matak
soca disebat, Sifatullah eta rai.
314. Rai mesem bari jawab, aduh tobat
karaos kaliwat saking, nyatana Sifatullah, bet malindes kana badan,
beuki jero beuki karasa sumurup, ayeuna ulah kapalang, Asma’ullah geura
wincik.
315. Saur raka Asma’ullah, sanyatana nyaeta pangdangu, cepil
wadahna geus tangtu, kieu katerangannana, geuning nyata sakabeh sowara
kumpul, gulungna geus tangtu pisan, kana cepil geuning sidik.
316. Kapan
sagala omongan, sakur-sakur nu diharuskeun ku biwir, sakabeh ge asma
wungkul, asupna moal salah deui, kana cepil sora nu gede nu lembut, kitu
katerangannana, naha ku rai kaharti.
317. Ceuk raina aduh kantenan,
kahartos sumurup kana sanubari, ati rai geus teu bingung, caang padang
narawangan, tina margi katerangan engkang cukup, karasa sareng buktina,
atuh rek kumaha deui.
Layang Muslimin Muslimat 25
318. Sageuy rek
nyalimpang tekad, kapan tadi pangwajibna nyiar ilmi, neangan pangarti
tangtu, tina poek hayang caang, ayena ku rai enggeus kaemut, sakur nu
geus diwejang, nyacas bae jero ati.
319. Ayeuna kantun kaopat, enya eta
Af’alullah geura wincik, naon nyatana anu dumuk, nyatana dina badan,
saur raka perkawis Af’alullahu, kanyataan di salira, nya Nafas urang
geus sidik.
320. Enya eta Af’alullah, sareatna anu aya dina diri, nafas
nu kaluar asup, wawayangan hirup tea, nu ngawengku nguatkeun sakabeh
wujud, eta nu jadi tihangna, taya nafas tangtu mati.
321. Tah eta
palebah dinya, wajib pisan ku urang kudu kaharti, nafas teh kamana atuh,
tinggal dangu sareng ucap, mun kaluar tepi kamana nya dumuk, mun kajero
sumawonna, dimana enggonna ngancik.
322. Moal leungit tanpa sabab,
tangtu bae aya tempatna geus pasti, saur raina sumuhun, mun dipikir
lebah dinya, matak paur matak sieun pupus, atuh kumaha akalna, sangkan
urang kaharti.
323. Ceuk rakana naha reuwas, kapan tadi Gusti Allah
sifat adil, buktina nurutkeun ilmu, sareat sareng hakekat, katiluna
tarekat jeung ma’rifatu, eta teh perjalanan, jalan manusa baralik.
324.
Kana asalna baheula, tempat eroh urang keur waktu di kadim, keur dina
qudratullahu, numatak ayeuna urang, kudu daek ikhtiar neangan ilmu,
neangan ilmu ma’rifat, ma’rifat ka asal tadi.
325. Sangkan puguh
pangbalikan, ulah hanteu puguh piloseun nya balik, hanteu puguh nu
dijugjug, atuh lamun teu puguh mah, nu dijugjug jadina teh usrak-asruk,
tungtungna saha nu nyambat, didinya teh urang cicing.
326. Kumaha lamun
disambat, ku Siluman ku Onom atawa Jin, anu mara kayangan kitu, atuh
tangtu cilakana, najan urang bebekelan nyuhun nanggung, nyaeta beunang
ibadah, keur waktu tadi di dohir.
327. Lamun hanteu aya tempat, hak
pribadi atuh bebekelan tadi, teu aya tempatna kitu, balatak taya
wadahna, nyaah temen urut tisusut ti dungdung, hese cape ngalakonan,
ibadah di alam dohir.
328. Kitu rai upamana, anu matak urang teh sing
ati-ati, enggoning ibadah kitu, kudu jeung ma’rifatna, kana asal keur
urang waktu kapungkur, jaman keur di qudratullah, pangbalikan nu sajati.
329. Ceuk raina yaktos pisan, umumna teh lolobaha jalmi-jalmi, ibadah
anu ti payun, nyaeta ibaratna, keur kukumpul keur engke pibekeleun
wangsul, mulih ti pangumbaraan, nya ieu ti alam dohir.
330. Tapi keur
pikeun tempatna, piwadaheun bebekelan anu tadi, sok tara pisan diemut,
sumawonna dianjangan, sok neumbleuhkeun kumaha bae Yang Agung, ana kitu
nyieun bujang, ka Gusti nu Maha Suci.
331. Kapan tadi Gusti Allah, Kun
Fayakun enggeus hanteu nungtut deui, mahi kusakali tangtu, kari-kari
manusa, bet neumbleuhkeun deui ka Gusti Yang Agung, nyieun purah-purah
pisan, kapan tadi geus maparin.
Layang Muslimin Muslimat 26
332. Ari
emutan rai mah, engkena mah Gusti nu Maha Suci, ngan kari netepkeun
wungkul, sabogana-sabogana, beubeunangan ti pangum baraan kitu, teu kudu
nyiksa ngaganjar, sabab tadina ge Gusti.
333. Pang ngayakeun Naraka,
jeung Sawarga lain keur sangaja Gusti, ngaganjar sareng ngahukum,
ngahaja pikeun manusa, lamun kitu Allah teh tukang ngahukum, sinareng
tukang ngaganjar, saperti bangsa hawadis.
334. Ceuk rakana bener pisan,
eta kabeh papahaman kang rai, yen Gusti nu Maha Agung, pang ngayakeun
Sawarega, jeung Naraka lain keur baris ngahukum, atawa baris ngaganjar,
manusa di dohir batin.
335. Sategesna Gusti Allah, ngan ngayakeun geunah
teu geunah geus pasti, bareng jeung ngayakeun mahluk, sumawonna alam
dunya, geuning kitu sidik adilna Yang Agung, lain sangaja keur nyiksa,
ngan bareng ngayakeun jadi.
336. Kapan ku urang karasa, ayeuna ge keur
aya keneh di dohir, mun nyieun susah ka batur, nganyerikeun pada jalma,
malik deui ka urangna eta tangtu, karasa hanteu ngeunahna, sabalikna
kitu deui.
337. Lamun nyieun kahadean, ka sasama papada kaula Gusti, ka
urangna ge geus tangtu, malik jadi kangeunahan, geuning sidik sawarga
naraka kitu, dijieun ku urang sorangan, tina tekad laku jalmi.
338.
Sanajan di akheratna, pang ayana naraka sareng sawargi, bawana ti dunya
tangtu, sabawana-sabawana, sewang-sewangan kumaha tekad jeung laku,
waktuna di alam dunya, sa Ilmu-ilmuna tadi.
339. Dupi perkawis Allah
mah, ngan netepkeun sabandana-sabandana tadi, bawana ti dunya kitu, mun
mawa kagorengan, kajadian ngan jadi teu ngeunah wungkul, lamun mawa
kahadean, kajadian ngeunah deui.
340. Mun mawa kasampurnaan, nya jadina
sampurna teu salah deui, balik ka asal kapungkur, kumaha bae elmuna, da
kabeh ge tunggal ilmuna Yang Agung, moal ditampik ku Allah, kamana ge
anu aing.
Sinom
341. Ngajawab deui raina, leres engkang kahareti, dina
pangbalikan jalma, kumaha ilmuna tadi, geus moal sulaya deui, mung rai
aya panuhun, tadi aya nu kaliwat, hal perkawis Dzatullahi, hakekatna ku
engkang tacan didadar.
342. Tadi karek di luarna, kuma kajerona deui,
Dzatullah jeung Sifatullah, Asma’ullah kitu deui, Af’alullah tacan
ngarti, rai panasaran langkung, hayang tepi ka jucungna, ulah kapambeng
hawatir, mangga engkang carioskeun anu terang.
NERANGKEUN
Dzatullah,
Sifatullah, Asma’ullah, Af’alullah
Layang Muslimin Muslimat 27
HAKEKATNA
343. Rakana lajeng ngajawab, kieu hakekatna rai, eta nu ngaran
Dzatullah, rasa moal salah deui, ari Sifatullah rai, nyaeta nu padang
mulus, caang padang narawangan, Jatining Sahadat deui, atawana Sagarana
hirup.
344. Kuma rai geus kapendak, Sifatullah anu tadi, dina keur waktu
tarekat, keur narik ilmu dzat rai, ngajawab ingkang rai, berekah
hibarna guru, parantos kapendak pisan, mung ngan sakali teu leuwih, ceuk
rakana sakitu ge untung pisan.
345. Ceuk raina mangga teras, Asma’ullah
geura wincik, ulah rek kumapalang, seepkeun sama sakali, kapambeng dua
deui, ceuk rakana mangga dangu, ari eta Asma’ullah, Nur Muhammad enggeus
pasti, nya eta cahya anu opat tea.
346. Sahiji Narun ngarana, cahyana
beureum geus pasti, Hawaun nu kaduana, cahyana koneng tur bening, katilu
Ma’un deui, cahyana bodas mulus, kaopat Turobbun eta, cahyana hideung
geus pasti, tah nya eta nu ngaran Asma’ullah.
347. Eta anu opat warna,
jadi huruf opat rupi, nya eta Alif Lam Lam, He nu kaopatna deui, geuning
sidik Asma Gusti, Lafad Allah nu saestu, eta ge meureun kapendak, ku
rai geus katingali, dina waktu keur ngalakonan Ismu Dzat.
348. Saur rai
nya kantenan, malah eta mah sok sering, ku kang rai kapendakna, saban
ngalakonan wajib, ngajawab raka ka rai, atuh rai rebu nuhun, enggeus
bisa kapendak mah, jeung sagara Adam rai, enya eta tempat kasampurnaan
jasad.
349. Ceuk raina nuhun pisan, ayeuna rai teh Tohid, ngan kantun nu
kaopatna, Af’alullah can kaharti, saur raka eta rai, nyatana
af’alullahu, awasna ingdalem eta, ingdalem waktu Tajali, enya eta Af’al
Allah Ta’ala.
350. Saur rai nuhun pisan, ayeuna enggeus lastari, tamblas
pisan sadayana, pasal eta Dzatullahi, ayeuna rek naros deui, pasal eta
Kangjeng Rasul, nya Kangjeng Nabi Muhammad, kacapangan jalmi-jalmi, sok
disebat awal akhir ku sadaya.
351. Sarengna sok disebat, Jeng Nabi
panutup deui, tah eta rai can terang, ma’nana basa nu tadi, kawas kudu
kaharti, da moal luarna wungkul, meureun aya kajerona, aya buktina deui,
nu karasa ku ati urang sadaya.
352. Ngajawab deui rakana, kieu rai mun
can harti, pasal eta Nabi urang, pang disebut awal akhir, atuh puguh bae
rai, kapan tadi ge diluhur, ku engkang geus didadar, hakekatna Muhammad
Nabi, bibit tujuh bumi tujuh langit pisan.
353. Beh dieuna oge nyata,
sanggeus aya Adam Nabi, sinarengan Babu Hawa, bibit ngaluarkeun jalmi,
tetep bae Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullahu, jadi awal jeung akhirna,
sageuy rai can kaharti, kapan adam sareng Hawa arek putraan.
Layang
Muslimin Muslimat 28
354. Tangtuna patemon rasa, kapan rasa teh rai
hakekatna Rasulullah, mun taya rasa mah rai, moal kaluar Mani, dua-duana
ge luput, ari eta mani tea, Hakekat Adam geus pasti, sidik pisan Adam
teh sorot Muhammad.
355. Nya eta sorotna rasa, barang eta mani tadi,
lila-lila teh mangrupa, jadi sirah dada deui, udel jeung suku rai, sidik
jadi lafad kitu, sirah nyaeta Emim tea, dada teh jadi He sidik, udel
eta jadi Mim akhir nyatana.
356. Suku teh jadi lafad Dal, geuning eta
rai sidik, ngajadi lafad Muhammad, ahirna rasa nu tadi, nya eta rupana
jalmi, nu mawi eta disebut, Muhammad jadi wiwitan, jeung jadi wekasan
deui, atawana awal ahir disebutna.
357. Ceuk raina aduh nyata, karaos
pisan ku rai, eta katerangan engkang, asa cocog-cocog teuing, luyu
sareng kaharti, karaos pisan nyakitu, babasan teh hanteu salah, Kanjeng
Muhammad sinelir, dibasakeun awal akhir teh geus nyata.
358. Sinarengan
aya basa, panutup eta Jeng Nabi, panutup teh naonnana, ku rai can
kaharti, rakana ngajawab manis, lamun rai tacan mafhum, panutup soteh
ilmuna, anu opat geus kasungsi, enya eta sare’at sareng hakekat.
359.
Tarekatna dipilampah, jalan ma’rifat ka Gusti, tepi ka sapatinggalna,
jeung Gusti nu Maha Suci, nu matak pangkatna Nabi, Muhammad Rasulullahu,
da geus ma’rifat ka Allah, kitu sababna mah rai, ceuk raina percanten
ana kitu mah.
360. Mung aya kapanasaran, aya basa opat deui, hiji
Ihkrom, nu kasebat, dua Mi’raj nu kauni, katilu Munajat deui, Tubadil
anu panutup, tah eta kuma hartina, jeung dimana pernahna deui, lamun rai
tacan ngarti, enya eta keur solat sajati tea.
361. Ceuk rakana eta
basa, nyumponannana geus pasti, sareatna mah di Mekkah, kunu rek
marunggah Haji, hakekatna mah geus pasti, aya di pulo Jawa ge tangtu,
geus tangtu pisan ayana, lamun rai tacan ngarti, enya eta keur solat
sajati tea.
362. Kieu katerangannana, Ihkrom eta nu mimiti, hartina teh
peta-peta, tekad seja rek indit, mun diibaratkeun paksi, manuk arek niat
ngapung, geus dibeberkeun jangjangna, ngan hanteu di kiplik-kiplik,
Mi’raj eta, enggeus jeung ngapung ngalayang.
363. Geus ninggalkeun alam
dunya, lat poho ka alam dohir, Munajat nu katiluna, hartina Munajat rai,
geus munggah ka alam batin, rek nepi kanu dijugjug, rai anu kaopatna,
Tubadil ngarana deui, hartina teh geus tepi kanu diseja.
364.
Sapatinggal sapocapan, kaula kalawan Gusti, geus ngancik di
kalanggengan, dina Baetullah suci, Baetullah nu sajati, nu lain di kulon
kidul, lain dikaler di wetan, jeung teu keuna ruksak deui, enya eta
kiblat nyawa nu sampurna.
Layang Muslimin Muslimat 29
365. Ceuk raina
naon tea, sifatna Baetullahi, Baetullah nu sajatina, rakana ngajawab
deui, enya eta Dzat Yang Widi, sifatna teh padang alus, atawana Johar
awal, jeung sagara hurip deui, pikeu kiblat dina waktu wafat tea.
366.
Sabab eta, kiblat wafat, wajib ku urang disungsi, bisi jadi
marakayangan, nyawa urang teh teu nepi, teu bisa mulih ka jati, pulang
ka asal kapungkur, atuh pantes arek aya, Naraka siksaan diri, sababna
teh utrak-atrok taya jalan.
367. Numatak meungpeung di dunya, sing suhud
urang milari, milari jalanna wafat, sangkan nyawa bisa mulih, geura
beuli ku prihatin, sangkana bisa kasusul, kusabab rugi pisan, kudu
reujeung kentel peujit, barang dahar ulah sok sakama-kama.
368.
Talunganan bab ibadah, hanteu sakumaha rugi, da aya patokannana, nyaeta
Qur’an jeung Hadis, didinya enggeus mahi, ngan kari suhudna wungkul,
suhud ngapalkeunnana, jeung prakna nyembah ka Gusti, ari jalan maot mah
sejen aturan.
369. Da eta mah panungtungan, panungtungan nu kumelip,
tungtungna teh kedah wafat, nu ibadah oge sami, sareng nu teu Gumusti,
teu ibadah ka Yang Agung, teu burung wae wafat mah, sareatna oge sami,
sadayana pada aya sakaratna.
370. Tah rai dilebah dinya, ku urang kudu
kapikir, kudu sing ka ilmu pisan, kumaha sabab pang sami, pada sakarat
bukti, nu ma’siat, jeung nu suhud, suhud kana ibadahna, mana atuh anu
tepi, mangga jawab ku rai sugan kamanah.
371. Ari ceuk paham rai mah,
anu ibadah anu tepi, ngan make lalakon heula, nyorang siksa tilu rupi,
hiji nyorang sakarati, anu nyerina kalangkung, siksa kubur kaduana, tilu
siksa akherati, dina waktu kiamat alam dunya.
372. Lila-lila oge bisa,
mungguh kasawarga deui, dupi nu teu ibadah, tetep langeng eta misti, di
Naraka api pasti, langgeng taya wates kitu, saur rakana mufakat, ngan
utamana kang rai, nu kumaha paeh teh nu sampurna.
373. Ceuk raina mun
mufakat, utamana anu mati, ulah nyorang ku siksaan, sumawonna tilu kali,
sakali ge alim teuing, rakana gumujeng tungkul, atuh kumaha petana,
sangkan ulah bisa nepi, kana eta siksaan Allah Ta’ala.
374. Raina lajeng
ngajawab, nyanggakeun bae kang rai, teu langkung kumaha engkang,
meureun engkang mah geus ngarti, siga nu teu reuwas geuning, mana kitu
ge ka ilmu, cik atuh rai wartosan, kumaha jalanna deui, rakana teh
gumujeng bari ngajawab.
375. Tuh rai mah na kumaha, naha bet kaliru
deui, kapan tadi geus didadar, numatak urang teh wajib, kudu ma’rifat
teh misti, kana Dzatna Maha Agung, enya eta supaya urang, engke dina
waktu keur mati, ulah nyorang kana siksaan sakarat.
Layang Muslimin
Muslimat 30
376. Sumawon siksa akherat, tah kitu ganjaran ngilmi, jeung
anu daek ibadah, nurut parentah Nabi, mun kitu atuh utami, daek ibadah
tur suhud, kalawan ma’rifatna, kana Dzat Maha Suci, tah nu kitu moal
nyorang siksaan.
377. Ngajawab deui raina, kasuhun nuhun saketi, rai
parantos diwejang, dina aturan bab ilmi, kaharti surup jeung ati, ayeuna
moal kaliru, teges ilmu kabatinan, kasampurnaan keur batin, nya ayeuna
ilmu Cirebon timbulna.
378. Ayeuna kantun ngajaga, laku dohir sing
beresih, amal ibadah beresan, imankeun beurang jeung peuting, supaya
urang di dohir, bisa salamet rahayu, ulah keuna panca baya, sabab mun
keuna balai, osok jadi moekan kana Agama.
379. Saur rakana kantenan,
bener ayeuna mah rai, ngan kantun ngajaga lampah, satungtung hirup di
dohir, sumawon tekad sing bersih, ulah pasea jeung batur, sumawon bangsa
sorangan, najan sejen bangsa deui, ulah pisan uran arek goreng tekad.
380. Urang hirup babarengan, da sarua umat Gusti, pada dadamelan Allah,
mun urang ngewa ka jalmi, sami sareng ngewa deui, kanu ngadamelna kitu,
persasat ngewa ka Allah, sumawonna tekad dengki, boga tekad hayang
nyiksa pada jalma.
381. Mun kitu mah nyucud pisan, kalebet nu ngaran
kafir, kajeun dina bangsa Islam, kapan ceuk hakna mah geuning, kafir
lain Cina Bugis, teu beunang dituduh kitu, sategesna kafir tea, nu jahat
atina rai, ayana teh dina saantero bangsa.
382. Sabab mun jahat atina,
kapada manusa deui, sami jahat ka Pangeran, anu ngersakeun sabumi, kapan
ceuk Qur’an jeung Hadis, manusa teh geus disebut, anu pang
mulya-mulyana, didamelna ku Yang Widi, dibedakeun jeung saantero
mahlukna.
383. Ngalahir deui raina, ayeuna rek naros deui, kumaha
beda-bedana, antara Mahluk jeung Khaliq, ku rai tacan kaharti, sanget
nya neda piwuruk, margi bet kaliwat-liwat, eta Mahluk sareng Khaliq,
kang rai teh teu acan terang jinisna.
384. Sumawon dina bedana, tacan
kaharti kapikir, rakana lajeng ngajawab, kieu rai mun can harti, di
jinisna anu yakin, perkara nu ngaran makhluk, sakur-sakur nu nyareat,
bukti nu aya dohir, nu jarentul sajeroning alam dunya.
385. Najan ieu
alam dunya, seuneu cai angina bumi, makhluk bae disebatna, sanjan Naraka
Sawargi, lebet makhluk bae rai, raina lajeng ngawangsul, nuhun parantos
kapaham, mung eta nu ngaran Khaliq, anu mana jinisna anu saleresna.
386. Rakana lajeng ngajawab, nu ngaran Khaliq mah rai, eta mah bibitna
dunya, bibit antero hawadist, nya anu kasebat tadi, nu geus kaunggel
diluhur, nya eta Nur Muhammad, cahya nu opat
perkawis, beureum koneng bodas sareng hideung tea.
Layang Muslimin Muslimat 31
387. Nu langgeng teu
keuna ku ruksak, hakekatna Adam nami, raina lajeng ngajawab, ayeuna mah
rai harti, barangna Makhluk jeung Khaliq, bedana oge pon kitu, kaharti
sareng kapaham, ayeuna mah gentos deui, rek naroskeun tapi digentos
pasal.
388. Gusti Allah nu kasebat, sifat Rahman sareng Rahim, Rahman
teh murah di dunya, Rahim Allah teh nu asih, di aherat geus pasti, tah
eta ceuk dalil kitu, ayeuna hayang karasa murahna Allah di dohir, anu
mana nyatana di badan urang.
NERANGKEUN RAHMAN – RAHIM
Murah jeung
Asihna nyatana dina badan.
Dangdanggula
389. Lamun murah Gusti Maha
Suci, ku perkara hal dunya barana, naha atuh buktina teh, bet beda-beda
kitu, aya nu beunghar aya nu miskin, nu senang nu susah, jadi lamun
kitu, siga-siga Gusti Allah, pilih kasih hanteu kasadaya jalmi, murahna
dipilihan.
390. Malah-malah ka umatna Gusti, ka umatna Jeng Nabi
Muhammad, nu kacida bedana teh, seuseueurna anu ripuh, tina hal kurangna
rizki, teu sapertos sejen bangsa, hirupna jaregud, mungguhing di bangsa
Islam, hanteu weleh nandangan lara prihatin, hirupna hirup sangsara.
391. Kapan tadi Gusti Maha Suci, murahna teh ka kabeh makhlukna, tapi
dina buktina teh, teu cocog hanteu luyu, tur tadi Muhammad Nabi, cenah
kakasih Pangeran, sagala diturut, naha buktina salia, ari bangsa sejen
nu sanes Agami, bet siga marulya pisan.
392. Ceuk rakana duh karunya
teuing, naha rai bet kaliru manah, sirik ka bangsa nu sejen, hirupna
jeregud, naha rai can ngaharti, dina kamurahan Allah, ka sadaya makhluk,
nu geus nyata bro sapisan, geus tumiba ka diri urang pribadi, naha rai
can ngarasa.
393. Nu sakitu Gusti Maha Suci, ngamulyakeun ka
makhluk-makhlukna, taya kakuranganna teh, geus bro sarta cukup jeung teu
pilih kasih deui, sanajan ka hewan pisan, geus dibere cukup,
samrtabat-martabatna, ceuk raina mangga atuh dipiwarti, mana kamurahan
Allah.
394. Margi rai rumaos can tepi, kana eta palebahan dinya, di rai
mah masih poek, margi tacan dipiwuruk, kapan aya basa tadi, moal enya
terang, lamun tanpa Guru, kedah basa Guru heula, sabab tadi Guru teh nu
geus dipasti, tuduh jalan marga padang. (*)
395. Ceuk rakana mangga atuh
rai, ayeuna amah ku engkang didadar, kamurahanna Yang Manon, nu tumiba
dina wujud, bilih rai teu tinggali, Layang Muslimin Muslimat 32 maparin
panggahota, panangan jeung suku, pangangseu jeung paninggal, jeung
pangdangu pangucap eta geus bukti, budi pamilih jeung akal.
(*) Omat
kedah pisan milari pigurueunnana.
396. tah sakitu pokna ti Gusti,
kamurahan ka urang sadaya, papak sadayana oge, lain murahna Yang Agung,
sok maparinan rizki, rupa barang sareng uang, eta lain kitu ari pasal
rezeki mah, tangtu bae beda-beda moal sami, aya nu leutik aya nu loba.
397. Da perkawis rizki mah rai, nya kumaha ngagolangkeunnana, eta
panggahota bae, lamun urangna suhud, temen wekel teu lanca linci,
metakeun panggahota, sageuy hanteu untung, piraku teu jadi senang,
tatapina jalanna senang teh pasti, kudu daek ripuh heula.
398.
papalayeun geuning bangsa asing, bangsa Cina atawa Walanda, bangsa Arab
Japan oge, baleunghar jaregud, sarugih laksaan duit, ku bakating tina
suhudna, daek nyorang ripuh, temen wekel teu bengbatan, nya metakeun
kamurahan nu ti Gusti, daek mikir jeung praktekna.
399. Mana pantes jadi
sugih mukti, beurat beunghar didunyana, da tara bosen ku hese, tara
hoream ku ripuh, dikeureuyeuh teu lanca inci, lamun tacan hasil maksad,
hanteu weleh ngatur, beurang peuting dipikiran, lila-lila daek mikir mah
geus pasti, tangtu bisa kajadian.
400. Kapan tadi geuning unggel
Hadist, dalilna teh geuning sok disebat, sadaya ge pada ngartos, dawuhan
Gusti Yang Agung, Waman Thalaba kauni, Saian jeung terasna, Jiddan
Fawajiddahu, hartina teh saha-saha, anu temen pang mentana ka Yang Widi,
menta kalawan jeung prakna.
401. Tangtu pisan Gusti Maha Suci, ka
jelema temen pang mentana, awal akhir tangtu bae, dikabulkeun samaksud,
sabalikna mun aya jalmi, kurang temen mentana, sasat kurang suhud,
sumawon teu jeung prakna, migawena gancang bosen embung mikir, bosen
hoream ku bangga.
402. Atuh Gusti nu Maha Suci, moal enya ngabulkeun
kahayang, da urangna lanca-lence, tah rai eta kitu, numatak ulah sok
sirik, pedah batur jadi senang, baleunghar jaregud, komo ditungtungan ku
sugal, nyebutnyebut ka Gusti Allah teu adil, tur urang nu salah tampa.
403. Saur rai nuhun geus katampi, sapiwejang engkang geus karasa, nuhun
rebu laksa keten, sadaya enggeus sumurup, kana kalbu tuang rai, ayeuna
ulah kapalang, asihna Yang Agung, cenah asih di Akherat, tah eta ge rai
mah tacan ngaharti, muga ku engkang di piwejang.
404. Saur raka kieu eta
rai, asihna teh Allah di Akherat, piraku hanteu karaos, pek papay heula
atuh, Akherat teh naon rai, nyatana di badan urang, raina ngawangsul,
ati rai poek pisan, tina hanteu kahartos sama sakali, eta mah
sadaya-daya.
405. Saur raka bilih hanteu harti, akherat teh nyata alam
rasa, buktina mah di urang teh, ayeuna meureun kamafhum, pang asihna di
Akherat Gusti, piraku hanteu karasa, asihna
Yang Agung, kapan geuning sadayana, kaayaan dina ieu alam dohir, boh di
cai boh di darat.
406. Anu amis anu pelem nu pait, anu asin nu lada nu
gahar, kamana sumurupna teh, saur rai ah katimu, ayeuna mah ku kang rai,
bener asup kana rasa, jalanna mah puguh, nya kanu opat tea, di tampana
ku rasa teu lepat deui, bener asihna teh Allah.
Layang Muslimin Muslimat 33
407. Saur raka tah
geuning kaharti, puguh bae pek geura manahan, kayaan di dunya teh,
cucukulan nu rarentul, rupina laksaan keti, sinarengan bedabeda, rasana
geus tangtu, taya deui anu nampa, anging rasa nya rasa rasulullahi,
bakat ku asih-asihna.
408. Saur rai bade naros deui, wireh aya nu tacan
kapaham, weleh teu acan karaos, hiji hakna Yang Agung, dua Hak Muhammad
deui, katilu hakna Adam, tah eta kulanun, muga ku engkang dipiwejang, nu
kaharti pernahna sahiji-hiji, sareng gulungna kumaha.
NERANGKEUN
Hakna
Allah, Hakna Muhammad, Hakna Adam
409. Ceuk rakana lamun tacan ngarti,
hal perkara eta hakna Allah, ku engkang rek dicarios, mo salah Awas
kitu, ari nu kadua deui, nyaeta hakna Muhammad, lamun tacan mafhum,
nyaeta Anu Awasna, hakna Adam anu katiluna deuim nya Nu Diawaskeunnana.
410. Anu tilu gulung jadi hiji, Awas sareng Nu Ngawaskeunnana, tilu
jeung Nu Diawaskeun teh, geura ku rai emut, mun wungkul Awas sahiji,
taya Nu Ngawaskeunnana, geus tangtuna luput, kitu deui lamun aya, nu dua
Awas jeung Nu Ngawaskeun deui, Nu Diawaskeunnana teu aya.
411. Moal
jadi kanyaho teh pasti, lamun euweuh Nu Diawaskeunnana, da anu tilu teh
ngantet, teu pisah teu parentah, Dzat Sifat Asma ngahiji, Allah Muhammad
Adam, geus jadi Akrobu, bareng dina wujud urang, anu tilu ngagulung ngajadi
hiji, Hirup Rasa jeung Adegan.
412. Hirup eta kanyataan pasti,
kanyataan pang ayana Allah, aya mohal euweuhna teh, ari Rasa teh geus
tangtu, kanyataannana yakin, ciri ayana utusan, Jeng Muhammad Rasul,
Pangulu Rasul sadaya, Adegan mah kanyataan Adam Nabi, Khalifah Allah
Ta’ala.
413. Den Muslimat ka raka ngalahir, cukup pisan eta katerangan,
ku rai ge jol kahartos, teu matak jadi bingung, da sakitu pertelana
yakin, enya pisan karaosna, margi teu nalapung, mun dina katuangan mah,
malah nepi dituangna sakali, karasa amis pelemna.
414. Ayeuna mah bade
naros deui, wireh aya basa opat rupa, Hidayat kahijina teh, dua Darajat
disebut, katiluna Ni’mat, ari nu kaopatna, Rohmat nu dicatur, tah eta
tacan kapaham, na kumaha ngarasakeunnana deui, perele hiji-hijina.
Layang Muslimin Muslimat 34
NERANGKEUN
Hidayat, Darajat, Ni’mat, Rohmat
Asmarandana
415. Rakana ngawalon manis, naha rai tacan terang, ayeuna
rek dicarios, kieu perkawis Hidayat, tapi supaya terang, sangkan babari
kamafhum, urang make jeung upama.
416. Engke raoskeun ku rai, kieu
pikeun upamana, upamina kang rai teh, mener dina hiji mangsa, kersa
midamel kasawah, seja rai bade macul, maculna nu saenyana.
417. Ti isuk
tepi ka burit, barang dina parantosan, teras rai mulih bae, ku tina
langkung hanaang, hayang geura barang tuang, ma’lum tas ngadamel kitu,
ku sadaya ge karasa.
418. Barang dongkap teh ka bumi, pareng Garwa teh
teu aya, jeung tuangeun hanteu nyondong, lantaran Garwa keur nyaba,
lajeng rai teh ngamanah, didinya kang rai tuluy, angkat ngabujeng ka
putra.
419. Barang kang rai geus sumping, sareng putra nyampak aya,
sarimbit di bumina teh, tangtu kang rai teh nyebat, aduh aing Hidayat,
tangtu dina manah kitu, Hidayat bet nyampak aya.
420. Teras rai teh ka
bumi, barang ninggali kang putra, eukeur popolah di pawon, keur nyangu
jeung masak-masak, katinggal seueur deungeunna, manah kang rai teh
tangtu, nyebat nya aing Darajat.
421. Eukeur mah aing ti tadi, hanaang
ku hayang dahar, wantu-wantu tas digawe, ayeuna nyampak pun anak, keur
sadia masak-masak, atuh aing teh geus tangtu, bakal dahar ponyo pisan.
422. Cing mangga raoskeun rai, naha leres naha salah, kitu carios
engkang teh, raina imut ngajawab, leres taya lepatna, sadaya ge tangtos
kitu, piomongeun dina manah.
423. Rakana pok nyaur deui, barang
saenggeusna putra, popolahna enggeus beres, terus bae diwadahan, ngaliud
di tengah imah, ngamanggakeun bari imut, katinggal atina ikhlas.
424.
Putra mantu pada sami, pada saruka manahna, nu wangkeuh ka kang rama
teh, barina ngamangga-mangga, mangga Mama geura tuang, tadi putra meser
lauk, tah geuning parantos asak.
425. Tangtu didinya kang rai, geus
tangtu kana ponyona, moal salah tuang raos, eukeur mah seueur rencangna,
kawuwuh ninggal kang putra, budina kalintang alus, beuki tegep rai
tuang.
Layang Muslimin Muslimat 35
426. Dina jero tuang pasti, rai nyaur
dina manah, duh naha ieu dahar teh, Ni’mat teuing karasana, abong geus
lapar pisan, ti isuk can manggih sangu, tur entas digawe rosa.
427.
Raina ngawalon manis, aduh engkang leres pisan, karaos sareng kahartos,
dawuhan taya lepatna, sapiwejang teh karasa, rakana imut jeung nyaur,
naha bener geus karasa.
428. Raina ngawalon deui, sumuhun karasa pisan,
sadayana ge kahartos, rakana deui ngajawab, tapi naha naon sabab,
saparantos tuang kitu, bet osok wuwuh teunangan.
429. Bet leuleus leuwih
ti tadi, beuki teu aya tanaga, tambah lesu tambah lungse, embung
obah-obah acan, eta naon sababna, ceuk raina eta teluh, teluh sangu
disebatna.
430. Rakana ngawalon deui, naha kumaon margina, make aya
teluh kejo, engkang mah sok rada heran, kapan sangu teh geus kocap,
pikeun ngaleugitkeun lesu, nambahan gede tanaga.
431. Tatapina anu
bukti, lain ngayakeun tanaga, puguh mah nambahan lungse, geura ku rai
dimanah, eta teh naon sababna, da moal bet hanteu puguh geus tangtu aya
sababna.
432. Sumuhun saur kang rai, rai ge bingung kacida, kapan tadi
ceuk carios, tina Ni’mat kana Rohmat, tapi ari buktina, tina Ni’mat kana
lesu, embung hudang-hudang acan.
433. Ayeuna nyanggakeun rai, ku
engkang sae diwejang, supaya rai mangartos, kumaha jalan-jalanna,
sangkan karaos kapaham, rai mah kaliwat bingung, ati teh bet poek pisan.
434. Rakana lajeng ngalahir, kieu rai paham engkang, kitu ge lamun
karaos, pangna jadi lesu tea, saentasna tuang Ni’mat, sabab eta anu asup
kabeh ge aya Erohna.
435. Dina karek asup rai, erohna teh tacan misah,
tina kadaharanna teh, lantaran can bubuk pisan, sasat can bijil acina,
lami-lami sanggeus bubuk, aci jeung hampasna misah.
436. Hampasna kaluar
deui, aci mah tangtu tinggal, ngajadi getih sakabeh, tuluy surup
sinurupan, roh tina kadaharan, jeung roh jasmani teh tepung, kajadianna
nya Rohmat.
437. Jadina ti Rohmat rai, nya nu nimbulkeun tanaga,
murakabah kasakabeh, terang denge bengras tinggal, sowara ge bisa
terang, da nu teu dahar mah kitu, haroshos geuning sorana.
438.
Tinggalna sok ruam pasti, teu terang kawas biasa, denge sok rajeun
torek, nu kitu jadi teu Rohmat, sabab kurang getihna, kurang getih
tangtu lesu, taya tangan pangawasa.
439. Raina gumujeng manis, karaos
pisan teu lepat, pantes kitu jalanna teh, eta eroh kadaharan, asal ti
opat perkara, bumi cai angin banyu, di urangna ge opat.
Layang Muslimin
Muslimat 36
440. Rakana lajeng ngalahir, liren bae ayeuna mah, lantaran
engkang mah cape, sareng enggeus tunduh pisan, tuh geuning geus tabuh
dua, hayu rai urang asup, urang sare sareng engkang.
441. Nu kulem
hanteu kawarti, Den Muslimin Den Muslimat, urang gentosan carios, nya
ieu ku sisindiran, cobi mangga maranahan, eusina nu dina lagu, nu manis
aya hartina.
PANAMBAH
Dangdingan Purwakanti. Dangdanggula
442.
Pangapunten ka pameget istri, disuhunkeun manah anu setra, muga ulah
jadi lotro, sumawonajadi nyatru, ka ku ring nu keur salatri, salatri ku
anu setra, najan ku bulustru, moal matak jadi setra, mun seeng mah
benter miis tina patri, ngagolakna teu walatra.
443. menggah ieu maksad
jisim kuring, ma’lum seueur nya kakirang, sok inggis sieun kaperong,
hawa nafsu nu ngaberung, tapi bubuhan dijaring, nya tiasa oge kurang,
sasatna kakurung, dikurung sanes ku barang, anu nyata karaos ku jisim
kuring, kajabi kedah disorang.
444. disorangna kedah ngango bibit, enya
eta iman nu kasebat, jeung kedah ngango parabot, tarekat anu kasebut,
sangkan terang kana bibit, supaya tiasa kebat, nyatakeun panyebut, tapi
kitu oge tobat, jisim kuring kumawantun nyabit-nyabit, nyabit jalan nu
panghibat.
445. Sanes pisan guminter peleci, ngan ngemutkeun hate anu
seca, kajeun disebatna ngaco, sapedah dangding teu lucu, tuduh jalan anu
suci, malah mandar jasa ngaca, ngeunteungan nu lucu, bubuhan jalma mah
Arca, tatapina mun urang terang ka Maha Suci, tangtos moal jadi Arca.
446. Dupi ieu sakadar pangeling, malah mandar jadina panalang, nalang
kanu masih lolong, margi seueur anu linglung, teu aya pisan kaeling,
katungkul ku kamelang, melangna kana gelung, estu teu diselangselang,
badanna teh teu dijaring teu dilingling, da resep kanu digeulang.
447.
Biasana mungguhing di lahir, sadaya oge geus ilahar, resepna teh kanu
moher, moher tapi hanteu luhur, luhurna ukur dilahir, pada hayang kanu
beunghar, supaya kamasyhur, kamashur teu kurang dahar, teu ngemutkeun
kumaha engke diakhir, moal terang kanu gahar.
448. Menggah eta nu gahar
sajati, mun dibeli ku duit sayuta, leuwih hese taya conto, da meulina
sanes kitu, mun hoyong anu sajati, nu resep matak kabita, nu alus
saestu, cik akalan sangkan nyata, anu suci padang sajeroning ati, lir
urang ninggal permata.
449. Maksad kuring ku pamugi-mugi, ka sadaya
sanak kulawarga, sareng kanu sanes oge, sing emut ulah ngawagu, kapan
urang geus dibagi, sagala ge geus boga, mangka teu digugu, pibahlaeun
teu dijaga, hanteu pisan rek eling kanu ngabagi, marukan taya nu boga.
Layang Muslimin Muslimat 37
450. Sanggeus pangna urang hurip, tangtu
pisan aya nu ngalarap, teu beda ibarat sirop, amisna anu sumurup, komo
nu disebat hurip, tangtu aya nu ngagarap, dina keurna hirup, badan teh
aya nu marap, marap laku lampah keur waktuna hurip, sanaos waktu
kasarap.
451. Waktu ieu keur dialam kabir, ulah arek kajongjonan sabar,
bilih kaburu ku bobor, susah lamun geus dikubur, kumaha rek jasa takbir,
da geus misah jeung nu jembar, tungtungna takabur, bongan didunya
ngolembar nu digugu pangajak hate malibir, embung neangan nu jembar.
Sinom
452. Mugi eta sadayana, sepuh anom nu kauni, geura jajah salirana,
pilari nu nyumput buni, ulah ngan sakadar muni, nu disembah bangsa
Wisnu, mun kitu salah nyembahna, nyaah teuing ku jasmani, tangtos pisan
moal dugi ka asalna.
453. Da menggahing Gusti Allah, teu nyempad teu
milih-milih, sanajan lakuna salah, dianteur tara ditolih, ngan ku urang
kudu pilih, ulah tungtung matak ngangluh, mun urang jalanna salah,
tangtos moal jasa mulih, sabab urang teu panggih jeung dzatna Allah.
454. Pan aya basa carita, lamun ka jalma nu mati, lumbrah jalma
cacarita, pok na teh mulih kajati, pedah dugi kana pasti, tapi saenyana
tangtu, ngan ukur dina carita, atina jongjon teu ngarti, na kumaha lamun
jatina tacan nyata.
455. Geus lumrah karana aman, nyambung dunga bari
hamin, muga ditarima iman, nurutan nu geus muslimin, tapi elmuna
muslimin, ukur dicipta kulamun, jauh terang kana iman, henteu cara para
mu’min, nyebutna teh geus terang jatining iman.
456. Kapan jalma aya
asal, tapi najan teu misil, mun palay mulih ka asal, mangga tungtik
tangtu hasil, tangtos mun disisil, ilmuna masing kasusul, sanajan miara
bangsal, lamun hantem disisil, geuning sidik rasana teu jadi kosal.
457.
Tah kitu jalanna upama, nu jadi jalmi utami, Milari Ilmu Agama, da
urang teh moal lami, tangtu misah jeung sasami, geus pisah jadi kamumu,
lamtaran teu tumarima, ngan tarima jadi jalmi, marukanan teu aya
jatining jalma.
458. Mangga Manahan ku sepah, Manahan masingna rapih,
mun salah tong dipilampah, minangka jadi panyapih, lamun leres mangga
ampih, susul pigeusaneun sepuh, sepuh dina laku lampah, malar bisa repeh
rapih, da jalma teh ibarat jadi palapah.
459. Mun palapahna geus misah,
tangkalna hanteu miasih, numawi ilmu kedah sah, ulah sok pasalisih, ka
jalmi kedah miasih, ulah rek nyieun musuh, bisi pinanggih jeung susah,
tegesna kedah beresih, masing sieun ku Allah da teu papisah.
Layang
Muslimin Muslimat 38
460. Kumaha atuh jalanna, supados pendak nu buni,
tapi di urang ayana, teu katinggal ku jasmani, da puguh badan rohani,
geuning ceuk dalil Wujud Nur, mun teu dirakrak wujudna, nya ieu wujud
jasmani, hamo bias kapanggih reujeung eusina.
461. Numawi wajib teangan,
malar ati bisa dingin, tangtu jadi kasenangan, sing panggih jatining
angin, geura manah angin-angin, mun kapanggih moal ngungun, kana tahayul
ngiringan, sabab terang jatining angin, geus terang mah da pakeun urang
sorangan. Asmarandana
462. Numawi wajib disungsi, margi urang teu
kawasa, kedah ngalakukeun hese, sartana kedah rumasa, rumasa taya
kabisa, kabisa ngan nganteur nafsu, teu eling kanu Kawasa.
463.
Mugi-mugi sing areling, ulah asih kumapalang, ulah seueur nu dipelong,
sapedah aya kamelang, bilih urang jadi belang, tungtungna sok matak
linglung, teu terang kanu gumilang.
464. Nu gumilang dina diri, ayana
henteu katara, numawi henteu kawaro, upami nu ngaji sara, moal weleh
pinanggih lara, upama henteu guguru, guguru ngakat salira.
465. Tapi mun
rek milari, milari eusi salira, ngarah urang ngeunah sare, badan ibarat
panjara, dikunci henteu katara, tah eta ulah kaliru, pilari kunci
salira.
466. Lamun kunci geus katukil, tangtos kaharti ku akal, sagala
oge kacokel, bekel sinarengan bakal, mo aya manah basangkal, sanajan anu
mukul, ditampa sabar tawekal.
467. Males ku kalimah kalih, Syahadat anu
katelah, saratna karana saleh, tah pilari ulah salah, nyatana Dzat
Gusti Allah, da henteu mangpuluhpuluh, estu hiji moal salah.
468. Tapi
lamun geus kapanggih, poma ulah rek gumagah, baragagah beregegeh, kajeun
kolot dipiconggah, carios teu diagah, rasa aing nu geus puguh, tah eta
kedah dicegah.
469. Batal ceuk basana Santri, teu terus jadina serta,
malahan jadi celetre, sanajan bungkusna sutra, lamun laku henteu setra,
tungtungna sok loba satru, dipingewa palamitra.
470. Ku urang kedah
diaji, ulah ngan sakadar beja, kudu karana katenjo, dina ati masing
ngoja, jeung kudu sidik ka raja, da wujud mah jadi baju, bungkus
ngahalangan raja.
471. Ari nu kedah diuji, ngabuktikeun omong beja,
sanes ngaji jilid hejo, eta mah anu bebeja, tuduh jalan anu diseja,
sangkan urang dipaju, supaya jadi raharja.
Kinanti Layang Muslimin
Muslimat 39
472. Ieu kinanti ngajurung, supaya sami ngajaring, malah
mandar jadi terang, terang di jatina kuring, kapan teu aya kakirang,
pepek karana dijaring.
473. Nu mawi jalmi teh kudu, amis basa alus budi,
ku sabab henteu beda, anjeun jeung diri pribadi, ulah rek ngabeda-beda,
sing inget asalna tadi.
474. Mangkade ulah kalangsu, masing kenging eta
sosi, sosina anu Kawasa, sangkan urang henteu risi, geus kenging
tangtos karasa, paeh moal aya risi.
475. Ku sabab urang diandum, diandum
Qur’anul ‘Adim, jeung aya basana Qidam, ti heula nyaeta Kadim, kitu
sundana teh Qidam, nya eta Qur’anul ‘Adim.
476. Tah eta teh anu perlu,
mangkade ulah pahili, anu kasebat tiheula, anumawi ulah lali, sabab aya
nu tiheula, disebat mah da pamali.
477. Ngaji teh kudu sing suhud, malah
mandar terang tohid, terang ka Qulhu huahad, nganyahokeun anu wahid,
geus terang nyatana ahad, tangtos urang bisa tohid.
478. Ieu dangdingan
teh tambuh, lumayan eukeur panambih, nambihan malar kaambah, kenging
nyutat tinu tebih, cocogkeun sing munasabah, jeung dalil ulah patebih.
479. Lamun rek milari ilmu, pilahir anu utami, ulah ka samarang jalma,
utami jatining jalmi, anu geus manjing Ulama, nu nerangkeun asal jalmi.
480. Margi seueur anu palsu, anu mawi kedah risi, risi nyandangan
panyiksa, tah nu nyiksa geura sungsi, naon atuh anu nyiksa, ku urang
kedah kasaksi.
481. Da bonganna tekad kalbu, teu neang hakekat Nabi,
sumawona daek seba, kalindih resep rarabi, seba lain seba domba, ngan
kedah nyaho ka Nabi.
482. Kalbu mun hantem dilajur, henteu inget kana
ajir, moal pinanggih ginanjar, teu beda jeung embe bajir, tapi mun daek
diajar, meureun terang gambar ajir.
483. Ayeuna kinanti mundur, rek
neraskeun ieu sindir, dangdanggula nu dipedar, sinom nu dianggo sindir,
asmarandana didadar, neda kumandang nu hadir. Magatru
484. Magatruna ka
anggo nyambung pihatur, margina teu weleh ketir, ketir ku margi teu
tutur, ibarat nu keur nyekel setir, sieun salah jalan motor.
485. Margi
eta nu disebutkeun diluhur, maksad sim kuring di akhir, sanes pisang
hayang masyhur, bubuhan eukeur di dohir, tamba kesel ngantos lohor.
Layang Muslimin Muslimat 40
486. Nya dikarang ku jisim kuring ditungtut,
panon mah asa barintit, neangan ilmu nu patut, nganyahokeun nu nguntit,
nu beurang peuting petot.
487. Sadayana eta anu jadi lagu, mangga geura
bagi-bagi, supaya ulah ngawagu, sing kapendak bilih rugi, ulah dugi ka
ngarogo.
488. Ngarogona mun urang masih takabur, di dunya hate malibir,
tangtu disiksa kubur, da bongan teu daek takbir, paeh moal boga obor.
489. Rejeki mah teu milu ka jero kubur, estu wungkul keur di dohir, da
puguh keuna ku lebur, henteu cara jembar takbir, ka urangna jasa nyebor.
490. Anu mawi urang teh ulah kumumu, mikir teh anu utami, kotektak
masing katimu, katimu bakaling jalmi, sing terang gawena ramo.
491.
Pilari teh tegesna nu saestu, nu kira nepi ka Gusti, lain solat lima
waktu, pilari solat sajati, sangkan urang boga conto.
492. Ari eta
sambahiyang lima waktu, cenah keur nyembah ka Gusti, tapi saenyana kitu,
muji dzikir laksa keti, weleh henteu meunang conto.
493. Najan kitab
ngabrugbrug mangpuluh-puluh, sakabeh henteu dipilih, diapalkeun ratus
puluh, Gustina henteu katolih, teu panggih jeung dzatna Allah.
494.
Samarukna nyembah ka Gusti teh kitu, da tuduh kitab teu harti, teu
dipikir anu estu, pedah Gusti taya bukti, tacan nganjang ka pageto.
495.
Padahal mah lamun dikakat disusul, eta tangtu pisan hasil, tangtu
terang Nabi Rasul, sagala rupa kamisil, moal beunang ku pangosol.
496.
Saenyana badan teh kedah diukur, diukur reujeung dipikir, ulah ngan
saukur akur, teu nanya nyatana dzikir, matak waktuna teh bongkor.
497.
Ieu lagu sadaya oge panuduh,
cobian geura peredih,
hiji-hiji nu dituduh,
tapi ulah jadi sedih,
498. Tah eta
dangdanggulana,
Hartoskeun sadayana,
Naon pimaksadeunnana,
Da kitu
geuning ngarana.
499. Sarta tah dina komana,
Aya sapuluh buktina,
Tah
eta naon maksudna
Di urang naon nyatana.
500. Dina sinom oge kitu,
Nu
geus disebut diditu,
Lain ngan wungkul sakitu,
Eta teh anu ngabantu.
501. Koma dalapan nu nyata,
Naon maksud di
pernata,
Jeung naon atuh nu nyata,
Ulah ngan wungkul carita.
502.
Asmarandana nu katilu,
Nu matak urang perelu,
Neangan anu mimilu,
Mun
teu nyaho bodo balilu.
503. Eta komana geuning tujuh,
Kudu nyaho gawe nu
tujuh,
Jalanna kudu tawajuh,
Ka guru anu mituduh.
504. Tah ieu nu
pikeun ngaganti,
Anu kasebat kinanti,
Genep koma naon bukti,
Mun palay
terang ka Gusti.
505. Ieu tungtik keur jalanna,
Pati kudu jeung
pigawena,
Ulah ngan wungkul hayangna,
Kudu aya pameulina.
506. Sya’ir nu
jadi sindir,
Opat komana teu mubadir,
Henteu kudu undar-andir,
Milari
Syekh Abdul Qadir.
507. Lamun ku urang geus dibeuli,
Tangtu yakin
katinggali,
Moal samar moal lali,
Jalanna kudu Mujasmedi.
508. Lamun
urang daeuk leukeun,
Sagala rupa-rupakeun,
Tangtos moal barieukeun,
Urang bisa nganyahokeun.
509. Mungguh jalma teh geus pasti,
Sagala ge
bakal mati,
Disebut mulih ka jati,
Matak wajib terang ka Gusti.
510.
Bisi urang ngajadi susah,
Lamun elmuna tacan sah,
Kapan Allah henteu
papisah,
Emutan perlu diasah.
511. Ngasahna jeung babaturan,
Supaya ulah
limpeuran,
Bisi beunang kacampuran,
Ku Idajil nu maturan.
Layang
Muslimin Muslimat 42
512. Naha iraha deui waktuna,
Lamun henteu ti
ayeuna,
Iraha rek tobatna,
Geus paeh nyandang siksaan.
513. Biasa sok ditahlilan,
Cenah mantuan keur
dijalan,
Asana ku pamohalan,
Paeh beunang diakalan.
514. Kanyeri beunang
ditalangan,
Marukan teu kahalangan,
Da bongan teu diteangan,
Di dunyana
kajongjonan.
515. Beurang peuting Yasin jeung dzikir,
Tapi hanteu jeung
dipikir,
Di dunya teu daek mikir,
Teu rumasa jadi fakir.
516. Ari
waktuna Sembahiyang,
Keur nekadkeun taya kahayang,
Tapi jongjon
ambariyang,
Teu khusu kanu diteang.
517. Sembahiyang jeung pujina,
Teu
tinggal saban waktuna,
Tapi teu nyaho maksudna,
Teu hasil kantun capena.
518. Mun suuk mah ngan cangkangna,
Henteu ngampihan sikina,
Kumaha rek
dipelakna,
Mo enya aya hasilna.
519. Kuring lain ngalainkeun,
Nu ku
sadaya dilakonkeun,
Supayana dipikirkeun,
Ku sadayana dikanyahokeun.
520. Anu matak wajib terang,
Kana pibalikeun urang,
Kudu ayeuna
kasorang,
Bisi sakarat wiwirang
0 komentar:
Posting Komentar