Layang Muslimin Muslimat JILID IV

Mudakarah Raden Insan sareng Raden Kamil

Asmarandana

1. Simkuring nembean deui, maksad rek ngadangding Layang, namung kalintang ku awon, dangdingna sareng basana, sakalangkung garihalna, muga sadaya nawakuf, ulah kirang pangampura.
2. Mung ku banget tekad ati, disarengan ku dudu’a, neda-neda ka Yang Manon, reh Gusti mah sifat wenang, ngabulkeun paneda jalma, nu maksudna jalan alus, ngudag hak kasampurnaan.
3. Kasampurnaan lahir batin, salamet Dunya Akherat, sareng ku safa’atna teh, mu’jizatna Gusti urang, Kangjeng Nabi Muhammad, nu jeneng Rosulullohu, Shalallahu ‘alaihi wassalam.
4. Teu mungguh ka jalma dhaif, Allah ngabukakeun ilham, sakersana jadi bae, jeung moal aya nu bisa, ngahalang-halang kersana, sakersana Maha Agung, moal aya mustahilna.
5. Ngawitan anu didangding, seja rek neraskeun hanca, hanca simkuring bareto, nyaeta anu kasebat, Layang Muslimin Muslimat, anu nembe jilid ka tilu, ieu jilid kaopatna.
6. Kocapkeun Raden Muslimin, sinarengan Raden Muslimat, parantos dugi ka waktos, marulih ka Rahmatullah, mung sasasih antarana, rakana anu tipayun, sasih Hapit dinten Juma’ah.
7. Dina gentos sasih deui, dinten Saptu ping opat belas, Rayagung dawuh nu sae, raina Raden Muslimat, mulih ka Rahmatullah, kitu kersana Yang Agung, ayeuna gentos nu kocap.
8. Nilarna Raden Muslimin, ngantunkeun sahiji putra, kalangkung kasep, sinareng gentur tatapa, mutih ngabeuti puasa, ahli ngulik Ilmu Nahwu, Ilmu Sare’at Hakekat.
9. Tarekat pon kitu deui, teras kana Ma’rifatna, Ilmu luar Ilmu jero, tatas jeung Tohid-tohidna, hanteu aya nu kaliwat, wajib farduna nya kitu, dina bagbagan Agama.
10. Jenengannana kawarti, katelahna Raden Insan, kinten-kinten yuswana teh, dina waktos tilar ku rama, nuju sumedeng pisan, kinten dua puluh taun, untungna kersa Pangeran.
11. Ilmu ramana katampi, geus kapaham sadayana, bubuhan uteukna encer, da turunan ti ramana, hanteu susah diwarahna, ku saliwat ge kamafhum, kawantu dibarung tapa.
12. Kocap Den Muslimat deui, nyaeta raina tea, nyakitu anjeuna oge, ngantunkeun sahiji putra, pameget sami kasepna, yuswa tujuh belas taun, Raden Kamil katelahna.
13. Sami bae pada ngarti, kana bagbagan Agama, kalangkung calakanna teh, sakur piwiruk ramana, teu aya anu kaliwat, tatapana ge nyakitu, sami sareng Raden Insan.
14. Tabe’atna kitu deui, teu beda sareng ramana, runtut raut jeung saderek, tara kersa pipisahan, siang sumawon wengina, layeut rukun rempug jukung, ka darat jadi salebak.
15. Ka cai jadi saleuwi, kitu ceuk paribasana, sasat salaku sahate, barang dina hiji mangsa, sasarengan pelesiran, ngalantung di pipir situ, bari ninggalian kembang.
16. Teras lalebet ka Masjid, Masjid alit tengah empang, tilas ramana bareto, osok didinya ujlahna, neda-neda ka Pangeran, menekung nyepi tafakur, ngilangkeun babadag raga.
17. Dua putra gek caralik, papayun-payun duaan, dina alketip nu sae, sareng teras sasauran, ngahusukeun papahaman, Tohid-tohidna bab Ilmu, nu paparin ti ramana.
Nerangkeun
Asma’ul Husna atawa Asmana Gusti Allah
18. Ngawitan nu nyaur rai, nyaeta Den Kamil tea, ka rakana cacarios, saurna abdi teh lepat, pasal Asma Gusti Allah, saurna rama kapungkur, seueurna sabaraha tea.
19. Sareng sabaraha hiji, Asma anu saleresna, rakana lajeng ngawalon, manawi mun teu lepat mah, Asmana Gusti Allah, sadayana teh saratus, tapi ari nu gelar mah.
20. Anu kocap unggel Hadist, salapan puluh salapan, tapi nu sakitu oge, ari pek diringkeskeun mah, ngan ukur jadi lima, kahiji nu kasebut Asmaullidzati tea.
21. Kadua anu kauni, ngaran Asmaullisifat, nu katilu kacarios, ngaran Asmaulliasma, kaopat anu disebat, Asmaulliaf’al kitu, dupi anu kalimana.
22. Ngaran Asmaullijinsi, tapi eta ge nu lima, nu leres mah hiji bae, saur raina nu mana, Asma anu saleresna, rakana lajeng ngawangsul, Asmaullijinsi tea.
23. Ngan eta bae sahiji, raina teras haturan, na kumaha margina teh, sumangga paparin terang, hartosna eta basa, nu lima tadi disebut, ku rai tacan kapaham.
24. Rakana enggal ngalahir, kieu pihartoseunnana, pasal Asmaullidzati teh, nu nyebut jenengan Allah, manurut tina jentulna, sabab Dzat teh aya tangtu, geus mohal hanteu ayana.
25. Dupi nu kadua tadi, Asmaullisifat tea, netepkeun Asma Allah teh, nurutkeun tina sifatna, tegesna tina rupana, dupi eta nu katilu, nu ngaran Asmaulliasma.
26. Nyebutkeun Asmana Gusti, nurutkeun tina Asmana malah nu kaopat oge, Asmaulliaf’al tea, nyebutna jenengan Allah, nurutkeun Af’alna kitu, dupi anu nomer lima.
27. Ngaran Asmaullijinsi, kieu pihartoseunnana, nyebutna Yang Manon nurutkeun tina jinisna, kitu bae sundana mah, raina enggal ngawangsul, nuhun parantos kapaham.
28. Namung saur engkang tadi, eta Asma anu lima, ngan sahiji anu sae, naha kumaha margina, pang seueur teuing nu lepat, rai sakalangkung bingung, mangga ku engkang didadar.
29. Lajeng rakana ngalahir, lepat soteh nu nampana, Asmana mah sae kabeh, ngan seueur pisan nu salah, dina ngabarangkeunnana, seueur Paguron kaliru, sok netepkeun kanu anyar.
30. Geuning seueur pisan jalmi, nu ngaku dzat ka jentulna, jentulna jasad nu ‘aen, ngaku dzat kana awakna, kana raga anu badag, sapedah tadi kasebut, geus aya dina Hadistna.
31. Geus disebatkeun ku Hadist, Wallohu batinul insan, Al insanu dhahirullah, kieu pisundaeunnana, mun engkang teu lepat mah, ari Allah teh disebut, batin-batinna manusa.
32. Sabalikna kitu deui, dohirna Allah manusa, kitu eta sundana teh, nu matak kek kana badan, ieu teh dohirna Allah, geus hanteu panjang diemut, da kasaksi ku Hadistna.
33. Tah kitu lepatna rai, nyebut dzat kana ayana, kana ayana wujud dewek, sanes kana dzatna Allah, anu dzatlaesa tea, nu teu warna rupa kitu, sumawon puguh jentulna.
34. Nu kitu eta teh pasti, kufur dihukumanana, wujudiyah nu kitu teh, ngaku Allah ka awakna, tur aya deui Hadistna, Wallahu ghaibun, sareng aya terasna.
35. Al insanu ghaibun deui, kieu pisundaeunnana, perkara Gusti Allah teh, ghaib teu aya jentulna, kitu deui manusa, sami bae pada kitu, pada ghaib sadayana.
36. Kapan ieu mah jasmani, teu ghaib da geus nonggerak, ngajentul beurang peuting ge, kapan nu ngaran ghaib mah, aya tapi taya rupa, da ieu mah nu ngajentul, ngarana wujud manusa.
37. Lain manusa sayakti, da ghaib manusana mah, tah rai kedah hartos, mana nu ngaran manusa, wajib urang kudu terang, supaya ulah kaliru, bisi nuduh kana awak.
38. Raina lajeng ngalahir, nuhun ayeuna kapaham, pasal Asmaullidzati teh, kantun anu kaduana, Asmaullisifat tea, reh tadi engkang misaur, eta oge rajeun lepat.
39. Ku rai tacan kaharti, nu kumaha nu sok lepat, rakana enggal ngawalon, pang sok jadi kalepatan, sok seueur tekad manusa, netepkeun Asma Yang Agung, kana rupana manehna.
40. Sapedah ceuk dina dalil, Allah teh teu aya dua, tetep ngan sahiji bae, barang ngareret awakna, nu ngan hiji di manehna, lian ti rupana kitu, nu moal aya bangsana.
41. Sanajan ngider sabumi, ngider satangkarat jagat, moal manggih anu ceples, nu hanteu aya bedana, sareng rupana manehna, eta oge bangsa kufur, sami bae wujudiyah.
42. Raina ngawalon deui, kahartos atuh kitu mah, pang disebatkeun lepat teh, nuduh Allah ka rupana, sanes ka sifatna Allah, salah wesel anu kitu, pantes jadi matak nyasar.
43. ayeuna sumangga deui, dadarkeun nu katiluna, supados rai mangartos, pasal Asmaulliasma, anu kumaha nu lepat, ka rai mangga pitutur, ulah kapambeng miwelas.
44. Lajeng rakana ngalahir, kieu sababna pang lepat, mungguhing jalma nu bodo, sok gampang dibobodona, sabab seueur nu percaya, netepkeun Asma Yang Agung, kana ngaranna sorangan.
45. Perkara Allah teh pasti, nyaeta antero ngaran, sabab kapan tadi oge, Allah teh nu ngaliputan, kana sakabeh sifat, buktina teh kapan puguh, diliputan ku ngaranna.
46. Jeung langgengna oge bukti, asmana anu teu ruksak, langgeng bae sapapaos, jalma nu kitu tekadna, eta musyrik ngaranna, ngareuaykeun Maha Agung, kapan tadi unggel kitab.
47. Mungguhing nu Maha Suci, hiji dzat hiji sifat, hiji asmana geus tangtos, sareng ngan hiji af’alna, teu beunang direuay-reuay, samalahan lamun kitu, lamun netepkeun ka Asma.
48. Atuh Allah teh geus pasti, sifat anyar disebatna, sabab kapan tadi oge, dina kitab geus kakocap, Dzat-Sifat-Asma-Af’al, kapan eta geuning puguh, pang ayana eta asma.
49. Tina sifatna geus sidik, kitu deui eta sifat, tina dzatna enggeus tangtos, tah kitu margi lepatna, jalma nu kitu tekadna, pasti eta ngaran kufur, ngalobakeun Gusti Allah.
50. Lajeng raina ngalahir, ayeuna nu kaopatna, mangga ku engkang carios, Asmaulliaf’al tea, kumaha pang jadi lepat, rakana lajeng ngawangsul, nu kieu tekad manusa.
51. Nu kieu tekadna jalmi, ngaku Allah kana Af’alna, kana kalakuanna teh, nya kalakuan manehna, pedah aya dalilna, Laa haula wa laa quwwata, pendek teu daya upaya.
52. Sasat teu usik teu malik, anging ku kersana Allah, laku hade laku goreng, tah nu kitu patekadan, jalma teu boga akal, saperti anu ngalindur, atawana jalma owah.
53. Atuh eukeur naon teuing, Allah ngayakeun Agama, para Nabi utusan teh, jeung nurunkeun kitab Qur’an, keur ngahukuman nu salah, ngayakeun Sawarga kitu, pon kitu deui Naraka.
54. Tah kitu nu matak wajib, ka Allah kudu ma’rifat, ku sok kitu sababna teh, sok jadi sasar tekadna, bakating ku poekna, Allahna hanteu kailmu, poek mongkleng buta rata.
55. Da nu geus yakin mah geuning, nu nyahona lain beja, sagala perkara oge, tara jadi kabingungan, padang caang narawangan, jeung boga pamilih tangtu, moal sakawenang-wenang.
56. Sabab ngaraoskeun isin, ngarasa geus teu papisah, teu aya antarana teh, siang wengi babarengan, palaur sieun salah, teu ngalajur hawa nafsu, kana jalan kagorengan.
Sinom
57. Kapan kitu kersana, anu geus yakin mah geuning, tapi tadi nu nyarita, majarkeun sagala rupi, hade goreng ge ti Gusti, padahal mah geuning kitu, sidik yen Gusti Allah mah, teu idin sama sakali, teu maparin kana jalan kagorengan.
58. Ngan wungkul bae miwarang, kana kahadean misti, kedah suci laku lampah, teu kenging migawe dengki, ka papada makhluk Gusti, sumawon ujub takabur, piara laku jeung tekad, ati teh kudu beresih, masing soleh sabar tawekal darana.
59. Jadi ayeuna mah urang, poma rai sing mangarti, lamun bae kadatangan, ku kereteg karep ati, jadikeun budi pamilih, kuma barisna dipayun, samemeh prak dipilampah, sabab tangtu katawis, pijadieun kana hade jeung gorengna.
60. Lamun pijatoheunnana, kana kagorengan pasti, nu kitu sanes ti Allah, aya anu nyiliwuri, parentahanna Idajil, da Allah tara kitu, tara sok miwarang salah, wungkul miwarangna Gusti, kana jalan rahayu dunya Akherat.
61. Kitu deui sabalikna, mun datang kareping ati, ngajak jalan kahadean, kamulyaan lahir batin, geuwat ulah lami-lami, pek lampahkeun buru-buru, nu kitu ngaran ibadah, ibadah ka Maha Suci, ibadah teh lain bae wungkul ngan Sholat.
62. Sagala hal kalakuan, nu hade mah eta rai, tunggal keneh nya ibadah, da tunggal parentah Gusti, sanajan getol ngabakti, getol Sholat lima waktu, tapi laku jeung tekadna, jongjon bae sirik pidik, amalna teh lir tipung katiup barat.
63. Geus moal aya sesana, musna leungit tanpa lebih, nu beunang hese capena, mubadir sama sakali, di hijab deui ku Gusti, numawi rai sing emut, sing iyatna kudu kuat, kana panggodana Iblis, masing pengkuh keukeuh nyalindung ka Allah.
64. Ulah kabengbat ku Setan, nu narik jalan balai, balai Dunya Akherat, sareng ngabatalkeun deui, kana jalan ma’rifati, ma’rifat ka Maha Agung, geus tangtu deui ka hijab, jadi poek buta rajin, kapindingan ku kokotor laku tekad.
65. Raina lajeng ngajawab, mugi Gusti Maha Suci, rai tiasa nyumponan, kana piwuruk engkang tadi, sareng nganuhunkeun deui, rai ayeuna teu bingung, pasal Asma anu opat, nu geus didadarkeun tadi, kantun eta anu ka limana tea.
66. Anu ku engkang disebat, Asmaullijinsi tadi, ceuk engkang eta nu enya, kumaha enyana deui, rai hayang enggal ngarti, rakana enggal ngawangsul, eta mah engke heula anan, ulah bendu bae rai, moal bisa dicarioskeun ayeuna.
67. Kedah dina salse pisan, jeung kudu ditempat sepi, bilih kadenge ku cakcak, da kapan rasiah Wali, pasal Asmaullijinsi, Asma tina jinis kitu, bagian nu ahli Qurbah, tegesna anu geus yakin, anu ahli adep-adepan jeung Allah.
68. Naon bae ayeuna mah, nu can kaharti ku rai, nu bieu mah keun heulaan, raina lajeng ngalahir, aya nu can kaharti, pasal Iman anu tilu, Iman Taqlid kahijina, dua Iman Idlal deui, katiluna Iman Takhkiq disebatna.
Nerangkeun Iman aya tilu panta
69. Kuma pihartoseunnana, hiji-hiji Iman tadi, rakana lajeng ngajawab, kieu mun teu lepat mah rai, nu kahiji Iman Taqlid, Iman tina beja wungkul, percaya ayana Allah, ngan wungkul beja ti jalmi, eta kitu Iman Taqlid teh sundana.
70. Iman Idlal nu kadua, martabat undak ti tadi, eta mah nu geus percaya, kana ayana Yang Widi, tur kalawan aya saksi, tina dalil Qur’an kitu, ari anu katiluna, enya eta Iman Takhkiq, tah eta mah martabat anu utama.
71. Eukeur mah tadi percaya, di ayana Maha Suci, turug-turug nyaho pisan, boga saksi tina dalil, kawuwuh jeung bisa yakin, ma’rifat ka Yang Agung, percayana geus teu samar, geus teu asa-asa deui, malah-malah geus teu ngarasa pisahna.
72. Geus ngarasa aqrobiyah, jeung Gusti nu Maha Suci, wujudna geus jadi lafad, geus ngajadi wujud dalil, lafad Muhammad Nabi, raina lajeng ngawangsul, naha kumaha hartosna, nu geus jadi lafad dalil, kang rai mah masih bingung can kapaham.
73. Sabab lafad Muhammad mah, dina saban-saban jalmi, sadaya pada mirupa, dina keur Attahiyati, dina Sembahiyang sidik, jadi lafad Muhammadu, sirahna jadi Mim awal, dadana jadi He sidik, Mim akhirna udel kanyataannana.
74. Dal buktina teh sampean, walon raka tacan jadi, dina keur Sembahiyang mah, lantaran teu aya hiji, teu aya hurup Tasjid, tacan syah upami kitu, teu uni lafad Muhammad, tacan jadi wujud dalil, didinya mah karek uni Mim-He-Mim-Dal.
75. Raina mani ngarenjag, ngadak-ngadak kahareti, bener tacan uni lafad, kumargi teu aya Tasjid, wekasan enggal ngalahir, duh engkang rai kaliru, raos tadi bener pisan, lebah dinya jadi dalil, sihoreng nembe uni Mim-He-Mim-Dal.
76. Ayeuna ulah kapalang, engkang hawatos ka rai, mugi dipaparin terang, pasal Hakekatna Tasjid, mesem rakana ngalahir, keun heula eta mah agus, engke dina salsena, dina dawuh nu mustari, ayeuna mah Manahan bae heula anan.
77. Kumargi penting kacida, eta hal perkara Tajid, lamun jalma tacan terang, hal praktekna Sholat Da’im, nyaeta Sholat sajati, padamelan Kangjeng Rasul, moal bisa kapaham, sanajan hayoh dipikir, kalah botak dipikir moal kapendak.
78. Sabab pasal Tasjid eta, koncina Bumi jeung Langit, eukeur muka lawang hijab, hijabna ka Maha Suci, keur ngaburak jagat shagir, nimbulkeun raga nu lembut, upama kapanggih eta, geus tangtu engke kaharti, pasal tadi aya basa Nafi isbat.
79. Lamun Wujudna manusa, tacan jadi lafad dalil, ngawujud dalil Muhammad, moal pinanggih jeung Gusti, sasat moal ma’rifati, kapan geuning para Rusul, nyaeta utusan Allah, enya eta Nabi-nabi, Nabi Adam Nabi Enoh Nabi Ibrahim.
80. Nabi Musa jeung Isa, sadayana teu diselir, geuning teu aya nu Mi’raj, salian ti Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullohi, nu diselir ku Yang Agung, sina ninggali Akherat, kayaan Alam Batin, memeh pupus anjeuna mah geus uninga.
81. Cirina Nabi nu lian, numawi teu Mi’raj rai, da bukti tina lafadna, sadaya teu nganggo Tasjid, mangga ku rai tinggali, lafad-lafad para Rusul, lafad Adam lafad Enoh, Ibrahim, Musa jeung lafad Isa sadaya teu di Tasjidan.
82. Lian ti lafad Muhammad, anu nganggo lafad Tasjid, sami sareng lafad Allah, cirina teu aya deui, anu dipaparin Kunci, keur ngadeuheus ka Yang Agung, jadi sanajan ayeuna, sadayana umat Nabi, tangtu bisa lamun kapanggih Tasjidna.
83. Asal sing suhud neangan, jeung dibeuli ku prihatin, tirakat mutih, puasa, sareng dibarengan deui, ku kalakuan nu suci, ucap tekad sareng laku, dijaga ulah rek salah, sing suhud bae ka Gusti, Insya Allah awal akhir tinekanan.
Nerangkeun :
Elmu nyaeta gulungna Sare’at, Hakekat, Tarekat, ma’rifat
84. Raina lajeng haturan, nuhun rai bakal harti, pasal eta tasjid tea, ayeuna mah gentos deui, ku rai nu can kaharti, aya basa opat kitu, kahiji ngaran Sare’at, kadua Hakekat deui, katiluna eta Tarekat ngaranna.
85. Ka opat ngaran Ma’rifat, eta anu opat rupi, ceuk dina unggeling Hikam, eta anu opat tadi, sing bisa ngajadi hiji, rukunkeun sangkan kasusul, sabab kieu ibaratna, Sare’at teh lir upami, parahu ngambang dina luhureun sagara.
86. Hakekat lir upamana, ibarat lautan cai, Tarekat lir upamina, diibaratkeun kemudi, pangboseh supaya tepi, ka tengah-tengahna laut, Ma’rifat mah lir upamana, inten didasaring cai, eta kitu ceuk unggeling kitab Hikam.
87. Tah kumaha ngalarapna, saenyana dina diri, naon kanyataannana, disebat parahu tadi, sinareng lautan cai, kemudina pon nya kitu, inten teh naon nyatana, ku rai tacan kaharti, muga-muga engkang keresa miwejang.
88. Rakana lajeng ngajawab, bener kitu eta rai, tapi pasal dina kitab Hikam, nyebatkeun Sare’at tadi, Hakekat Tarekat deui, Ma’rifatna pon nyakitu, sanes dina bab Sare’at, tegesna eta mah rai, nyarioskeun dina bab elmu Hakekat.
89. Da ku ilmu Sare’at mah, netepkeun Sare’at tadi, parantos umum sadaya, yen eta Sare’at rai, netepkeunnana pasti, kana kalakuan kitu, kalakuanna ibadah, nyaeta dzikir jeung ngaji, getol Sholat anu lima waktu tea.
90. Ari Hakekatna eta, ceuk ilmu Sare’at rai, ati kanyataannana, dupi Tarekatna deui, nyaeta puji dzikir, anu geus lumbrah disebut, Qodariyah Satariyah, sareng saterasna deui, dupi ari eta Ma’rifat ahli Sare’at.
91. Asal bae sing percaya, yen ieu bumi jeung langit, dadamelan Gusti Allah, eta moal salah deui, tiap-tiap aya bukti, dadamelanna kitu, geus tangtu ayana Allah, nu ngadamelna geus misti, kitu bae lumbrahna elmu Sare’at.
92. Malahan dipigawena, ditungtut sahiji-hiji, teu bareng opatannana, kapan ceuk Hikam mah tadi, nu opat teh sing ngahiji, kudu barengan sing rukun, ulah sina patorengga, da puguh Hikam mah tadi, nyarioskeun dina bab ilmu Hakekat.
93. Sok moal barung sulaya, mun nyurupkeun pahili, puguh bagean Hakekat, keur ngudag inten nu tadi, hayoh disurupkeun deui, ka ilmu Sare’at kitu, atuh moal weleh mijan, najan dipaksa ge rai, da teu ninggang kana pibarangeunnana.
94. Kieu rai saenyana, lamun teu acan mangarti, pituduh kitab Hikam mah, supayana bisa katepi, Ma’rifat ka Maha Suci, ku ilmu Hakekat kitu, nyaeta kudu bisa, nu opat sing jadi hiji, nya Sare’at Hakekat jeung Tarekatna.
95. Sing gulung kana Ma’rifat, anu matak geuning tadi, kitu diibaratkeunnana, Sare’at teh lir upami, parahu teu salah deui, Hakekat ibarat laut, Tarekat lir kemudina, parabot supaya nepi, kana tengah-tengah pusering sagara.
96. Pikeun ngudag inten tea, nyaeta Ma’rifat jati, raina lajeng ngajawab, naon buktina nu yakin, pasal parahu tadi, jeung anu kasebat laut, katilu kemudina, kaopat intenna deui, mugi-mugi rai dipaparin terang.
97. Rakana lajeng ngajawab, nyatana parahu tadi, nya ieu buktina badan, nu ngaran wujud jasmani, dupi lautna teh rai, nyatana roh urang kitu, anu ngobahkeun ka jasad, pang bisa usik jeung malik, taya lian ngan ku idin roh tea.
98. Saperti parahu tea, pang parahu bisa usik, diusikeun ku sagara, eta moal salah deui, persis saperti jasmani, diusikeun ku roh kitu, raina ngabarakatak, gumujeng mani ngagikgik, sihoreng teh kitu merenahkeunnana.
99. Kantun eta kemudina, naon nyatana nu bukti, larapna dina salira, rakana lajeng ngalahir, kamudina teh rai, panangan kenca katuhu, eta anu ngamemenerna, mawa ka tengah jalan, nyaeta ka tengah-tengah sagara.
100. Tapi najan geus ditengah, mun teu jeung teuleum mah pasti, inten teh moal beunang, sabab jero liwat saking, lamun tega ka pati, wani teuleumna ka laut, hamo pibisaeun beunang, turug-turug seueur jurig, barehala anu nyingsieunan.


101. Rupa badawang barongsai, bangbarongan cuat-cuit, ngagoda supaya bolay, sangkan teuleumna teu jadi, kadarat mulih deui, diakhir tangtu kaduhung, beunang kagoda, maotna teu bisa nepi, tetep ngangkleung palid ngambang di lautan.
102. Kaombak-ombak ku lambak, ting dalagor kana curi, kana batu karang tea, sareng campur deui pasti, sareng nu bangsa narajis, kokotoran luhur laut, bangke anjing bangke oray, siksaan anu hanteu nepi, kana dasar sagara berlian tea.
103. Sasat tempat kani’matan, nu langgeng teu owah gingsir, anu taya upamana, raina lajeng ngalahir, bari ci socana bijil, ramisak bakating ngungun, kareueung sagala aya, sieun hanteu bisa nepi, ngudag eta inten dina jero lautan.
104. Wekasan teras haturan, rai masih samar ati, hal perkawis inten tea, naon nyatana nu sidik, da meureun sanes deui, lain inten dunya kitu, da inten di dunya mah, kenging di peser ku duit, mugi rai dipaparin katerangan.
105. Saur raka nya kantenan, nu diibaratkeun tadi, inten dijero sagara, sanes inten dunya rai, lain inten biduri, nu jadina tina batu, dupi saenya-enyana, inten sajeroning diri, sategesna hiji Nurna Gusti Alllah.
106. Nyaeta nu ngaran Iman, sifatna Iman Sajati, nu diudag ku sadaya, ku kaom Islam sabumi, saha anu bisa nepi, martabatna leuwih luhur, pangkat Nabi Willayah, nu geus diharamkeun misti, diharapkeun nyorang ka api Naraka.
107. Sumawon nyorang sakarat, siksa kubur kitu deui, sanajan siksa Akherat, geus moal kasorang deui, dilepas samasakali, kantun nampa bae wungkul, ganjaran ti Gusti Allah, sarebueun ni’mat dohir, sarta langgeng nu moal aya putusna.

Nerangkeun :
Patekadan dina Sakaratil Maot.
108. Raden Kamil ka raka ngalahir, pasal inten nu parantos didadar, aya hibar kahartos, ayeuna aya piunjuk, muga paparin mangarti, reh ayeuna geus pertela, kana inten jambrut, aya pitulung Pangeran, bisa sidik ka sifat Iman sajati, mung kumaha angkeuhan.
109. Waktos engke dina sakaratil, naha kudu tekad teh kadinya, angkeuhan arek mulang teh, rakana lajeng nyaur, kade rai salah harti, anu matak ti ayeuna, kudu tohid kitu, nyaeta bilih sulaya, hak manusa pahili jeung hakna Gusti, kapan hak manusa mah.
110. Hanteu daya teu upaya rai, sategesna teu boga kawasa, anging Gusti Allah bae, teu kudu boga maksud, nu geus Ma’rifat mah rai, kapan geus di dalilan, Man ‘arofa nafsahu, faqod ‘arofa robbaha, sareng wa man ‘arofa robbahu deui, faqod jahilan nafsaha.
111. Kapan kieu sundana teh rai, saha-saha mun bae manusa, geus nyaho ka dirina teh, eta manusa tangtu, geus tangtu nyaho ka Gusti, tiap-tiap geus uninga ka Allahna kitu, ngarasa bodo dirina, sabab harti yen teu bisa usik malik, sumawon boga kawasa.
112. Jadi lamun engke arek mati, urang arek boga patekadan, atuh sasat ngaku bodo, ngaku bodona teh palsu, ngan sakur dina biwir, ati mah ngaku kawasa, mapakan Yang Agung, bet kawas hanteu karasa, kapan urang ayeuna ge keur di dohir, hayang beunghar bet teu beunghar.
113. Hayang cageur bet teu weleh gering, hayang senang bet teu weleh bae susah, lebah mana kawasana teh, komo deui dina pupus, tekad kumaha ge rai moal bisa katekanan, tinimbang dikabul, anggur ditambah siksaan, da doraka nyaruaan ka Yang Widi, sasat ngaku kawasa.
114. Mising imut ka wiwitan tadi, waktu urang samemeh ka dunya, ti alam Akherat oge, teu ngabogaan maksud urang gumelar ka dohir, tapi hanteu burung aya, di dunya ngawujud, eta kersana saha, saur rai atuh hanteu aya deui, anging ku kersana Allah.
115. Saur raka eta geuning harti, pang ayana urang teh di dunya, ku kersana Gusti Yang Manon, atuh naha tadi kitu, rai mariksakeun deui, hal dina pamulihan, engke waktu pupus, kawas boga cita-cita, cita-cita boga tekad arek mulih, kana inten tadi tea.
116. Raden kamil enggal nyaur deui, pangna tadi naros pamulihan, kapan nurutkeun dalil ge, geus umum anu sok disebut, Inna lillahi kauni, jeung aya terasna, wa inna ilaihi kitu, rojiun eta tuluyna, sundana teh yen urang asal ti Gusti, nyaeta ti Gusti Allah.
117. diwajibkeun kudu bisa balik, balik deui ka Allah Ta’ala, kitu kapan ceuk dalil teh, jadi mun teu bisa wangsul, ka Allah asalna tadi, nya tangtu bakal cilaka, nyasab moal burung, tangtu sakaparan-paran, untrak atrok sakabulang bentor pasti, temahna jadi sangsara.
118. Kapan kitu unggeling ceuk dalil, pangna rai naros pamulihan, raina lajeng ngawalon, bener rai eta kitu, yen urang teh kudu balik, ka Allah teu kenging salah, mung ulah kaliru, kudu tohid ti ayeuna, sing mirasa urang geus aya di Gusti, geus mulang ka Gusti Allah.
119. Mun geus tohid ngarasa geus balik, rasa urang geus ngancik di Allah, dina sifatna geus ‘aen, nu tadi disebat Nurullah iman sajati, nu caang padang gumawang, dina lebet kalbu, beubeunangan teuleum tea, dina laut nu jerona tanpa tepi, nyaeta Sagara Hayat.
120. Saur rai ayeuna kaharti, yen mulih teh kedah ti ayeuna, ka Allah sing kapiraos, mung rai masih bingung, ngarasakeunna geus balik, bubuhan da masih aya, urang teh lumantung, keur aya keneh di dunya, na kumaha ngarasakeunnana geus balik, geus aya di Gusti Allah.
121. Ceuk rakana aduh deudeuh teuing, kutan rai tacan mirasa, yen geus aya di Allah teh, kapan tadi rai ngaku, ngangken Ma’rifat ka Gusti, tapi naha teu mirasa, Wa huwa ma’akum, babarengan jeung Pangeran, mun kitu mah masih ngarasa patebih, ngaraos aya antara.
122. Sabab mun boga tekad balik, tanda-tanda boga rasa anggang, jeung Allah pajauh keneh, teu wanahnu aqrobu, geuning kitu unggel dalil, sundana taya antara, Allah sareng makhluk, sing lenyep rai manahan, geura kieu rai engkang rek naros ka rai, muga ku rai dijawab.
123. Na ayeuna ngaraos patebih, jeung sifatna anu Maha Mulya, anu tadi enggeus ‘aen, nyaeta sifatna Enur, wujudna iman sajati, ceuk raina henteu hilap, teu rasa pajauh, wengi sumawonna siang, rupina teh moal tiasa lepat deui, najan nepi kana wafat.
124. lajeng deui rakana ngalahir, eta geuning ku rai karasa, yen teu rasa jauhna teh, atuh mun rasa teu jauh, jeung dzat sifatna Yang Widi, sasat urang enggeus aya, di Gusti geus dumuk, kapersifat ku Pangeran, diuk nangtung leumpang sare jeung nyaring, teu weleh aya di Allah.
125. Mun geus kitu eukeur naon teuing, kudu boga patekadan, engke dina waktu maot, da henteu rasa pajauh, kapan basa ngaran balik, kudu aya antarana, sareng lamun kitu, atuh Allah teh bertempat, bumen-bumen kapan tadi unggel dalil, mungguhing Gusti Allah mah.
126. Henteu arah henteu enggon deui, sareng henteu warna henteu rupa, emutkeun bae rek sare, dina saparantos tunduh geuning teu karaos deui, tina eling kana lesna, sareng henteu puguh, teu ninggal aya tempatna, malah henteu kudu ditekadan deui, sumawon bade nyaringna.
127. Eta bae contona mah rai, da sare teh gambar wafat tea, tapi nyaring sare oge, sanajan ngimpina kitu, geus hanteu kaluar deui, tina Qudrat Iradatna, Gusti Maha Agung, tina kawasa kersana, jadi atuh ayeuna mah urang rai, kantun nyekelan sarupa.
128. Eta bae dalil saperkawis, nu kasebat lafad Laa haula, wa laa quwwata eta teh, illa billahil kitu, terasna ‘alillyul ‘adzim, tegesna sing ngarasa, bodona si wujud, teu daya teu upaya, sing ngarasa jadi rokrakna sakali, upama geus kitu tekad.
129. Jadi sasat urang teh geus mati, enya soteh masih usik obah, sarta masih aya keneh, di alam dunya kitu, dikersakeun keneh ku Gusti, hanteu gaduh nya kahayang, kantun pasrah wungkul, nandean sakersana, cuk dalilna lillahi ta’ala rai, pasrah bae ka pangeran.
130. Kantun urang Iman bae rai, siang wengi ulah samar-samar, kana dzat sifat Yang Manon, Haqullah anu disebut, lenyepkeun ulah rek lali, insya Allahu ta’ala, lamun enggeus kitu, salamet dunya akherat, boh hirupna sumawon maotna deui, da teu kaluar ti dinya.
131. Geus kakurung ku hak Maha Suci, keur hirupna sumawon paehna, atuh bet piraku bae, manggih siksaan kitu, da tetep dina hak Gusti, enya soteh bakal aya, siksaan di kubur, sareng siksaan di Akherat, enya eta nyawa jalma anu balik, kana Haqul Adam tea.
132. Lajeng deui raina ngalahir, pasal eta Haqul Adam tea, anu mana nyatana teh, rakana terus nyaur, kapan ieu anu bukti, nyatana teh alam dunya, lamun nyawa makhluk, paehna balik ka dunya, enggeus tangtu cilaka bakal balai, nyorang sagala siksaan.
133. Dina engke Walyaomil akhiri, enya eta kiamat dunya, raina lajeng ngawalon, eta nyawa anu wangsul, nu balik ka dunya deui, nya ieu ka Haqul Adam, eta jalma kitu, kumaha keur di dunyana, ceuk rakana jalma nu kitu teh rai, anu teu pisan ibadah.
134. Kawuwuhan nu teu nyaho deui, kana eta sifatna Haqullah, anu tadi geus kacarios, nu ngaran sagara hirup, sabab tangtu bae rai, samangsa lolong di dunya, ka Akheratna terus, lolong bae saterasna, sabab dina waktu keur sakarati, teu bisa ninggal Haqullah.
135. Da nyahona eukeur di dohir, taya lian ukur kana barang, kana barang dunya bae, keur sakaratna ge tangtu, taya anu dipieling, lian ti barang dunya, boh anak boh incu, atawa ka pamajikan, kana dunya upamana mun teu boga duit, naon bae kabeuratna.
136. Atuh tangtu eta nyawa jalmi, da imanna beurat kana dunya, nya tangtu ragragna oge, ka dunya deui tangtu, kakurung ku alam dohir, nya jadina marakayangan, ka onom nyalindung, kana dedemit siluman, kana batu kana cai kana kai, boh nitis menitisan.
137. Ka manusa sok surup sumanding, lamun dina keur aya kahayang, sok nyurup ka saha bae, pokna teh hayang surutu, jeung cikopi anu amis, sakur kabeuki tadina, dina keurna hirup, da ilahar di dunya mah, hirupna teh kudu barang dahar rai, kapan geuning sidik pisan.
138. Lajeng deui raina ngalahir, pasal eta rai geus percaya, ayeuna gentos panaros, reh aya deui kabingung, hal anu langgeng ti Gusti, anu teu aya pegatna, dohir batin oge kitu, di jaman samemeh aya, alam dunya nepi ka Akherat deui, naon anu teu ruksak-ruksak.
Nerangkeun :
Anu Langgeng di Gusti Allah jeung di Manusa.
139. Ceuk rakana anu langgeng di Gusti, taya lian ngan Qudratna Allah, nya eta kawasana teh, sareng kersana kitu, nu taya pegatna deui, ti awal-awalna mula, ka akhir pon kitu, terus tepi ka Akherat, langgeng bae teu aya pegatna deui, kitu paham engkang mah.
140. Ceuk raina teu sulaya deui, kawasana sareng kersana, anu langgeng di Allah teh, margi lamun ruksak kitu, kawasana nu Maha Suci, atuh Allahna ge ruksak, saperti makhluk, mung kumaha di manusa, naha aya langgengna saperti Gusti, nu teu aya pegatna.
141. Ceuk rakana tangtu bae rai, aya anu langgeng di manusa, naha tacan kapiraos, ku rai henteu kaemut, kapan tadi geus tinggali, anu langgeng di Allah, diluhur disebut, yen Qudrat jeung Iradatna, atuh kantun dibalikeun bae rai, lamun langgeng di Allah.
142. Kawasana kersana yakin, di manusa kantun kabagian, nyaeta bodona bae, tegesna bodo teh agus, teu nyaho sama sakali, asal tina hanteu aya, geus aya pon kitu, tetep bae teu nyahona, malah-malah terus ka batin ge rai, langgeng bae moal terang.
143. Kapan geuning urang waktu tadi, memeh turun ka alam dunya, henteu terang naon-naon, malah keur waktu dikandung, ku Ibu salapan sasih, didinya ge teu uninga, malah keurna turun, ti Ibu ka alam dunya, henteu emut teu terang sama sakali, cacakan geus bukti jasad.
144. Samalahan tina orok tadi, tina kawit leutik jasad urang, tina leutik jadi gede, sama sakali teu emut, ngagedeanana jasmani, sumawonna datangna rasa, paninggal pangdangu, pangangseu sareng pangucap, henteu terang duka ti mana ti mendi, da bakating bodona tea.
145. Sabab bongan katetepan dalil, Laa haula jeng wa laa quwwata, kitu eta ceuk dalil teh, manusa mah geus tangtu, teu daya upaya rai, hartina teh teu bisa obah, estu rokrak wungkul, raina lajeng haturan, sakumaha piwejang engkang katampi, nuhun Alhamdulillah.
Nerangkeun Patohidan
146. Namung aya deui nu can harti, pasal eta jatining manusa, ku rai can kapiraos, weleh henteu kaemut, mana nyatana nu sidik, rakana lajeng ngajawab, pasal eta anu disebut, jatining manusa eta, jirimna mah teu lepat yen, Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullah.
147. Tapi ari ayeuna mah rai, geus teu aya jeung Nabi Muhammad, mung kantun gaibna bae, saban umat ge teu luput, pada katetepan misti, ku gaibna manusa, barang enggeus tangtu, lamun kaudag ilmuna, bisa oge kapendak sarta kaharti, kana gaibna manusa.
148. Lajeng raina deui ngalahir, na kumaha bisana kapendak, kapan gaib henteu ‘aen, ceuk raka kapan ku ilmu, pada-pada gaib deui, mun hayang terang gaibna, nya ku gaib tangtu, jalanna nganggo tarekat, sanggeus kitu urang bisa tohid, nyaho ka gaibna urang.
149. Geura kieu jalanna teh rai, akang bade maparin ibarat, supaya enggal kahartos, tah ieu aya cau, cau asak dina piring, pang diayakeun ku urang, naon nu dimaksud, naonnana anu diarah, ceuk raina hanteu aya lian deui, ngan rasana nu diarah.
150. Lajeng deui rakana ngalahir, atuh lepat lamun ngarah rasana, kapan rasa mah tangtos, geus aya dina sungut, dina letah urang pribadi, kapan da ari cau mah, teu katetepan Rusul, sabab lamun boga rasa, eta cau tangtu bisa usik malik, lumpat kawas sato hewan.
151. Saur rai yaktos kahareti, tapi atuh naonnana tea, nu dipandang ku urang teh, rakana enggal ngawangsul, ngan amisna bae rai, kapan geuning bukti tina, urang ninggal cau, anu masih keneh ngora, nu kacipta masih tacan aya amis, geuning teu hayang ngadahar.
152. Kajabana mun si nafsu tadi, eukeur hayang kana kekesedan, nya neangan cau hejo, nu masih ngora kitu, da kesedna nu dipambrih, tah kitu paham engkang mah, raina ngawangsul, leres yaktos teu sulaya, yen amisna atawa kesedna deui, da rasana mah geus nyampak.
153. Enggeus tetep di manusa pasti, wujud cau henteu boga rasa, ngan boga amisna bae, rakana teras ngadawuh, tah eta tegesna rai, nu ngaran cauna tea, amisna anu dumuk, kapan gaib amisna mah, ngan karasa amisna mah henteu jirim, aya tapi taya rupa.
154. Tapi eta amis cau tadi, moal beunang sumawon karasa, upama wujud cau teh, diantep bae dipayun, henteu dituang ku rai, wujud cau teu diruksak, dibeuweung sing lembut, kakara mun geus diruksak, wujudna kapanggih amisna misti, nya jatining cau tea.
155. Kitu deui manusa ge rai, kudu nyaho ka gaibna urang, anu aya hanteu tembong, akalna deui nyakitu, kudu bisa ngabongkar diri, ngabongkar wujud sorangan, kampa kawas suuk, supaya bijil minyakna, nyaeta manusa nu sajati, nu kasebat gaib tea.
156. Raden Kamil teras nyaur deui, na kumaha ngabongkarna jasad, ku rai tacan kahartos, da moal saperti cau, atawa saperti bungkil, keur dibijilkeun minyakna, dikampa ku kayu, rakana enggal ngajawab, poma rai ulah salah harti, nu tadi mah ibaratna.
157. Sanes deui yen ngabongkar diri, enya eta keur laku tarekat, Mautu anta qoblal maut, ruksak teh mirasa suwung, ngaraos teu boga diri, bakating fana-fanana, khusu ka Yang Agung, lat poho kana ragana, teu ngarasa boga raga nu ngajungkiring, alam dunya ge sirna.
Kinanti
158. Raina lajeng ngawangsul. Kahartos teu lepat deui, namung anu mana tea, nyatana manusa gaib, nu aya taya sifatna, masih bingung keneh rai.
159. Rakana deui pek nyaur, naha rai tacan kaharti, kapan eta anu ninggal, dina waktu keur Tajali, keur Sholat Karohanian, nu ngaran manusa gaib.
160. Kapan geuning rai puguh, pasal eta nu ninggali, aya tapi taya rupa, raina teras ngalahir, duh kahartos ayeuna mah, nya eta manusa gaib.
161. Parantos bae Kulanun, da ku rai jol kaharti, moal lepat tangtu eta, nu ngaran gaibing abdi, nu ninggal waktuna Sholat, waktu keur ilang jasmani.
162. Najan ayeuna ge kitu, nu ninggal gaibing Gusti, eta bae henteu lepat, gaib abdi pribadi, da tetela dohirna mah, panon abdi teu ninggali.
163. Nuhun ayeuna mah putus, patohidan rai nepi, moal samar moal mangmang, kana gaib jero diri, ayeuna kantun miara, dohir abdi pribadi.
164. Ngatur laku kai wujud, satungtung gelar di dohir, kasucian laku lampah, ngaji laku ki jasmani, bubuhan masih di dunya, dibanding rancana Iblis.
165. Ngarancana kana nafsu, ngajakan mungkir ka Gusti, rupa-rupa pangbibita, kasukaan alam dohir, beurang peuting hanteu kurang, panggodana sang Idajil.
166. Saur raka bener kitu, urang kudu ati-ati, kantun ngajaga salira, sing pageuh muntang ka Gusti, neda pitulung Pangeran, nyalindung siang jeung wengi.
167. Nya Insya Allah rahayu, lamun tohid mah ka Gusti, Iman urang tangtu kuat, hese katarikna Iblis, sabab geus kasafa’atan ku mu’jizat Kangjeng Nabi.
Nerangkeun Pasal Bismillahirrahmanirrahim.
168. Raina deui lajeng miunjuk, pasal eta geus kaharti, aya deui panarosan, muga engkang luntur galih, pasal sundana Bismillah, ku rai tacan kaharti.
169. Rakana lajeng ngawangsul, sundana teh Bismillahi, lamun engkang hanteu salah, kaula mimiti muji, nyebutkeun jenengan Allah, jeung aya terasna deui.
170. Rahmanirohim disebut, kieu sundana teh rai, Rohman murah di dunya, jeung ari hartina Rohim, Allah asih di Akherat, ka sakur jalma Muslimin.
171. Ceuk rai eta sumuhun, rai ge sok sering nguping, kitu disurahannana, mung bae hayang kaharti, kumaha Allah murahna, ka manusa keur di dohir.
172. Ceuk rakana kapan puguh, murahna nu Maha Suci, bukti ieu di dunya, geus ngayakeun cai bumi, seuneu sareng angin tea, bibit sakur nu kumelip.
173. Tatanduran ting pelentung, pang jadina taya deui, anging ku opat perkara, tangkal asal tina leutik, jadi gede jeung buahan, rasana ge rupi-rupi.
174. Sanggeus jadi buah tangtu, keur dahareun jalmi-jalmi, nya didahar ku sadaya, makhluk nu gede nu leutik, tah kitu murahna Allah, nu bukti di alam dohir.
175. Raina enggal mihatur, jadi kitu murah Gusti, naha teu aya undakna, salangkungna tinu tadi, rai mah tacan narima, mun eta murahna Gusti.
176. Sabab buktina teh puguh, geuning urang saupami, hayang dahar bubuahan, mun sanes pelak pribadi, geuning langka kasorang, lamun urang hanteu meuli.
177. Mun maksa ngala nu batur, kadangkala sok dibui, tah dina lebah etana, rai ewed liwat saking, malahan ceuk dina kitab, geus unggel dina Hadist.
178. Lamun manusa keur hirup, sok miresep kana maling, maling barang anu lian, engke di Akherat misti, bakal disiksa ku Allah, asup ka Naraka pasti.
179. Atuh meureun sanes kitu, murahna nu Maha Suci, da teu rata ka sadaya, eta mah emutan rai, kamurahannana Allah, sanes murahna Yang Widi.
180. Rakana lajeng ngadawuh, ngagelenyu imut leutik, sarta teras sasauran, bari mencrong raray rai, edas bae bet rai mah, teu meunang pisan pahili.
181. Teu kaop luar ti wujud, teu kaop ical ti diri, sok tara weleh ngungudag, heug atuh ayeuna rai, ku engkang arek dipedar, murahna nu Maha Suci.
182. Murahna Gusti Yang Agung, ka manusa keur didohir, parantos maparin tangan, ka manusa dua siki, keur ngajadikeun sadaya, kaayaan alam dohir.
183. Geura mangga bae emut, ieu kaayaan dohir, nu sakitu arahengna, saperti adegan bumi, kareta api jeung kapal, kapal udara jeung mobil.
184. Pang bisana jadi tangtu, ku tangan teu salah deui, sanajan pabrik-pabrikna, anu golangna ku cai, atawa ku seuneu tea, kenging leungeun bae rai.
185. Maju eureunna ge puguh, boh kapal boh pabrik-pabrik, motor-motor saterasna, ku tangan bae geus sidik, naon nu henteu ku tangan, nu jadi di alam dohir.
186. Najan tatanduran tangtu, sakur nu jadi di bumi, asalna aya nu melak, di pelak ku leungeun jalmi, ahirna jadi buah, diala ku tangan deui.
187. Malah keur ibadah kitu, tangan bae nu mimiti, nu dipake ngabantun Qur’an, dibukana kitu deui, ti awal tug dugi ka ahirna, ku tangan bae geus misti.
188. Malah dina waktu keur, ngalakonan Sholat geuning, dina waktu Sembahiyang, tangan bae anu mimiti, tina kawit wulu mula, nepi ka nangtungna deui.
189. Tangan mimiti dijungjung, kaluhur dianggo takbir, terus dongko ruku tea, ku tangan dibantu deui, dina tuur pake nulak,mun teu ditulak mah pasti.
190. Meureun tijongklok geus tangtu, sujudna ge kitu deui, mun teu dibantu ku tangan, tisusud teu salah deui, rek hudang tina sujudna, niat bade lungguh calik.
191. Mun teu ku tangan dibantu, rek lunguhna hese deui, raina mani ngalenggak, bakating ku kahareti, sidik pisan teu sulaya, sasaur-saur teh bukti.
192. Kantun Rohimna Yang Agung, nyaeta asihna Gusti, di alam akherat tea, naon sifatna nu bukti, rakana lajeng ngajawab, kapan eta keneh rai.
193. Piraku henteu kaemut, pang rai bisa ningali kaayaan di akherat, ku asih-asihna Gusti, waktu keur jalan tarekat, bisa nyaho alam goib.
194. Akherat samemeh pupus, malah ayeuna ge geuning, akherat teh kababawa, babarengan siang wengi, dunya sarawuh akherat, geus gulung ngajadi hiji.
195. Lajeng raina mihatur, duh engkang karaos teuing, parantos teu kedah panjang, mung ayeuna gentos pasal, rek naros keur pasal puji.

Nerangkeun Pasal Puji

196. Reh dalil Alhamdu, Alhamdulillahi tadi, Robbil ‘alamin terasna, sundana nu kakuping, umumna nu nyurahan, yen ari sakabeh puji.
197. Eta kagungan Yang Agung, tapi kalumbrahan jalmi, keukeuh patekadannana, eta pasal puji dzikir, diangken puji manehna, dipake muji ka Gusti.
198. Keukeuh sok diaku, mun parantos muji dzikir, pokna tas muji ka Allah, rakana lajeng ngalahir, nya bener bae eta mah, nu dilisankeun mah rai.
199. Eta teh puji ti mahluk, neneda ka Maha Suci, neda dihampura dosa, dosa gede dosa leutik, jadi puji lisan eta, bener ti urang ka Gusti.
200. Ceuk raina mana atuh, sategesna puji Gusti, rakana deui ngajawab, lamun rai can tingali, tegesna puji Allah, nya wujud urang pribadi.
201. Tah ieu badan sakujur, sategesna puji Gusti, pujina Allah Ta’ala, tapi kitu oge rai, mun teu acan ma’rifat mah, teu jadi pujina Gusti.
202. Sabab mun tacan ma’rifatu, dalil laa haola teh pasti, moal enya kapirasa, ukur pangakuan biwir, ati mah teu mirasa, ngan wungkul tuturut munding.
203. Kumaha rek mangaku, teu daya upaya diri, lamun tacan uninga mah, ka nu ngobahkeun jasmani, nyaeta sifat roh tea, anu ngusikeun jasmani.
204. Malah saterusna kitu, kudu nganyahokeun diri, kanu ngobahkeun roh eta, nyaeta sifatna Gusti, sabab lamun teu uninga, eta jalma bisa jadi.
205. Ngangken Allah na teh tangtu, kana rohna pribadi, lamun kitu jadi salah, sasatna teu acan tepi, teu sampurna ma’rifatna, ma’rifat ka Maha Suci.
206. Sabab nu tepi mah tangtu, sumawon ieu jasmani, sanajan rohna pisan, jadi laa haola deui, anging dzat bae nyalira, nu jumeneng lahir batin.
207. Mun tohid jalma geus kitu, wujud teh ngajadi puji, geus jadi pujina Allah, sabab sagala perkawis, parantos teu dipiboga, teu ngarasa pakir miskin.
208. Tumarima rokrak wungkul, jadi saniskara rupi, nu tumiba ka badan, sanajan usik malik, ngan ku Kudrat IradatNa, Gusti anu Maha Suci.
209. Usik malikna jeung nangtung, mun geus kitu tohid jalmi, geus jadi puji sadaya, ngajadi pujina Gusti, sumawonna ibadahna, tingal danguna ge jadi.
210. Ditarima ku Yang Agung, pangbaktina ditampi, saniskarana engeus sah, sah Dzat sah Sifatna deui, sah Asmana sah Af’alna, enggoning hirup di dohir.
211. Raina enggal miunjuk, reh bieu engkang milahir, anu geus kitu tohidna, sah bae sagala rupi, kumaha mun eta jalma, sanggeus kitu nyorang deui.
212. Nyorang laku nu teu puguh, ngalanggar sala sahiji, anu dicegah ku sara, naha sah bae geus misti, rakana enggal ngajawab, ulah rek kaliru rai.
213. Atuh mun milaku kitu, nyorang cecegahna Gusti, sasat ngaku geus ma’rifat, sabab teu sieun ku isin, nu kitu martabat hewan, ciung bisa ngomong jalmi.
214. Ngan sungut wungkul nu harus, hanteu terus kana ati, da kapan anu bener mah, ngakuna tohid ka Gusti, nu terus kana atina, tangtu sok boga pamilih.
215. Sabab Allah teh kaceluk, dina Qur’an dina Hadist, ku sadaya geus disebat, Gusti Allah sifat Suci, suci Dzat suci Sifatna, suci Asma Af’alna deui.
216. Kari-kari urang lamun, ngaku geus tohid ka Gusti, geus teu ngarasa pipisahan, aqrob bae beurang peuting, tegesna taya antara, babarengan jeung nu suci.
217. Tapi laku nurus tunjung, masih keneh resep cicing, dina laku nu ma’siat, dinu kotor haram najis, kumaha arek jadina, ngaku geus ma’rifat jati.
218. Sidik nu kitu mah wadul, nyebutna tohid ka Gusti, najan geus boga tarekat, batal tegesna teu jadi, lamun pare mah ku hama, gapong moal jadi siki.
219. Tangtu bakal meunang hukum, ti dunya terus ka batin, lamun teu gancang pertobat, sumpah moal deui-deui, ngajalankeun kitu lampah, rek tohid deui ka Gusti.
220. Tapi tobatna teh tangtu, beurat leuwihan ti tadi, sabab bongan geus uninga, bet henteu sieun teu isin, hare-hare jeung Pangeran, teu saadat jeung nu suci.
221. Pantes rek gancang kasiku, doraka ti Maha Suci, jauh kamulyaanana, ti dohir dugi ka batin, hese rek dihampurana, teu gampang saperti tadi.
222. Bilih rai tacan mafhum, tegesna perkara tohid, nyaeta anu geus bisa, misahkeun tina rurujit, nyingkiran laku ma’siat, ngahiji kanu beresih.
223. Raina lajeng mihatur, yaktos ayeuna mah harti, samangsa-mangsa manusa, anu masih keneh cicing, betah dina laku salah, atuh nyalindung ka Iblis.
Pangkur
224. Ayeuna teu panasaran, parantos seep kapanasaran kang rai, hal tohid-tohidna Ilmu, ageman urang tea, geus kieu mah kantun ngajaga hal laku, kudu beres laku tekad, ucapna pon kitu deui.
225. Saur rakana kantenan, saupami ngarasa aqrob jeung Gusti, kudu ngaberesihan laku, jaga bisi kakotoran, turut-turut ka Gusti Allah nu Agung, kudu sarua sucina, sangkan dalit jeung hiji.
226. Sing isin kunu nyarengan, siang wengi nu hanteu anggang ti diri, tingali sagala laku, kana hade jeung gorengna, lampah urang enggeus moal nyumput, kudu ngarasa isinna, sangkan laku teh diaji.
227. Kapan tadi teh nu matak, diwajibkeun kudu ma’rifat ka Gusti, gunana nyakitu, supaya hade lampah, tekad ucap satungtung urang keur hirup, gumelar di alam dunya, sing isin ku Maha Suci.
228. Mun ngarasa geus isin mah, sugan sageuy boga keneh sirik pidik, ujub ria jeung takabur, hasud sumawon khianat, ka manusa ka sasama pada hirup, da tangtu meureun ngarasa, saniskara kersa Gusti.
229. Upama henteu ma’rifat, moal bisa Iman kanu Maha Suci, najan ibadahna suhud, sabab moal ngarasa, di bodona hina apesna si wujud, samangsa henteu ngarasa, di apesna ku ki jasmani.
230. Tangtu boga patekadan, urang ngaku boga kawasa geus misti usik malik diuk nangtung, diaku usik sorangan, nya doraka ngahinakeun kanu Agung, ngakukeun boga kawasa, jadi musyrik ka Yang Widi.
231. Sabalikna lamun urang, geus mirasa hina apesna diri, estu teu aya kagaduh, pakir miskin bodo hina, jadi timbul Gusti Allahna nu Agung, nu kawasa anu kersa, nu murba dohir lan batin.
232. Kitu puji anu enya, sanes puji nu diharewoskeun ku biwir, kudu ngarasakeun kitu, kudu tumarima hina, pakir miskin estuning taya kagaduh, sagala kersana Allah, ti dunya nepi ka batin.
233. Najan nu ahli ibadah, wajib bae kudu ma’rifat ka Gusti, sabab lamun henteu kitu, sok rajeun salah weselna, elmuna teh beunang ngaji ti lelembut, berkasna rajeun sulaya, sok dipake sirik pidik.
Nerangkeun Rijalul ‘Alam jeung Rijalullah
234. Kahartos saur raina, kantun ieu aya deui nu can harti, nu ngaran Rijal disebut, kumaha eta hartina, sareng naon kanyataannana nu estu, rakana lajeng ngajawab, lamun rai tacan ngarti.
235. Sategesna basa Rijal, hartina teh nyaeta Senapati, malah dua nu kasebut, kahiji Rijalul ‘alam nu kadua Rijalullah eta kitu,Senapati duanana, kapangkatannana sami.
236. Ngan ari Rijalul ‘alam, Senapati ngagelarkeun Ilmu dohir, Ilmu Kadewaan kitu, gelaran ti Sayid Anwar, nu nurunkeun para Dewa kapungkur, nepi ka jaman ayeuna, turun tumuruna rai.
237. Nyekelan Ilmu Istijrad, kagagahan eta anu dicangking, sapanedana sok dimakbul, lamun hayang bisa gagah, sapertina hayang kuat hayang weduk, hayang Maen Po ge bisa, ku ditepak ge jadi.
238. Hayang gampang ngarah sarat, hayang nyirep atawa ngemat jalmi, najan hayang jadi dukun, nyageurkeun nu gering payah, ku ditepak tempo-tempo sok Kabul, bisa cageur ngadak-ngadak, henteu aya tempo deui.
239. Kusabab Ilmu Istijrad, naon bae sakahayang bisa jadi, wantu Senapati kitu, urusan hal kadohiran, tuturunan ti Dewa Guru, terus nepi ka Ayeuna, turun tumurunna misti.
240. Malah manusa ayeuna, enggeus campur pagalo ngajadi hiji, malah Ilmuna ge tangtu, lantaran geus loba pisan, anu nyekel ilmu Kadewaan kitu, ngakukeun Ilmu Ma’rifat, agama Islam Sajati.
241. Pedah sakur panedana, sok dikabul naon bae tekad ati, sanajan hayang patepung, jeung karuhun nu geus wafat, ku ditepak ge harita geus tangtu tunduh, nya terus ngimpi patepang, jeung karuhun nu geus mati.
242. Tapi anu masih aya, anu tacan sampurna Rohna rai, anu marakayangan kitu, anu aya keneh didunya, tangtu bisa dina sare bisa patepung, tatapi nu sampurna mah, weleh teu bisa kapanggih.
243. Lajeng raina haturan, Pasal eta Rijalul ‘alam kaharti, Senapati Dewa Guru, turunan ti Sayid Anwar, kantun eta Rijalullah, timana turunanana, tabeatna kitu deui.
244. Rakana teras ngajawab, pasal eta Rijalullah mah rai, turunan anu kasebut, ti Syaidina Anwas, nu nurunkeun turun-tumuruna Rasul, teges Senapati Allah, nu ngagelarkeun bumi.
245. Sare’at sareng Hakekat, jeung Tarekat Ma’rifatna kitu deui, tepi ka poe panutup, tuturunanana natrat, terus bae Agamana ge nya kitu, nyekelan Agama Islam, saksina Qur’an jeung Hadist.
246. Teu nirca tina amarna, nyaeta parentah Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullahu, nyaeta rukun Islam, rukun Iman sadayana ge diturut, raina enggal ngajawab, nuhun parantos kaharti.
247. Namung rai masih samar, tacan terang sajarahna anu tadi, asal-usulna kapungkur, Sayid Anwas sareng Anwar, naha eta teh tunggal sadulur, atawa misah turunan, muga ku engkang pilahir.
248. Rakana lajeng ngajawab, geura kieu eta sajarahna tadi, lamun rai tacan mafhum, Sayid Anwas sareng Anwar, estu dulur sarama henteu saibu, ramana anu kasebat, nu jenengan Nabi Isis.
249. Putra Kangjeng Nabi Adam, ngan sahiji anu dijadikeun Nabi, Nabi Sis anu kasebat, kocapkeun Nabi Sis tea, geus kagungan garwa putri leuwih lucu, putri geulis ti Sawarga, sang Dewi Mulat kakasih.
250. Gancangna bae nu kocap, Dewi Mulat ngandeg enggeus tilu sasih, gaduh kakandungan kitu, aya deui anu kocap, hiji putri aya didasaring laut, ngaranna Dewi Jelajah, nyaeta anak Idajil.
251. Sang Idajil la’natullah, nu dibendon tadi ku Maha Suci nu asal Malaikatu, kocapkeun Dewi Jelajah, hiji mangsa jeung Nabi Sis geus patepung, keur pelesir jeung garwana, ngalantung sisi basisir.
252. Dewi Jelajah kabita, ningal Nabi kasepna kaliwat saking, cahayana mani mancur, gancangna Dewi Jelajah, geus teu tahan ngabijilkeun akal tipu, terus eta Dewi Mulat, disamber henteu katawis.
253. Diserenkeun ka Bapana, sarta terus ditenung sama sakali, Dewi Mulat geus teu emut, saperti anu sare tibra, kakocapkeun Dewi Jelajah dipungkur, wantu-wantu anak setan, sacipta-ciptana jadi.
254. Digedogkeun salirana, diijabah manehna salin rupi, ilang rupana kapungkur, ceples rupa Dewi Mulat, Nabi Isis teu terang aya nu nyamur, raos garwana nu enya, teu terang aya nu nyalin.
255. Gancangna bae geus mulang, ka bumina pakaleng-kaleng jeung Nabi, kocapkeun anu dicatur, biasa bae jeung garwa, geus salulut dina jero tempat tidur, teu lami deui waktuna, geus reuneuh deui Nyi Dewi.
256. Parantos gaduh kakandungan, sanggeus boga perasaan Nyai Dewi, boga ingetan rek wangsul, barang dina hiji mangsa, tengah peuting keur meujeuhna simpe kitu, Nabi Sis keur kulem tibra, ditinggalkeun ku Nyi Dewi.
257. Balik deui ka bapana, gancang bae bapana ge indit, mawa putri nu ditenung, dipulangkeun ka Nagara, diebogkeun dina jero tempat tidur, digedengeun carogena, nyaeta Jeng Nabi Isis.
258. Duanana teu mirasa, dipacikeuh anjeuna ku Idajil, kocap deui anu dicatur, Dewi Mulat geus waktuna, ngababarkeun murangkalih sarta mulus, jeung moncorong cahyana, murangkalihna lalaki.
259. Kasep taya papadana, wantu-wantu nu bakal nurunkeun Nabi, para Wali Mu’min kitu, nya teras dijenengan Sayid Anwas nu geus pada nyarebut, kocapna Dewi Jelajah, garwa anu palsu tadi.
260. Ngababarkeun deui putra, sami bae putrana oge lalaki, jenengannana disebut Sayid Anwar katelahna, sanggeus ageung yuswana sapuluh taun, ka ibu nanyakeun rama, saha ari rama abdi.
261. Teu hese deui ibuna, terus terang ka putra teu lila deui, ibuna gancang cacatur, yen tuang rama ujang, Nabi Isis putra Nabi Adam estu, di Nagara jadi Raja, barang ku putrana kakuping.
262. Anjeunna teras pamitan, bade nyusul ramana di nagri, bade nyuhunkeun diaku,diangken yen putrana, hanteu lami murangkalih teh geus cunduk, geus tepang sareng ramana, nyaeta Jeng Nabi Sis.
263. Yaktos dina sagokan mah, teu diangken ku rama sama sakali, ditampik henteu diaku, kabujeng aya dawuhan, nyaeta Nabi diturunkeun wahyu, yen enya eta teh putra, Ibuna Jelajah Dewi.
264. Nu bakal nurunkeun Dewa, nu teu nurut kana agama Yang Widi, tekadna hayang ngaratu, sasat ngan Allah sorangan, malah-malah saumurna embung pupus, satungtung ayana dunya, memeh ruksak bumi langit.
265. Ari eta Sayid Anwas, anak maneh anu cikal enggeus pasti, nu bakal nurunkeun Rasul, nurunkeun para Anbiya, enya eta para Nabi Wali kitu, jeung para Mu’min sadaya, nu nurut Agama Aing.
266. Kitu rai sajarahna, Sayid Anwas sareng Sayid Anwar tadi, jadi kusababna kitu, ayeuna geus akhir jaman, geus pacorok turunannana patepung, turunan Anwas jeung Anwar, geus gulung ngajadi hiji.
267. Geus loba jalma Kadewaan, baster Bapa Dewa Indung Jalmi, Agamana ge pon kitu, campur geus sarosopan, da buktina loba anu niru-niru, niru-niru siga Islam, caritana make dalil.
268. Malah-malah aya tarekatna, niru-niru tarekatna para Wali, dipake kedokna kitu, dipake mipindingan, mipindingan enya eta ilmu tenung, ngakuna mah kabatinan, tapi buktina mah lain.
269. Puguh ilmu kadohiran, da buktina ditembongkeun di dohir, Istijradna ilmu tenung, jeung teu kudu ditapaan, asal bae percaya terus jeung kalbu, sagala ge di ijabah, jeung kalimahna di puhit.
270. Najan nyokot nyawa jalma, ku ditepak harita geus hanteu eling, kawas nu sare malulu, tapi ka jalma salancar, anu henteu boga kayakinan kitu, kapercayaannana ka Allah, sinareng ka Kangjeng Nabi.
271. Gampang pisan katerapna, ku dipencrong beungeutna eta jalmi, lamun imanna teu teguh, maunatna sok kaluar, ngaburinyai katingali gancang dikepuk, ditepak lebah-lebahna, nya terus bae teu eling.
272. Siga anu sasarean, anu tibra sarena teu eling-eling, sidik pisan ilmu tenung, hirup tapi hanteu obah, da buktina nafasna mah ongkoh terus, kitu eta padikana, netepkeun laa haola tadi.
273. Nu matak urang sing awas, lamun bae rek neangan elmu batin, mangkade bisi kapalsu, ku ilmu Rijalul ‘Alam, kajabana mun ku urang nu dimaksud, nyiar ilmu kadohiran, nya mangsa bodo teuing.
274. Raina lajeng haturan, margi eta rai kedah dipaparin, cicirenna eta ilmu, ilmu Rijalul ‘Alam, bilih rai engke kapalsu dipayun, rakana lajeng ngajawab, kieu cirina teh rai.
Asmarandana
275. Cirina nu saperkawis, dina waktu rek narima, nampa eta tarekat teh, teu nganggo kudu puasa, dina samemehna nampa. Jol prak bae dipiwuruk, teu aya bema karama.
276. Sarsilahna kitu deui, teu Bismillah teu Syahadat, jeung ari saenggeusna teh, kudu bae sok ditepak, dina palebahan tarang, anu jadi mah sok terus, neunggeulan badan sorangan.
277. Terus nangtung jeung sisirig, pek hut het maenpo sorangan, tah kitu padikana teh, coba ku rai dimanah, anu kitu polahna, eta teh Agama Rasul, asa pamohalan pisan.
278. Teu cocog jeung Hadis Dalil, sanajan aya Ru’yatna, lain Ru’yat nu sayaktos, Johar Firid nu kitu mah, cahya dunya kasebatna, bagian Banujan kitu, atawa para Dewa.
279. Da kapan Dewa mah rai, jasadna ngabadan cahya, ceuk dina sajarahna ge, maotna para Dewa mah teu terus ka Akherat, surup sinurupan kitu, losna ka Sawarga Loka.
280. Ciri kadua perkawis, mun geus nyangking ilmu eta, hanteu kudu marigawe, kana amal Rasulullah, patokanana Islam, ari sababna da puguh, sok jadi aya matakna.
281. Sok camal ilmuna rai, teu jadi pangawasana, mun khusu ka Agama teh, anu matak sidik pisan, lain ilmu kabatinan, estu keur didunya wungkul, tara dirampid ilmu mah.
282. Ilmu dohir keur di dohir, pikeun nganteur nafsu hawa, batin mah keur batin bae, kajaba mun getol tapa, saperti Wali baheula, karamatna tangtu timbul, bisa dipake di dunya.
283. Tapi lain kana Julig, tara nirca tina sara, sareng tara boga hate, hasud takabur sareng ria, ngaku luhur sorangan teu pambrih dipuji batur, jeung geus teu hayang dudunya.
284. Ciri nu katilu perkawis, tabe’at Rijalul ‘Alam, saurna sok harung gampong, ngagedekeun ujub ria, takabur caritana, ngaku ilmu aing punjul, sadunya ge moal aya.
285. Lamun kitu eta sidik, ical ti patokan Islam, taya pisan sucina teh, kapan tadi ceuk Islam mah, tekad kitu teh teu meunang, sumawon ujub takabur, ngahina ka papada jalma.
286. Kapan manusa mah rai, teu ngabogaan kawasa, bodo tur taya kanyaho, jadi mun boga tabe’at, ujub takabur ria, nyaruaan Maha Agung, ngaku aing jadi Allah.
287. Nu sarupa kitu rai, lain tabe’at manusa, Idajil anu di tiron, sabab ngan tabe’at setan, anu wani nyaruaan, kana kawasa Yang Agung, mangpang meungpeung keur di dunya.
288. Sabab engke mah di akhir, dina geus kiamat dunya, geus dipatok ku Yang Manon, bakal langgeng di Naraka, dina intipna Jahanam, sakanca-kancana tangtu, nyaeta nyawa manusa.
289. Anu waktuna di dohir, nu biluk ka tabe’atna, milu Musyrik ka Yang Manon, jeung teu nurut ka Amarna, parentahna Rasulullah, utusan Yang Agung, tetep keur eusi Naraka.
290. Raina ngalahir deui, parantos percanten pisan, anu tabe’at kitu teh, eukeur waktuna di dunya, pibatureunana setan, cadang Naraka Waelul, anu kalangkung poekna.
291. Ayeuna mah aya deui, nu ditaroskeun ka engkang, pasal nyawana nu maot, nyawana eta kamana, ku rai tacan kapaham, naha bijil naha asup. Tina kurungan manusa.
292. Rakana lajeng ngalahir, perkara nyawa manusa, ceuk kitab mah geus diparios, ditetepkeun yen kaluar, bijil tina kurungan, jalanna oge kaluhur, nya kana embun-embunan.
293. Raina ngalahir deui, upami nyawa manusa, make kaluar mah tangtos, meureun masih ka kurungan, ku ieu alam dunya, atuh mun kitu teu wangsul, tetep di pangumbaraan.
294. Ceuk rakana bener rai, eta cariosan kitab, yen nyawana manusa teh, kaluar tina kurungan, tapi nyawana manusa, anu hanteu bisa wangsul, lantaran hanteu kapendak.
295. Sareng jalanna di dohir, jalan balik ka Akherat, kana asalna bareto, hanteu kapendak ilmuna, ilmu nganyahokeun asal, nya tangtu bae kasorang, manggih poek sakaratna.
296. Mun poek mah tangtu rai, moal ninggal aya jalan, dihijab hanteu katembong, nya tangtu nyasab jadina, rasana ge tangtu eungap, sakaratna renghap ranjug, tina ku bakating eungap.
297. Lila-lila bitu pasti, ibaratna dina ban mah, kaliwatan ngompana teh, nya tangtu bitu jadina, nu mawi akang percaya, yen nyawa bijil tina wujud, nobros ti embun-embunan.
298. Nya tetep aya di dohir, dina jero Haqul Adam, marakayangan terusna teh, kapan sidik kabuktian, ieu di jero alam dunya, ku Dedemit ampir pinuh, bangsa Onom jeung Siluman.
299. Numawi urang di Dohir, hirup ulah kajongjonan, buru-buru memeh maot, geura teangan ilmuna, ilmu kasampurnaan tea, tarekatna sing kasusul, sing nepi ka ma’rifatna.
300. Kana asal urang tadi, jeung jalanna kudu sorang, dipigawe saban poe, sabab urang sing rumasa, ganti menit jeung ganti jam, umur urang kapan maju, ngadeukeutan ka Akherat.
301. Kudu dibarengan misti, disorang jalanna wafat, poma ulah lelewodeh, bisi tinggaleun engkena, mun geus tepi ka waktuna, Roh jasmanina teu katut, nyawa teu kabawa mulang.
302. Tinggaleun aya di dohir, tetep dina Haqul Adam, dina kurungan pabuen, teu balik ka Haqullah, nya eta sifatna Iman, kana Nurna Maha Agung, akherat nu sajati.
303. Ceuk raina nembe harti, pasal nyawa nu kaluar, bijil ti kurungan teh, nyaeta nu sampurna, kumaha sabalikna, nyawa jalma nu kasebut, nu ngaran sampurna tea.

Nerangkeun Kasampurnaan Nyawa

304. Rakana ngajawab deui, pasal nyawa nu sampurna, teu kaluar teu kajero, hanteu tetep-tetep acan, da basana ge sampurna, hartina kapan geus puguh, basa sampurna teh beak.
305. Sirna sampurna beresih, mun mungguh dina damar mah, pareum beak minyakna teh, beak hurung beak panas, beresih taya sesana, hurungna ibarat nafsu, panasna ibarat rasa.
306. Minyak teh eta rai, ibaratna Rohna manusa, sadayana oge seep, bareng bae teu ayana, beresih taya sesana, henteu aya nu kakantun, kitu anu sampurna mah.
307. Raina haturan deui, kaharos ari kitu mah, basa sampurna teh seep, tapi kumaha terasna, saparantosna beak, naha teras bae kitu, ngan sasemet beak tea.
308. Saperti asalna tadi, teu aya ngeunah teu ngeunah, suwung taya nanaon, ceuk rakana aeh kutan, ku rai tacan kamanah, atuh mun cara kapungkur, teu aya ngeunah teu ngeunah.
309. Saperti memeh ka dohir, martabat hewan kitu mah, sabab ngan ngan martabat sato, anu hanteu ngabogaan Naraka jeung Sawarga, sabab ku dalil disebut, nyaeta Kuntu turobba.
310. Kieu hartina teh rai, pangandika Gusti Allah, ka sadaya sato-sato, asal maneh hanteu aya, ayeuna ngajadi aya, sanggeus engke aya tangtu, balik deui ka teu aya.
311. Taya Naraka taya Sawargi, nyaeta ngeunah teu ngeunah, balik ka asal bareto, waktu samemeh ka dunya, nu matak teu katetepan, teu boga Agama kitu, beda deui jeung manusa.
312. Kapan manusa mah rai, dina dalilna ge beda, kieu dalilna ge eces, Kuntu kanjan makhfian, eta bagian manusa, hartina teh kapan kitu, pangandikana Gusti Allah.
313. Manusa teh asal tadi, tina asal teu aya, dikersakeun ku Yang Manon, tina euweuh jadi aya, gumelar di alam dunya, tapi engke dina waktu, sanggeus mulang ti dunya.
314. Bakal disampakeun deui, siksaan sareng ganjaran, nya eta nu kacarios, Naraka Sareng Sawarga, Naraka pikeun tempat, nyawa jalma nu dihukum, anu teu nurut parentah.
315. Barang Sawarga mah rai, pikeun tempat sadiaan, ganjaran Gusti Yang Manon, nyaeta kanu sampurna, geus tangtu bakal nampa, ganjaran ti Maha Agung, ni’mat taya upamana.
316. Raina ngalahir deui, hal perkara nu diganjar, ku engkang geus dicarios, nya eta anu sampurna, tegesna anu beak tea, naha naonnana atuh, anu narima ganjaran.
317. Ku rai tacan harti, rakana lajeng ngajawab, bener anu diganjar teh, manusa anu sampurna, nyaeta anu seep tea, seep rasa seep nafsu, seep ka wujud-wujudna.
318. Mung ulah kaliru rai, yen anu kudu sampurna, nyaeta rasa dunya teh, anu dipake ayeuna, teu ngeunah najan ngeunahna, sumawonna nafsu, sadaya ge kudu sampurna.
319. Saupama rasa dohir, tegesna rasa jasad, nu ayeuna keur dipake, bisa sampurna sadaya, tegesna beak tea, engke aya anu timbul, rasa anu saenyana.
320. Nu kasebat rasa jati, tah eta nu bakal nampa, ganjaran Gusti Yang Manon, ni’mat nu taya bangsana, sarta langgeng hanteu pegat, raina lajeng mihatur, duh engkang kahartos pisan.
321. Nu nampa ganjaran Gusti, engke waktu di Akherat, anu bakal nampana teh, rasa sajatina tea, rai parantos percaya, mung bae rada bingung, dina rasa jati tea.
322. Naon eta anu ngajadi, rasa anu sajatina, rakana enggal ngawalon, lamun rai can terang, Rasa Jati asalna, aci tina rasa Wujud, Rasa jasmani ayeuna.
323. Engke mah rasa jasmani, jadi hampas ibaratna, tatapina kitu oge, mun ayeuna di dunyana, kapanggih sareng ilmuna, ilmu kasampurnaan kitu, lamun henteu kapanggih mah.
324. Tetep bae eta misti, rasa dunya nu ayeuna, bakal kababawa bae, langgeng teu aya anggeusna, pantes atuh mun kitu mah, bakal nyorang enggeus tangtu, nyorang sagala siksaan.
325. Pendek bae mun di batin, make rasa nu ayeuna, nu dipake di dunya teh, moal rek bisa narima, ganjaran ti Gusti Allah, Sawarga moal asup, tetep keur eusi Naraka.
326. Sabab ari ni’mat batin, sanes keur bagian rasa, rasa dunya ayeuna teh, da kapan rasa dunya mah, ngan ukur pikeun nampa, kani’matanana wungkul, sanes pikeun nampa ni’mat.
327. Raina ngalahir deui, kutan teh aya bedana, ni’mat jeung kani’matan teh, ceuk rakana tangtu beda, ari eta kani’matan lamun rai tacan mafhum, anu make pagawean.
328. Saperti urang di dohir, resep betah dinu caang, kapan make dipigawe, buktina kudu ditingal, tunggal keneh pagawean, najan boga imah alus, ngeunahna kudu ditingal.
329. Malah saresmi jeung istri, eta oge kani’matan, sabab make dipigawe, jeung tangtu aya bosenna, teu langgeng salamina, tah rasa dunya mah ukur, sakitu bagiannana.
330. Dupi ni’mat Maha Suci, nyaeta Sawarga tea, eukeur di batin mah engke, teu kalawan pagawean, teu dituang teu ditingal, teu diangseu teu didangu, kapan dalilna oge aya.
331. Ceuk dina unggeling dalil, Maa laa ‘Aena Roat, jeung aya saterasna teh, Wa laa Udunun Sami’at, kieu eta hartina, mungguh Sawarga Yang Agung, henteu katinggal ku soca.
332. Hanteu kadangu ku cepil, geus teu make pagawean, mung ni’mat anu karaos, atuh mun kawas di dunya, meureun Sawarga teh tempat, aya gedong nu aralus, istri-istri nu arendah.
333. Enya soteh unggel Hadist, dicarioskeun ku kitab, dirupakeun ku gedong-gedong, sareng Widadari tea, rupa-rupa kaanehan, sangkan manusa narurut, kabita ku kaayaan.
334. Jeung supaya sieun deui ku Naraka Akherat, anu matak ku Hadist teh, disapertikeun di dunya, Naraka teh seuneu panas, godogan timah nu hurung, pitempateun nu doraka.
335. Tapi mun menurut dalil, anu bieu diluhur tea, Sawarga teh hanteu tembong, atuh nyatana Sawarga, ngan wungkul bae ngeunah, Naraka ge pon kitu deui, ngan wungkul bae nyerina.
336. Lamun di Naraka api, panas bae nu karasa, lamun di Naraka poek, eungap bae karasana, pon kitu mun di Naraka, keur dina Naraka banyu, tirisna anu karasa.
337. Di dunya ge kapan bukti, lamun keur muriang panas, awak teh asa digodog, tur seuneuna mah teu aya, najan dina nirisan, tirisna kapan sakitu, hanteu beunang disimbutan.
338. Tur kapan teu aya cai, ngan mungguhing di dunya mah, lamun nampa Naraka teh, nyaeta nampa teu ngeunah, sok rajeun aya cageurna, kitu deui urang lamun, nuju aya kani’matan.
339. Tara langgeng bae rai, sok bae aya tungtungna, nyorang deui Naraka teh, tatapi ari engke mah, urang di alam Akherat, ngeunah teu ngeunah teu campur, teu saperti waktu di dunya.
340. Di Akherat mah geus misti, lamun jatoh ka Naraka, tetep teu ngeunahna bae, langgeng teu aya watesna, kitu deui lamun urang, jatoh ka Sawarga kitu, langgeng dina ni’mat tea.
341. Raina milahir deui, ni’mat teh anu kumaha, naha di dunya ge nyondong, eta anu ngaran ni’mat, rakana teras ngajawab, di dunya mah ngan saukur, saper sarebu Akherat.
342. Anu mana saur rai, ni’mat saper sarebuna, nu katampa ku urang teh, rakana enggal ngajawab, tah eta sare tibra, dina waktu hanteu emut, keur poho ka alam dunya.
343. Tapi lain waktu ngimpi, nyaeta di waktu tibra, keur poho ka naon-naon, tah eta ni’mat Akherat, nu saper sarebuna, geuning karek ku sakitu, rasa jasmani teu kuat.
344. Geus beak sama sakali, geus ilang dunya barana, boga duit ewon-ewon, najan anak pamajikan, anu tadi dipicinta, lebah dinya mah teu emut, ni’mat bae anu aya.
345. Tah eta kapan geus sidik, anu nampa ni’mat eta, nya eta rasa jati teh, da rasa jasmani mah, kapan enggeus hanteu aya, nya rasa jati nu timbul, aci tina rasa jasad.
346. Ari rasana jasmani, asal tina katuangan, da kapan eukeur waktu orok, samemehna di daharan, ku aci-aci nu opat, aci seuneu angin banyu, geuning tacan boga rasa.
347. Ayeuna mah enggeus wengi, itu jam geus tabuh dua, urang parantosan bae, gampang isuk pagetona, lamun rai masih aya, dina manah nya kabingung, taroskeun deui ka engkang.

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.

Copyright © / Gudang Ilmu

Template by : Urang-kurai / powered by :blogger